Galuring Gending (13)
Aya taunna kuring "marengan" Bapa. Tapi, sakali oge kuring tacan kungsi nincak kantorna. Paling-paling ukur semet ngaliwat, dina mobil. Agreng ngajenggleng Saban nu rek asup kudu lapor heula ka satpam; naha kuring ge kudu lapor deuih, mun pangangguran hayang nepungan Bapa di kantorna? Ah, rek naon make los-losan ka dinya. Ari ngadenge dongeng batur mah geuning kitu, mun boga akses pribadi ka gegeden teh saenyana bisa dipake sumber panghasilan anu sa deui. Semah anu rek emel sina ngaliwatan heula urang, pangpangna anu urusanana teu lancar-lancar. Kapan sok aya, heueuh ceuk beja ieu mah, anu ukur butuh ku tanda tangan oge kudu sembah kuriling heula; lapor ka ditu, ka dieu ngaliwatan sababaraha meja, bari tangtu reujeung amplopna deuih. Tah, mun ditembusna ku anu geus boga akses mah, diobrolkeun di meja makan oge moal hese beleke ngagutrutkeun pulpen nyieun tekenan. Ti ditu, ti dieu meunang bonus reujeung persenan. Teu, kuring mah teu hayang kikituan, malah teu hayang nyaho-nyaho acan, najan lolongkrang ka dinya moal hese ngorehanana.
Aya taunna kuring hirup medah-meduh jeung weureuðseubeuh. Kahirupan kulawarga anu tadina geus nyirorot pisan, saeutik-saeutik mimiti rada kajait ku rejeki ngaliwatan kuring. Lanceuk anu geus taun-taun hirup dina korsi noda, ayeuna mah kabedag dioperasi, najan hasilna teu bisa balik deui saasal. Adi anu bungsu bisa kawaragadan tepi ka tamatna kuliah. Kitu deui imah anu dieusian ku kulawarga kuring henteu matak era kaanjangan semah. Sakur barang nu aya di "imah kuring", mun dipenta ku kolot atawa ku dulur, tara ieuh dikoretkeun, sok dihempekkeun. VCD multi anu layar televisina 22 inci, nyimpangna ka imah kuring mah ngan sakeudeung pisan, da kaburu dipenta. Waktu Bapa (pangangguran) mapaykeun, najan bari rada era oge kuring cukup ku ngajawab "Disuhunkeun ku pun adi." Tara loba catur, heuleut sawatara poe geus datang deui gantina.
Imah anu dicicingan teh gede teuing keur ukuran hirup "nyorangan" mah. Ketang, aya eta ge ari nu maturan mah; Bi Eka jeung Mang Badri anu sapopoena purah diutuh-etah. Ngan wae maranehna mah diperenahkeun di kamar tukang, misah wawangunan. Sagala rupa pagawean ditangkes ku duaan. Kuring mah geus tara kahancenganan. Sakali-kalieun anak jeung incu-incuna sok daratang ngadon marondok. Ah, sok diantep wae, malah sok bari dihiap-hiap, ngarah di imah rada haneuteun.
Minangka anu dianggap kurang teh dumeh taya kendaraan wungkul. Jadi, garasi teh sama sakali henteu kapake. Najan keur aya Bapa ge, angger we kosong, da mobilna tara terus diasupkeun ka dinya. Saban sumping ge; anu langka tea saenyana mah; cukup ku dianteurkeun. Jrut lungsur, mobilna ngadius deui.
"Moal ditinggalan mobil, bisi luas-leos," kitu nyariosna teh. Nyao ukur banyol, nyao enyaan. Tapi ah, teu ieuh dipairan. Mun butuh kendaraan mah, kari nelepon, pokna deui. Da jeung enyana; sapuluh menit ti tas nelepon, mobil tangtu geus ngabagug katut supirna anu moal baha diutuh-etah.
Hate sok rajeun tumanya: naha ari kuring ngarasa hirup bagja? Bakal langsung wae dijawab, "Enya." Hanas eta jawaban teh kedalna sabab kapaksa, ari enggeus kudu kumaha deui atuh? Kapan kuring teh sacara sadar geus nempatkeun diri dina hiji posisi. Asa teu jujur ka diri sorangan mun kuring masang bandrol rada luhur; lain dina urusan materi anu dimaksud bandrol di dieu mah.
Ketang, aya eta ge anu sok rajeun matak teu genah mah; nyaeta mun kuring pareng mulang heula ka kulawarga. Paneuteup Emah asa sok beda srekna kana hate. Paneuteup ti hiji indung anu hese pisan dicindekkeun surahanana, tapi kuring bisa ngarampa kana maksudna. Aya geter-geter anu nyulusup kana mamaras rasa, anu teu diwakcakeun dina lisan. Sok hayang kuring ge ngobet, tapi biwir keukeuh wae miheulaan balem. Galecokna teh ukur semet dina hate. Moal boa Emah ge kitu; loba tepikeuneun, tapi teu wasa ngedalkeunana. Dina kaayaan kawas kitu, batin kuring sok remen asa kasiksa.
Sakapeung sok aya kereteg, hayang ngabudalkeun sakabeh pangalaman anu geus karandapan, katut katugenah reujeung bangbaluhna, pangpangna ka Emah. Tapi sok ras deui bari hate tumanya; naha bakal pihadeeun balukarna? Mun hal eta ditembrakkeun, pasti Empah ge bakal kasabit-sabit, kitu deui urusan kulawarga lianna. Heueuh, kapan pangna kuring nyokot jalan kahirupan kawas kieu ge ari gegedena mah sabab hayang nyukakeun kulawarga, da bongan nu sejen taya nu bisa.
Empah kapan ngan sakitu buktina. Lanceuk nya kitu keneh. Keun ari nu cikal mah, da geus kitu buktina, hirup tanpa daksa. Adi nu awewe karek bisa mikir keur sadirieunana. Si bungsu tacan bisa pisan meta, najan geus tamat di paguron luhur ge. Ku sabab eta, tanggung jawab teh jadi (atawa kudu, kitu?) ka kuring ragragna.
Jigana tepi ka lebah dinyana mah ku Emah oge tos kasurti. Anu matak, anjeunna ngan wasa neuteup. Dina sorot socana aya rupa-rupa kedaling rasa.
***
KAJONGJONAN, katungkulkeun. Pangirut haliah dunya remen matak poho kana jalan nu keur disorang. Asa ngabungbulung wae, asa pilancareun wae. Teu inget yen dina hiji mangsa mah baris tinemu jeung nu tarahal, pupudunan tanpa sesengked, tanjakan netek kacida.
Kitu anu karandapan ku kuring oge. Dina hiji peuting, telepon keupeul mere tanda kudu dibuka. Moal salah, pasti Bapa. Enya, da ngan anjeunna wungkul anu apaleun kana nomer HP mah; nomer anu dirusiahkeun, ukur pakeeun sasoranganeun. Anu sejen mah, mun rek ngontak ka kuring teh cukup ku ngaliwatan telepon biasa anu diteundeun di tengah imah.
"Ieu Sarah?" kitu ceuk sora ti lebah ditu; nya teugeug nya nyentak.
Saha ieu nu nyarita, ceuk hate, da ari Bapa mah lain kitu lentongna.
"Yeuh, dengekeun ku maneh! Peupeujeuh maneh ulah ngaganggu deui bapa sayah! Kaharti?"
Krep ditutupkeun. Naha jelema teh mani taya pisan bemakrama! Kuring ambek, tapi teuing ka saha kudu dialamatkeunana. Bapa sayah? Atuh mun kitu mah ...
Telepon disada deui. Antep siah! Nanaonan make ngalayanan jelema burung! Tapi, bet terus timbul kapanasaran, naha naon deui nu rek diomongkeunana? Keun, ngarah aya bukti di mana engke mangadu ka Bapa.
"Tong ditutup deui siah! Bisi ku sayah diuar-uar dina koran! Naha kabejadan maneh hayang ditembrakkeun ka masarakat?"
"Rek nyarita naon atuh didinya teh?" kuring maksakeun nembalan, sora ngageter bawaning ku ambek.
"Ieuh, Sarah! Hanas maneh rek ngublag, karep teh teuing! Tapi peupeujeuh, ulah jeung bapa sayah! Ngarti? Mun maneh teu ngagugu, sayah bisa nyieun tindakan keras jeung kasar, anu akibatna lain ngan keur maneh wungkul. Ngarti?"
Klik!
Kuring ngahuleng salila-lila. Teuing kumaha kelir beungeut harita; naha pias koneas tandaning baluas, atawa geunteul kawas beusi atah beuleum! Dada ngagolak, tarang rosa enyud-enyudan; asa reketek dibeungkeut ku kawat waja.
Ngublag? Pikanyerieun pisan kadengena oge. Kuring narik napas jero pisan.
Peuting eta mah teu bisa sare sakerejep-kerejep acan. Atuh isukna, kuring numpi di kamar; asa hoream rek naon, rek naon oge. Dahareun nu dianteurkeun ku Si Bibi ka kamar tiba direret meueusan. Boro-boro ngahuapkeun, karek ku noelna ge geus teu hayang. Ngahaja geus papadon, mun telepon di tengah imah ngirining, bejakeun wae keur euweuh di imah. Karep masing rek saha wae nu neleponna oge. Tapi, ari HP mah angger sina aktif. Hayang nyaho, rek aya nu nyarita naon deui?
Awak asa lungse kabina-bina, parat kana saban buku tulang. Naha kudu ka dokter, kitu? Ah, da ieu mah lain ubaraneun ahli medis. Paling ge ukur dibere obat penenang. Atawa mending konsultasi ka psikolog? Boa enya kudu ka dinya. Tapi, sabada ditimbang-timbang deui, kuring jadi rumengkog; sieun leuwih goreng pibalukareunana.
Nincak kadua poena, kuring maksakeun bijil ti kamar. Telepon ti Bapa saenyana diarep-arep pisan, tapi teu kring wae; Bapa kateuing keur aya di mana, sabab kuring dipahing ngontak ti heula, najan sakumaha butuhna tepung oge.
Pasosorena, di hareupeun imah aya jip diparkir. Sakapeung mesinna siga ngagerung, terus dipaehan deui. Pangangguran mukakeun panto hareup, angkanan teh rek disidikkeun. Tapi karek ge lol, eta jip gancang ngadius. Teu lila ti harita, aya deui mobil sejen. Sarua deui ieu ge ukur diparkir di hareupeun imah wungkul, bari nu tarumpakna mah teu katenjo aya nu turun. Kuring nyingkabkeun hordeng, nu tumpakna lalaki duaan. Barang kuring mukakeun panto, dius deui indit.
Kapeutingnakeun geus kitu deui wae. Kuring ngontak ka pos satpam, bisi enya aya nu rek ngaganggu. Tapi, jawaban ti ditu teh, taya mobil asup nu matak nyurigakeun, cenah.
Naha saha nu kitu peta, jeung naon maksudna? Kuring jadi ras kana carita dina pilem. Moal kitu maranehna keur neror kuring? Ras deui kana carita dina telepon anu eusina ngancam. Pasti kana kitu, kuring keur dibibira, ceuk hate. Maranehna rek ngagangu kuring ku rupa-rupa cara. Eta ge aya niat rek laporan ka pulisi. Tapi barang dipikir-pikir deui, pulisi tangtu bakal maluruh heula sabab-musababna ti awal kajadian. Mun kitu, atuh sarua wae jeung nembrakkeun kaayaan diri pribadi. Keun lah ari ku semet nyaritakeun diri sorangan. Tapi kumaha lamun kudu nembrakkeun ngeunaan Bapa; da tangtu anjeunna bakal kasabit-sabit? Beu, bakal leuwih barabe. Teu kasawang bakal kumaha geunjleungna, komo mun tepi ka kaemper-emper ka wartawan. Geus moal salah, isukna bakal ngajeblag dina koran.
Ahirna kuring milih nyingkah ti imah. Cul wae ditinggalkeun, sanggeus dipihapekeun ka anu tungguna. Sawatara poe ti harita, kuring maca dina surat kabar: Bapa katarajang stroke parna pisan.
***
Nyamur ti dituna mah, basa indit ka rumah sakit teh. Kuring geus meunang katerangan, di rohangan sabaraha Bapa dirawatna. Dina waktuna besuk, kuring langsung ngajugjug ka dinya, sakumaha ceuk panuduhan pagawe rumah sakit.
Hanjakal teu bisa asup, ukur mampuh ngajanteng hareupeun panto kaca. Lain, lain lantaran dijaga ku satpam, atawa pantona dikonci-ditulakan. Ngan wae, lamun kuring asup ka jero, kudu kumaha nerangkeunana. Da sidik atuh, Bapa keur diriung-riung. Pasti maranehna teh anggota kulawarga Bapa. Mun kuring asup ka dinya, atuh sarua wae jeung oray nyampeurkeun paneunggeul. Cacak mun dirawatna lain di rohangan husus, meureun kuring teh bisa asup heula, bari api-api ngalayad nu sejen. Tapi, pan ieu mah moal bisa kitu.
Teu kungsi samenit-menit acan ngajengjen hareupeun panto kaca teh. Lain ku nanaon, mun kuring terus aya di dinya, tangtu bakal ngondang kacuriga. Meureun ari itu saha, hayoh wae nyerangkeun ti lebah lawang?
Najan sareret, kuring bisa nyeueung rada eces. Bapa ngalempreh dina ranjang, selang infusan pakuranteng. Nyeri nempo kitu mah. Nyeri hate ras ku diri sorangan anu tepi ka teu bisa ngadeukeutan-ngadeukeutan acan, jajauheun mun milu ngagulang gaper. Kuring hayang kawas nu sejen, milu ngurus Bapa nu keur teu walakaya. Masing kalah kumaha oge, Bapa teh boga tempat husus dina kahirupan kuring. Dina hate nyangkaruk karumasa.
Kuring balik ka hotel; da geus hoream mun kudu nincak ka imah mah; sabab loba kasieun reujeung karempan tea. Sanggeus nyaho kaayaan Bapa kawas kitu mah, HP ku kuring teu diaktifkeun.
Pikiran asa marungkawut. Kitu salah, kieu lain.
Dua poe ti harita, kuring meunang beja yen Bapa ngantun di rumah sakit.
***
Geus sidik tempatna, bakal di mana layon Bapa dikurebkeunana. Kuring ngahaja langsung ngajugjug ka dinya. Teu, teu ngalayad ka rumah duka.
Di pajaratan, kuring maurkeun maneh jeung nu geus daratang ti heula. Abong heueuh nu rek dikaluatna bangsa gegeden, teu jauh ti lahan pamendeman teh geus ngadeg tenda dadakan reujeung korsina. Nu digarawe cuh-cih, teu beda ti nu keur hajat.
Kira tabuh sapuluh, mobil jenasah geus cunduk ka lawang pajaratan, sirineuna mani ngaheang. Mobil anu jarajap ngajajar minuhan palataran parkir, malah mudal ka sisi jalan. Karangan kembang hamo kaitung ku ramo sapuluh; lengkep reujeung identitas nu ngirimna.
Kuring pangangguran nempo ka lebah lawang kaluat. Taneuh beureum rada neueus, nyangkeredong sedongna di sisi kulon. Nya di dinya jasad Bapa bakal reureuh salalawasna.
Rada panjang upacarana oge. Anu biantara henteu cukup diwakilkeun ka saurang. Kabeh oge muji kana kahadean anu karek ninggalkeun; yen keur jumenengna Bapa teh gede jasana ka nagara, abdi rahayat anu gugon kana pancenna, kahirupan kulawargana picontoeun balarea, pala putrana jarunun-jarucung, jeung rea-rea deui.
Kuring teu papanjangan mikir, naha enya eta kekecapan teh luyu reujeung buktina, atawa ukur pikeun ngalus-ngalus nu geus taya dikieuna wungkul? Mun tea mah enya kahirupan Bapa teh alus, ah, sukur nu aya. Atuh eta lebah rea mencogna tina anu cikeneh dipidatokeun, karep teh teuing. Anu boga hak meunteun kalawan moal nyalahan mah kapan lain manusa. Heueuh, da ari urang-urang mah bakal gumantung ti lebah mana nempona, anu kalolobaanana mah patali jeung kapentingan nu mere peunteun. Ari kuring? Ah, teu hayang ieuh pangangguran meunteun. Dina dipaksakeunana oge kudu mere angka, naha keur naon gunana.
Ti saprak Bapa ngantun, kuring terus-terusan dibangbaluhan ku pipikiran goreng meunang ngareka sorangan; manjang aya mingguna. Moal kitu anu jadi cukang lantaran Bapa dugi ka parna teh aya pakaitna jeung kuring? Ras kana telepon anu teuing saha jalma anu ngomongna. Naha nomer HP cekelan kuring bisa ragrag ka nu lian, padahal sakitu dirusiahkeunana? Ti saprak aya telepon nu eusina ngajejeleh kuring tea, Bapa teu kungsi ngontak deui kuring. nyaho-nyaho geus dirawat di rumah sakit; stroke! Naha pedah hubunganana jeung kuring kabongkar ku kulawargana, atawa aya deui pasualan sejen, tepi ka ahirna Bapa digotong ka kamar ICU?
Kuring remen gegebegan jeung loba karempan. Sieun kitu tea, sieun kieu tea. Kumaha lamun kuring ujug-ujug aya anu ngajorag? Leuheung lamun ukur dicarekan laklak dasar wungkul ku kekecapan anu matak rungseb kadengena mah. Tapi kumaha lamun daratangna teh bari terus ngarogahala? Jaman ayeuna tea, teu matak hese ieuh nitah mateni teh. Cukup ku nyadiakeun honorarieumna, sagala rusiah dijamin beres, moal kaboker. Saha nu nyaho mun aya pihak nu boga anggapan yen satungtung kuring masih hirup, skandal anu patali jeung Bapa dina hiji waktu bakal muncul jadi konsumsi umum. Ana kitu, taya deui jalanna iwal nu patali jeung eta skandal kudu buru-buru dieuweuhkeun; rek kumaha wae carana.
Matak ngabirigidig jeung kukurayeun.
***
(hanca)