Sajak-sajak Tika Yuanita
Panonpoe nu rek Surup
Dina gurat-gurat kayakinan, anjeun kungsi ngotretkeun galur carita nu can kungsi ka ukur
Dina daluang nu meh laas ku tilemna mangsa, anjeung medar perkara panonpoe anu rek surup
Panonpoe nu geus bosen nembongan pikeun urang duaan
Sukma urang adug lajer pikeun nyawang mangsa nu bakal datang
Ngotektak kana saban uteuk nu wangkelang kana ugeran
Sedeng dina kolbu mangrewu-rewu rinyuh nyaliara ngagorogotan kaimanan
Nu kungsi rengat dina itungan saparapat abad
Naha urang geus tinemu jeung lalancip kahirupan
kuring ukur ngabayu sukma.
Boa, dina catetan rea carita nu dipulas ku mangsi beureum
Boa, urang duaan geus palastra saacan waktuna
Bandung, 28 Juni 2009
Potret Hiji Dayeuh
Dayeuh nu kungsi jadi potret
Kiwari rambisak ku kakeueung
Nu sumarambah kana bayah, kana tulang, kana daging,
kana napas nu ngahelas ti renghapan-karenghapan
Najan gidig dipirig dzikir
Keupat disampayan ayat
Tapi lengkah jumarigjeug meunggas harepan
Kuring ukur ngaraja meneng
Dina pikir nu can kungsi ka ukir
Nu nguniang tina saban renghapan
Tasimalaya, 13 Juni 2009