PLTA Saguling Jeung Cirata Kiwari Jiga Taya Anu Malire
Drs. Aan Anwar Martadinata
Lian ti cai talaga keuna ku polusi, runtah anu rupa-rupa ti girang palid ka wetan terus ngulibek di talaga Saguling. Ku lantaran kitu panorama talaga anu mimiti ngemplang endah teh ayeuna mah geuleuh keumeuh katingalna. Tetela Saguling henteu luput tina runtah jeung polusi. Pulang anting ka Saguling kulantaran gede kanyaah jeung cinta, kaayaan lain beuki alus katingalna, bet kalah ka beuki kotor, matak sedih. Naha make sedih? Sabab sim kuring mah milu marajian lahirna talaga Saguling, milu ngurus jeung nalingakeun, milu bobolokot jeung hese capena. Komo mimiti ngagederna pangwangunan mah milu meres uteuk, tanaga jeung pikiran.
***
Pangpangna ceuk Aan nyanghareupan proses mindahkeun rayat anu tanah, imah jeung wawangunan sejen milikna kudu dipindahkeun. Ditambah kuma ramena waktu kudu ngabagikeun parurugi. Kumaha bubuh ripuhna... luar biasa. Ayeuna ukur wasa ngusap dada.... "Nyaah teuing Saguling!" Drs. Aan Anwar medar carita cintana ka Saguling jeung Cirata ka Mangle basa ngawangkong kamari ieu di panganjrekanana, paluhuran Bandung kaler wewengkon Cigadung, Komplek Unpad.
Ti mimiti ngararancang ngawangun PLTA oge, pamarentah, hususna PLN nu boga proyek rohaka ieu geus meredih ka konsultan geusan nyadiakeun ahli masalah lingkungan, ceuk Aan. Masalah lingkungan teh asup kana bagian tina studi.. ku kituna waragad nu diperelukeunana oge geus asup kana kajian Feasibility studina. Ti awalna keneh KLH (Kementrian Lingkungan Hidup) geus diilu biungkeun. Aan sorangan ti taun 1983 tepi ka 1987 kaselir jadi Kepala Bagian Humas jeung Lingkungan PLN Pitkidro Jabar. Taun 1996 tepi ka 1999 Ahli I Lingkungan PT.PLN (Persero) Kantor Pusat/PH Kepala Dinas Amdal Pembangkit Termal PT.Persero Kantor Pusat. Tepi ka pangsiunna jadi PH. Kepala Dinas Amdal Pembangkit Termal/Ahli Utama Muda II Lingkungan Divisi Lingkungan Direktorat Operasi.
Nurutkeun Aan Anwar alumni SMP Negri I Ciamis, studi analisa ngeunaan Dampak Lingkungan PLTA Saguling jeung Cirata mere sajumlah rekomendasi keur ngungkulan akibat negatip nu mungkin bae kajadian, jeung ngajurung nu pihadeeunana. Nu nguntungkeunana, PLTA Saguling ngahasilkeun kapasitas daya terpasang 700 juta watt jeung anu dihasilkeunana rata-rata 2.156 juta kilowatt/jam tiap taunna PLTA Cirata, kapasitas daya terpasangna 500 juta watt, energi anu dihasilkeunana 1.426 juta kilowatt jam tiap taun, tepi ka nambah daya jeung keandalan kana sistim listrik. Kitu dina awal operasina dua PLTA eta, ceuk Aan Anwar.
Loba Potensi Nu Kahudangkeun
Tadina mah Saguling bisa ngirit bahan bakar minyak rata-rata 647 rewu ton per taun. Cirata 428 rewu ton per taun. Ku ayana PLTA Saguling jeung Cirata teh saenyana loba potensi anu kahudangkeun. Di antarana sayagian cai di Saguling (waduk Jatiluhur) gede mangpaatna keur nyumponan pangabutuh cai beresih jeung irigasi. Kamekaran industri oge kahudangkeun, kitu deui usaha perikanan anu sohor disebut "Jaring Terapung" ka dieunakeun mah. Lian ti kitu sektor pariwisata oge kahudangkeun ngadadak gede, Saguling jeung Cirata jadi daerah tujuan wisata anu kadeugdeug. Lapangan gawe oge cukup loba, kari milih kana naon bakat calon pagawena. Ekonomi brayat ge kahudangkeun, ti nu gede tepi ka nu leutik.
Kulantaran Aan Anwar nyekel kawenangan dina masalah Lingkungan, kumaha bubuh ripuhna ngungkulan masalah lingkungan waktu Saguling jeung Cirata diwangun? Panjang lebar diungkabkeun, itung-itung mulangkeun panineungan jaman jadi Sangkuriang, pokna teh. Harita Amdal geus loba mere rekomendasi nu mangrupa upaya pikeun ngurangan akibat goreng tina pangwangunan PLTA Saguling jeung Cirata. Saran keur ngungkulanana liwat pamarekan holistik bari nyoba ngamangpaatkeun tiap potensi sumber daya alam nu nyampak malar mayeng langgeng fungsi waduknan kapake, diupayakeun oge supaya jadi sumber kahasilan anyar keur masarakat anu maratuh sabudeureun waduk rohaka ieu.
Nurutkeun Aan, pikeun ngungkulan masalah lingkungan anu komplek, hususna saperti waktu mindahkeun pangdumukan masarakat nu keuna nu proyek, dilaksanakeun ku Tim-Tim husus anu dibentuk ku pamarentah, lengkep jeung Tim Pembebasan tanahna. Ari ngungkulan masalah lingkungan mah nurutkeun Aan Anwar, gawe bareng jeung Lembaga Ekologi Unpad nu saterusna disebut PPSDAL Unpad (Pusat Penelitian Sumber Daya Alam dan Lingkungan) keur kapentingan studi analisis dampak lingkungan (Amdal).
Gawe bareng oge jeung Pemda Jabar, Kabupaten Cianjur, Bandung, jeung Purwakarta. Panalitian Hidrologi jeung Sedimentasi, gawe bareng jeung Puslitbang Air Departemen PU. Keur kapentingan studi manajemen usaha perikanan, gawe barengna jeung ICLARM (Internasional Center for Living Aquatic Resources Managemen) Manila Pilipina nu rempug gawena jeung PPSDAL Unpad. Gawe bareng oge jeung lembaga katut instansi-instansi sejenna deui.
Pokona nurutkeun Aan, ti mimiti ngecrokeun pacul munggaran di proyek dua PLTA, sagala rupana dipuseurkeun kana rencana gawe rohaka ieu. Numatak kacida reueus jeung agulna boga Cirata jeung Saguling teh pokna. Ayeuna da ceurik atuh ningal kaayaanana anu matak prihatin, jadi pamiceunan runtah saperti kitu, hate sedih campur nyeri. Ieu teh proyek mahal, rohaka disebutna oge, henteu dipigawe ku gaya Sangkuriang anu muhit para jin, tapi digarap ku sajumlah ahli sawidangna-sawidangna, dumasar kana teknologi canggih... naha bet ayeuna diantep jiga anu teu dipalire? Aan nyaritana bangun anu bener-bener sedih.
Geus 22 taun umur Saguling jeunjhg Cirata teh tepi ka ayeuna ceuk Aan putra Mantri Anwar di Ciamis teh. Mun jalma mah keur sumedeng gumasep lamun lalaki, gumeulis lamun wanoja. Tapi duh Saguling mah bet jiga anu mopo rempo, jiga anu teu dimumule dipiara, bet diantep sina kotor geuleuh keumeuh. Nurutkeun istilah Aan Anwar mah "The Diggest Septi tank in the world". Duka kumaha atuh geuningan masarakat ge kurang rumawat. Aan umajak ka siang saha bae pikeun milu ngajaga ngaraksa ngariksa hasil gawe rohaka para putra bangsa ieu sangkan langgeng mayeng mangpaatna, jadi kaagulan sanusantara.
Saha Aan Anwar?
Aan Anwar pituin uranbg Galuh Ciamis nu dilahirkeun di Desa Karangkamulian nu baheula mah Desa Sukamenak disebutna teh. Taun 1949 digantina jadi Karangkamulian teh. Aan kacida reueusna jadi putra Karangkamuliaan patilasan Sang Permana di Kusumah, Ciung Wanara jeung Hariang Banga (Aria Banga).
Jadi lempeng lamun ngalaman milu barisan Sangkuriang moderen ngabendung Citarum teh. Aan pangsiun ti PT.PLN (Persero). Sacara yuridis mah tos pangsiun pokna, tapi sacara de facto mah teu acan pangsiun. Nurutkeun Aan, pangsiun teh lain hartina sagala rupa aktivitas kudu eureun. Ari jagjag keneh tur sehat mah masih keneh bisa babakti nyumbangkeun elmuna keur kapentingan bangsa katut nagara, manjangkeun amal ilmiyah. Kana naon we neruskeun pangabakti mah, pokna.
Sabada pangsiun, Aan mah aktip jadi Konsultan lingkungan, hususna anu aya tumalina jeung lingkungan sosial. Lian ti kitu ngajar oge jadi Bapa dosen, kitu deui seminar-seminar. Sieun tereh pikun upami pangsiun teras cicing henteu aya aktivitas teh pokna. Aan Anwar anu rambutna bodas ngeplak sapertos almarhum Prof.Doddy Tisnaamidjaya, ti bubudak ngakuna geus resep hahariringan, diajar ngahariring jaman di SMA ku Pa Suwarna almarhum, guru sajarah jeung Basa Sunda.
Ari repok jodona jeung nu geulis Asye Asiah mojang Banjar Patroman. Diganjar opat asuhan anu palinter tur saroleh. Cikalna Astri mojang geulis sarjana Antropologi Unpad tos ngabaktikeun incu hiji keur Aki Aan. Nomer dua Airin sarjana hukum lulusan Unpad, jadi Notaris Airin mah, ngabaktikeun dua incu keur Aki Aan, ngumbara di Jakarta. Katilu Aldrin lulusan Geologi Unpad, nyandak S2 di St. Petter Rusia, ieu mah kajodokeunana ge ka urang Rusia. Bungsuna Angke lulusan Kedokteran Unpad. Putra kameumeut opatanana geus taramat ngulik elmu turta geus ngaganjar kabagjaan lahir batin ka Aan jeung Ibu Asye.
Aan Anwar mimiti nete karirna tina jadi dosen Antropologi & Sosiologi di Fak. Ilmu Pendidikan. Fak.Keguruan, Fak.Hukum, Fak. Ekonomi Universitas Sriwijaya Palembang. Terus jadi Kepala Biro III (PR III) Fak.Elmu Pendidikan Universitas Sriwijaya Palembang. Terus deui jadi Staf Peneliti Sosial Lembaga Ekologi Unpad, dosen Antropologi Fak.Sastra Unpad, Saterusna Staf Perencana Sosial ti PT. Turcon Jaya. Nya ahirna ngajleng ka PLN (Persero). Ti mimiti jadi Kepala Bagian di Bagian Masalah Lingkungan PT. PLN Pitkidro Jabar, terus Kepala Bagian Humas dan Lingkungan PLN Pitkidro Jabar. Saterusna jadi Kepala Kontrol Intern (KKI) PT. PLN (persero) Proyek Induk Pembangkit Hidro Jawa Barat.Saterusna, Ahli Lingkungan PT.PLN (persero) Kantor Pusat/PH. Kepala Dinas Amdal Pembangkit Termal PT.PLN (Persero Kantor Pusat. Pangsiun ti PT. PLN (Persero) Kantor Pusat tina kalungguhan PH. Kepala Dinas Amdal Pembangkit Termal/ Ahli Utama Muda II Lingkungan Divisi Lingkungan Direktorat Operasi.*** (HRS)
Katgam:
1. Drs.Aan Anwar sareng Ibu Asye
2. Sakulawarga
3. Runtah ngotoran PLTA Cirata
4. Karamba (jaring terapung) di Cirata.