Tue, 22-05-2012
Katumbiri

Katumbiri Edisi 2228

Pintonkeun di FB

SD Percobaan Cileunyi Wawakil Jabar dina LSS Tingkat Nasional

Ngumbah leungeun make sabun, jeung miceun runtah kana tempatna bisa nganteurkeun SD Percobaan Cileunyi jadi juara kahiji Lomba Sekolah Sehat (LSS) tingkat Jawa Barat 2008/2009. Kiwari, ieu sakola Rintisan SD Berstandar Internasional teh dipercaya jadi wawakil Jawa Barat pikeun milu Lomba Sekolah Sehat nasional tingkat SD taun 2009.

Penilaian LSS nu dilaksanakeun Kemis, minggu kamari, salian ti ngajen kabersihan lingkungan sakola, oge diarahkeun kana lingkungan luar sakola saperti cara nempatkeun tempat runtah, kabersihan buruan sakola nepi ka sakola teh kudu jadi kawasan bebas roko. "Supados polusi udara di lingkungan sakola tiasa diminimalisir,  saha wae nu aya di lingkungan sakola, boh guru atanapi tamu sakola, teu kenging ngaroko," teges Kapala SD Percobaan Cileunyi, Hj. Cucu Puspitawati, S.Pd

Pikeun SD nu diadegkeun taun 2003, soal kabersihan lain barang aneh. Sabab 646 urang murid nu diajar ku 32 urang guru teh ti mimiti jadi murid SD Percontohan Cileunyi geus diwurukan sual kasehatan tur kebersihan diri pribadi jeung lingkungan. Malah ceuk Cucu Puspitawati, cara ngabina kasehatan ka murid-muridna leuwih dipuserkeun kana pembinaan perilaku. Umpamana wae murid diwajibkeun ngumbah leungeun make sabun samemeh nyarepeng dahareun. Salian ti kitu oge micen runtah kana tempatna, kudu jadi kabiasanaan nu dimimitian di lingkungan sakola, sarta ngawajibkeun para murid pikeun make saragam sakola nu bersih tur rapih.

"Hal sapertos kitu teh aya dina tata tertib sakola, janten upami aya murid nu ngalanggar kana tata tertib sakola, utamina dina widang kasehatan jeung kebersihan lingkungan pihak sakola tangtos bakal masihan sanksi," ceuk kapala sakola nu mibanda laboraturium komputer.

Salian ti kitu Cucu negeskeun, pikeun widang kasehatan di SD Percobaan Cileunyi diayakeun "Pendidikan Simulasi Doter Kecil",  sarta ngabentuk kader kasehatan rumaja. Ku cara eta dipiharep bisa mere dampak positip ka para murid, utamana nu kalibet langsung dina kagiatan kader kasehatan tur pikeun kabersihan lingkungan.

Ketua Tim Penilai LSS tingkat Nasional, Drs. Arif Rahman, M.Si nyebutkeun, yen kabersihan lingkungan di SD Perconaan Cileunyi geus kapiara, hal ieu ngabuktikeun yen sakabeh warga sakola, utamana para murid jeung guru-guru miduli pisan kana kasehatan tur kabersihan lingkungan sakola.
'Tapi penilaian teh sanes saukur sual kabersihan tur kasehatan lingkungan wungkul, tapi tim pembina usaha kasehatan sekolah (UKS) oge jadi indikator nu utama dina penileyan, utamana dina sual koordinasi ti mimiti tingkat kacamatan nepi ka kabupaten," pokna.

Arif ngajelaskeun, LSS tong dijadikeun tujuan ahir dina ngabina kasehatan tur kabersihan sakola. Tapi LSS kudu dijadikeun media pendidikan pikeun para murid sangkan daek ngabiasakeun hirup sehat tur bersih." Sual kasehatan tur abersihan teh kedah janten kabiasaan para murid, tah hal sapertos eta teh tugas para pembina UKS utamina nu aya di sakolana masing-masing," pokna.

Sumber sejen nyebutkeun, yen pembinaan UKS di wilayah Kab. Bandung sabenerna kurang saluyu jeung harepan, malah koordinasi antara kacamatan jeung kabupaten oge kurang hade. Nu jadi pasualan, dinas pendidikan nu oge salaku tim pembina UKS hare-hare kana kagiatan UKS boh di tingkat kacamatan, boh di tingkat kabupaten. "Buktosna gampang wae, cobi we tinggal sekretariat UKS teh pan sakedahna aya nu piket, duka naon nu jadi marga lantaranana ti ngawitan sekretariat UKS aya dinas pendidikan teu acan kungsi ngiring piket, komo nyawalakeun pasualan nu aya di lapangan mah," pokna bari wanti-wanti menta supaya identitasna tong disebut.

Padahal, pokna deui, UKS mah hubunganan teh jeung sakola jadi salaka dinas terkait Disdik teh wajib proaktip. Tina nu 1431 SD nu aya di Kab. Bandung nu pantes pikeun milu lomba UKS rek tingkat kacamatan atawa kabupaten ukur 25%, lolobana sakola teh lian ti kurang minuhan kana prasaratan, oge lingkunganana kumuh tur kotor. " Nya bade kumaha teu kumuh, sakola di Kab. Bandung seuseueurna caket sareng perkampungan penduduk, malihan teu sakedik nu halaman sakolana jajalaneun warga, margi bumina pengkereun sakola," pokna mungkas obrolan.*** (nunk)

Posko Siaga PLN Sumedang Ngajamin Pilpres Lancar

Tanggal 8 Juli 2009, warga nu nyumponan sarat, boga hak milih presiden. Saratna, nu kadaptar dina DPT. Sangkan pilpres aman jeung lancar, kudu ditataharkeun sagala rupana, kaasup masalah kaamanan. Pikeun ngadukung hal eta, PT. PLN (Persero) UPJ Sumedang Kota jeung UPJ Tanjungsari oge, geus tatan-tatan pikeun mapag pilpres, sangkan pasokan listrik dina waktuna henteu pareum. Henteu wae keur hari H-na wungkul, tapi oge jeyr H minus 3 nepi ka H Plus 5, geus disiapkeun.
Manajer UPJ Sumedang Kota, Adjid Hernawan, basa ditepungan ku Mangle, ngajentrekeun, yen pihakna ngajamin listrik moal pareum dina waktuna Pilpres. Ti saanggalna, UPJ Sumedang Kota geus memeres jaringan, pemangkasan tatangkalan, memeres garduh terpadu. 

Di UPJ Sumedang Kota oge di tiap kantor palayanan geus disadiakeun matrial gangguan, sangkan upama aya karuksakan ngadadak, alat-alat pikeun ngungkulanana geus disiapkeun.

Efesiensi

Lian ti ngarutinkeun miara jaringan, UPJ Tanjungsari oge geus ngalakukeun efesiensi nepi ka 40% jeung investasi nihil. Rasmono nembrakeun UPJ Tanjungsari geus ngirit sagala rupana sangkan PLN angger nanjeur. Di UPJ Tanjungsari geus teu aya deui konsumsi atawa snack dina acara rapat-rapat interen PLN, oge biaya SPJ keur karyawan anu ngalakukeun perjalanan dinas diturunkeun. Lian ti kitu, aya oge efensiensi nu dilakukeun ku cara swakelola, saperti pemangkasan tatangkalan nu ngagunakeun tanaga harian lepas atawa masarakat satempat. Dina pangadaan barang, hususna ATK UPJ Sumedang Kota geus ngalakukeun negosiasi ulang sangkan harga bisa leuwih murah, saperti dina pangadaan kartu meter pelanggan sarta mere watesan jam lembur pagawe atawa outsourching.
Sanajan ayana efesiensi biaya operasional 40% jeung biaya investasi nihil, tetep ari palayanan PLN ka masarakat mah kudu leuwih hade. Kitu deui, sangkan listrik angger hurung, masarakat oge kudu ngirit dina makena. Salah sahiji bukti PLN mere palayanan anu hade pikeun kamajuan masarakat nyaeta ngamankeun Pilpres ayeuna ku ayana Posko Siaga Pilpres, sangkan dina waktuna teu aya gangguan listrik. (Nuning/RH)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula