Tue, 22-05-2012
Carita Nyambung

Galuring Gending (12.)

Pintonkeun di FB

WHY loose your virgin?                

Mani ngadadak sebel tah, barang ngadenge lagu eta. Teu ngahaja nyetel radio, estu kabeneran pisan; keur ngeser-ngeser gelombangna, ari ngong teh sora Deep Purple. Padahal kana lalaguan sejenna mah loba nu resep kuring teh, najan geus kaasup kana kolom albeum heubeul; komo ka Ian Gillan, vokalis anu sorana mampuh sababaraha oktaf. Ketang, sanggeus diganti ku David Coverdale oge angger resep keneh; "Soldier of Fortune" jadi kameumeut kuring

"Naha kapanawaran anjeun make dipasrahkeun?"

Teu, teu rumasa dipasrahkeun, tapi direbut! Malahan manjing mun rek disebut dipaling oge!

Pikeun kuring ayeuna, urusan eta teh asa jadi matak sensitif pisan; ngalantarankeun diri teu kaopan, babari kasigeung, jeung gampang kaisinan. Teu kaop ngadenge, najan ukur saliwat, boh dina lagu boh dina obrolan, rarasaan teh husus we ka kuring ditujukeunana.

"Why loose your virgin ...?"

Gandeng! Aing mah teu hayang ngadengena oge!

Jetrek dipareuman. Naha saha operatorna atuh? Teu pupuguh make muter lagu eta? Mani kawas euweuh deui lagu alus!

Piraku radiona kudu dibalangkeun mah?

Enya, jadi sensitif . Padahal dina mangsa ka tukang-tukang mah kuring teh henteu kitu. Ayeuna kuring jadi leukeun mukaan buku ngeunaan seksologi. Dibaca-ditengetan, kumaha ari bedana parawan jeung nu geus lain parawan. Ukur dina lebah "kulit" ipis, cenah; naha kawas keretas tik kitu, atawa kulumud salak? Bisa jadi teu pira, mun dibandingkeun jeung babagian awak sejenna mah. Tapi, eta "kulit" anu teu pira teh gede pisan hartina dina kahirupan awewe mah. Kudu dijaga jeung dipupusti, sungkemkeuneun ka panutan ati dina mangsana malem kahiji. Kitu cenah, anu remen kadenge ku kuring Malahan geuning lamun tas dirapalan teh sok aya hajat numbas, nandakeun panganten awewe masih keneh suci-beresih. Ana kitu, kuring mah geus teu boga deui hak pikeun ditumbas atuh.

Kuring mah geus teu suci! Kuring mah geus boga ceda!

Kungsi eta oge aya pikiran: kumaha mun dioperasi? Kapan, cenah, teknologi kadokteran di urang ge geus tepi kana urusan eta. Tapi ras deui, atuh sarua wae jeung ngabobodo diri sorangan. Jaba deuih biayana tacan tangtu cukup ku duit saeutik. Naha rek ngandelkeun ladang tina naon?

Jadi inget kana dongeng Mang Kahya, tukang kendang anu geus kawentar dina urusan cawokah. Cenah, aya nu hayang dioperasi kitu, tapi teu boga keur waragadna. Nya terus wae manehna kukumpul duit. Ari carana ku jalan ... ngagolangkeun anu rek dioperasina tea!

"Tapi ku sabab kukumpulna kalalanjoan, antukna basa manehna ka rumah sakit teh, dokterna kalah gogodeg, sabab geus moal kaudag ku jaitan ...."

Ah, dasar si gejul! Ari geus jorang teh hese neangan bangsana.

Waktu ngadenge eta dongeng, anu tangtuna oge ukur jijieunan wungkul, kuring milu mesem. Tapi, mun didongengkeunana ayeuna mah, geus pasti kuring bakal ngajengkat.

Enya, kuring ayeuna mah pan geus "beda" deui; geus teu kawas keur waktu Mang Kahya ngadongeng. Ti heula mah, najan dongeng Si Emang pikarujiteun ge, kuring sok malingðmaling ngadengekeun.

"Tah, Si Eneng ieu mah sakieu lempayna, tangtu bakal lempay deui ...," pokna ka kuring, bari memener kulanter.
"Naonana anu lempayna teh, Semang?" Kang Gandana ngengklokan.

Kuring gancang ngamang-ngamang panakol kenong.

"Heueuh, lempay ... rambutna!" tembalna bari ngaheheh.
"Horeng lempay rambutna Neng Sarah teh? Boa-boa matak laput jajangkung," deui-deui Kang Gandana ngengklokan; jadi sarua gejulna ari keur kitu mah-abong lalaki!
"Ih, mani rarujit ngomong teh!" kuring nyentak.
"Malah aya nu laput siku ge," si cawokah neruskeun caritana.

Kuring gancang-gancang nyingkah bari nungkupan ceuli.

"Rek ka mana, Eneng? Ieu dongeng Emang urang teruskeun heula!"
"Nyao, ah!" terus ngabengbeos ti tempat latihan. Asupðasup deui teh basa waditra geus mimiti ditabeuh.

Enya ge harita kuring ngajengkat, tapi da teu dibarung ku ambek. Indit soteh pedah we asa rungseb ngadenge omongðomonganana. Tapi, mun ayeuna mah, mun ngadenge omongan kawas kitu teh, kuring bakal kasigeung; boa nu ngadongengna ge bakal diciduhan. Ceuk kuring ge: jadi sensitif pisan!

Pasualan anu tumiba ka diri kuring saterusna jadi bangbaluh anu manjang. Haben dipikiran ku sorangan, tapi weleh teu timu cara ngarengsekeunana. Naha atuh kuring teh bet jadi awewe? Cacak lamun jadi lalaki, meureun kana moal kieu (-kieu teuing).

Naha atuh kuring teh bet bodo kabina-bina?

*

Aya bulanna kuring ngagugulung rasa kaduhung. Sedih, keuheul, kuciwa, jeung bangbaungeun awor jeroeun dada. Tapi lila-lila mah perasaan kitu teh mimiti ngurangan. Bisa jadi lantaran haben dibangbalerkeun ku jalan ngupahan diri sorangan; yen anu geus tumiba jeung karandapan teh mangrupa bagian tina lalakon hirup.

Kuring karek engeuh, geuning kabawa ngangkleung teh geus rada jauh; palid ka hilirkeun lantaran tadina jongjon teuing sukan-sukan silanglang bari nyawang langit katut kaendahanana. Ana geus sadar, pangancruban munggaran di tebeh girang geus jauh ditinggalkeun; ukur lapat-lapat nembongan. Asa pamohalan mun hayang balik deui ka dinya, da cai sakitu tarikna, sakitu nyeotna. Rajeun bisa ngeumbing ka sisi, ngarawel dahan anu nyolodor, pageuhna teh ukur saheulaanan. Ana geus datang deui caah umpal-umpalan, kuring balik deui kokoleaban. Aya ari kahayang mah, dina teu bisa balik deui ka girang ge, atuh bisa-bisa hanjat, ceuk hate. Tapi tetela gawir di saban sisi mani nangtawing; hamo bisa diunggahan, komo bari jeung taya pamuntangan mah.

Kitu anu karandapan ku kuring dina mangsa-mangsa saterusna. Niat mah hayang hanjat, tapi karek ge suku katuhu rada ngangkang, suku kenca kaceot kana ulekan. Gujubar deui! Rancucut deui! Malah ngaleongna teh jadi ka beh tengah. Antukna mah nya terus we palid ka hilir.

Aya Kang Laksana anu katembongna bangun rek nyaah, turta ngarti kana kaayaan diri kuring, tapi dina kabuktianana mah ukur butuh saharitaeun. Atawa Mas Jarot anu di Bandungna keur neruskeun sakola, ari singhoreng di Surabayana geus boga anak-pamajikan. Kungsi raket jeung Willy, hanjakal Emah banget teu panujueun, lantaran beda ageman.

Tepi ka dina hiji mangsa, sarengsena turun ti panggung kuring tepung jeung Bapa.

***

BAPA. Kitu kuring nyebut ka anjeunna teh; rek kaayaan keur kumaha atawa naon wae oge. Jadi, kedalna kecap "Bapa" tina biwir kuring teh henteu ngan semet dina suasana biasa anu kasengker ku formalitas wungkul; misalna sabab keur aya ajudan anu remen ngarangkep jadi supir pribadi. Dalah dina suasana anu pangpribadina oge, kuring keur paduduaan jeung anjeunna, angger wae nyebut teh Bapa. Beda jeung batur, kitu ceuk beja anu remen kadenge ku kuring, ari dina suasana anu kebek ku pangrumrum mah, sok ngagunakeun sesebutan sejen; cenah; mangrupa manifestasi tina ngagalurana rasa. Eta mah kari kumaha bogohna; naha rek jungjunan, sayang, yayang, atawa honey. Tah, kuring mah tara tepi ka kitu.

Sesebutan "Bapa" anu kedal tina biwir kuring lain wae minangka pikeun pananda identitas dina komunikasi, tapi deuih ngandung hiji panghormat. Sakurang-kurangna kitu ceuk anggapan kuring. Enya, kuring mihormat anjeunna. Lain, lain alatan faktor dunya brana atawa kalungguhanana wae. Kedalna rasa hormat tina batin kuring teh dumasar kana sikepna anu pantes dipibapa; tepi ka kuring asa boga panyalindungan. Di hareupeun Bapa, kuring asa meunang pangajen, asa aya hargana; tur padahal di pihak kuring sorangan geus teu pati miduli kana urusan eta, sabab geus boga anggapan yen diri pribadi teh rendah (pisan) hargana. Kuring geus sadar kana kalungguhan diri sorangan anu geus ditempatkeun dina posisi tanpa martahat, mungguh ceuk ukuran moral, Enya, naon sih ajeneunana ari awewe kawas kuring? Kapan ceuk ungkara wartawan anu sok ditulis dina koran mah disebutna oge "wanita peliharaan", anu tugas pokona ukur hiji: nyenangkeun lalaki, hususna dina urusan birahi. Naon wae istilahna, gundik atawa selir, mungguh dina jaman kuring keur rumaja mah matak kukurayeun ngadengekeun, matak muringkak bulu punduk ngadanguna. Dipahing pisan jadi nu kitu; malah najan ngimpi ge diangir mandi. Ari ayeuna, bet karandapan ku diri sorangan. Kuring sadar tepi ka lebah dinya. Tapina, ari dina batin nu pangjerona mah kuring oge masih keneh boga takeran, sakurang-kurangna pikeun ngabedakeun anu paling hakiki: hade-goreng, bener-salah. Ngan pasualanana, eta ukuran teh geus hese pisan; mun lain teu bisa oge; diterapkeunana dina kahirupan diri sorangan. Rumasa kuring hengker, rumasa; dina ahirna; hirup loba kakurang, tepi ka teu mampuh nyumponan kahayang anu jolna lain ti diri sorangan wae. Atawa, mungkin wae sabab geus kagok asong; bongan tadina geus salah ngalengkah tea. Ana ninggang di kuring sajeroning neangan tincakeun teh ngan lombang deui, burang deui. Suku katuhu geus dijungjungkeun, suku kenca kalah beuki nyeblok. Rajeun duanana geus bisa dipake rada nyingkah, pamuntangan-keukeumbingan kalah porot. Antukna mah galeong deui ka urut; malah lombangna teh asa mingkin ngajeroan. Tah, di hareupeun Bapa mah kuring teh sok rajeun asa boga deui rasa percaya diri; asa boga deui harga. Anu geus karandapan jeung karasa, Bapa loba pisan bedana jeung Um Sar atawa lalaki lianna, boh anu ngan sakadar milu ngaliwat, boh anu kungsi reureuh heula sakedapan. Naha ari di satukangeun kuring mah sikep Bapa beda deui, ah jeun teuing. Kuring mah moal rek openan, moal mikiran kumaha ari keur aya di satukangeun kuring. Kuring moal tatanya; komo mun tepi ka nungtik-nalungtik, nyewa mata-mata. Karep teh teuing. Anu penting mah: Bapa ari keur aya di hareupeun kuring. Kuring moal nalengteng, pangna Bapa sakitu broðbroanana: imah ngajenggleng reujeung eusina, deposito katut rupa-rupa kartu kredit, mun hayang shopping atawa sukanðsukan kari nyebutkeun tempat reujeung waktuna. Hanas sakapeung mah lain Bapa nu nganteurna, nu marenganana, kuring kudu daek tamaha. Kuring kudu ngajenan kana kalungguhanana, kana kahirupan kulawargana, kana reputasina di masarakat. Bapa mah lain Kang Laksana, anu tara nyingkahkeun leungeun tina cangkeng kuring dina keur jalan-jalan. Kitu deui lain Willy, anu ka sasaha teu weleh cuih ngeunaan kuring. Bapa mah tepungna jeung kuring teh ukur di mana perlu jeung saperluna wae. Ngan nya kitu, tara puguh jadwalna. Aya kalana isuk-isuk geus kring telepon. Diantos di hotel anu, cenah. Atawa pabeubeurang ngadadak diteang ku ajudan, sabab Bapa hayang dibaturan makan siang di restoran anu. Mun teu kitu, kuring sok rajeun kudu ngendong di hotel atawa villa di luar kota, teu jauh ti tempat Bapa seminar, lokakarya, penataran, atawa naon teh teuing. Malah sakali mangsa mah kuring dititah sosoranganan nyusul anjeunna anu geus aya di Hawaii. Untungna teh ku sabab geus rada remen saba nagara deungeun, kuring teu utag-atog (teuing).

***

Paris musim semi.

Rengse pagelaran, kuring asup ka kamar ganti. Karasa cape jaba halabhab, bubuhan manggung teh kaitung lila. Nempo panongton sakitu antusiasna, hate mani bungah kacida; kacape teh asa kaubaran. Basa pagelaran dipungkas, keprok nu lalajo kadenge manjang, malah mungguh seah.

Waktu bijil ti kamar ganti, kasampak aya lalaki tengah tuwuh; manggut bari imut, ngawilujengkeun, dumeh pagelaran dianggap sukses. Ceuk sangkaan kuring, paling oge staf ti Kedubes anu ngahaja lalajo. Ku basa Sunda barang gok oge ngajak cacaritana teh.

"Dupi Bapa ti mana?" cekeng teh. Piraku ukur manehna wungkul anu ngabuih nyarita, muji-muji kuring; kewes turta pantes, cenah. Ah, ari lebah pamujina mah teu ieuh dipairan. Geus teu matak aneh deui tuda, teu kolot teu budak ngora, lalaki mah sok resep ngobral pujian, tepi ka remen pisan manggihan anu kesanna teh kawas dijieun-jieun.
"Ih, Bapa ge ti Bandung," tembalna. Merenah mun ngabasakeun "Bapa" teh, pangpangna mun ditilik tina umur; kawasna kana pakokolot supa jeung Empah teh. Ketang, mun disawang tina kalungguhanana oge bakal merenah deuih. Tuh geuning, pangkat anu ditulis dina kartu namana oge lain jore-jore; jabatanana sakitu luhurna.

Obrolan jeung Bapa disambung deui, di kafetaria. Kanyahona kana dunya seni kaitung lumayan, keur ukuran gegeden mah. Eta wae make apal kana ngaran rupa-rupa waditra sagala. Teu, teu katembong purunyus atawa cunihin. Ngobrolna sopan, jeung teu gumede deuih.

"Nuju mancen tugas Bapa teh," pokna, basa ku kuring ditanya naon pangna aya di Paris. "Kaleresan kenging wartos yen bade aya pagelaran kasenian Sunda. Anu mawi, teras we ka dieu. Sok asa bingah pisan upami nuju di luar negeri tepang jeung batur salembur teh." pokna deui.

Kuring henteu tetelepek, naha tugas naon mani kudu ngingkig jauh-jauh teuing. Karep teuing, ah! Naha enya mancen kawajiban ti nagara, atawa ngan saukur rek ngadon jalan-jalan kumaha ilaharna gegeden; lain urusan kuring eta mah.

"Benten kesanna nongton kasenian sorangan di nagara deungeun mah, asa langkub anteb," Bapa muka deui obrolan.
"Dupi di Bandung, Bapa sok nongton?" kuring nanya, dumeh eta make nyebutkeun beda kesanna sagala. Kuring ge geus apal, anu kasebutna gegeden Sunda kiwari mah asa langka pisan; mun teu rek disebut tara oge; kersa rurumpaheun nongton kasenian daerahna sorangan, kajaba mun dina pagelaran resmi kanagaraan, bari jeung tacan tangtu karepna sorangan deuih.
"Nya sok rajeun we," tembalna pondok.

Mun tea mah enya kitu, gegeden anu ayeuna keur ngajak ngobrol teh beda jeung kailaharanna pangagung Sunda anu sok arapi lain kana seni-budayana sorangan. Sok ngarasa sirik kuring mah, mun ngadenge pagelaran kasenian daerah batur heg diluuhan ku gegedenna teh. Maranehna, eh aranjeunna, tarotomplokan ngabina jeung ngabantu kahirupan seni daerahna. Tapi naha ari gegeden ti Bandung, boro-boro totomplokan, perhatian ge euweuh. Puguh ge sok matak kuciwa. Ah, meureun gegeden kuring mah leuwih museurkeun perhatian kana pangwangunan nasional, lain sabab teu nyaah pangna teu mirosea seni-budaya daerah teh.

Isukna, Bapa nyampeurkeun ka hotel. Bangun nu geus apaleun yen kuring sahatur-batur rek jalan-jalan sabot ngadagoan meeting jeung tim menejer. Jalan-jalan soteh lain rek ngadon balanja, da honor manggungna ge tacan katampa; ieu mah ukur tamba kesel, jeung ti batan ukur dariuk di teras hotel. Tapi, ari kasebutna ulin jeung papada awewe mah, angger wae suku teh harideng ngalengkah ka toko, sanajan ukur rek ngadon lalajo wungkul. Bus ka toko papakean, ka toko perhiasan, ka toko karajinan. Ah bati ukur kabita wungkul. Si Bapa oge milu alak-ilik kana etalaseu, tapi ari balanja mah henteu.

"Noong naon, Sarah?" Ceu Euis nanya, basa kuring ngajanteng salila-lila hareupeun etalaseu perhiasan.

Teu ieuh dijawab. Heueuh, da rek nenjo naon deui atuh mun lain perhiasan marahal. Ceu Euis ge pipilueun ngarendeng gigireun kuring.

"Kabita ku nu itu Euceu mah," pokna bari nunjuk kana kongkorong anu berlianana babarasatan.
"Beuli atuh," ceuk kuring.
"Si! Ari ngomong teh aya ku lahuta. Moal cumpon ku honor urang, najan jadwal manggungna ditambah deui ge,' omong Ceu Euis. "Ari Sarah hayang nu mama?"
"Bae lah, nu ieu ge," cekeng teh bari nunjuk geulang.
"Padahal mah, mun aya nu mangmeulikeun, nya?" pokna, bari ngaheheh.
"Ari ngalamun teh sok kamalinaan. Kumaha lamun engke terus ngagerebeg, meureun moal bisa balik," ceuk kuring.

Waktu kuring keur paguneman jeung Ceu Euis, Si Bapa ukur seuri; nyao nyeungseurikeun, ketang.

Pasosorena, Bapa datang deui ka hotel, rek amitan. Lantaran aya keneh waktu ka prungna manggung, kuring bisa ngobrol heula sakeudeung. Atuh kuringna sorangan geus teu rumegog lebah nyanghareupanna oge sabab memang pikaconggaheun.

"Bapa mah engke wengi hiber teh, pokna. "Wilujeng wae ka Sarah, mugi sing sukses sateterasna."
"Nuhun," walon kuring.
"Iraha atuh bade balanja oleh-oleh kanggo ka Bandung?"

Kuring ngan ukur ngajawab ku seuri.

"Tah, ieu aya candakeun mulih," pokna deui, bari ngasongkeun bungkusan.

Terus terang, kuring ngarasa kaget. Anu matak, teu wani nampananana.

"Sok, candak! Manawi wae kaanggo. Lumayan, kenangðkenangan ti Bapa. Ari kawitna mah hoyong bari sareng meserna teh, ngarah Sarah tiasa milihan heula. Mung hanjakal waktosna nyantek, da tepangna nembe kamari. Cacak mun ti basa eta keneh mah, meureun urang tiasa jalan-jalan heula."

Kuring keukeuh nolak ku cara lemes.

"Upami teu ditampi, pasti Bapa kuciwa," bari keukeuh diasong-asong.

Pamustunganana mah kapaksa kuring kudu ngelehan, najan ari hate mah ngarasa beurat, eta kenang-kenangan teh ahirna ditarima.

Waktu Bapa geus amitan, kuring gagancangan asup ka kamar. Bungkusan dibuka, breh aya cepuk. Dibuka deui. Kuring ngarenjag. Eusina horeng geulang anu ku kuring kungsi dituduhkeun ka Ceu Euis tea. Diteuteup salila-lila, bari dina hate timbul rupa-rupa tanda tanya. Ieu teh naon maksudna, mere barang sakieu mahalna? Enya, da geus karampa atuh, bakal sabaraha pihargaeunana. Geulang emas merek "Monet", berlian anu dipake taretesna katembong babarasatan.

Moal rek disumput-sumput, ari kaatoh mah aya eta ge. Tapi, sajeroning atoh teh, ngarasa hemeng deuih. Bet asa kakaraeun teuing aya nu barangbere ku pangaji anu sakitu gedena. Perhiasan kawas kieu mah lain bantrak-bantrakeun pantar kuring, tuda. Henteu terus dipake, da tangtu bakal rea nu tumanya. Meureun ceuk babatunan teh, "Ti saha Sarah boga barang sakitu alusna?"

Gancang wae diteundeun kana tas. Malah ditindihan heula ku papakean nundana ge.

Basa kapal geus turun di Cengkareng. Bapa aya mapagkeun. Teuing ti saha kateranganana, tepi ka apaleun yen kuring baris mulang poe harita, da kuring mah teu kungsi cacarita nanaon.

Dina mangsana mulang ka Bandung, kuring teu misah ti rombongan. Waktu Bapa ngajakan unggah kana mobilna oge, kuring nolak ku cara lemes. Lain ku nanaon, bisi engkena jadi omong batur. Bapa bangun nu surti, da teu terus maksa; teu kawas waktu mikeun kenang-kenangan di teras hotel tea.

Nya ti harita kuring terus raket jeung Bapa teh. *** (hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula