Tue, 22-05-2012
Munara Cahya

Milih Pamingpin Amanah

Pintonkeun di FB

Ku Hj.Wiarsih Sutardi

Milih pamingpin bangsa urang tinggal ngitung waktu. Calon pamingpin geus nawarkeun diri sangkan bisa dipilih pikeun jadi pamingpin nagara jeung bangsa. Dina tarekh Islam, Rosululloh Saw kantos ngelingan ka Abdurahman bin Samurah, nu unggelna kieu : "Yeuh, Abdurahman! kahade maneh ulah menta hayang jadi pamingpin, sabab lamun maneh dijadikeun pamingpin lain meunang menta,  tangtu maneh bakal ditulungan pikeun  ngungkulanana. (H.R. Bukhari jeung Muslim).
Dina Al-Qur'an oge dieceskeun, yen kakawasaan teh dasarna mah mangrupa anugerah Alloh. Sakumaha pidawuh-Na : "Pok caritakeun," Ya Alloh nu kagungan karajaan! Gusti maparin karajaan ka sing saha nu dikersakeun ku Gusti."

Tapi sanaos kitu, salaku warga nagara Indonesia jeung salaku umat muslim, tangtu ngagaduhan hak sareng kawajiban pikeun milih pamingpin. Tong boroning dina hiji nagara, milih dilingkungan nu aya sababaraha urang oge, apanan penting pisan ngangkat pamingpin. Saperti anu diriwayatkeun ku  Abi Sa'id Al-Khudri r.a. Rosulullah Saw kantos nyanggem: "Lamun tilu jalma indit-inditan, kudu milih salah saurang jadi pamingpin diantara maranehna." (H.R. Abu Daud)

Kitu deui, urang wajib toat ka pamingpin, salami Ulil Amri (pamingpin)   eta toat ka Alloh Swt jeung ka Rosul-Na. Dawuhan Alloh Swt : "Yeuh, jalma-jalma anu ariman! Geura tarumut maraneh ka Alloh jeung ka Rosul, jeung ka anu nyekel kakawasaan diantara maraneh. Upama maraneh aya pacogregan dina hiji perkara, geura balikkeun eta perkara teh ku maraneh ka Alloh jeung ka Rosul, lamun maraneh ariman ka Alloh jeung ka poe akhir. Cara kitu teh leuwih hade jeung ta'wil anu panghade-hadena." (Q.S. An-Nisa : 59).

Toat ka Alloh Swt nyaeta ngajalankeun parentah-Na jeung ngajauhkeun panyarek- Na .Sarta ngajadikeun Al-qur'an salaku imam sareng pituduh. Toat ka Rosulullah Saw, nyaeta nuturkeun sunnah-Na jeung ngajadikeun anjeunna salaku uswah hasanah.

Dina Islam, kalungguhan oge teu meunang dipenta, komo deui ngagunakeun cara-cara anu kotor, saperti nu kasaksian jaman ayeuna, ngahalalkeun sagala cara, nu penting asal katepi boga kakawasaan.

Naon sababna? Karana, geuning seueur pisan kiwari nu jadi pamingpin teh sok paroho kana kapamingpinana. Amanah minangka pamingpin oge sok loba dipopohokeun, kana yen saestuna kapamingpinana teh bakal dibalitungkeun dipayuneun Alloh Swt. Pamingpin nu migawe basilatna batan amanah, maranehna satekah polah ngudag kalungguhan ku cara nu teu ma'ruf, estuning kapamingpinana teh bakal meunang balitungan ku siksaan. Aya istilah nu kawentar dina basa Inggris nu ditepikeun ku Lord Acton : "Power tedns to corrupt and absolute power corrupts absolutely," yen kakawasaan teh condong disalahgunakeun jeung jalma anu nyekel kakawasaan teh geus tangtu bakal nyalahgunakeun kakawasaan.

Kitu teh, memang luyu sareng kaayaan kiwari, geus seueur kabandungan ketak nu nyepeng kalungguhan, seuseueurna mah geuning deukeut-deukeut kana munafik. Baheula jangji, geuning buktina jalir jangji. Baheula rek amanah, geuning resep bohong jeung sabangsana.

Hadits Abdullah bin amr parantos ngeceskeun, yen aya opat ciri jalma nifak sarta manusa resep migawena.

1. Khianat

Jalmi nu amanah, tiasa janten karana anjeunna nyepeng materi oge nyepeng elmu. Amanah ku materi saperti diamanah artos pikeun rayat, tapi disalengorkeun keur urusan pribadi. Kitu deui, amanah ku elmu. Jalma nu pinter sarta wasilah elmuna meunang kalungguhan, kapinteranana teh lain keur tutulung tapi keur ngadongsokeun batur, nepi ka jalma nu teu dosa oge diasupkeun ka pangberokan.

Para ulama hadits parantos netelakeun, yen amanah banda saleresna leuwih hampang tinimang amanah dina elmu. Tapi sanajan kitu, tetep bae jalma anu ngamomorekeun amanah banda, naraka ganjaranna, komo deui lamun urang ngamomorekeun amanah elmu, eta teh bakal leuwih beurat siksana. Margi kitu,

2. Bohong

Dina hiji waktos, Rosululloh nyanggem kieu : "Poma maraneh kudu jujur/ bener, sabab bener teh bakal nungtun kana kahadean, jeung kahadean bakal nungtun jalan ka sawarga. Jalma anu jujur, estuningan bakal dicatet ku Alloh minangka jalma nu shidiq. Omat ulah loba bohong, sabab bohong nungtun jalma kana kagorengan anu tuluyna nungtun ka Nar, seuneu naraka. Jeung jalma anu terus bohong, eta teh kagolongkeun Kadzab.

Bohong, kalebet ciri jalmi nifak atawa munafek. Sabab sikep ngabohong hakekatna mah lain wae ngancurkeun batur, tapi oge geus ngancurkeun dirina sorangan. Jalma nu dina dirina ati mungkir beungeut nyanghareup, tangtu moal dipercaya ku papada jalma. Sabab naon perkara nu aya di dirina mung sakadar letah wungkul, ari hate mah teu kitu. Saur Rosul, saha jalma nu ngabohong ka kaula (Rosul), mangka ganjaran pikeun anjeunna siksa naraka.

Margi kitu, pamingpin nu resep ngabohong, tanwande anjeunna lain wungkul ngagebruskeun kana jala kadoliman tapi oge pikeun dirina bakal kasiksa ku polahna sorangan. Pamingpin nu kitu, moal lila mampuh mingpin, sabab dirina lain pamingpin  nu mawa kahadean, tapi alatan dirina mingpin oge bakal ngancurkeun nu dipingpinna.

3. Jalir jangji

Dina mangsa Rosulullah ngawitan nincak ka Madinah. Anjeungna ngayakeun ikrar sareng urang Yahudi anu aya disabudeureun Madinah. Dina ikrarna, netelakeun, yen teu meunang saling ganggu. Tapi kanyataan anu mimiti ngalanggar jangji teh urang Yahudi. Mangka Rasulullah SAW ngalakukeun tindakan sabab palanggaran ikrar/ janji nu dilakukeun ku Yahudi.

Jalir jangji ieu teh, ngarupakeun kanyataan, yen nifaq hakiki teh balukar tina ngamangpaatkeun kasempetan supaya jadi fitnah pikeun umat Islam. Maranehna mangaruhan urang Yahudi sangkan ikrar/jangjina dilanggar. Padahal Alloh Swt kantos ngemutan: "Yeuh jalma ariman! Laksanakeun jangji maraneh."

4. Pasea nu Kaleuleuwihi

Pasea papada manusa, kiwari teh geus jadi tongtonan biasa. Malahan dina tv mah, papaseaan teh geus jadi acara nu maneuh, nu tiasa dijual, dibisniskeun. Padahal pasean teh estuning kudu dicegah. Sabab tina papaseaan teh bakal ngahudangkeun nafsu nu mantak kaduhung. Dina hal lieu, manusa oge bakal kapangaruhan ku sababaraha masalah, nya diantara nafsu tea. Ari nafsu apanan kalebetna 'Laammaratun Bissui'  salawasna marentah sangkan wigawe kagorengan. Dina al-Qur'an, Alloh Swt parantos ngajelaskeun, yen dina waktu nyanghareupan pasualan saparti kitu perlu ditingal manfaat jeung madaratna, sakumaha unggelna : "Lamun Maraneh pacental paham, kudu dibalikkeun ka Alloh Swt jeung ka Rosulna."

Margi kitu, tina ciri-ciri nifak tadi, urang oge kedah tatan-tatan dina milih pamingpin. Sabab aya deui pamingpin nu kagolongkeun egois. Pamingpin nu mentingkeun diri sorangan. Neken bawahan, meres rahayat. Nu samodel kieu, moal reugeujeug. Disupata ku sarerea. Lain bae ku rahayat, tapi ku aparatna nu sarua korup. Malahan aya deui pamingpin nu pangjahat-jahatna atanapi disebut "Syarrur ri'ail huthamah". Nyaeta pamingpin nu ngomplot jeung bawahan katut aparatna, merkosa kaadilan, ngarampas hak rahayat, korupsi, kolusi jeung nepotisme. Rahayat ukur dijieun pajangan, tapi teu diurus teu dipiara. Hukum dipermaenkeun. Nu kuat kebal hukum, nu balangsak jadi bungbulanan hukum. Pamingpin model kieu nu ku Kangjeng Nabi SAW dianggap leuwih merenah aya dihandapeun bumi, ti batan di luhureunana. Nu disebut "al imamun ja-irun". Pamingpin nu dolim. Dolim ka Allah, lantaran ngarempak parentah Allah sangkan adil jeung jujur. Dolim ka sasama mahluk, lantaran nyebarkeun karuksakan ku sikepna nu ngabaekeun kaadilan jeung ngamaenkeun undang-undang. Dolim ka dirina sorangan, lantaran ngantep dirina sakaba-kaba, henteu berusaha tunduk patuh kana aturan Allah SWT.

Dawuhan Kangjeng Nabi SAW : "Pamingpin nu panghadena, nyaeta nu mikacinta rahayatna jeung dipikacinta ku rahayatna, nu daek malire kahayang rahayatna, jeung rahayatna malire kana pangajakna. Pamingpin panggorengna, nyaeta pamingpin nu teu nyaah ka rahayatna, atuh rahayatna ge teu nyaah ka pamingpinna, nu nyupata rahayatna bari rahayat ge nyupata manehna" (Riwayat Imam Muslim).

Ku kituna, dina milih pamingpin anu amanah, kudu sing asak asak ngejo bisi tutung tambagana, sing asak-asak "nenjo " bisi kaduhung jagana.

Dina Islam dijentrekeun, yan nu panten jadi pamingpin teh, nyaeta :

1. Pamingpin Amanah

Pamingpin nu amanah teh anu boga rasa tanggung jawab sanajan janggung jawab eta beurat kacida. Abi Hurairah r.a. ngariwayatkeun, yen Rosulullah Saw ngadawuh : "Sing saha anu toat ka kami hartina maranehna toat ka Alloh. Sing saha anu doraka ka kami hartina geus tangtu doraka ka Alloh." (H.R.Bukhari).

2. Ngagaduhan Sipat Isin

Abu Mas'ud , 'Uqbah bin 'Amr al Anshari Al-Basri ngariwayatkeun yen Rosulullah  kantos nyanggem, nu kieu hartosna : "Saestuna diantara nu dipiboga ku jalma tina kalimat kanabian anu utama nyaeta lamun maraneh henteu boga kaera, pigawe sakahayang maraneh." (HR. Bukhari).
Kalimah" Kanabian anu utama"  maksudna yen rasa era salawasna dipuji jeung diniley hade, salawasna diparentahkeun ka unggal nabi jeung teu kungsi dileungitkeun tina syare'at para nabi ti baheula keneh.
Kalimah "pigawe sakahayang maraneh", ngandung dua hartos, nyaeta dina harti ancaman oge dina harti ngelingan, lain ngarupakeun parentah, saperti anu dicarioskeun ku  Rosulullah Saw : Alhayaa'u minal iimaani (Isin teh bagian tina iman).

3. Pamingpin nu Ariman

Dina hiji hikayat, waktos Rosululloh wafat, layonna teu buru-buru dikurebkeun lantaran aya dua hal anu can sapagodos, kahiji, kaum Muhajirin hoyong ngurebkeun di Makkah, tapi kaum Anshor hoyong ngurebkeun di Madinah. Tungtungna dua pihakanna satuju layon Rosululloh Saw dikurebkeun digedengeun Siti Aisyah. Kadua, tekad anu tukuh kana aturan yen moal waka ngurebkeun layon satungtung can aya anu kapilih jadi khalifah anu bakal tanggung jawab kana pasualan ummat, jeung pasualan ieu kacida susahna lantaran calon khafilah anu aya geus nolak atawa ngarasa beurat pikeun dipilih jadi khalifah.
Pamingpin nu iman oge, bakal mawa berkah. Walao anna ahlal quuro aamanu wattaqao, lafatahna 'alaihim barokatim minassama'i wal-ardi, walakin kaddabu faahodna bimaa kaanu yaksibuun. Lamun sakirana di ieu nagri ariman jeung tarakwa, pasti Alloh bakal nurunkeun barokah di langit sareng ti bumi. Tapi sabalikna upama maraneh ngabohongkeun, mangka siksa Alloh leuwih peurih. (QS. Al-Araf ayat 96)

4. Pamingpin Adil

Dawuhan Allah: Faahkum Bayna Aln-Naasi Bialaahaq, hartosna :  "Sangkan mutuskeun perkara di antara manusa kalawan adil" (QS. As-Shaad ayat 26). Malatrakeun rasaning kaadilan sajati ngarupakeun hiji pasualan asasi manusa anu sipatna universal. Moal aya hiji jalma malah sato anu ngarasa ngenah tuma'ninah diperlakukeun henteu adil. Ku kacida pentingna kaadilan ieu sahingga risalah inti Nabi kapan enggoning ngawujudkeun buana anu adil. "Saha deui  nu rek adil lamun lain kuring? Kuring jadi rongsokan teu aya jieunan lamun teu milampah jalan kaadilan!" Dina lain kasempetan dibarengan tekad ngagedur Nabi ngabewarakeun ma'lumat, "Mun seug tea mah Fatimah anak Muhammad maling, nya kuring sorangan anu bakal neukteuk leungeunna!" Ma'lumat eta diearkeun panca kakina jeung salah sahiji sohabat anu menta dihampangkeun hukuman pikeun hiji wanoja menak (al-ma'rah al-syarifah) anu geus ngalakukeun korupsi di Madinah. 

Mudah-mudahan ku jalan urang tiasa milih pamingpin nu amanah, urang sadaya salawasna kenging pituduh sareng magfiroh Alloh Swt. Amin.

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Sagarakatresna ngomentaran:

As wr wb.Sampurasun, mugia janten eunteung tur dilaksanakeun ku para pamingpin urang, ngajugjug Nagri gemah ripah kanggo balarea. Amin ! Sagarakatresna_Jakarta