H. Nasep Rachmat; Milih Pamingpin Ulah Kabita ku Pangbibita
Nyaritakeun pamingpin, loba rambat kamalena. Ti mimti, cara mateahkeun potensi anu nyampak di masarakat, nepi ka jurus-jurus ngaraharjakaeun warga nagara. Kitu di antara jejer obrolan MANGLE jeung Brigjen TNI (Purn) Dr. H. Nasep Rachmat, ST.,MM., M.Sc., sawatara waktu ka tukang.
***
Upama pilihan presiden jadi puseur paniten balarea, memang teu aneh teu sing. Sabab, kapamingpinan nasional gede pangaruhna kana kahirupan masarakat sakumna. "Karaharjaan warga nagara oge ageung gumantungna kana kawijakan pamarentah," ceuk Brigjen TNI (Purn) Dr. H. Nasep Rachmat, ST., MM.M.Sc., muka wangkongan. Ngobrol teh samemeh prungna acara silaturahmi veteran/purnawirawan TNI/POLRI Jawa Barat sawatara waktu ka tukang, di gedung ONIBA, Cicalengka, Kabupaten Bandung Jawa Barat.
Milih presiden, ceuk H. Nasep, kacida pentingna geusan lumangsungna kahirupan kabangsaan jeung kanagaraan. Ku lantaran kitu, dirina, salaku prajurit ngarasa boga tanggung jawab milu nyukseskeun pilihan presiden. Karepna ilu-biung teu ngan sadirieun, tapi deuih ditularkeun ka balarea, jadi uar pangajak dina rupa-rupa kagiatan di antarana saperti silaturahmi tea. "Upami masarakat milih pamingpin nu pangsaena, pangaruhan ge bakal sae kanggo ka payunna," pokna mere alesan.
Suksesna pilihan presiden ceuk ieu Brigjen TNI (Purn) Nasep, upama pilihan umum lumangsung kalayan aman, tartib, tur jujur, ka dituna bakal ngahasilkeun pamingpin nu panghadena! Satutasna jeneng pamingpin, ceuk H. Nasep, samistina pamingpin teh mampuh ngawujudkeun jangji-jangjina. "Ulah sakadar jangji dina kampanye," pokna.
Mihak Rayat
Milih pamingpin, bakal kacida pentingna keur balarea. Kitu teh, sabab ngokolakeun potensi nu nyampak, butuh minijer, butuh pamingpin, butuh pihak-pihak nu ngokolakeun ieu nagara kalayan hade. Cindekna, ceuk ieu teureuh Bandung nu lahir taun 1948 teh, pamingpin nu amanah dina ngalaksanakeun pancenna.
Nagri beurat beunghar, rahayatna mah teu kitu. Loba keneh nu heureut pakeun pungsat bahan, dina nyumponan pangabutuhna. Tinggang kana paribasa, nu tani ukur kari daki, nu dagang ukur raweuy ku hutang, nu buburuh ukur rumahuh. "Malah, nu kuli maha loba nu katalangsara. Nu jadi buruh di luar nagri loba nu dikaniaya deungeun," pokna semu sedih.
Keur nu wanoh kana potensi anu nyampak, saperti H. Nasep, jadi warga negara Indonesia reueus kacida. Lemah cai kuring loba pupurieunana! "Tapi, upami nilik kana kaayaan masarakat, matak prihatin," pokna deui.
Naon sababna nepi ka kudu ripuh, jadi kuli di lembur batur? Tangtu, lantaran ngarasa seuseut nyiar kipayah di lembur sorangan. Nilik ka dinya, ceuk Nasep, tarekah ngaronjatkeun karaharjaan teu bisa ditunda-tunda.
Bangsa urang, ceuk ieu prajurit, kudu ngorejat hudang. Ngagedurkeun sumanget gawe dina rupa-rupa widang luyu jeung kamampuhan sewang-sewangan. H. Nasep gede hate, upama dibarung ku karep jeung kabisa, tinemu jeung karaharjaan teh, lain pamohalan. "Koncina kahayang, kadaek, dibarung jeung kamampuhan," pokna tandes.
Mungguhing jalma, memang henteu sakelir. Di antara nu getol usaha, aya oge nu kurang 'ngaharegaan waktu'. Loba keneh nu lengle dina nyumponan pangabutuhna. Padahal, ceuk H. Nasep, disiplin diri, ngamangpaatkeun waktu luang sahade-hadena teh jadi salah sahiji pangrojong kahontalna kamajuan.
Nilik kana potensi diri, sasaha ge boga 'bekel'. Boga mental, kakuatan pisik, jeung kamampuhan. Nu tilu rupa bieu, ceuk ieu prajurit mah, samistina diipuk, dikuatan sangkan gede mangpaatna.
Sual karaharjaan, memang teu cukup ngandelkeun kadaek jeung kamampuhan rahayat. Lian ti butuh gawe rancage masarakat, oge perelu pamingpin nu mampuh mateahkeun sagala rupa nu nyampak di masarakat. "Lian ti eta, pamingpin kudu mihak kana kapentingan masarakat," ceuk ieu lulusan AKABRI angkatan taun 1973 teh.
Pamingpin, lir 'cinyusu'. Jadi huluwotan nu bakal mangaruhan kana kahirupan balarea. Kawijakan-kawijakan pamingin, misti neueul kana kapentingan masarakat. Lian ti kitu deuih, ceuk, Nasep, pamingpin teh kudu mampuh ngarojatkeun ajen bangsa.
Ngan, kumaha carana? Tumali jeung ajen diri, ceuk H. Nasep, daek teu daek pamingpin kudu jadi conto dina paripolah. Atuh, sual nanjeurkeun aturan jeung hukum ge kudu jadi luluguna. "Cindekna, dina ngajalankeun pamarentahan, kedah beresih tina KKN," pokna tandes naker.
Dina nyaritakeun sual kadaek jeung kamampuhan, H. Nasep mah, teu ngan wungkul ngagugulung tiori. Pok-pokanana teu weleh dibarung ku prak-prakanana. Dirina, salaku prajurit, teu weleh 'ngamalkeun' cara hirup ka prajuritan nu teu 'wanoheun' kana leleson. "Pangsiun soteh tina kadinesan, tapi dina kagiatan mah moal aya pangsiun," ceuk ieu rama Shanty Sendarthy, ST teh.
Nurutkeun H. Nasep, prajurit mah, najan geus pangsiun, tetep boga karep milu ngamajukeun nagara. Ku lantaran kitu, keur pihakna mah teu aneh, upama para pangsiunan Jenderal ge, loba nu boga karep jadi pamingpin. Kitu teh, alatan boga modal, boh sual mental, pisik, oge intelektual.
Naon harepan para purnawirawan ka presiden? Teu sing lahuta. Malah, saperti umumna kahayang masarakat. Kahiji, pilihan umum teh lumangsung tartib jeung aman; tetep wewegna kadaulatan NKRI, sabab geus jadi harega mati keur prajurit mah. Atuh, saterusna, pamingpin teh bisa ngungkulan kamiskinan! Lian ti eta, oge pamarentahanan bersih jeung bebas tina korupsi, kolusi, jeung nepotisme (KKN) nu jadi musuh balarea. Lian ti eta, nu ulah poho, malah kudu tetep jadi cecekelan, tetep kukuh kana adeg-adeg kahirupan kabangsaan jeung kanagaraan, ku cara tetep ngeukeuhan jeung ngamalkeun Pancasila dina kahirupan sapopoe.
Nularkeun Sumanget
H. Nasep Rachmat, pituin urang Sayati, Kabupaten Bandung, Jawa Barat. Matuh di lembur nu deukeut ka Lapangan Udara (Lanus) Sulaeman, remen nitenan balawirina tentara nu tukuh jeung mancen gawe di eta tempat. Tina remen nyaksian tentara boh keur baris boh keur ngayakeun rupa-rupa kagiatan, jorojoy kataji. Najan teu diumbar, hatena ngemu kahayang, hiji mangsa, hayang kawas tentara. Hade gogog hade tagog ceuk paribasa tea mah. Matak, keur di SMP ge salah sahiji kagiatanana, pramuka, nu papakeanana ceuk Nasep harita mah gagah naker.
Karepna jadi tentara teu kungsi sirna. Matak, satutas lulus ti SMA di Bandung, pilihan kuliahna teh ka Akademi Pelayaran Tjirebon (APT). Bisa kuliah di dieu teh reueus ku saragamna, nu kawas tentara. Ngan, basa hiji mangsa papanggih jeung anggota taruna AKABRI ti Magelang, Jawa Timur, Nasep asa katitih 'kagagahan'. Malah, pok weh ka baturna teh ngajak daptar ka AKABRI.
Karepna tinekanan, ditarima di AKABRI, di Angkatan Darat (AD). Saangkatan jeung Susilo Bambang Yudhoyono, Presiden RI. Waktu SBY jadi Komandan Divisi di AKABRI, Nasep Rachmat kapapancenan jadi Kepala Divisi Seni jeung Budaya. Ku kitu tea mah, pas jeung karesepna kana widang kasenian. Keur rumaja mah, ieu teureuh Sayati teh jadi 'anak band' sagala! Lian ti resep kana hahaleuangan, Nasep ge resep kana gagambaran. Gambar jilid buku panineungan AKABRI angkatanana ge beunang Nasep.
Satutas tamat sakola, kakara nincak dunya nyata di kamiliteran. Tugasna ge langsung ka Aceh, lantaran harita mah eta wewengkon teh keur harengheng naker. Nasep kalayan bojona Ny. Hj. Ade Sukaesih, ngemban tugas nagara miara kaamanan di lembur batur. "Cicing ge nyiruruk di garasi kantor, di garasi treuk," ceuk Hj. Ny. Ade Sukaesih, basa ngobrol di bumi panganjrekanana di Komplek Palem Permai, Bandung.
Mangtaun-taun dines di Aceh, saterusna mah tugasna teh pipindahan. Arang balik ka lembur, lantaran anjacang mancen gawe 'ngalanglang' Nusantara. Tapi, ngabdikeun dirina ka lemah cai, teu ngan wungkul ngagugulung urusan tugas. H. Nasep teu weleh boga karep ningkatkeun pangaweruhna.
Atikan, keur H. Nasep, memang taya tamatna. Cenah, life long education tea ceuk basa deungeun mah. Kituna teh, lain ukur lalambe jeung sakadar pangaweruh, tapi pok-pokanana teh jeung prakna. Najan riweuh ku tugas, Nasep maksakeun nyiar elmu di paguron luhur. Ku lantaran kitu, lian ti tetep jadi prajurit, tapi oge terus sakola. Di antarana nyuprih elmu tehnik, minijemen, oge sosial. Tangtu, di sababara tempat, luyu jeung tempat tugasna. Saperti kuliah ngeunaan ilmu sosial, lumangsung di Bali, ari minijemen mah di Jakarta.
Satutas namatkeun S-2, teu sing ngarasa sugema. Elmu mah taya tamatna. Karepna kuliah terus ngagedur, hayang nepi ka jucungna! "Saatosna pangsiun, nembe gaduh waktos jejem kanggo sakola," pokna. H. Nasep milih kuliah di Bandung, ngulik sual minijemen, di Universitas Padjadjaran, Bandung.
Satus tamat S-3, Dr. H. Nasep Rachmat, ST., M.M.,. M.Sc., teu cicing. Kituna teh, da masagi. Adumanis kaprajuritan jeung nyakola, ngalantarankeun H. Nasep Rachmat pada nyambat. Ahirna, ngadosenan di sababaraha tempat. Ngabdikeun elmuna di dunya pendidikan.
Sumanget prajurit teu meunang pareum. Najan geus pangsiun kudu tetep mawa mangpaat keur balarea. Di lembur ge kitu, purnawirawan TNI mah, kudu satekah polah jadi pamatri silaturahmi, jadi balad para tatangga. "Ayana TNI atanapi purnawirawan kedah ngajantenkeun rasa aman kanggo tatangga sabudeureunana," pokna.
H. Nasep prajurit nu nyakola. Ambahanan lega, lantaran remen miang ka jauhna. Ka luar nagri ge remen kacida, komo deui ngalangkang Nusantara. H. Nasep Rachmat reueus jadi urang Sunda. Sabab, nilik kamampuhan mah teu eleh ku seler sejen. "Mung, urang mah tara nonjol-nonjolkeun maneh," pokna deui.
Jadi TNI jadi akademisi, ngalantarankeun dirina logor ka ditu ka dieu, loba dulur jeung sobat-sobatna ti seler sejen. Najan kitu, kahirupan sapopoena mah teu weleh tibelat ka bali geusan ngajadi. Keur H. Nasep lembur pamatuhan banjar karang pamidangan, lain wungkul pamatuhan raga, tapi deui pangancikan rasa. Ku lantaran kitu, dina cacarita ge teu weleh make basa Sunda.
***
(Ensa/RH)