Patepung Dina Mangsa Ditundung
Ku Jejen Jaelani Wargadipura
Lebah jalan cagak, lengkah Isah ngarandeg. Panonna sajongjongan neuteup budak nu aya dina aisanana. Katempo rada pias, bangun nu gering. Gap tarangna dirampa, karasa rada panas. Curucud cipanonna ngalembereh. Batinna ngageuri, atina lir katurih ku hinis kapeurih. Raga lir keuna ku kawisaya alatan nu jadi salaki keur aya dina tega, kabengbat ku cinta nu bahe ti awewe urang Cihonje.
Lalakon imah-imahna jeung lalaki pangreremo indung bapana bet pukah kapegat ku gogoda. Dirina nepi ka ditundung ku nu jadi salaki. Deudeuh anaking, gerendeng atina bari ngusapan sirah budakna. Sing sabar Nyai, hidep keur keuna ku prihatin alatan nu ngayuga hidep keur aya dina jalan nu sasar....
Lalaunan sukuna ngalengkah deui. Lelembutanana kumalayang ka mangsa nu pinuh ku bagja. Enya mangsa bagja, najan kasebutna kapaksa, lila-lila mah teu burung aya rasa cinta, lalaunan asih weningna tamplok ka lalaki nu geus ikrar jadi salaki. Rasa bagja mimiti nyaliara, ngarandakah ngiuhan palataran raga katresna. Hanjakal, rasa bagja teh ngan sakolepatan, lir kilat nu ngenyay sajorelat. Nu kari ayeuna ngan ukur reueukna. Teu kasawang naha reueuk teh bakal nyingray atawa bakal terus jadi geblegan poek. Lalaunan leungeunna ngusap cimatana.
"Badak! Badak!"
Gebeg. Gigireun angkot Cibadakeun eureun.
"Cibadak, Bu?" tanya kenekna.
Manehna unggeuk. Kalacat naek. Gek diuk gigireun lalaki. Leungeunna deui-deui ngusapan tarang budakna.
"Har..., geuning Isah ieu teh...."
Gebeg. Direret, beuki ngagebeg.
"Eu... geuning Kang Asep...," tembalna rada peura, bari semu aga-eugeu kawas nu manggih kareuwas.
"Bade angkat ka mana?"
"Euh..., manawi bade ngalongok Embu..." tembalna. Bangun nu rada asa-asa rek ngajawabna teh.
"Euh..., ku kaleresan nya, na da Kang Asep ge bade ngalongok sepuh, tos lami puguh tara dilongok...."
"Euh... ari kitu Kang Asep ayeuna teh di mana?" pokna, bangun nu rada asa-asa keneh.
"Saprak Isah nikah ge Kang Asep mah terus ngumbara ka Bandung."
Manehna ngarenghap. Lelembutanana ngadadak kumalayang ka mangsa keur lalagasan. Inget keneh kumaha pasini jangjina jeung lalaki panyileukanana nu ayeuna aya gigireunana. Hanjakal pasini jangjina teh teu ngajadi alatan dirina direremokeun ku indung bapana ka lalaki anak jugala. Alatan kabongroy ku dunya, indung bapana tega megatkeun duriat nu jadi anakna. Teu bisa pajar kumaha, manehna kapaksa nurut kana kahayang nu jadi kolotna.
"Putra?" ceuk Asep, bari neuteup budak na aisan.
"Muhun!" tembalna laun, kawas samar polah.
"Bangun teu damang?"
"Numawi..., rada panas...," pokna, bari nyagap tarang budakna.
"Euh..., naha atuh angkat teh bet nyalira, ari tuang raka ka mana?"
"Eu... manawi..., maksad teh nuju dines ka luar kota...." Tembalna, ngabohong. Luk tungkul. Panonna neuteup budakna nu pias, dirina beuki samar polah.
"Euh..., tos sabaraha hiji bati teh?"
"Nembe ge hiji...."
"Har... geuning ancin...." ceuk Asep bari seuri.
Isah ngan ukur seuri, seuri maur. Aya niat rek wakca balaka, naon nu keur karandapan ku dirina, susuganan ari budal mah kanyeri kapeurihna bisa rada ngurangan. Tapi eta niat teh teu bisa kedal. Letahna asa beurat. Beurat ku itu ku ieu. Luk tungkul, jiga nu nyumputkeun jerit atina. Nyumputkeun ulat alum nu pinuh ku ngungun wuyung. Najan enya dirina geus ditundung, dirina masih keneh sah pamajikan lalaki nu ngarana Dudung. Hade goreng ge salaki, dirina kudu tetep gumusti, kudu tetep pengkuh sumujud, kudu tetep ngajaga kahormatan nu jadi salaki.
Enya, naon mangpaatna rusiah rumah tanggana diucah-aceh. Najan enya, lalaki nu aya gigireun dirina kungsi mikanyaah jeung dipikanyaah, tetep we ayeuna mah geus lain-lainna deu. Dina dibejakeunana ge boa matak seuri ngera-ngera. Najan enya lain kahayangna, lalaki nu aya gigireunana teh kungsi dinyenyeri, boa kanyerina teh manjang alatan terus nyayang.
"Ku naon, bet sapertos nu teu damang Isah mah?"
"Eu..., numawi rada rieut..."
"Euh..., biasana, upami putra teu damang, ibuna ge sok ngiring teu damang...."
Deui-deui manehna ngarenghap, beuki alum, beuki nguyung. Deudeuh anaking..., batinna beuki ngageuri. Ku naon atuh bapa hidep teh bet ngumbar napsu... Gusti... horeng, Kang Dudung teh mung saukur meredih amisna asih jisim abdi. Ikrar mangsa dirapalan teh ngan saukur lalambe. Duh Gusti... mugi Anjeun masihan kakiatan ka jisim abdi..., mugi Kang Dudung sing enggal sadar tina laku lampahna.... Lalaunan leungeunna ngusap deui cimatana bari terus ngusapan tarang anakna nu nyebret panas.
"Eu.... Ku naon bet nangis?"
"Eu... ieu manawi, teu kiat ku rieut...," tembalna laun bari terus mencetan taarna.
"Euh..., Pir!" ceuk Asep bari ngageroan ki Supir.
"Aya naon, manawi?" tembal Ki Supir bari angger neuteup ka hareup.
"Daek teu nganteurkeun ka Lembur Cisompet..., aeh di Cisompet keneh ibu rama Isah teh?"
"Eu..., sawios atuh Kang!"
"Hih ari Isah, ti Cibadak ka Cisompet teh tebih, kana ojeg mah kuriak ragrag, hawatos ka putra..." ceuk Asep, daria pisan. "Ke sabaraha Pir?"
"Pasihan we atuh dua puluh lima mah...!"
"Enya, asal nepi ka hareupeun imah we...!"
"Ih atuh kantenan we, Pa...!" tembal Ki Supir bari seuri.
Isah ngarenghap. Reup peureum. Lelembutanana kumalayang ka mangsa bihari, ngadon nyukcruk lalakon nu geus lawas, ngadongkang jirim asih nu teu ngabukti. Inget keneh basa dirina wakca balaka alatan indung bapana ngareremokeun ka lalaki anak nu jugala, nu ayeuna keur kapengpeongan ku awewe urang Cihonje, nepi ka luas nolas nundung dirina.
"Kumaha atuh Kang?" pokna dareuda.
"Muhun, kedah kumaha deui atuh..." tembal Asep rada ngageter. "Kasebatna ge sepuh, hade goreng ge sepuh, moal aya sepuh nyilakakeun putrana. Matak kitu ge panginten tos katoong bagja dunya aheratna upami Isah ngajodo sareng pameget pilihanana... Leres, rupina parantos katoong, upami Isah ngajodo ka Kang Asep moal nyandak bagja ka sadayana...."
Luk manehna tungkul. Naon nu dikedalkeun ku Asep bieu, bet kawas nu ngajejeleh dirina, Kawas nu ngajejeleh indung bapana. Enya, ku naon atuh indung bapana teh bet pidunya pisan. Sagala rupana teu weleh diukur ku baranyayna dunya.
Seuneu asih nu kungsi ditiupan nepi ka hurung, bet ngadadak kakalicesan katebak ku heabna dunya. Nu disawang asih teh baris langgeng dina ati, behna mah ngan saukur ngalalar bari ninggalkeun panineungan. Lamunan bagja teh ngan saukur implengan, alatan kandeg, kasapih ku kahayang nu jadi indung bapana. Asih wening nu diimpleng bisa ngadalitkeun dua jirim pikeun ngambah sagara rumah tangga bari dibarengan ku jangji sapapait samamanis teh, antukna bolay alatan dirina kapaksa kudu cidra subaya, cidra alatan kapaksa nurut ka nu jadi indung bapana.
Pruk jeung Dudung, lalaki pilihan indung bapana. Sataun dua taun mah ngawayahnakeun maneh, najan taya tresna, tapi ku dilalanyahan, teu burung aya rasa nyaah. Komo sanggeus salakina nempokeun kasabaranana mah. Rasa cua saeutik-saeutik kalindih ku rasa welas, nu antukna ngeclakeun rasa nyaah. Kembang-kembang asih, ngajadi buah nu mawa nyaah, najan teu meuhpeuy, tapi saeutik-saeutik geus bisa nitis galih sanubarina.
Lalakon rumah tanggana geus mimiti nyaynyayan, nyaangan jalan kahirupan jeung nu jadi salaki pangreremo indung bapana. Mapay-mapay asih bari mipir-mipir ngeumbing tali wanci, ngotektak kanyaah bari mapay muntang tambang mangsa, teu burung tumuwuh dina raga nu sadrah sumerah bari dibarengan ku sumungkem masrahkeun diri. Dua jirim mimiti ngahiji, gumulung nu antukna ngagelarkeun turunan, dina wujud jimat pangangreud imah-imahna.
Hanjakal, sanggeus turunan gelar ngaramekeun rumah tanggana, kaasih nu dibarengan ku kanyaah, nu hese meunang hese beleke naratas, ayeuna peunggas alatan tangkayan nu geus jadi nyawana, kagembang ku kembang dodoja, bari ninggalkeun pisin gede nu pinuh ku liwung wuyung marengan ati nu ngageuri.
"Sah...!"
Gebeg.
"Tos dugi...!"
"Euh..." pokna bari ngalieuk ka palebah imah indung bapana. Bari menerkeun aisan anakna, manehna cengkat nuturkeun Asep nu geus turun tiheula.
"Euh... Cobi eta tasna ku Akang..." ceuk Asep.
"Lah, sawios... da teu abot..." ceuk Isah bari ngalengkahkeun sukuna. "Aeh, leres, calik heula, Kang!"
"Euh..., lah sawios..."
"Calik heula, cai-cai heula..., piraku teh bilih..."
"Bilih Abah sareng Embu bendu...?"
Asep unggeuk bari seuri.
"Moal, moal bendu..." tembal Isah bari imut nyumputkeun kanalangsana. "Aeh, na bet janten ngobrol di sisi jalan, calik heula, Kang, moal-moal bendu Abah sareng Embu mah..."
Isah ngarenghap bari ngalengkahkeun sukuna dituturkeun ku Asep.
***
"Nuhun Jang Asep, parantos kersa ngajajapkeun pun anak...." ceuk Bah Anin, daria pisan.
"Euh..., sanes ngahaja jajap, mung kaleresan we tepang dina mobil, katingal bet sapertos nu teu damang." tembal Asep.
"Sanes sapertos deui, da memang leres nuju udur Isah teh, gering lahir gering batin."
"Maksad Abah?" ceuk Asep, bari kerung.
"Lah, nyaeta atuh, Abah nu salah mah.... Tadina mah hayang nempo nu jadi anak bagja, ari heg bet kalah dinyenyeri...."
"Eu..., ke bet janten teu ngartos abdi mah." tembal Asep, beuki kerung.
"Kieu saleresna mah, Jang, Abah rumasa salah, salah pisan, ngareremokeun nu jadi anak, satadina mah hayang nempo nu jadi anak pinanggih bagja, ari heg bet pinanggih sangsara, lahir sangsara batin..." ceuk Bah Anin, bari ngarenghap panjang.
"Maksad Abah?" Asep beuki kerung.
"Horeng, bagja teh lain ku dunya barana...." ceuk Bah Anin, bari ngarenghap panjang. "Aeh, ari bojo Jang Asep urang mana?"
"Bojo?" tembal Asep bari seuri.
"Har na kalah gumujeng..."
"Numawi Bah, abdi mah teu pajeng, saprak Isah nikah ge abdi mah teras ngumbara ka Bandung, eta ge aya ari kahoyong mah, maksad teh kahoyong rarabi, namung nyaeta atuh, ginggiapeun keneh..."
"Ginggiapeun kumaha ari Jang Asep?"
"Numawi sok sieun dinyenyeri deui...."
"Eum ah, ari tos nyindiran teh." tembal Bah Anin, seuri maur.
"Sanes nyindiran, abdi mah nyarios saleresna," tembal Asep, daria pisan. "Aeh, leres, kumaha nu saleresna rumah tangga Isah teh, Bah?"
"Lah, numawi Jang, Abah teh keuna kana paribasa, moro julang ngaleupaskeun peusing... Abah asa dosa ka Jang Asep teh, megatkeun duriat nu jadi anak, ngudag-ngudag dunya, ari geus laksana bet kalah nu jadi anak sangsara...."
"Maksad Abah?"
"Nyaeta salakina Isah teh nyolowedor, nyeleweng ka nu sanes."
"Euh...."
"Bieu ge diguliksek, cenah ditundung...."
"Ditundung?" tembal Asep, bangun nu reuwas.
Bah Anin unggeuk.
"Na da ka abdi mah nyariosna carogena teh nuju dines ka luar kota."
"Lah, nyaeta atuh, bieu ge mun teu dipaksa wakca mah nutupan we kana kasalahan nu jadi salakina. Lah nyaeta atuh, dosa Abah teh." ceuk Bah Anin ,bari ngarenghap panjang, kawas nu ngaleupaskeun bangbaluhna.
"Masya Alloah...,"
"Nu matak, abah mah geus gilig, sina diserahkeun we anak Abah teh, hade goreng ge anak Abah, ari dikakaya mah Abah teh teu suka...."
"Bawiraos pangemut abdi mah, Bah, sateuacan nyandak kaputusan kitu, langkung sae geuing heula nu janten carogena teh, mamanawian tiasa keneh salamet rumah tanggana."
"Ari Jang Asep, digeuing mah kurang kumaha, tapi nyaeta atuh... nu kapengpeongan ku awewe tea, sok noyod."
"Euh..."
"Nu matak, hampura Abah jeung Embu, rumasa Abah dosa, geus megatkeun duriat Jang Asep."
"Ari Abah, sawangsulna abdi, ulah nya kirang-kirang ngahapunten..."
Bah Anin ngarenghap.
Jang Asep ngarenghap. Teu nyangka mun urut bebenena bakal nandang tunggara. Dibabade bakal meunang bagja bet kalah meunang sangsara. Dibabade bakal senang bari ngahenang ngahening, behna mah lalaki pilihan indung bapana aya nu maling.
Horeng hirup teh teu beda ti ngudag-ngudag kalangkang heulang, lir ngimpi nu teu ngabukti. Neang bagja alatan dunya barana, nu kapanggih ngan saukur wewengkon poek mongkleng alatan manusa babari katambias kana jalan nu sasar.
Cara salaki urut bebenena, nu sakuduna jadi pananggeuhan tangtung kujur, bet poho kana kujur. Poho kana purwadaksina, poho kumaha wiwitannana. Dunya barana nu jadi pananggeuhanana, bet kalah mawa kana jalan nu sasar.
Horeng dunya barana mah mun teu bisa mawa jeung ngamangpaatkeunana, ngan saukur lambang kaadigungan manusa, nu bisa mawa kana kasarakahan, antukna lengkahna katambias, linglung teu puguh juntrung.
Asep ngarenghap panjang. Panonna neuteup Bah Anin. Deui-deui Asep ngarenghap. Ras ka Isah, hatena ngahelas. Teu nyangka mun urut bebenena, nu ceuk manehna geulis luar jerona, geulis lahir batinna, bet kudu nandang kanyeri ti lalaki nu leumpeuh yuni.
Gusti..., mugi Anjeun masihan kakiatan..., gerentes Asep bari ngarenghap panjang.
***
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaJaja Subagja ngomentaran:
Sae na kumaha nya sikep Kang Asep? Jalmi anu soleh sareng idealis?Yaya Sunarya ngomentaran:
Ku sami pisan carita teh sareng lalakon sim kuring, mung bentenna urut bebene-sim kuring mah milih pameget itu teh kusabab kapaksa....tos reuneuh !!Neni Ratna Yuliani ngomentaran:
Parantos lami teu maca carpon Pa Guru (abdi murid Bapa waktos di SMP Sukaraja, lulus taun '89). Sapertos biasa, setting carpon Pa Guru tara tebih ti wewengkon Sukabumi. Awal carios atos nyebatkeun Cibadak. Sapertos biasa deuih, cariosna ngaguluyur, boh carios roman sapertos di luhur, atanapi carios anu sanesna, sok matak pogot, diantos carpon anu salajengna.kam aep walini ngomentaran:
muhun kitunamah nya,tapi ringkes namah mugia nyandak hikmah nu saeWa Agus Jatihandap ngomentaran:
Sae pisan, kataji ku babasana, seueur pulunganeunana. Merele hade, runtuy ngarenda rasa.Kang Nana Subang ngomentaran:
na jadi ras emut ka carita hirup kuring..ieu tehDODO MURTADO ngomentaran:
mun jadi asep, ulah kagog nya bela,lanjut terus....tatang suwardi ngomentaran:
alhamdulillah sae pisan carpon nauranglembursingkur ngomentaran:
sedih pisan euySaepudin Mukti ngomentaran:
kabujeng wengi teu kantos kaaos ....Lisnong ngomentaran:
aya keneh kitu mangsa kiwari anu sapertos kang Asep...?andi ngomentaran:
lalakon hirup, nu kedah janten panggeuing ka sepuh sepuh sadayanamang tahya ngomentaran:
"Haramjadah tah salakina neng Isah,...mun amprok pinasti diwejek. Najan geus aki-aki oge sanggup keneh nyanghareupak lalaki purunyus pantar kitu mah. Dasar atah adol...!!!" ceuk kuring, ambek. Kadenge si nini nembalan ti dapur "Dasar aki-aki tujuh mulud, boroning nyanghareupan salakina neng Isah, dalah kateumbrag hayam oge apanan rubuh!". Kuring bati nyengir...heheheheheeeeWawan Setiawan ngomentaran:
Cobi manawi aya dongeng anu sabalikna, pamaget anu dinyenyeri ku istri....Rubiantara Akbar Zain ngomentaran:
Hor... naha atuh Abah teh, bet ngudag-ngudag kalangkang heulang,... Sapertosna Isah tikahkeun wae ka Asep h..h..h.. Sapertosna upami didamel Drama sae ( kenging teu upami dipintonkeun )yayat saefullah priadi ngomentaran:
asa nalipak ka diri sorangan. hapunten gusti, abdi hapunten.sumanta ngomentaran:
naha geuning carpon sunda mah lolobana eusina ngenaan kasedih, langka carita sunda nu eusina ngenaan politik, filsafat, teknologi, tasawuf, jeung nu sanesna nu sifatnya pencerahan, ulah ngan ukur ngagugulung wae kasedih jeung kanalangsaan,biaz ngomentaran:
panginten saena mah nyuhunkeun di pirak bae, sok sanaos pipirakan teh Nabi teu resepYADI supriadi wendy ngomentaran:
Alah Asep tong asa-asa deui, geura pruk bae tikah tah Nyi Isah teh. Ngarah nu maca puaseun....!pedro kawentar ngomentaran:
daun nona daun saga teu ayeuna sugan jaga jang asep...!!!Robi Ramdani ngomentaran:
sok emut ka waktos kapungkur.emut ka diri anu kantos ngalaman janten kang "Asep"na.geuning kitu,Sabar........achmad kadarsah ngomentaran:
Karunya.. nya ka kang asep . Milarian deui we lah kang asep anu geulis.cenom ngomentaran:
Muhun, lalkon hirup. Teu istri teu pameget ari tos kagoda ehm.... (jempol kangge pangarang, maca ieu carpon janten asa ngiring lebet dina carita). nuhun...-wawan irawan ngomentaran:
Pieunteungeun ka kolot nu boga budak awewe, poma ulah kabongbroy ku pangbibita dunya. Dina ngajodokeun budak sakuduna muntang ka Nu Maha Welas, istikhoroh bari sumujud dina kerepna tahajud.Juju Ciamis ngomentaran:
Karunya teuing Neng Isah teh...mila karmila ngomentaran:
beuh...nasib awewe ku goreng pisan nya...ayi nurwandi ngomentaran:
hawatos ceu isah, carita tos katebak sateacan dibaca, termasuk ending na