Tue, 22-05-2012
Nyusur Galur

Batu Pasanggrahan Di Selareuma Kapendak ku Panaliti Tina Compact Disc

Pintonkeun di FB

Situs anu hiji ieu mah mimiti kapaluruhna ti narasumber, Guru Gunawan di salah sahiji sakolaan di Sumedang. Kitu nurutkeun Tim Penulis nu dipupuhuan ku Prof. Dr. Nina Herlina Lubis Ketua MSI Jabar nu anggota Timna, Drs. Mumuh Muhsin, M.Hum, Dra Etty S. Dyanti,M.Hum, Drs.Awaludin Nugraha, M.Hum jeung Miftahul Falah S.S ka MANGLE. Data awal kapendakna ku para panaliti tina, Compact Disc nu eusina tetela potret-potret hiji pasir jeung batu-batu alamna nu keur dieksploitasi ku hiji pausahaan. Pasirna ngajegir di Selareuma Desa Pasanggrahan Kacamatan Sumedang Selatan, sisi jalan raya beulah katuhu kira 300 meter sabada SPBU Samoja.

***

Saenyana ari ngalianana mah geus rada lila, tina batu-batu anu kakali, batu-batu alamna teh ukuran panjang kurang leuwih 2 meter, sisi 40 sentimeter.

Tina potret-potret katingali yen ieu paesan ngandung rupa-rupa batu.

Di antarana pilar-pilar batu nu rek sarua jeung menhir. Tapi sanajan kitu, hiji    menhir teh batu alam nu geus diolah ku manusa keur rupa-rupa kapereluan upacara, boh nu aya tumalina jeung wangunan teras umpak, boh menhir anu mandiri nu ngalengkepan altar batu. Dina kasus kieu bisa dikaji ulang, naha di tempat ieu teh aya situs nu corakna megalitik sejen jeung batu-batu nu susunanna sarua jeung batu-batu alam nu saperti tadi, turta salila ieu dikaramatkeun ku rayat sabudeureunana.

Upama bener kitu, bisa jadi ieu kawasan jadi sumber batu-batu nu nyusun wawangunan teras umpak. Atawa upama kapanggih paparabotan tina batu, ku kituna bisa jadi ieu pasir memang bengkel tina hiji situs nu corakna megalitik. Dina hal ieu perelu dilakukeun panalitian nu leuwih jero deui pikeun nangtukeun naha ieu pasir teh bener situs atawa lain.

Lian ti kitu, dilaporkeun oge ayana batu korsi di Dusun Pasir Peti. Kelurahan Pasanggrahan Kacamatan Sumedang Selatan. Nurutkeun Sumber lisan disebutkeun yen Batu Korsi, sanajan bentukna jiga korsi, tapi teu bisa didiukan ku manusa jeung diliwatan ku sasatoan. Upama aya anu ngadiukan, jalma anu ngadiukanana moal bisa nangtung deui. Kitu deui sasatoan nu ngaliwat ka luhureunana, bakal labuh tigogolente.
   
Situs Kutamaya

Sacara administratip ayana di Kampung Pangjeleran, Desa Padasuka, Kacamatan Sumedang Utara . Saitus Kutamaya perenahna kurang leuwih 2 kilometer kuloneun kota Saumedang atawa ti alun-alun kota. Situs ayana kalereun jalan raya Kota Sumedang-Padasuka jeung saterusna, mun rek ka situs bisa disorang ku mobil tepi ka Pangjeleran. Ti dinya diteruskeun ku leumpang kira 299 meter ti Jalan Raya ngaliwat ka pakampungan jeung meuntas walungan Cibitung.

Situs Kutamaya mangrupa lahan pasawahan anu relatip datar jeung dikurilingan ku gawir-gawir ti opat sisina. Di bagian tengah lahan pasawahan aya solokan irigasi ti kaler ka kidul meulah lahan pasawahan eta.

Lian ti sawah, sabagian lahan dipelakan bonteng, kalapa, buah, awi jeung albasiah.

Situs dikurilingan ku tilu walungan, nyaeta Cibitung, Cipeles jeung Cisugan. Walungan Cibitung mah perenahna kiduleun Situs, ngocor ti kulon ka wetan, patepung jeung Cipeles di kidul wetan situs Cibitung jeung Cipeles misahkeun situs jeung dua kampung nu ngarendeng nyaeta Pangjeleran jeung Bojong Desa Padasuka. Cipeles ngocor ti kulon kidul ka kidul wetan situs, saterusna nyambung jeung walungan Cisugan nu ngocor ti kaler ka kidul wetan situs.

Eta dua walungan misahkeun situs jeung kampung Ragadiem, Desa Kota Kulon nu perenahna wetaneun situs. Kuloneun situs aya lahan cekungan-cekungan nu pungkal-pengkol ti kaler ka kidul, misahkeun situs jeung Blok Cibitung, cekungan nyambung jeung Cisugan di bagian kidul wetan nu misahkeun situs jeung Blok Paseh nu perenahna kalereun situs.

Bagian Tengah Situs

Di dieu aya batu lempar mangrupa dua batu datar anu ngarendeng , masing-m asing ukuranna nu hiji 27 x 30 cm, nu hiji deui 27 x 40 cm. Lian ti kitu di bagian tanah nu pangluhurna jeung eksvakasi nu dilakukeun ku Tim Balai Arkeologi Bandung taun 2007 ti tujuh lombang kalian manjang ti wetan ka kulon, ukuran 1 x 7 ngahasilkeun pependakan arkeologis anu luhur ajenna. Lian ti kitu, kapendak oge makam Embah Tunjang Nagara, kalereun batu datar, ditandaan ku dua batu paesan, makamna saperti umumna makam muslim nunjang ngaler.
  
Bagian Sisi Kidul Situs

Deukeut walungan Cibitung jeung Cipeles Kapendak artefak mangrupa fragmen garabah bagian awakna ngan hiji. Fragmen garabah jeung gigirna hiji, fragmen keramik bagian sukuna dua, Fragmen keramik bagian awakna 17, fragmen keramik bagian gigir 6. Kapendak oge feature mangrupa makam di kidul kaler situs. Makamna ku masarakat disebut Makam Embah Tunjang Waringin, ditandaan ku stuktur batu nunjang ngaler. Lian ti makam, kapendak oge struktur bata leunjeuran sisieun situs sisi pisan Cipeles.

Bagian Sisi Wetan Situs

Deukeut pisan ka walungan Cipeles, walungan Cisugan, aya lahan pamatang jeung jurang, sawah. Pependakan mangrupa fragmen suku tina keramik, fragmen bagian awak tina keramik aya 5, fragmen gtarabah bagian awak aya hiji.

Bagian Sisi Kulon Situs

Deukeut Cipangbuangan, teu kapendak titinggal arkeologis waktu ditaliti. Lian ti kitu, papanggihan arkeologis anu jadi koleksi masarakat nyaeta goci keramik milik Pa Suhanda warga kampung Pangjeleran. Kapanggihna taun 1963 ti sisi Cipeles waku Suhanda keur ngagarap sawahna. Katingalna guci teh utuh ngan biwirna rada songhek. Glasir pulas soklat geus aus bagian luhur awakna, handapna molotok. Goci sukuan jeung cacangklekan aya dua beuheungna wungkul. Umumna jangkungna 101 Cm, diameter sukuna 49 mm, diameter awakna 49 cm, kandelna 5 cm.

Situs Dayeuh Luhur

Ayana ge di Desa Dayeuhluhur Kacamatan Ganeas Kabupaten Sumedang, peresisna di Puncak Gunung Rengganis. Situs Dayeuhluhur dipercaya patilasaan puseur pamarentahan Prabu Geusan Ulun. Di dieu aya komplek makam Prabu Geusan Ulun, tanah lapang jeung sajumlah bata fragmen taris jeung butuh, masjid anu katingalna sering diomean, pamukiman, jeung mata aer nu sacara turun tumurun geus dimangpaatkeun keur nyumponan pangabutuh masarakat sabudeureunana.

Komplek makam perenahna kalereun tempat parkir jeung terminal desa Dayeuhluhur ayeuna, kulantaran leuwih handap lahanna batan batan parkir jeung terminal, komplek makam bisa disebut landeuheun terminal jeung tempat parkir. Komplek makam di pasir leutik, lawang gapurana bentukna paduraksa. Komplek diwangun ku tilu Bagian Badag; (1) Bagian kahiji mangrupa komplek pamakaman umum jeung makam para juru kunci komplek makam.
(2) Bagian kadua mah tanahna leuwih luhur bayan pamakaman umum. Beulah kaler aya makam Rat Harisbaya prameswari Geusan Ulun jeung sawatara makam sejenna. Makam diwatesan ku tembok sakurilingna, lawang gapurana paduraksa di saisi wetan. Makam Ratu Harisbaya geus diomean sababaraha kali. Makamna mangrupa jirat jeung make paesan. Jiratna saperti umumna makam, pasagi opat ukuran 160 x 60 cm bahanna keramik. Paesanna tina semen bentukna kembang kocop hiasanna frolar, ipis, aya dua. Makamna mah umum we, ngujur ngaler.*** (HRS)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

ilham suryono ngomentaran:

fotona mana?????

Iwan Gunawan ngomentaran:

panginten langkung sae pami aya potona, janten tiasa langkung raos maosna, teu kedah diwangwang.