Carita LucuBesan
Pintonkeun di FB
Ku: Aeleas
Pikeun Bah Amid urang lembur Cibogo jeung Bah Ohan urang lembur Cihurang, anu umurna beunang disebutkeun pakokolot supa mah dunya teh jiga nu bener-bener heureut. Geus we, imah Bah Amid di tungtung kulon lembur Cibogo, ari Bah Ohan di tungtung wetan lembur Cihurang. Eta dua lembur teh natangga pisan. Jadi, najan misah lembur oge imah nu duaan teh padeukeut pisan, tatangga nu pangdeukeutna. Ti bubudak Bah Amid jeung Bah Ohan sosobatan, dalit naker lir gula jeung peueutna. Jeung dulur onaman duanana oge teu kitu-kitu teuing. Ieu mah estuning geus jiga jeung dulur pet ku hinis, malah leuwih ti kitu. Ti mimiti bray beurang nepi ka reup peuting teh ka ditu ka dieu teu weleh babarengan. Misah-misah kapeutingnakeun, mun rek sarare. Kitu oge sakapeung mah sararena teh sok babarengan, bagilir silih endongan, aya sapeuting sewang, aya dua peuting sewang, mun waktu dahar, sanggeus ngalas teh beretek lumpat bari mawa alasna, nyampeurkeun sobat dalitna, ngajak dahar babarengan. Waktu sakola, mun nu saurang teu sakola, sobat dalitna oge sarua teu sakola. Nincak umur baleg, duanana beger, henteu we boga kabogoh hiji ku duaan. Bah Amid bobogohanna teh jeung baraya Bah Ohan, ari Bah Ohan meunang baraya Bah Amid. Kitu teh atuh sosobatanana beuki raket wae. Basa rek kawin oge kaharayangna mah babarengan, tapi teu kalaksanakeun da kolot awewena bebene Bah Amid henteu nyaluyuan. Antukna Bah Ohan kawin ti heula. Kurang leuwih sataun ti harita, basa Bah Ohan budakan anu kahiji, lalaki. Bah Amid kakara bisa nuturkeun Bah Ohan, ngambah hirup rumah tangga. Sataun ti harita Bah Amid jadi bapa, boga anak ka hiji, awewe. Boh Bah Ohan boh Bah Amid, duanana sarua mikanyaahna boh ka anakna boh ka anak sobatna. Ayeuna mah ka ditu ka dieu mun babarengan teh sarua bari ngarasuh anakna. Sakapeung sok bagilir mangasuhkeun. Anak Bah Ohan diasuh ku Bah Amid, atawa sabalikna, anak Bah Amid diasuh ku Bah Ohan.
Basa barudakna geus kawilang darewasa, Bah Amid jeung Bah Ohan baradami ngajak bebesanan, anak lalaki Bah Ohan sina kawin ka anak awewe Bah Amid. Ku kabeneran barudakna satujueun. Atuh prung weh anak lalaki Bah Ohan dikawinkeun ka anak awewe Bah Amid. Hajat kawinanana kawilang rongkah, make jeung tatanggapan sagala rupa.
Bah Ohan jeung Bah Amid sarua boga anakna teh opat sewang. Anak kahiji Bah Ohan, lalaki nu meunangkeun awewe Bah Amid tea. Anak nu kadua katilu jeung ka opat tiluanana awewe. Ari anak Bah Amid nu opat teh kasebut selang-sekar Kahiji awewe, kadua lalaki, katilu awewe deui, kaopat lalaki. Sanggeus anak kadua Bah Amid anu lalaki jeung anak awewe katilu Bah Ohan darewasa, Bah Ohan jeung Bah Amid baradami deui, hayang ngawinkeun anak-anakna. Caritana sapuk, prung weh, anak kadua Bah Amid anu lalaki teh dikawinkeun ka anak katilu Bah Ohan. Nya kitu kawas nu heureut dunya tea. Minangka rada ngalegaan dunyana teh anak kadua jeung ka opat Bah Ohan mareunangkeun jodona teh ka nu sejen.kitu oge masih keneh kawilang mareunangkeun baraya-barayana. Ka dituna mah ngaheureutan deui we dunyana teh. Geura, anak kadua Bah Ohan boga anak lalaki. Enya, Bah Ohan mah incu tangtuna oge ka dinya teh. Tah, si incu lalaki Bah Ohan teh meunangkeun anak awewe Bah Amid nu katilu.
Saterusna, anak awewe Bah Ohan nu kaopat, boga anak awewe. Enya, incu tangtuna oge Bah Ohan mah kadinya teh. Incu Bah Ohan nu awewe tea, boga anak awewe, nya tangtuna oge Bah Ohan mah ka dinya teh buyut. Rek percaya rek henteu, buyut Bah Ohan nu awewe tea, kawinna teh ka anak lalaki Bah Amid anu kaopat tea. Jadi Bah Amid mah bebesananana teh… jeung Bah Ohanna, jeung anakna Bah Ohan, sarta jeung incuna Bah Ohan. Jadi, Bah Amid mah minantuna teh… anak Bah Ohan, incu Bah Ohan jeung buyut Bah Ohan. Duka tah kumaha satuluyna engke ka dituna. Nu puguh mah “ulukutek” di Bah Ohan jeung di Bah Amid teh geus aya kembang-kembangna ti ayeuna oge.
Ka Tepas
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaJajang Juharsa ngomentaran:
Iyeu mah lagu Doel Sumbang nyaaaaa......
anu tungtungna kuring kawin ka embeeeee
andi awaludin ngomentaran:
teuing ah poeeekkkkk
Nandar ngomentaran:
sami atu sareng kulawargi sim kuring, nikah teh tara ka batur....
nini nikah sareng aki, mamang sareng bibi, pun lanceuk sareng dahuan, pun adi sareng adi beuteung ...
iwa dian budhi ngomentaran:
Wkwkwkwkwk.. Nyeri beuteung campur nyeri sirah aing maca kalakuan bah amid jeung bah ohan. Jurig ah, aing jadi kudu ngopi deui ieu mah ...
Eva Masfufah ngomentaran:
Sigana copy paste etamah ngadamel carita teh nya.... hehehe
Kimunk ngomentaran:
Lamun lele dumbo F6 kawin ka F2 anakna disebut lele sangkurian, ari anak incuna Bah Hamin disebat naon jenengna....?
ARNA TS ASWIR ngomentaran:
AING MAH LIEUR EUY..... manawi teh ...!
Ahmad Solehudin ngomentaran:
lieuurrr....
dasar bah ohan...
Kang Asep ngomentaran:
lumayaaannnn
Kang Asep ngomentaran:
lumayaaannnn
Kang Asep ngomentaran:
lumayaaannnn
Iwan Subhan ngomentaran:
hahahahhahaha
asep kurnia wiradityanugraha ariadi ngomentaran:
wkwkwkwkwkwkwkwkwkkw.....malaweung, hahahahahahahahhaha!!
komar pasko ngomentaran:
kumaha ieu teh..lieur eung...he he he
dikdik ahmad yunus ngomentaran:
mun maotna bareung moalnya hehehehe asa ku aneh.. alus tah
egie mugiaperyogi ngomentaran:
hahahaha baluweng ah
Kholis Mukhtar ngomentaran:
hahahahahahah.........coba anak, incu jeung buyut na aya ngaranan ameh macana kumplit tambah lieurrrrrrrrrrrrrr
Tatang Hidayat ngomentaran:
Ha ha ha .............. nu lucu nu ngomentaran, lalieur sadayana. Mangga ah wilujeng lalieur wk wk wk ..........
Kang Ramdani ngomentaran:
Keur nyeri mastaka, tambah riuet we maca ieu carita. hahahaha
Agus Awaludin ngomentaran:
asa pabaliut...
asep dodi ngomentaran:
alaa..h kumaha ieu.......
Hadi Samsul ngomentaran:
asa lieur kuring mah :))
Ujang Anom ngomentaran:
teu empes-empes, bari maca teh kalah ka hayoh we muter-muter kumis jiga nu ngarti..
kang deny urang cibugeul ngomentaran:
aduh naha beut kuring nu jd lieur..*bari ngagaro mastaka*heuy deudeum
Aan kenyah ngomentaran:
Hehehehe pabeulit
Aan kenyah ngomentaran:
Eta mah jigana kudu nyieun kampung ngababakan ,,,kampung cipagalo wkwkwkwk
dedeng mulyana ngomentaran:
memang jaman kiwari mah kaasup jaman lalieur. Upama teu lieur teh tinggaleun jaman.
DODO MURTADO ngomentaran:
sae, sae, sae meni ulukuteuk
tono hartono ngomentaran:
lieur nyunn mun di jieun silsilahna...hehe
ulun ngomentaran:
upami aya nu langkung lieur mugi enggal dikirim ka Mangle
ulun ngomentaran:
upami aya nu langkung lieur mugi enggal dikirim ka Mangle
sukanda.km ngomentaran:
Sae caritateh, ngan uing jadi lieur lur . Saderek kedak tanggel waler kanaon nya landongna. Enggal ngadamel deui carlu anu sae. Langkung sae lieur maca carlu dri pada mikiran ekonomi anu ngajaul langit