Dedi Mulyadi, SH Pupuhu Cabang Paguyuban Pasundan Kabupaten Purwakarta
Konsolidasi, bebenah organisasi mangrupa hal nu kacida pentingna dina awal mancen tugas. Sabab, kondisi organisasi anu kondusip mangrupa modal utama nu baris ngawarnaan kumaha kahirupan organisasi saterusna.
Kondusifna organisasi, ditangtukeun ku karancagean jeung kabinekasan anu jadi pangurusna. Salasahiji karancagean jeung kabinekasan nu dipentes ku Pangurus Cabang kaasup Dewan Pangaping nyaeta ngawangun pamarekan di cabangna sewang-sewangan. Ku karancagean, kabinekasan jeung kawangunna kamitraan, Insya Allah Paguyuban Pasundan di wilayah cabang nu aya di Jawa Barat-Banten-DKI jeung daerah daerah sejenna baris katara ayana tur karasa mangpaatna.
Kitu biantarana Ketua Umum PB. Paguyuban Pasundan H.A. Syafei basa ngistrenan Dewan Pangaping katut Pengurus Cabang Paguyuban Pasundan Kabupaten Purwakarta mangsa bakti 2008-2013, Rebo 17 Juni 2009 di Pendopo Kabupaten Purwakarta.
Kamitraan jeung pihak luar, H.A. Syafei ngeceskeun kalintang pentingna. Tapi kamitraan di jero oge lain hartina misti dimomorekeun. "Kamitraan pangurus cabang, pangurus anak cabang, katut unit garapan nu aya di Purwakarta sanes hubungan atasan sareng bawahan. Tapi ,isti jadi hubungan mitra damel, nu kedah silih untungkeun. Cabang Purwakarta parantos gaduh unit atikan (SMP, SMA, sareng SMK Pasundan) nu tiasa diajak geusan pakumaha," pokna.
Tumali jeung istrenan eta, saur H.A. Syafei kalayan asmana Pengurus Besar Paguyuban Pasundan ngarasa bungah tur reueus rehna papayung Kabupaten Purwakarta Bapa Bupati, Kang Dedi Mulyadi, S.H., keresa langsung mupuhuan katut nyesepuhan Pengurus Cabang Paguyuban Pasundan Kabupaten Purwakarta. Kailaharanana mah, saur H.A. Syafei deui Bupati atawa Walikota, di unggal Cabang Paguyuban Pasundan kalungguhanana teh Ketua Dewan Pangaping. Di Purwakarta mah Bapa Bupati teh langsung ancrub kana tehnis operasional, nyesepuhyan anggota pengurus nu sanesna.
Ka sakumna pengurus anu anyar diistrenan, Pangurus Besar neundeun harepan sangkan kapercayaan anu diamanahkeun ku para anggota di cabang ulah dimomorekeun, masing bisa nyubadanan harepan para anggotana. "Lengkah sareng kiprah para saderek kedah ngindung kana kaputusan kongres ka-40 sareng kana kawijakan Pengurus Besar mangsa bakti 2005-2010. Saha bae nu janten Pengurus Besar-na, kawijakan kedah janten cecepengan enggoning nyumponan amanah para anggota di cabang," saur H.A. Syafei tandes naker.
Ngawewegan solidaritas kasundaan.
Kapunjulan urang Sunda sangkan teu kadeseh ku bangsa deungeun, H.A. Syafei nandeskeun urang kudu caringcing pageuh kancing, sareundeuk saigel ngawewegan solidaritas kasundaan. Carana, nya ku guyubna masarakat Sunda, kaasup urang sadayana. Kacapangan buruk-buruk papan jati, mangrupa kacapangan anu mintonkeun bedasna solidaritas kasundaan. Hade goreng oge dulur sorangan, kedah pada ngarojong, kedah dibelaan, kedah ditulungan. Goreng-goreng oge budaya sorangan, kedah pada ngarojong pada ngarawat, diraksa didama-dama. Ulah cenah diantep sina cilaka, atawa diantep sina tumpur. "Upama galura abad kasajagatan ngagulidag pisan dugi ka masarakat Sunda ngalengleong kabawa palid, atuh Paguyuban Pasundan sareng wargana mah kedah tagen. Ku kituna urang misti pengkuh kana jatining adegan, tukuh dina galuring udagan.
"Lamun kamari urang pajauh,
Ayeuna urang deukeutkeun,
Geus deukeut urang layeutkeun,
Urang paheut ngajugalakeun jeung ngawaluyakeun
Paguyuban Pasundan"
Ti ayeuna hayu urang sasarengan miang kana tataran nu panjang, nanjung dina tuturus nu luhung, urang tandang makalangan, nuluykeun anu geus dumuk, tuluykeuneun anu isuk. Kitu harepan Ketua Umum PB. Paguyuban Pasundan.
***
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaLili Rosadi ngomentaran:
ulah jiga urang asli sumedang eleh patandang ku urang seberang Sumedang mangsa nu katukang beda,,kiwari loba nu patandang lain ti baraya urang loba nu mika hayang tapi...taya pajoang ...anu bisa mawa sangkan gumilang Kamarana urang Sumedang?? insun medal !!!adangheri ngomentaran:
Mugi ulah kasindiran ku laguna Doel Sumbang Urang Sunda kamarana ? Urang Sunda dimarana ? Urang Sunda Urangmana ? Urang Sunda Anjeun saha ? Naha ngan saukur nungeusian pulau jawa Naha ngan saukur lalajo bari kumetap Gancang geura hudang buka ceuli buka mata Geura tembongkeun Urang Sunda oge bisa Tembongkeun urang ge bisa mela nagara Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa Lain saukur bisa unggeuk jeung kumawula Si Kabayan urang Sunda Urang Sunda lain si Kabayan Si Kabayan urang Sunda Urang Sunda ulah jadi si Kabayan Anu karesepna nganukur ngagere cueli Anu karesepna nganukur heuay nundutan Anu karesepna nganukur diuk ngalamun Atawa calangap ngitungan bentang dilangit Mun urang kabeh reueus jadi Urang Sunda Pikiran deui naon nu di pikareueus Lamun urang Sunda kabeh jadi si Kabayan Kuring melang hiji waktu urang bakal ..... Sukses Pak Bupati kedah gilig manah leber wawanen pikeun nanggeuhkeun kasundaan sareng ngalestarikeun budaya Urang Sunda.......kabayan ngomentaran:
cing dulur-dulur pang nepikeun kanu ngageugeuh daerahna conto tah heuheuy deuh..... da model kuring mah pamohalan bisa ngageroh rahayat paling oge tutut disawah bari disawang tina galengan da sieun jero ari ancrub mah.....