Tue, 22-05-2012
Katurug Katutuh

Duit Beak Warisan Digugat ku Dulur-dulur

Pintonkeun di FB

Teu nyangka saeutik ge, harta warisan ti Bibi aya kana lima puluh jutana beak teu puguh, dipake naur hutang ka rentenir. Hutang teh lain lunas, kalah ka beuki ngarekahan. Sanggeus warisan ti Bibi beak, dulur-dulur ti Emang daratang menta bagean. Imah nu geus dijabel ku rentenir,  kudu dijual, dibagi-bagi. Ahirna ka rentenir jadi teu lunas, kuring dibeberik. Kapaksa sare ge nyiruruk di imah batur.

***

Hirup manusa mah, geus aya nu ngatur. Teu bisa ditawar atawa dihalang-halang. Lamun urang keuna ku musibah, boh ngalaman gering parna boh harta ludes digondol ku rampog, wayahna bae kudu sabar jeung bisa narimakeunna. Ulah rek aral subaha. Sabab hirup di dunya mah muter, lir ibarat gilinding. Teu salawasna cicing di luhur bae, tapi pasti hiji waktu mah bakal ngalaman ka handap. Nu tadina hirup senang, suka bungah,  bakal ngalaman susah jeung loba kanyeri. Hirup di dunya teh lir ibarat sandiwara.

Kuring ge teu nyangka, hirup bakal ngalaman susah kawas ayeuna. Imah teu boga, salaki kabur, budak urusaneun we satilu-tilu. Keur dahar sapopoe, ngan saukur ngandelkeun buburuh nyeuseuh di batur. Untung tatangga teh masih keneh loba nu karunyaeun, haat nulungan. Lamun teu boga pamere-mere ti batur mah, bakal katalangsara. Hirup kadungsang-dungsang.

Bareto keur ngora, basa Bibi jeung Emang jumeneng keneh. Kuring ge harita  masih sakola di SMA keneh,  hirup teh senang, teu kawas ayeuna. Indit ka sakola, tara nikreuh leumpang, tapi tumpak motor. Duit keur jajan unggal poe dibere, tara telat.

Masing kuring kasebutna anak kukut, tapi Bibi jeung Emang mah nyaaheun pisan. Kawas ka anak sorangan bae,dinangna-nengne pisan, bubuhan teu boga anak. Di imah tara dititah barang gawe, hirup teh senang we. Padahal indung bapa mah, jalma teu mampuh, reuay ku budak. Lamun kuring tetep ngahiji jeung indung bapa, meureunan hirup kuring teh moal ngalaman senang.

Teu kungsi lima bulan ti saprak Emang maot, Bibi gering ripuh. Duit aya kana puluhan jutana beak dipake tatamba, boh ka dokter boh ka pengobatan alternatip. Masing tatamba kaditu kadieu kasakitna lain cageur tapi kalah ka tambah parna. Ceuk dulur-dulur mah, Bibi teh umurna moal lila deui. Ngadenge beja kitu teh, hate mah tambah bingung. Sabab, teu boga deui tempat keur panyalindungan. Kuring bakal cuang-cieung sorangan. Moal aya tempat keur pamuntangan.

Ceuk batur mah, kuring teh teu kudu sedih, sabab masih keneh boga indung bapa, masih lengkep keneh. Sabab nu maot mah Bibi jeung Emang, nu ngukut kuring. Lain indung bapa pituin. Tapi hate mah angger teu bisa dipaling, teu bisa dipepende, nyaah pisan ka Bibi jeung Emang nu geus ngurus ti leuleutik teh. Sabab ku indung bapa mah, kuring teh teu kacoo pisan. Nu matak lamun Bibi maot, kuring bakal nunggeulis.

Teu kungsi sataun ti saprak Emang maot, Bibi ge nuturkeun ka alam kalanggengan. Kuring sedih nataku. Sabab ngan Bibi nu nyaho kana kaayaan kuring. Kana kahirupan kuring sapopoe. Masing harita kuring boga salaki, boga budak, tapi hirup teh asa ngoleang. Asa nyorangan bae, taya pamuntangan lamun henteu ka Bibi mah. Boga salaki, ngan saukur ngaranna wungkul, teu bisa diandelkeun pisan. Sabab teu boga gawe alias ngaligeuh. Kawin ka manehna teh sasatna mah kapaksa, lantaran kuring kacilakaan. Reuneuh ti heula. Lamun kuring teu buru-buru kawin,  budak nu dikandung beuki ngagedean. Bakal wirang we ku tatangga jeung dulur-dulur.

Lantaran sieun wirang tea, ahirna kuring dikawinkeun rerencepan. Nu penting mah asal salamet, cenah. Keun bae can boga gawe ge, sugan ari geus rumah tangga mah, bakal babari neangan gawe. Tapi ngedul mah tetep bae ngedul. Salaki teu daek digawe bae. Kahayangna diparaban ku mitoha jeung indung bapana.

Unggal poe hirup gumantung ka batur, ka Bibi jeung ka indung bapana. Lamun geus era mentaan duit ka maranehna, kakara nginjeum duit ka koperasi keliling nu sok ngadatangan ka imah-imah. Geus teu kabayar ka koperasi, nginjeum duit ka rentenir. Kitu jeung kitu bae unggal poe teh. Nginjeumna mah remen, tapi dina lagu rek mayar susah pisan. Lain susah ketang, tapi teu boga keur naur hutangna. Sabab, kuring teu digawe, salaki ge embung digawe bae. Sedengkeun budak teu beunang dipersabenan. Kapaksa unggal poe teh nganjuk ngahutang ka batur. Era mah kacida erana, tapi kapaksa bae.

Geus Digadekeun

Basa Bibi gering keneh ge, sertifikat imah ku kuring digadekeun ka rentenir. Ngagadekeun sertifikat teh lain kahayang sorangan, tapi meunang kasaluyuan ti Bibi. Ngan nginjeum ka kaom rentenir mah, bungana gede pisan. Tina sabulan teh bungana dua puluh persen. Tadina mah rumegag bae, sieun teu boga duit keur mayarna. Tapi lantaran kapaksa ku butuh pisan duit keur tatamba Bibi jeung pikeun kaperluan sapopoe, ahirna kumaha engke bae pikeun mayarna mah. Sugan kahareup mah, kuring ge bisa neangan duit sorangan, moal gumantung bae ka batur. Nginjeum duit teh sapuluh juta, ngan dua bulan duit teh geus beak, teu nyesa saperak-perak acan.

Hutang nu laleutik mah ngahaja dibayaran, ngarah henteu kiriwilan pisan. Keun bae nu gede mah, sugan bae aya milikna. Hutang bisa kabayaran. Kuring ge bisa digawe di pabrik atawa di toko. Nu penting mah, bisa boga duit keur mayaran hutang.

Kahayang teh, ngan saukur semet kahayang wungkul. Buktina mah, susah neangan gawe teh. Ngalamar gawe ka pabrik, taya lowongan bae. Ngalamar ka toko, teu ditarima. Alesanna mah rupa-rupa. Teu ditampa gawe we.

Basa Bibi maot, hate teu puguh. Sabab, sertifikat imah masih keneh aya di rentenir can kabayar. Ti saprak Bibi maot, nagih ka imah teh remen pisan, nanyakeun rek mayar moalna.Lantaran teu bisa bae mayar hutang, imah dijabel ku rentenir. Kuring dititah ingkah ti imah Bibi.

Teu nyangka hirup bakal kadungsang-dungsang. Bakal ngalaman nyiruruk di imah batur, lantaran imah titinggal Bibi jeung tanah aya kana tilu puluh tumbakna, beak kabehanna dipake naur hutang ka rentenir. Teu nyesa saeutik-eutik acan.

Dulur Emang Daratang

Lantaran Bibi  teu boga anak, ngan kuring sorangan. Anak kukutna. Dulur-dulur ti Emang teh daratang ka kuring, menta warisan. Puguh bae kuring tambah bingung, sabab imah jeung tanah geus beak kabehanna, teu nyesa sajengkal-jengkal acan. Panyana teh, moal aya nu ngagugat, sabab ahli warisna ngan kuring sorangan, salaku ahli waris tunggal. Tapi sanggeus Bibi maot mah, kuring teh digugat ku dulur-dulur ti Emang. Menta bagean.

Imah nu geus dijabel ku rentenir tea, dijabel deui ku dulur-dulur ti Emang. Sabab, maranehna mah teu rumasa ngagadekeun imah, cenah. Atuh rentenir teh jadi ambek, malik teu suka. Kuring sorangan nu jadi panamblehan, diteteangan, lantaran masih keneh boga hutang. Tapi untungna, kuring kaburu ingkah ti imah. Nyingkahan dulur-dulur ti Emang, nyiruruk di imah batur.

Sedih, nu tadina hirup senang, loba duit. Ayeuna sanggeus boga anak tilu, imah ge teu boga. Lamun teu aya batur nu ngampihan mah, boa sare ge ngampar di kolong jambatan. Salaki mah, geus teu bisa diarepkeun deui. Ayeuna mah kuring sorangan kudu ihtiar, neangan duit keur barang dahar barudak.

Emang Asa Diwiwirang.

Rumasa kuring teh jalma bedegong, teu daek nurut kana omongan kolot. Dicarek ku kolot ulah ngaroko, kalah ka ngahajakeun ngaroko. Campur gaul jeung lalaki ge estuning bebas pisan. Lantaran, hirup teh ngan sakali, moal ngadua kalian. Lamun ti ayeuna can ngalaman, isuk atawa pageto ge biheung kalaksanakeun. Hirup di dunya teh matak panasaran bae. Tah, nu matak hirup hayang bebas teh, sieun isuk atawa pageto teu kalaksanakeun.

Ayeuna kuring ngarasa handeueul, sabab hirup bebas teh, balukarna goreng. Tina campur gaul nu bebas ahirna kuring reuneuh. Emang mah tuluy muyung. Eraeun ku tatangga jeung sobat-sobatna. Lamun teu kaburu dikawinkeun, Emang bakal kacida wirangna. Untungna teh manehna daek ngawin. Lamun teu daekeun mah, boa kuring ge bakal ditundung ku Bibi jeung Emang.

Kaduhung mah geuningan datangna teh tara ti heula. Ngahaja sina puas heula, ngarah sugemaeun. Geus ngarasa puas jeung sugema, tuluy datang handeueul. Lantaran geus ngalakukeun pagawean nu nirca, geus ngarempak kana norma agama jeung darigama. Ayeuna pisan, kuring ngarasa kaduhungna teh. Emang nepi ka maot teh, lantaran muyung nempo pamolah kuring nu teu parok jeung batur. Muga-muga bae pangalaman kuring ieu teh, jadi pieunteungeun keur nu sejen. *(sakumaha nu dicaritakeun ku Ibu Ninin ti Padalarang ka Wanem)
 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Darmadji W.K. ngomentaran:

Pieunteungeun pikeun urang sadaya.