Tue, 22-05-2012
Carita Pondok

Nu Rek Mulang Ka Bali Geusan Ngajadi

Pintonkeun di FB

 

Ku Jejen Jaelani Wargadipura
 
Bari nangkeup tuur, panonna neuteup ka lebah babantar wahangan. Runggunukna lembur pangumbaraan, ayeuna tinggal urutna, pasolengkrah alatan tadi isuk dirakrak ku aparat. Manehna ngarenghap. Luk tungkul, ngaheruk. Borelak cipanonna ngeclak. Ngenes awor jeung kasedih, ngimpel dina lara tunggara.
Mun diitung-itung, geus aya kana sapuluh taunna inyana ngadon imah-imah lebah babantar wahangan, bebetah di banjar karang pamidangan pangumbaraan. Najan kaasup lembur kumuh, tapi pikeun manehna jeung tatanggana, babantar wahangan geus dianggap lembur pamatuhan, najan kasebutna ngalanggar aturan, tapi dalah dikumaha, kaayaan maksa pikeun ngalanggar sagala aturan.
 
Lain, lain teu hayang boga imah nu luyu jeung aturan. Lain teu hayang boga imah luyu jeung pasaratan kasehatan. Tapi kahayang tinggal kahayang, kahayang nu saukur aya dina impian. Kahayang nu saukur diimpleng ku lamunan, nu hamo jadi kanyataan.
 
Kangaranan hirup di puseur dayeuh nagara, pikeun jalma kawas manehna, ngan saukur mapay-mapay lara tunggara. Ti poe ka poe teu weleh mamawa karisi. Ti bulan ka bulan teu weleh aya dina karempan. Ti taun ka taun teu weleh nyandang balangsak.
 
Jakarta nu jadi puseur impian manehna, puseur tatanggana malahan puseur impuan sa Nusantara, behna mah ngan saukur tempat pangumbaraan nu kacida gangasna. Ti poe ka poe, teu weleh bitotama jeung kejemna kahirupan.
 
Deui-deui manehna ngarenghap. Ras kana pangajak pamajikanana. Harita nyaritana rada ngageuri.
“Kang…!” ceuk pamajikanana bari neuteup daria. “Kumaha mun urang mulang we ka lembur?”
“Eta ge aya pikiran kitu, tapi…” tembalna bari ngarenghap.
“Tapi kunaon?”
“Nyaeta atuh, kangaranan sapuluh taun hirup di Jakarta, ari mulang bet kalah rudin, asa era nyanghareupan baraya teh, era ku tatangga…”
“Kang, batan hirup lara balangsak, mending mawa kaera ka lembur. Ripuh mah teu karasa ku batur. Taun-taun di Jakarta, nu kapanggih teh ngan saukur masakat jeung masakat we. Neangan sahuap sakopeun ge seuseut seuat…”
“Ari kituna mah enya…”
“Etah geuning karasa, matak asa mending mulang ka lembur …!” tempas pamajikanana, daria pisan. “Asa tingtrim keneh hirup di lembur. Najan kaayaan sarwa walurat, tapi ku dahareun mah asana teu hese-hese teuing…”
 
Manehna ngan saukur ngarahuh.
 
“Jakarta teh enya, puseurna kamewahan, sagala aya, enya puseurna rame, tapi… enya, hirup urang mah teu beda hirup di jero kurung manuk nu kacida bututna, kurung butut nu diteundeun di tengah imah mewah, ari manukna hirup langlayeuseun, alatan tempat parabna taya eusian. Enya, ngan saukur diparab ku panyesaan, kitu ge mun aya sesa…”
 
Manehna ngarenghap deui. Naon nu dikedalkeun ku pamajikannanana, memang kitu kanyataannana. Hirup di Jakarta, teu beda ti hirup ditengah-tengah upluk-aplakna sagara kamewahan, tapi karasana kacida hambar, asa hirup di tengah-tengah leuwi, tapi tikoro teu weleh halabhab.
 
Hirup lir manuk nu langlayeuseun jeroeun kurung butut nu aya diteundeun di tengah imah nu kacida mewahna. Teu beda nu rek sakarat alatan kurang dahar, ironisna, sakaratna teh aya di tengah-tengah gundukan dahareun.
 
Batinna kumalayang ka lemburna. Endahna lemah sarakan nu jauh tina ramena kota, ngeusian lelembutanana. Tiisna angin gunung nu ngahiliwir, bari ngendag-ngendag dangdaunan, sorana tingkeresek dina wirahma nu kacida endahna. Daun kalapa nu katebak angin, lir nu gumupay alatan sono, jiga nu nganaha-naha, kunaon nembelarkeun lembur nyingkur karang pamidangan.
 
Runggunukna lembur nu tengtrem tingtrim, dikeliran ku paulna pasir-pasir nu ngajungkiring hareupeun paulna gunung. Ula-ileuna walungan nu caina herang, awor jeung seahna sora curug marengan ngerelekna cai pancuran di tampian pamandian.
 
Manehna ngarenghap. Lembur matuh nu geus lila teu katincak, tempat pamungpungan sewi panineungan, teu weleh ngalangkang jadi pamepes rempatnna hate. Bruh-breh patarenggangna hunuyur jeung pasir, upluk-aplakna sawah nu parena keur rampak, tingarulang kasilir ku angin halon. Inget keneh bari ngadurukan sisi saung, mubuy sampeu atawa boled, asa karasa keneh kumaha nimatna, komo mun dibarengan ku gula beureum bari dikucuran ku jalantah, nimat karasana teh.
Deui-deui manehna ngarahuh. Galeuh rasa kasuat, teu karasa sakeclak cimata murag. Horeng puseurna dayeuh nagara, bet beda jeung bali ngajadi. Jakarta nu jadi ambahan pangumbaraan, puseurna lara balangsak.
 
Pikiran kusutna, saeutik-saeutik mimiti udar. Pajeujeutna pikir nungtutan kapentang ku nyaliksik diri. Batinna mimiti sadar, mun tetep aya di Jakarta, boa bakal sakarat alatan langlayeuseun, sakarat di sisi wahangan nu caina kacida lecekna. Enya, boa bakal paeh di tengah-tengah kamewahan deungeun-deungeun, bari bangkena dilurjeunkeun.
 
“Kang…!”
 
Gebeg, lamunannana ngadadak puyar. Rek ka gigireunnana, pamajikannana geus diuk katempo rada ngaheruk.
 
“Kumaha atuh, Kang…” ceuk pamajikanana rada peura tapi daria. “Ngurus kaera mah moal aya tungtungna…!”
“Bener ceuk Nyai, enya ngurus kaera mah moal aya tungtungna…”
“Jadi…”
“Enya, geus panceg, urang kudu mulang ka lembur. Jakarta lain tempatna jalma model urang…” tembalna bari neuteup pamajikanana. “Ngudag-ngudag dunya, behna mah ngan saukur impian. Harepan teh ngan saukur implengan…”
“Kapancegan Akang, kapancegan Nyai, mancegkeun turunan…” ceuk pamajikanana rada dareuda.
“Bener pisan, Nyi… bongan urang dipercanten ngurus turunan, urang kudu bisa mancegkeun hirup jeung kahirupanana. Urang kudu bisa nyadiakeun tatapakan pikeun ngalengkahkeun turunan, malar bisa ngambah legana kahirupan, ngayonan kejemna kahirupan dibarengan ku sabar jeung tawekal. Hirup ulah nepi ka ngudag-ngudag kalangkang heulang…”
pamajikanana ngarenghap bari nyusut cimatana.
“Sapuluh taun ngudag-ngudag dunya di Jakarta, nu kadongkang ngan saukur kieu nyatana. Tapi…, enya… ieu teh mangrupa pangalaman peuheur, nu kudu bisa dijieun luang ku turunan…”
“Kang…, pancegna tekad urang, tekad pikeun muka lambaran anyar keur Nyai mah ieu teh mangrupa harepan pikeun ngambah hirup jeung kahirupan nu pinuh katengtrem katingtrim. Najan enya hirup di lembur singkur tapi hirup teh asa merenah. Jakarta mah lain tempatna kahirupan urang…!”
“Bener Nyi, Jakarta mah puseurna gangas… Enya, tempat hirup jeung kahirupan urang mah aya di lembur…!”
 
Manehna ngarenghap, pamajikanana ngarenghap. Duaan neuteup urut imahna nu geus burakrakan alatan dibuldoser. Neuteup babantar wahangan nu caina kacida lecekna.
 
Lelembutanana kumalayang deu. Nyawang ngembatna jalan ka bali geusan ngajadi. Batin maranehna beuki masket ka tempat kadeudeuh ngancik. Lamunanana geus miheulaan muru wewengkon banjar karang pamidangan nu geus lila ditinggalkeun ngumbara.
 
Palataran harepan bruh-breh ngalangkang. Lemah tempat maranehanana ngagoar munggaran, ayeuna rek diburu dijugjug deui, ngamimitian deui rek muka lambaran hirup jeung kahirupan anyar. Tekadna geus sadrah, rek masrahkeun kanyaah ka lemah sarakanana, lemah endah, sarakan pangbalikan.
 
Sirung-sirung harepan mimiti renung, ngacambah na sarakan tengtrem tingtrim alam sakuriling. Endahna hirup jeung kahirupan di lembur nyingkur beuki ngalangkang narembongan.
 
Duaan ngumbar lamunan, ngimpleng-ngimpleng tuturus pikeun lumaku. Detik ieu, geus nitih kana wanci nu mustari, namatkeun bagja awak di Jakarta nu kauger ku lara balangsak. Detik ieu geus panceg pikeun mulang ka bali geusan ngajadi. Detik ieu rek nutup lalakon nu kadalon-dalon bari terus muka lawang hanca lumampah muru tengtrem tingtrim.
 
***

 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

wiero djampang ngomentaran:

leres dulur,,mending oge mulang

Kang Asep ngomentaran:

da saleresna daripada hirup balangsak di lembur batur mening urang ngolah tanah d lembur sorangan

andang ngomentaran:

wah.ari kang ahmad, karunya atuh nu sarusah sina internetan mah hehehehe, pan ayana oge na internet

Ahmad Salim (Iwan) ngomentaran:

Mugi ieu carita dibaraca ku urang Sunda anu ngalumbara di Jakarta bari sarusah.