Teu Sangka
Ku Fendy Sy. Citrawarga
"Anduk, anduk, araranduuuk......!" Kadenge aya nu dagang gogorowokan mani cowong. Inget pamajikan butuheun anduk da ningan awewe mah sok gojeh masing alus keneh oge sok hayang geura ganti, kuring kaluar ti imah ngageroan tukang anduk. Belaan jejengkean najan sendal kulit empuk weuteuh keneh ngabagug parkir dina taneuh. Lebar rek make teh bisi ruksak heug bayareun keneh. Sina ngabagug di buruan soteh seja mapanas nu ngalaliwat ngarah disangki jalmi gaduh.
"Anduk-anduk!" cekeng. Nu dagang haget nyampeurkeun.
"Sabarahaan anduk Mang?"
"Mirah Pa, mung tilu puluh lima!"
"Tilupuluh lima naon?"
"Muhun tilupuluh lima rebu rupia. Teu werat bade ngical tilupuluh lima juta teh, hawatos heug nagara nuju krisis!" ceuk nu dagang. Ngabojeg ti dituna mah.
Torojol nu boga hadas kaluar ti kamar.
"Tah nu dagang anduk!" cekeng ka pamajikan. Blus sorangan mah asup ka jero imah neruskeun hanca pagawean. Nu adu rega hoghag di teras.
"Sabarahaan Mang?" tanya indung budak mitembeyan adu rega.
"Mirah Bu Haji mung opat puluh rebu," ceuk nu dagang. Beu, si kehed.
Cikeneh teh nongtoreng nawarkeun 35 rebu, ayeuna geus jadi opat puluh rebu.
Anehna, indung budak mah bangun tiis. Ninggang ka sorangan mah kudu geus ngabuleudkeun peureup.
Kedewek indung budak ngarontok anduk nu kelirna warna-warni. Aya nu hejo, beureum, gading, koneng, kumaonam bandera partey.
"Sarae Bu Haji, sarae," ceuk nu dagang ngabuih. Geus pok deui nyebut Bu Haji.
"Jieunan mana Mang?" tanya teh mairan bari jongjon baranggawe.
"Gondewah Pa!"
"Sapuluh rebu we nya?" ceuk indung budak. Hag siah, lebok tah!
Nawarkeun opat puluh rebu, ditawar sapuluh rebu. Paingan indung si kucrit katenjo tiis da meureun geus boga rudal pameupeuhna.
"Hatur nuhun Bu," ceuk nu dagang, ukur nyebut bu teu make haji. Teuing ku naon. Direret ku juru panon katenjo jamedud. Indung budak jongjon pipilih deui. Dialak-ilik, dibeber-beber, malah aya nu dikebut-kebut sagala.
"Nya Mang sapuluh rebu, da kasep!" pokna bari luway-liwey gumeulis.
Puguh we jero dada ngaheab.
"Ari Bu Haji, piraku Emang teu gaduh bati?" Kasebelanana teh kareret imut. Hulu angen karasa aya nu nonjok. Temahna nyiak kana embun-embunan.
"Lah si Emang mah!" pamajikan humandeuar.
"Tos we tilu puluh lima rebu bubuhan ka Bu Haji we ieu mah.
Ngaraketkeun duduluran. Ka ibu-ibu sanes mah teu dipasihkeun, sing sumpah!"
Geus pok deui nyebut Bu Haji. Kuring nyaan hayang seuri ngadenge tukang anduk nyebutkeun teu dibikeun ka ibu-ibu nu sanes. Nya teu dibikeun da teu dibeuli.
Saha nu daek meuli anduk ditekuk.
"Sakitu wae!" ceuk pamajikan bari ngecagkeun anduk tangka satambruan.
"Sakitu sakumaha?"
"Enya sapuluh rebu!"
"Ituh geura. Mana kanggo Emangna sakitu mah teu jinis-jinisna acan.
Mangkaning Emang teh teu acan neda, teu acan nyesep, nyirop, teu acan deuih kanggo ngarosikoan anak mitoha. Mangkaning upami rosiko dapur murugul teh baeudna miyuni baud, pageuh. Sing hawatos we....Bu Haji" pokna lumengis. Ti dituna mah meureun menta dipiwelas.
"Enya sakitu!"
"Eta Bu Haji, enya sakitu, enya sakitu deui wae. Sakitu teh sakumaha?
Saratus rebu? Candak lah bubuhan ka Bu Haji we."
"Enya saratus rebu sapuluh sikieun!"
"Bade sabaraha hiji nganggona?"
"Hiji we, loba-loba teuing!"
"Manawi teh bade ngaborong wantun sakitu teh. Kieu we atuh nya bilih kabujeng hujan. Tilu puluh we. Mangga bade nu mana? Nu hejo, nu beureum, nu koneng? Ketang da Bu Haji mah demplon, nganggo kelir naon wae ge teu burung payus!" Jeletit hate kaciwit deui.
"Gampang milih kelir acak corak mah mah Mang. Kudu puguh heula haregana. Sakitu mah sok!"ceuk indung budak deui bari ngolesed ninggalkeun nu dagang anduk.
"Tos we dua lima!" ceuk nu dagang bari ngajewang leungeun indung budak. Meh we keuna. Kuring ge replek rek nyokot asbak tadina mah. Nyaan mun wani-wani nyabak, rek dipalempeng asbak.
"Sakitu!"
"Saur Emang ge jinisna teh dua puluh. Buruh ngider lima rebu. Meujeuh we tinimbang angkat ka Pasar Baru mah. Teu acan ongkos, jajan, dan ituh inih!" Angger ngolo.
"Enya sakitu!" ceuk pamajikan, geblus ka kamar.
"Tos we lah panungtungan ayeuna mah. Dua puluh rebu!"
"Sakitu!" tembal pamajikan pageuh. Si tukang anduk ngahuleng. Antukna nu tadi kuring ngarasa timburuan teh jadi watir. Sup ka kamar.
"Nu kelir kumaha anduk teh? Beuli we dua puluh rebu ge karunya," cekeng teh.
"Enya sakitu!" ceuk pamajikan, teu beunang diongget-ongget.
Kuring kaluar ti kamar. Tukang anduk ngajanteng keneh.
"Candak!" cenah, teugeug. Torojol pamajikan kaluar. Laju milih anduk.
Nyokot hiji kelir beureum. Creng dibayar. Ih geuning mere duit dua lambar. Nu hiji sapuluh rebu nu hiji deui lima rebu.
"Ning ieu mah lima welas rebu Bu Haji? Pan tadi mah Bu Haji nawis sakitu, muhun sapuluh rebu. Teu kenging ngabohong ah bilih doraka," ceuk tukang anduk bari mulangkeun deui duit lima rebu perak. Gejlig indit. Mani rurusuhan, teu nuhun-nuhun acan.
"Teu sangka nya manehna, dina jaman orowodol kieu, aya keneh nu soleh!" pok teh. Pamajikan tiba ngaheueuhan. Geblus manehna asup ka kamar.
Kuniang kuring hudang, maksud mah rek nyait kolor tina popoean. Barang rek make sendal, enya nu diparkir di buruan, geus lebeng.
"Manehna, manehna, ka mana sendal?"
"Sendal nu mana?" Indung budak norojol bari nyolendang anduk.
"Sendal kami pan tadi teh di dieu."
"Sendal nu kenging ngiridit?"
"Enya, tadi teh basa nyalukan tukang anduk aya keneh!"
"Nya duka atuh. Boa ku tukang...aaan.."
"Geus moal salah. Si kehed...," piceurikeun nyelek na tikoro.
Pudingding napsu. Sebrut nyusul tepus. Teu manggihan tapak-tapakna.
***
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaandi awaludin ngomentaran:
beu ambeu baruk eta sandal weuteuh aya nu madog, nurustunjung nya kang eta tukang anduk teh, dibikeun sapuluh rebu bari jeu subat sabet cing sabraa aeh sabar kangcahaya molana ngomentaran:
da niatna oge sendal jang mapanas nu ngaliwat, ridokeun we kang bonganna salah niat .. he..he..hesarjangkusuma ngomentaran:
heu heuy ha hay hk hk aduh nepi katiguling kana galeungan seri bungah ngaos ieu carita nhnun kang mangle tos ngabubungahRohmat ngomentaran:
bisaan buhajimah nawarna, he,he,he...ARNA TS ASWIR ngomentaran:
JAGO NAWIS atanapi PELIT, PEDIT, KUMED, KIKIR..??? Tah babalesna kanu pelit, boa mah sendal oge diartosan ku artos ladang..........ngalipet oge..!aditya kamana ngomentaran:
alus tah rejeki tkang andukk sndalna ,plit pisan atda barang twarnatintari ngomentaran:
alah eta mah kesed pisanagah nugraha ngomentaran:
beu...!aries sareung radiorosak ngomentaran:
geuningan...hahaki semar ngomentaran:
anduk kuring pangmahalna sadunya.......!!!gunawan sapuraga ngomentaran:
eta teh panyakit cecerened tea,deudeuh teuing...mana menang ngiridit deuih.ridokeun we ke ge kagentosan deui nu leuwih aluskania dewi ngomentaran:
kalunya euing hehehehehehehecepi safruddin ngomentaran:
Si Koplok siah!!! madog sendal....Wawan HaPe ngomentaran:
Seuri ah.......xixixixi!asep dodi ngomentaran:
heu...heu..y deudeuh!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!Hadi Samsul ngomentaran:
heheuy, hanas geus dipuji soleh, geuningan kalahkah maok sendal :)) paingan dibikeun sapuluh rebu, da meunang bati tina sendal alus heheheheucin muksin ngomentaran:
salian ti icalan anduk, si emang teh icalan kaos oge. bari lumpat teh ngagorowok "karaooosssss".......Rahadian As'ari ngomentaran:
ih.....Sok saru'uzdon. boa lain ku tukang aduk nyaoh. cobi taroskeun heula atuh ka pangarangna ku saha...!!! kituh...???Ashban Abdi Gusti ngomentaran:
Hahayy... Aya ku lucu jeung soleh tukang anduk teh. Ngan hanjakal lampahna salah.budi mulyana ngomentaran:
gara-gara tukang kiridit jadi poho rek ngademo PSSI.henti rosdayanti ngomentaran:
Hahaha...jadina tukeur tambahnya jeung sendal kiriditan,..beueu...sigana masih keneh mahal tah,..acan ku mudengkel keselna, can nyobaan sendal weuteuh...kaciaan dechhenti rosdayanti ngomentaran:
Hahaha...jadina tukeur tambahnya jeung sendal kiriditan,..beueu...sigana masih keneh mahal tah,..acan ku mudengkel keselna, can nyobaan sendal weuteuh...kaciaan dechhenti rosdayanti ngomentaran:
Hahaha...jadina tukeur tambahnya jeung sendal kiriditan,..beueu...sigana masih keneh mahal tah,..acan ku mudengkel keselna, can nyobaan sendal weuteuh...kaciaan dechriansaky ngomentaran:
heuheueu tukang anduk gitu lochTege ngomentaran:
lucu, hahahah....purunyus tukang anduk!yon ngomentaran:
Enya, lucu jeung kayungyun carita ieu teh keur ukuran kuring mah. Nagahibur lah...nu keur baeud baketut mah. Lia ti eta, memang urang kudu pinter-pinter nawar ka nu dagang mah bisi kabelejog hargana.Neni Ratna Yuliani ngomentaran:
Ngadu jajaten antawis tukang anduk sareng anu ngagaleuhna. Sigana bae tukang anduk anu kasoran, padahal mah anjeunna anu langkung pinter. Anu ngagaleuhna rugel dua kali tah, hahahaha ....wawan setiadi ngomentaran:
Jujur oge tah si tukang anduk tehnya, sabab leuwihan lima rebu na dibalikeun deui, hartina nu meuli anduk untung keneh lima rebu !!??Saefudin HZ ngomentaran:
Ku teungteuingeun etah si Ontohod...!DODO MURTADO ngomentaran:
TE nyangki ka tukang anduk, gening meni pinter, tur cerdasKang Encep ngomentaran:
lamun bener eta sendal diringkid ku tukang anduk, manehna megatkeun langganan salembur. Lucu pisan carita teh, mugi ulah dicontoan ku tukang anduk nu sejen..., diantos carita nu sanesna..., nuhun.Lasiny ngomentaran:
keun karunya pan rek ngider dagangan deui, meureun make sendal alusma sugan semangat ngiderna,buktina disusul ge teukaberik bakat ku suanget.lunasanwe kririditanana .lebok kadinyah pelit.zaharis ngomentaran:
matak oge,...nawis teh tong kabina2 teuing atuh...salya sasmita ngomentaran:
cobi damel deui, wios impenan ogeAta Karya ngomentaran:
aya ku hegar kang nya!hehe..gingin_n ngomentaran:
hahaahhah puas ah, nawis teh tong kitu2 teuing atuh bu hajiAbah Teddy ngomentaran:
Hahahaaa.. Antukna bati sendal eta si kehed (tk. anduk). Saena mah judulna: "Salah Parkir" (muhun...parkir sendal tea) Heheheee.. Sae pisan , Kang!!!maidah ngomentaran:
he..he..Anang Taruna ngomentaran:
ha ha ha ,mangga urang regepkeun dina kahirupan urangSolihin ngomentaran:
Naha heteu tiasa dikirimkeun ka Facebook. Padahal upami tiasa, seueur anu resepeun bobodoran. Di Serang Banten yeuhryan suryana ngomentaran:
???...agus ramdani ngomentaran:
mun enya eta sendal ku tukang anduk.... dasar tukang anduk orowodoooolllllll......hahahaha....di antos ah nu sanes na......agus ramdani ngomentaran:
mun enya eta sendal ku tukang anduk.... dasar tukang anduk orowodoooolllllll......hahahaha....di antos ah nu sanes na......eka purwati ngomentaran:
aduuh.. salami maca ieu carios meuni rembay ku cisoca bakatku seuseurian wae.. dintos lah carita selanjutnabanx thoyib ngomentaran:
luar biasa, karakter caritana kuat pisandedeng mulyana ngomentaran:
Tah dongeng anu kitu sae pisan. aya picontoeun ulah hayang mapanas batur. pedah sendal anyar.....he he he.........tatang s.a.s ngomentaran:
Sae pisan, ngahibur manah nu rungsinghadi elha ngomentaran:
Ngaraos mendakan pangbeberah manah,kanggo simkuring nu nuju mumara di nagara dengen........,caritana sesuai(B.Ind.)sareng judulna,lucuuuu.......Dede Darmawan ngomentaran:
ha ha ha hi hi hi lucu lucu pisan ha ha ha hi hi hiMaman Suryaman ngomentaran:
Nu mimiti ngodang hayang seuri teh timburuna ingkang caroge, puncakna mah sendal 'dirawatan' tukang dagang anduk. Mani ngalenggak,padahal macanana teh tabuh satengah dua wengi. Diantos ah carios sanesna.Budi Setiabudi ngomentaran:
aya keneh kitunya nu dagang......tp bari papalingUjang Sudarjat ngomentaran:
Resep mani rame caros teh !iwan ngomentaran:
ha.ha.ha.ha...teraskeun ah carita salajeungna....iwan ngomentaran:
ha.ha.ha.ha...teraskeun ah carita salajeungna....harryfakri ngomentaran:
hhaahaahahhaahKang Adit ngomentaran:
Karunya nya si akang, sendal weuteuh tur mahal ditukeuran ku anduk ? numatak ari nawis barang teh ulah sok teungteuingeun....ulah sok pikanyerieun hate nu dagang...jadi weh....hehehehehe...diatos carios lucu nu sanesna.........brewdani ngomentaran:
asa kasindiran.... tapi kuring mah tara bari nyabet sendal.... hehehesusi budiwati ngomentaran:
Kikikikkkkkk matakna mun nawis kedah jeung adeuh...nya kang!sihabudin jamil ngomentaran:
ha ha ha, diantos carios sanesna