Tue, 22-05-2012
Munara Cahya

Mapagahan Diri Pikeun Ibadah Lahir Batin

Pintonkeun di FB

Ku Mahmud Yunus

Umumna manusa sok ngarasa jongjon mun tanggungjawabna geus kalaksanakeun. Duka teuing kumaha ari kualitasna mah. Nu penting geus ngalaksanakeun, pokna teh. Aya kalana sikep samodel kitu teh kabawa kana urusan ibadah oge. Tungtungna, nu penting geus syahadat. Nu penting geus solat. Nu penting geus haji, jste. Naha kaliru peta kitu teh? Jawabanana gumantung kana kalimah satuluyna. Mun ditambahan ku kalimah kieu mah: "Komo di dinya mah encan, nya?". Palebah dieu, eta nu nyarita geus ngalaksanakeun tanggungjawabna teh teu kaliru-kaliru teuing. Lantaran, aya onjoyna tinimbang nu encan ngalaksanakeun. Ngan mun (ieu mah ngalamun) ditambah ku kalimah: "Sanajan kuring rumasa mindeng ma'siat oge solat mah alhamdulillah tara kaliwah". Atawa, "Kuring mah ngilu korupsi sotenan leuleutikan, kitu oge pedah diosolan ku pamajikan bari diajak ku babaturan deuih. Tapi, kieu-kieu oge munggah haji mah geus tilu kali". Palebah dieu mah, najan ngangken solatna tara kaliwat jeung munggah hajina geus tilu kali oge tetep jadi pasualan serieus. Sabab, ibadah dina Islam mah estuning lain ukur formalitas. Nu matak kaasup istimewa mun seug aya nu ngahaja nitenan naha pagaweana sorangan teh alus atawa henteu. Ka dituna mun kaitung geus alus deuk dipertahankeun. Lamun sabalikna, gilig rek diomean. Moal diengkekeun deui.

Saestuna tong boro urusan ibadah (komo ibadah mahdhoh mah saperti solat, saom, jeung haji), dalah urusan bisnis oge kiwari mah kudu nerapkeun prinsip jaminan mutu (quality assurance). Ku naon pangna kitu? Ibaratna dagangan. Harega gula kawung nu kualitasna hade galibna 25 rebu sakilona. Isuk geto mun aya gula kawung nu beueuy komo deui beye bari haregana disaruakeun jeung nu kualitasna hade, tangtu moal payu. Lantaran biasana nu rek meuli ge geus apal kana kualitas barang.

Ngaran-ngaran ibadah nu nganileyna Alloh SWT nyalira. Ngan sok sanajan kitu, aya kriteria-kriteria penileyan nu diinformasikeun ka urang. Aya sawarehna kriteria-kriteria nu langsung ditetelakeun dina Al-Quran. Aya oge sawarehna nu dijelaskeun dina Hadis Rosul-Na. Ngaliwatan tulisan ieu baris dibahas sawarehna tina kriteria-kriteria nu dimaksud, sangkan urang sadaya tiasa ngalaksanakeun ibadah nu luhur ajenna. Sangkan jadi bekel jaga di aherat.

Kahiji, urang tingali tina syahadat. Ceuk Elmu Tauhid, syahadat ngawengku dua bagian. Bagian nu kahiji disebut syahadat tauhid. Bagian nu kadua disebut syahadat rosul. Nalika hiji jalma ngagem agama Islam, ieu syahadat nu dua teh kudu diikrarkeun duanana. Macana kudu dikantetkeun sapadaharita. Antara sayahadat tauhid (Asyhadu An Laa Ilaaha Illallooh) jeung syahadat rosul (Asyhadu Anna Muhammad Rosulullooh) dihubungkeun ku hurup 'wau' nu hartina jeung atawa sarta. Kadudukan atawa posisi syahadatain (syahadat dua) dina akidah Islam teu beda jeung tatapakan atawa pondasi nu aya dina wangunan imah. Weweg jeung teu wewegna wangunan imah ditangtukeun ku weweg jeung teu wewegna pondasina. Nya mun dina istilah teknologi informasi (TI) mah ibaratna "kecap konci" (key word atawa password). Atawa, nomer identifikasi pribadi (PIN/personal identification number) tea. Geuning sakitu pentingna? Puguh bae atuh. Ku penting-pentingna syahadat, jaga di aherat aya jelema nu dicawiskeun abus ka Sawarga ku syahadatna. Pidawuh Kangjeng Nabi Muhammad SAW, saha bae nu dina tungtung hirupna ngucapkeun kalimah "Laa Ilaaha Illallooh" tanwande abus ka Sawarga. Kalimah syahadat ulah padu diucapkeun. Kalimah syahadat kudu nanceb dina hate jeung ngabukti jadi tuturus tingkah katut paripolah nu bersangkutan dina kahirupan sapopoena. 

Kadua, urang tingali tina aspek susuci (thoharoh). Islam ngajarkeun cara susuci tina hadas jeung tina najis. Nurutkeun Fiqih Dasar aya dua rupa hadas. Hadas leutik jeung hadas gede. Ngilangkeun hadas leutik ku wudhu. Ngilangkeun hadas gede ku mandi junub. Boh wudhu pon kitu deui mandi junub duanana ngagunakeun alat susuci mangrupa cai nu nyukupan sarat-saratna. Mangsana walurat ku cai bisa ku tayamum. Tayamum ngarupakeun alternatif susuci keur ngaganti wudhu jeung mandi  junub. Alat susucina nu digunakeun nalika tayamum mah taneuh atawa nu bahan bakuna tina taneuh. Ngeunaan susuci tina najis oge diatur kalawan rinci. Dina Fiqih Dasar dijelaskeun aya tilu kategori najis. Najis hampang (mukhaffafah), najis sedeng (mutawasithah), jeung najis beurat (mugholadhoh). Prinsip ngilangkeun najis sarua jeung ngilangkeun hadas nyatana kudu ngagunakeun cai nu suci tur nyucikeun. Lamun marengan keur euweuh cai, dimungkinkeun ngilangkeun najis ku 'benda-benda kesat'. Contona, batu, dangdaunan, jeung kakayon. Disebutna istinja'. Palebah susuci oge ulah padu susuci. Urang, daek teu daek wajib diajar susuci sangkan bener nurutkeun ajaran Islam. Naha? Susuci nu salah atawa nu teu sah nurutkeun katangtuan-katangtuan Fiqih, baris ngabalukarkeun ibadahna teu sah. Hususna ibadah nu ngudukeun (ngawajibkeun) suci tina hadas jeung tina najis. Contona bae, solat jeung thowaf.

Katilu, urang tingali perkara solat. Nu kaitung mindeng ditepikeun ku mubalig boh ngaliwatan ceramah atawa tulisan di media massa, nya eta solat teh tihangna agama. Undak ti dinya, ditetelakeun jaga di aherat, nya solat pisan nu baris pangheulana dihisab teh. Undak deui ti dinya, diceramahkeun oge ngeunaan pentingna berjamaah, jste. Ngan nya eta umumna urang sok kawatesanan ku formalitas. Asal geus solat. Punah kawajiban. Sanggeus kitu, sagala pasualan dianggap beres. Sedengkeun Alloh SWT ngadawuh: "Geura baca saniskara nu diwahyukeun ka maneh tina kitab, jeung geura adegkeun solat. Saestuna solat teh nyegah tina lampah kajahatan jeung kamungkaran, jeung saestuna eling ka Alloh (ku jalan solat) teh leuwih agung. Jeung Alloh Maha Uninga kana saniskara nu ku maraneh dilampahkeun." (QS Al-Ankabut [20]: 45).

Dumasar kana ayat ieu, naon disebutkeun di awal tulisan, nya eta solat mah tara kaliwat ngan ma'siat oge maceuh tangtu wajib dijadikeun pangriksa diri ku urang sarerea. Boa-boa solat urang salila ieu karek tepi ka palebah formalitas wungkul! Saur Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kurang leuwih kieu: "Yeuh, dulur-dulur, dina pasualan harta atawa kadunyaan aranjeun kudu ningali ka sahandapeun. Sedengkeun, dina urusan aherat aranjeun kudu ningali ka saluhureun".

Kaopat, urang tingali perkara saom (Romadon). Ayat-ayat Al-Quran jeung Hadis Rosul-Na nu patali jeung saom (aya sawatara tokoh Islam nu teu cocog ngagunakeun istilah puasa) dipedar teu sirikna saban peutingan Romadon. Ngan tayohna nu nyangkaruk mah teu rea. Ma'lum ngabandungana oge bari nundutan. Di antarana, pidawuh Alloh SWT: "Yeuh, jalma-jalma anu ariman! Ka maraneh diwajibkeun saom cara nu geus diwajibkeun ka jalma-jalma nu samemeh maraneh, sangkan maraneh jadi jalma-jalma nu tarakwa". (QS Al-Baqoroh [2]: 183). Ngaliwatan ayat ieu tandes yen tujuan di-wajibkeun saom teh sangkan nu migawena jadi jalma-jalma nu tarakwa. Kumaha emprona? (Mangga diwaler ku masing-masing bae). Kangjeng Nabi Muhammad SAW kantos ngadawuh, mun sakadar ninggalkeun dahar jeung nginum ti beurang mah, pasti Alloh SWT moal marentahkeun saom ieuh ka maraneh teh. Hartina, dina saom teh aya hakekat nu leuwih penting batan eta. Pikeun nu ngalaksanakeun saomna (geus) liwat ti lima Romadon, sapantesna maluruh naon hanca atawa ladang saom nu sakitu lilana teh? Naha ngaronjat katakwaan urang teh atawa angger bae atawa kalah ngurangan?       

Kalima, urang tingali dina ibadah haji jeung umroh. Dr. Nashir ibn Musfir az-Zahrani dina bukuna Ibhaj al-Hajj (Sunda: Endahna Ibadah Haji) di antarana ngajelaskeun kieu: "Ngan nu matak pikasediheun teh nya eta teu saeutik jalma nu kaleungitan hakekat nu kakandung dina ibadah. Maranehna saukur ngalaksanakeun ibadah lahirna (formalna) wungkul sedengkeun batinna (hakekatna) mah dipiceun (dipopohokeun). Maranehna ukur ngalaksanakeun ritualna wungkul. Tanpa ngalenyepan naon-naon nu kakandung di jerona". Moal enya, Alloh SWT ukur marentahkeun datang ka Masjidil Harom, tuluy marentahkeun ngurilingan Ka'bah tujuh kali ewang, tuluy marentahkeun leumpang (ngagidig) antara Shofa jeung Marwah tujuh kali ewang. Jeung nu lianna deui. Piraku! Mangkaning saban taun teu kurang ti 210 rebu bangsa urang oge ngahaja daratang ka ditu. Ka Baitulloh. Sedengkeun waragadna oge apan teu cukup ku duit leutik.

Pamungkas, sangkan ibadah urang ngabogaan niley tambah, mangga urang sasarengan: (1) Mapagahan diri masing-masing yen ibadah teh, hakekatna mah keur kapentingan urang salaku hamba Alloh SWT. (2) Ngaronjatkeun elmu pangaweruh patali jeung ibadah-ibadah poko saperti thoharoh, solat, zakat, saom, jeung haji (kalebet umroh). (3) Nguatan niat seja ngalaksanakeun ibadah karna Alloh SWT wungkul (ikhlas lillaahi ta'aala). (4) Ngayakinkeun yen ngan amal urang di alam dunya ieu nu baris nulungan (nyalametkeun) urang jaga di alam kalanggeran teh. Pidawuh Alloh SWT: "Dina poe ieu saban jiwa dibales ku saniskara nu geus diusahakeun ku maranehna" (QS Al-Mu'min [40]: 17). Walloohu 'alam.

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula