Tue, 22-05-2012
Kingkilaban

Kingkilaban Edisi 2227

Pintonkeun di FB

UTJE CHOERIYAH SUGANDA; Diistrenan Deui Jadi Pupuhu K 3 S

Basa mimiti diistrenan jadi Ketua K 3 S (Koordinasi Kegiatan Kesejahteraan Sosial) Kabupaten Kuningan taun 2003- 2008, sakur anu ngabandungan, kitu deui masarakat ngarasa hamgam. Sorana kabeh sarua.

"Naha kira-kirana Ibu Bupati teh mampuh ngageroh rayat? Bakal keresaeun campur jeung rayat leutik? Keresaeun madesaan saba lembur bulukusutun? Bisaeun kitu nya?" kahamham eta dumasar kana titingalan mata batin, pedah istri Bupati Kuningan, Ibu Utje teh modis, dangdosan teu benten ti selebritis, kitu lah wanoja gedongan anu nurutkeun pikiran rayat anu awam mah, bakal jarijipen lamunna diajakan kaluar asup desa gaul jeung rayat, komo rayat leutik mah. Pokona teu percaya mimitrina mah kana wewesen istri Dalem Kuningan Aang Suganda teh.

Komo basa nu ngasongkeun  konsep pangangkatan Ibu Hajjah Utje jadi Ketua K3S geus papayun-payun mah leungeun ge ngeleper pokna. Heug terang deuih yen Ibu Bupati raina artis beken Rahayu Effendi, nyaan sawan.

Tamat konsep diaos, galindeng Bu Utje sasauran "Atuh kalungguhan Ketua mah ulah  kudu ku istri Bupati, ulah abdi ah!" saurna ditungtungan ku mesem leleb, miconggah pisan istri Bupati anu geulis jiga  artis teh.

"Aduh Ibu hapunten, da kitu  katangtosanana saluyu sareng anggaran dasarna, Ketua K3S mah kedah geureuha Bapa Bupati. Mo tiasa dipungpang!" dirarancang mah arek nyarita panjang nyaritakerun rupa-rupa perkara jeung Ibu Bupati teh, tapi aneh geus gok mah tikoro nyelok... ngadadak pireu we, duka kunaon.

Tapi ngemplong hate sabada Ibu Utje Suganda ahirna nampi, keresa jadi Ketua K3 S Kabupaten Kuningan.

Lima taun anjeunna lungsur malemburan madesaan patepang jeung rayat Kuningan, miconggah miloma tepi ka ahirna gembleng jadi indung urang Kuningan, pamgpangna  kaum wanojana. Teu karasa waktu lalumpatan ayeuna  taun 2009 Ketua K3 S kudu ganti deui. Tapi kulantaran Pa Haji Aang Suganda kapilih deui tur dipercaya ku urang Kuningan kudu neruskeun hanca garapan tepi ka taun 2014, atuh Ibu Utje oge kedah keresa diistrenan deui keur kadua kalina jadi Ketua K3 S. Kuningan.... wilujeng.... wilujeng...

Kusabab Ibu Utje mah memang pamianganana tina tekad palay ngaraharjakeun rayat, dina sakalina lungsur ka tengah-tengah kahirupan rayat teh lain ngan sakadar lalayad saelol dua elol bari  ngan saukur keupat. Sakalina Bu Utje saba lembur, masarakat teh ngarasa dibeungharkeun  lahir batin, jadi palinter jeung jadi hayang leuwih pinter.

Ibu Utje sok ngaraos betah di lembur, atuh urang lembur miharep  supaya Ibu rayat teh  masing leuwih betah di lembur, leuwih deudeuh nyaah ka urang lembur.

Nyaah jeung toweksana ka rayat memang karasaeun jeung kasakseni ku urang Kuningan. Padahal anu Kuningan aslina mah  carogena, nyaeta Bupati Aang Suganda, tapi anu masket kana hate rayat leuwih raket  mah Utje Suganda urang Bogor.

Diulem kana acara naon bae tara teu sumping, sok  rajeun oge ka SLB Trisula Perwari  Bu Utje nyanyi, nu  maen musikna  tuna netra. Berkjah pangjurung ludeungna oge, Tunanetra Perwari Kuningan  juara kahiji Cerdas Cermat UUD 45 huruf Braile tingkat Nasional anu digelar ku Mahkamah Konstititsiu, geus dua kali, juarana tetep Kuningan. Ke deui  pikanineungeunana Bu Utje Suganda, mun Agustusan, malah memeh Bapa jeneng Bupati oge, Ibu Utje mah sok dipinangsaraya ngebutkeun bandera arung susukan

Parahuna ban mobil... horseh....! Hidup Ibu Bupati ! rayat eak-eakan.*** (HRS)


TJETJE HIDAYAT PADMADINATA; Diulangtaunkeun

Lamun aya anu nanyakeun, naha aya politikus Sunda? Tangtu aya jeung loba, ngan lamun Politikus anu moyan jeung ludeungan mah ngan Tjetje Hidayat Padmadinata. Tah ieu "Jawara Pulitik ti Kadatuan (Majalaya)" anu babarengan ngadegkeun AMS jeung Uu Rukmana teh tanggal 22 Juni 2009 anu geus kaliwat di Lemlit Unpad Jl. Cisangkuy Bandung  dibere "survrise (kejutan)" ku Iip Zulkipli Yahya jeung Dr.Dede Mariana. Harita Cece diogan jadi "pembicara" dina acara  diskusi "Refleksi Politik Orang Sunda Kontemporer" tapi teu dibejaan Milangkala na (tepung taun) bakal direnceng-renceng muka tumpeng mah.Dina spandukna ge ditambahkeun:74 tahun Kang Tjetje H. Padmadinata (1935-2009).Jadi samemeh der gunem catur teh murak tumpeng heula.Lian ti Dede Mariana jeung Iip harita ge hadir Cecep Burdansyah jeung Ir. Hetifah Sj. Siswandy MPP.Phd. para aktivis jeung wartawan. Lian ti eta  ge, Iip anu dirojong ku  Dede Mariana bakal ngumpulkeun tulisan-tulisan Kang Tjetje anu cenah ti taun 1970 nepi ka kiwari geus leuwih ti 1000 artikel (14 bukueun) sumebar dimuat di media cetak  kaasup Mangle. 

Ku "diulangtaunkeunna" kitu teh katingal Kang Tjetje kagagaseun, teu nyangka sacongo buuk  bakal direnceng-renceng cenah ge. Cek pamanggihna milangkala/tepung taun teh teu jadi ukuran pikeun panjang jeung pondokna umur, "Gede/leutikna hiji jalma teu bisa diukur tina panjang/pondok umurna tapi anu jadi ukuran mah, naha malire ka kulawarga jeung lingkunganana atawa henteu? Jadi anu utama mah anu iman jeung taqwa  Jeung deuih Jalma anu teu bisa ajal mah, jalma anu perlaya ninggalkeun ajaranna saperti Bung Karno, Tan Malaka jeung sajabana".Kitu saurna

Harita Tjetje ngaguar lengkah jeung ketak politik urang Sunda ti mangsa taun 50-an nepi ka kiwari. Aya sababaraha pamanggihna ngeunaan kakurangan-kalemahan urang Sunda,  jigana alus pikeun ngaji diri barudak kiwari salaku generasi panerus, seuweu -siwi Siliwangi:Urang Sunda kurang "petarung", jadi loba teuing "hayam lisungna". Urang Sunda kudu diajar beda pamanggih jeung narima kritik ulah nuteuli tukangeun.Elit Sunda anu individualistis teh  mentalna "survive (bertahan hidup)"- keun bae paya salamet, nu matak cenah meunang kritikan ti seniman mangsa harita saperti kauger dina lagu "Ayang-ayang Gung", Urang Sunda  ge percaya teuing kana Uga jadi weh harees terus.Urang Sunda anu diogo ku alamna anu subur mamur teh watekna kurang daria loba guguyon jeung teu kaop ninggali dulur "kasorot ku panonpoe" sirikan, ku batur ulah ku sorangan teu prak, aing-aingan jeung pundungan. Kitu saurna.*** (ASEP GP)


HENDAR KUCIR; Ti Dangdut kana Pop Sunda

Urang Jawa Barat anu resep kana acara musik  Pop Sunda dina televisi atawa radio, tangtu katompernakeun ieu remen nyaksian hadirna  "pendatang anyar" Hendar Kucir anu mawakeun lagu: "Tangkuban Parahu" (yasana:Abah Ade/Endang Rukmana)", "Implengan" (Janatria)" atawana "Roket (Abah Ade)".Tilu lagu ieu,  mangrupa sabagean tina 8 lagu Albeum munggaranna  "Sunda Motekar"  anu ngawengku lagu-lagu: Ema (Abah Ade), Laksana (Abah Ade), Paamprok (Iim Imas), Mega Bodas(Abah Ade) jeung Gunung Puntang (Janatria). Dina albeum ieu Hendar nyanyi reujeung (duet) jeung Ida memey salah saurang Penyiar Radio Sonata Bandung.Berekahna dina sagentakan ge CD na geus marema payu di pasaran aya kana 500 lambarna. Samalah urang Sukabumi ge canah loba anu ngahajakeun mesen ka Bandung.

Sakumaha penyanyi-penyanyi sukses lianna, tangtuna dina lengkahna Hendar Kucir ge pinuh ku jalan anu tarahal, pinuh perjuangan nepi ka bisa rekaman teh.Lampahna dina jagat seni,  ieu lalaki dua anak  anu gelar ti pasangan Asmita jeung Suhanah di Cipatujah Tasikmalaya Agustus 1964, dimimitian tina bakatna nalika diaping ku Pa Karno jeung Pa Mamat  di SD Sukajaya jadi juara Anggana Sekar. Sabada dewasa Penyanyi anu ngaran aslina Suhendar teh ngalalana ka jakarta, niatna kasab,  nya digawe di garmen. Tapi ku lantaran bakat kana seni soarana nyongcolang Hendar diajak ngagabung ku grup dangdut Al-fatah Junior jadi vokalis. Nya ti harita dina sela-sela gawena Hendar sok  remen manggung ka sakuliah Batawi jeung Jawa Barat. Meunang 3 taun ti harita ieu "penggemar" Rhoma Irama teh aya anu ngajak rekaman, tapi hanjakal cenah lantaran loba barebedanana, rekaman teh teu laksana.Antukna dina taun 2005 Hendar mulang ka  mitohana di Bandung bari pindah pileumpangan, usaha ngaput. Amprok jeung mangle ge ditempat usahana "Ujang Tailor & Butik" di Jl.Baladewa hareupeun Gang 7.

Meunang 2 taun usaha ngaput, dina hiji waktu dulurna hajat kariaan  bari nanggap dangdut, tah Penyanyi jabrig anu dingaranan "Hendar Kucir" ku  SALAH salah saurang wartawan media cetak (Ilham) ge kaul harita teh, mawakeun lagu dangdut jeung Pop Sunda.Kabeneran bakatna katohyan ku  pingpinan Seni Sunda Motekar Dione's Entertainment Endang Rukmana laju diajak rekaman.Ku gelarna albeum anyarna tangtu Hendar ngucap sukur alhamdulillah, jeung kacida nganuhunkeunana ka sakaumna anu ngarojong kitu deui ka ka anu mikacinta seni sunda, "Neda rojongan sareng doa'na wae ti sadayana mugia Pop Sunda kamumule hirup-huripna". Amin! *** (ASEP GP)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula