Awewe Palebah Imah nu Hieum (1)
Ku A. Sundira
GEUS dua puluh taun, eta imah angger keneh siga baheula. Euweuh nu robah. Geus karuhan ari perenahna mah, lebah pengkolan, rada anggang ti imah-imah nu sejenna. Pagerna geus pinuh ku lukut, kentengna geus semu hideung, pakaranganana hieum ku tatangkalan nu teu kaurus. Tangkal mahoni sagede beuteung munding ngajungkiring gigireunana. Baheula ge asana kitu.
Model imah beh ditu, teuing mun dijieunna jaman Walanda. Di lebah dinya mah geus euweuh bangsana. Boh dedeganana, boh hieumna. Peuntaseun eta imah, kahalangan ku jalan raya, kebon eurih ngajejembrung. Teuing tanah nu saha, bangun nu ditambelarkeun. Padahal tanah di sapanjang jalan raya rereana mah geus diadegan wawangunan, boh imah, boh toko.
Angger tiiseun, siga dua puluh taun ka tukang, basa kuring sok ngaliwat ka lebah dinya. Harita teh masih keneh digawe di Bandung. Bulak-balik kana motor. Ari inditna mah, tara ieuh nitenan kaayaan eta imah. Henteu pati katembong geueuman deuih, da isuk-isuk. Ngan balikna-sok meuntas magrib wae-make jeung pangangguran rarat-reret. Ukur kitu we, nitenan tina motor. Wantuning jalan kacamatan, tara pati rea mobil nu ngaliwat, komo kacaturkeun macet mah.
Persis lebah tanjakan nu nikung, eta imah teh. Geus remen ti baheulana, di eta tikungan, sok rea nu cilaka, pangpangna mobil treuk gede nu ngelos eremna. Da harita unggal ngaliwat teh, meusmeus aya mobil tijungkel ka kebon cengkeh lebakeun jalan.
Ayeuna, eta imah katembong deui, dumeh peuting ieu, palebah tanjakan nu nikung tea, mobil kuring mogok. Nya kira-kira 20 meter ti eta imah. Wanci geus nyerelek ka tengah peuting. Sorangan deuih.
Keur naas kitu mah, da mani euweuh nu ngaliwat. Paling treuk baradag, kitu ge teu nitih sapuluh menit sakali ngaliwatna teh. Keueung, keueungna mah. Lain keueung ku jurig, ngan sok sieun aya jelema jahat, mangkaning dina mobil rea pakakas penting.
Geus dicobaan dioprek, mobil teh teu daek hirup. Nelepon babaturan, na da mani euweuh nu diangkat, teuing keur kamarana, atawa geus sarare kitu? Ari nelepon pamajikan mah enggeus, ngan piraku pantar awewe wayah kieu kaluar ti imah, nyampeurkeun kuring. Jeung asa euweuh gunana we, paling ge indung barudak mah nambahan geumpeur. Ngan papadon we ka pamajikan teh, mun bisa mah geuning Mang Ija, sina mawa motor nepungan kuring lebah tanjakan.
Tungtungna mah ngadayagdag kana korsi mobil, bari melong ka nu hieum. Untungna teh teu meredong teuing, aya bulan nyaangan najan reyem-reyem. Enya, tapi sabada dirasa-rasa, cahaya bulan teh bet asa mawa nuansa mistis. Geura we, eta imah nu heubeul tea, katembong ngajungkiring hideung, ngabentuk siluet nu mungguh matak serem. Bet jadi inget kana pilem-pilem horor, nya imah model kitu geuning nu sok dipake gambaran tempat panyicingan sabangsaning lelembutan teh. Komo ieu mah imah kosong.
Nyobaan ngabalieur ka sejen tempat, tapi aneh bet hayang ret deui ret deui ka dinya. Da sirah teh lir aya nu marieuskeun atuh, ngarah panon kuring manco ka eta imah. Tah, sanggeus sababaraha kali ngareret, titingalian teh, di buruan eta imah, aya nu ngajanteng. Buukna ririaban katebak angin peuting. Ka handapna mah teu pati katembong, da kahalangan ku jujukutan.
Nilik kana buukna nu ririaban mah, nu ngajanteng teh awewe. Nya rada kerung we saeutik mah, ku naon wayah kieu aya jelema ngajanteng di dinya. Euweuh kasieun tayohna teh.
Nu matak ngagebeg, eta awewe teh bangun nu nempoeun ka kuring, da katembong siga nu ngagupayan. Hoream teuing kudu nyampeurkeun mah, ceuk hate. Beu, eta manehna kalah leumpang, mani bangun ati-ati nyuaykeun jujukutan nu ngahalangan titincakan. Leumpangna, muru ka kuring.
Nyobaan mindahkeun reret. Biasana cenah, mun eta jurig, ari direret deui teh sok geus ngiles. Tapi ieu mah angger aya keneh. Keur leumpang. Muru ka kuring. Ti dinya kaludeung teh pindah rasa jadi keueung. Ah, naha ketang. Make keueung. Mun nu kitu jurig (tapi da kuring mah can kungsi jeung teu percaya kana jurig bungkuleukan teh), asa can kacaritakeun aya nu maot ku jurig. Mun eta jelema, piraku deuih kudu sieun ku pantar awewe. Nya ku begal onaman, aya we kaseber mah.
Jog manehna ka lebah panto mobil. Najan reyem-reyem, katembong manehna teh ngoro keneh. Umurna kira-kira 20 taunan lah. Mojang keur meumeujeuhna sigana.
"Ku naon, Pa, mogok?" pokna, kadenge sorana ti luar rada hawar-hawar.
"Mu... muhun Neng..." rada ngageter ngajawab teh. Lahlahan nekad mukakeun kaca mobil. Beuki atra ayeuna mah kana beungeutna.
"Linggih heula atuh di rorompok. Tiris dina mobil mah. Ke manawi enjing mobilna leres deui..."
Imah? Di mana kitu imahna? Manehna siga nu surti kana kahemeng kuring, da gentak ngajawab deui. "Pan itu teh rorompok..." cenah bari nunjuk ka imah nu hieum tea. Gebeg teh. Sakanyaho pan eta imah kosong. Jeung mun enya manehna jelema, aya ku ludeungan cicing di imah nu sakitu poekna. Teg curiga ka nu lain-lain.
"Hayu Pa, bilih bade reureuh heula..."
Teuing ku pangaruh naon, eta kuring bet ka luar tina mobil, leumpang nuturkeun maneh, nyuay-nyuaykeun jujukutan. Manehna leumpang ti heula. Katembong buukna jeung bajuan ririaban katebak angin. Ditempo sukuna. Napak.
Imah teh badag kacida singhoreng. Meh unggal poe kuring ngaliwat ka lebah dieu, kakara ayeuna ngadeukeutan eta imah. Beuki deukeut beuki katembong geueumanana. Tembokna geus pinuh ku areuy, lukut, jeung sabangsaning tutuwuhan. Dina terasna estuning barala, kalakay ngampar saincak-incak.
Bus ka jero. Sarua deui paroek.
"Ke urang nyeungeut heula lilin. Malum abdi mah biasa mopoek..." pokna. Manehna gupuy-gapay ka juru. Teuing kumaha carana bet bisa ngahurungkeun lilin.
Katembong aya korsi butut di rohangan tamu teh. Sarua barala. Teu kaharti, awewe teh mani teu rapekan pisan. Mani embung nyapukeun.
"Ah abdi mah kieu we Kang. Nyorangan ngeueung di dieu. Saneh teu hoyong natanggi, mung teu kiat arisin." pokna, make jeung nyebut Akang sagala ayeuna mah.
"Naha bet arisin?"
"Muhun, bilih disangka jurig, hihi. Malum nyicingan bumi sapertos kieu..."
"Tos lami linggih di dieu?"
"Ti barang lahir ge tos di dieu, Kang... Betah puguh..."
"Teu sieun?"
Manehna gideung. "Ah, naha make sieun."
"Ari tuang rama sareng tuang ibu di mana?"
"Duka, teu terang ...."
"Har? Piraku ti orok nyalira?"
"Leres. Pan kieu kawitna mah. Abdi pan di lahirkeun di dieu, wengi-wengi. Tuh, di patengahan, palebah juru. Tos abdi lahir, pun biang mah duka teras angkat ka mana. Dugi ka ayeuna teu ngelol deui. Nya abdi teras bae hirup nyalira satiasa-tiasa..."
Kuring teu burung kerung.
"Tiasa geuning?"
"Nya tiasa, Kang.... Oh muhun, bilih palay kopi, urang ngadamel..."
"Ah wios teu kedah..."
"Nya ti kawit abdi di dieu, sok aya bae nu bade ngarencangan teh, ngadon dilahirkeun di dieu. Mung nu sanes mah maraot Kang. Janten mung abdi nyalira..."***(Hanca)
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heularestu ngomentaran:
Waah panasaraann *_* hoyong enggal maca terasannana..Budi Setiabudi ngomentaran:
lumayan keueung....nuju nyaliraHendra Gunawan Pojex ngomentaran:
Wah...., mun pribados rupinamah moal keresa, kedah ngahaja lungsur heula...., wios bedo we lah...!Suyatna S. ngomentaran:
Kantos maca carita ieu teh dina Daluang.com,namung nu itu mah buah karyana Dadan Sutisna. Rupina A.Sundira teh sandiasmana Dadan Sutisna,leres kitu ?