Tue, 22-05-2012
Sajak

Sajak Ari Andriansyah

Pintonkeun di FB

Pangberokan
-Dani-


Sihung-sihung waktu ranggeteng ngegelan implengan
Sajeungkal-sajeungkal kerepes umur diruang rumasa
Breh, raratan carita ngepung watangan tineung
Di dieu ukur simpe
Di dieu ukur peteng
Karisi teuing ku lantip ngukuntit usik
Harepan leupas ti renghap ka renghap napas

2007

Panaruban

Sesa hujan masih keneh juuh di sapanjang jalan
Lalaunan geter angin ngadalingdingkeun ruruhit jempling
Beungeut lembur bangun langgeng diharudum halimun
Sedeng heab katiga geus lawas kiwari kari beueusna
Di antara lewang jeung kasimpe nu tigin ngaranggeum waruga
Lalampahan beuki lampar neangan sesa umur nu maluguran

Ka mana deui nya kudu lunta lamun mangrewu
Jarum jeung ibun ngincer tina unggal juru waktu?
Di dieu taya nu bisa kabaca, taya lalakon nu bisa dipedar
Ngan kakaler bet laligar tina renghap kana lengkah sasar
Cahaya kayakinan tinggal kalangkang nu samar-samar
Nyidem raheut reujeung peurihna nu tacan kungsi kaubaran

Sanggeus tuturubun nyorang leuweung kakeueung
Geuning anggang kalah manjang taya geusan pangjugjugan
Boa langit ge rek saendeng-endeng kelirna hideung
Duh, kuring hayang reureuh, hayang reureuh sakedapan
Bari geugeut nyeuseup mangpirang waraning kembang
Kembang ajal nu ngarandakah puseuring sukma

2008-2009
 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Yayan Sahindi ngomentaran:

Maca sajak basa sunda asa matak nyerep kana sukma,emh atuda di lampung mah dimana aya majalah basa sunda,estuning dipelosok alhamdulillah ku ayana majalah mangle online ieu kaubaran kakangen ka bahasa sorangan teh...

Vyerlla ngomentaran:

Sae, sanes Kang Ari upami unggal kajadian teu dikotretkeun mah. Bagea!

dewi sukaesih ngomentaran:

simkuring mah awam pisan ngeunaan istilah istilah sunda dupi panaruban teh hartosna naon......

Handi ngomentaran:

Sae... sab sastra teh kedah dimasarkatkeun supados masarakat oge mibanda rasa estetis, pikeun tarekah kanggo ngawatesan korupsi.... Mung hoyong terang teh kumaha ngintunkeun sajak dina Mangle Online ieu? Girang Rumpaka geura Waler atuh, kedah interaktif ulah nampi comment wungkul. Hatur Nuhun.