Babaung Ajag (17)
Ku Dede Syafrudin
"Mang Iding! Kaluar!" ujug-ujug bae kapireng sora nu cocorowokan di luar imah Mang Iding.
Korejat Mang Iding hudang, tuluy gigisik. Ret Mang Iding kana panto, katembong nutup. Mang Iding rurat-reret, bangun aya nu diteangan. Tapi di imah teh ukur aya manehna sorangan. Euweuh Ceu Dedeh, euweuh Ceu Nenah....
"Iding!" nu di luar nyorowok deui.
"Euy!" Mang Iding nembalan.
"Kaluar siah, urang balitungan jeung aing!" pokna deui.
Mireng anu cocorowokan kawas kitu, kontan bae amarah Mang Iding hurung. Mana komo manehna apal pisan yen eta teh sora Kang Asruh. Kuniang Mang Iding cengkat, asup ka kamarna, teu lila kaluar deui bari ngajingjing bedog. Tuluy mukakeun panto kaluar.
Di luar katembong Kang Asruh keur ngabedega, nulak cangkeng di buruan imah Mang Iding. Sababaraha urang tatanggana, pangpangna barudak leutik, rogrog ngalalajoan. Nempo Mang Iding kaluar ti imahna, ngan gantawang bae Kang Asruh nyarekan.
"Gara-gara silaing aing jadi nandangan wiwirang. Urang dieu kabeh ngajejeleh aing, pajarkeun aing nu ngareuneuhan Dedeh. Padahal aing ge nyaho, sabenerna silaing anu boga hadasna. Hayoh geura ngaku, meupeung di dieu keur rea jelema!" pokna, dibarung ku tutunjuk.
"Aeh-aeh, ku cucungah budak teh, datang-datang cocorowokan siga jalma owah! Sugan kudu dibekem ku ieu yeuh!" serepet Mang Iding ngalugas bedog tina sarangkana. Tuluy leumpang ngagidig nyampeurkeun Kang Asruh.
Untung bae tina sawatara urang jalma anu keur rogrog di eta tempat aya dua urang anu rikat ngahalangan Mang Iding. Nu saurang newak awak Mang Iding bari ngadengkek beuheungna. Nu saurangna deui ngetig leungeun Mang Iding nepi bedogna leupas.
Kang Asruh ge sarua, pada ngarejengan ku urang Kampung Lebakhaur sejenna. Disered, dibawa ngajauhan imah Mang Iding.
Nu lalajo rame ngaromong, ngomentaran kajadian antara Mang Iding jeung Kang Asruh. Barudak leutik mah sawareh emprak, cara nu tas nempo lalajoan gratis.
*
Ti saprak kajadian tadi beurang, Mang Iding teu kaluar-kaluar ti imahna. Manehna ngarasa wera ku tatanggana nu nyaksian riributan antara manehna jeung Kang Asruh. Unggal inget ka nu ngaranna Asruh ngan nyel bae mucunghul rasa ambek dina hate Mang Iding. Ambek kapegung tea, nu ngalantarankeun awak Mang Iding jadi malik leuleus. Leuleus saawak-awak. Antukna Mang Iding ukur bisa huleng jentul di kamar.
"Saumur-umur aing mah kakara ayeuna diwiwirang ku budak satepak...," Mang Iding ngagerentes.
"Da lamun nu jadi perkarana lain ngeunaan Nyi Dedeh mah, ayeuna keneh ge geus dijorag ka imahna tah budak nurustunjung teh," dua dampal leungeun Mang Iding tipepereket meureup. Sakapeung dibarung ku kekerot.
"Tapi sakali waktu mah aing ge kudu nyieun balitungan jeung eta budak. Keur mah ti baheula keneh aing geus ngarasa cua ka manehna, kari-kari tadi beurang manehna nyieun pucuk ti girang. Sabenerna Nyi Dedeh ge lamun teu digamahan ku manehna mah geus kapimilik ku aing...," gerentesna deui.
"Da mun maneh aya keneh mah, Nenah, meureun kuring teh moal ngalaman wirang kawas kieu. Meureun kuring teh moal kudu marrbutkeun Nyi Dedeh...," ayeuna mah ngomongna bari cumalimba.
Teuing geus sabaraha jam Mang Iding huleng jentul di kamarna, ngan nu pasti mah waktu terus nyerelek ka sore. Beak sore laju datang magrib, ti magrib nincak ka peuting. Ti luar, hawar-hawar kapireng sora sit uncuing ngelak, beger naker.
Kuniang Mang Iding hudang. Lajag-lejeg sakeudeung. Tuluy muka panto lomari. Ati-ati pisan leungeun Mang Iding ngaluarkeun barang, tina jero lomari, nu dibungkus manjang ku lawon bodas. Lalaunan eta bungkusan dibuka, breh katembong eusina teh bedil locok sapurantina.
"Kang Asep, Kang Marta..., ieu bedil ayeuna ku kuring dibuka tina bungkusna. Teu kuat tuda, asa teungteuingeun diwiwirang teh...," Mang Iding ngomong sorangan.
Gap leungeun katuhu Mang Iding kana pohpor bedil, leungeun kenca nyekel gagang kucubungna. Laju bedil teh diangkat, karasa beurat nepi ka leungeun Mang Iding ge rada ngageter.
"Beu, tetela tanaga aing teh geus rea pisan nguranganana. Da baheula mah turun unggah gunung, leuleuweungan bari mamanggul bedil ge teu sing karasa beurat...," Mang Iding semu ngarahuh.
Sanggeus sababaraha kali ngangkat jungjung bedil kawas nu keur olah raga angkat beban, eta bedil teh dipariksa ti mimiti pohpor, palatuk, nepi ka liang kucubungna. Gemet naker.
Beuki peuting Mang Iding beuki anteng nyoo bedilna. Sora sit uncuing di luar angger kapireng, denger. Kira-kira geus nepi kana beakna wanci tengah peuting, cungungung kapireng sora nu babaung.
"Beu, geus datang deui nu babaung teh," Mang Iding curinghak.
"Tapi asa aneh sorana? Disebut sora anjing da asa lain kitu babaung anjing mah, disebut ajag ge lain deuih," cenah, bari ngarebingkeun ceulina, ngadedengekeun sora nu babaung.
Cungungung nu babaung teh disada deui. Beuki tarik. Beuki deukeut. Berele domba dina kandang disarada, tingberele, pacampur jeung sora kai kandang diteunggaran ku tanduk domba.
"Aeh-aeh ngincer domba aing geuning. Kurang ajar, moal diantep ayeuna mah!" Mang Iding geuwat meloran bedilna. Tuluy keketeyepan muru kandang domba di tukangeun imahna....
"Auuuhh...!" ujug-ujug bae kapireng sora nu ngagoak, lebah kandang domba.
*
Isuk-isuk keneh pisan Jang Cucu manggihan Mang Iding geus ngababatang teu nyawaan hareupeun kandang domba tukangeun imahna. Getih ucrat-acret kana kandang. Tina beuheungna nu gorowong masih keneh katembong getih ngaberebey. Bedil dorlok anu tacan dibekaskeun, ngajugrug di handapeun kandang domba.
"Mang Iding paeh! Mang Iding paeh dikerekeb ajag!" Jang Cucu gogorowokan.
Ustad Didin, Bah Juar, jeung Pa Kandar nu kakara mulang berjamaah subuh ti masjid, pangheulana mireng sora Jang Cucu.
"Aya naon Jang, rebun-rebun keneh kieu geus cocorowokan?" ceuk Ustad Didin.
"Mang Iding paeh...!" Jang Cucu nunjuk ka lebah kandang domba.
"Nu bener Jang?" ceuk Bah Juar, bari geuwat muru ka tempat anu ditunjukkeun ku Jang Cucu, dituturkeun ku Ustad Didin jeung Pa Kandar.
"Masaalloh, Gusti.... Innalillahi wa innalillahi rojiun...," Ustad Didin ngusap beungeutna sababaraha kali, sabada ningal kaayaan layon Mang Iding.
Bah Juar jeung Pa Kandar mah ukur bisa tingbirigidig bae .
Teu lila ti harita, warga Kampung Lebakhaur sejenna tingtorojol. Kabeh ge taya nu ngabirigidig nyaksian kaayaan layon Mang Iding teh.
"Gusti, kuat ka gorowong kitu beuheungna...," ceuk Enduy.
"Tapak nyogot ajag sigana teh," ceuk Bi Risa nu nangtung gigireun Enduy, kituna teh bari ditungtungan ku o-oan nahan piutaheun.
"Enya," ceuk Kang Tatang.
Satuluyna mah meh kabeh nyarita ngeunaan ajag anu disangka geus "maehan" Mang Iding.
"Ulah diarantep bae atuh, geura bawa ka jero imah! Oman, gancang laporan ka polisi!" Erwe Yoyo sibuk mere parentah.
Mireng parentah ti Erwe Yoyo, sababaraha urang lalaki tuluy mayang layon Mang Iding, dibawa ka jero imah. Hansip Oman mah geuwat ngadius make motor, seja laporan ka kantor polisi....
(hanca)
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaSitirahmawati ngomentaran:
Muhun ih kumaha terasna carita teh, palaur kabayang2 mang iding, ajag, ceu dedeh. .beu!kania dewi ngomentaran:
teu acan aya teurasna geuning,...Nugraha Abadi ngomentaran:
Kumaha red mangle geuning dina mangle edisi salajengna ieu carios (carkrim) teh teu dipintonkeun deui, terus terang janten "panasaran" milari bukuna di kuningan teu aya...kmh tah?? nyunkeun diwaler...restu ngomentaran:
langkung sae pami didamel buku, pa dede ...Zephyrus ngomentaran:
Duh jd hoyong maca terasanana, mugi sing enggal2 diupdate deui nya...@redaksi mangle