Bangbaluh jeung Kulawedetna
Ku Mahmud Yunus
Sakur nu remen campur-gaul jeung masarakat, utamana (punten) ti kalangan bawah tangtu kungsi ngalaman dijadikeun "sasaran" curhat (curahan hati). Komo lamun urangna kaitung jalma supel mah. Maksud teh darehdeh, someah, akuan ka saha bae. Tara jaim alias tara jaga 'image', mun ceuk barudak ngora tea mah. Kalan-kalan urangna oge sok balaka ka maranehna. Bruk-brak. Kakapeungan sok "katalanjuran", tepi ka teu aya nu dipindingan. Teu aya nu dirusiahkeun. Padahal alusna mah teu kitu. Lantaran naon rupa nu kasorang ku urang teh teu mungguhan aya hikmahna. Ngan can kabiruyungan kapimilik.
Bahan picurhateun teh rea rupana. Lolobana, ngabolekerkeun kasusah, karipuh, kariweuh, karudet, jste. Aya nu curhat langsung sapada harita. Ka saha bae curhatna oge deuih. Cadu didagokeun ka isukan, ceuk gerentes hatena. Bisi bari. Bisi kapandeurian.
Sakapeung sok rada heran, alatan aya jalma nu ujug-ujug der wae nyaritakeun yen dirina keur pagaliwota jeung rupa-rupa bangbaluh. Ririwit, geringan, jeung titikbrek. Teu boga pagawean tea. Teu boga duit tea. Keur kajiret ku hutang tea. Sedengkeun anak reuay! Limaan geura oge. Turug-turug laleutik keneh. Inggis teu kaparaban. Rempan teu karangkaman. Hariwang teu kasakolakeun. Bati nalangsa, pokna teh. Humandeuar, bari ditungtungan ku muragkeun cimata. Antukna, nyalahkeun ka Pangeran. Padahal, Anjeuna teh maha welas tur maha asih ka sadaya mahluk-Na.
Pidawuh Alloh SWT: "Jeung saestuna Kami baris nyoba maraneh ku sarwa (saeutik) kasieun, kalaparan, kakurangan harta/banda, jiwa jeung bubuahan. Jeung prak bubungah ku maneh jalma-jalma nu salabar teh" (QS Al-Baqoroh [2]: 155). Ngaliwatan ayat bieu Alloh SWT ngajelaskeun aya lima perkara nu baris ditibankeun ka manusa. Nu lima perkara teh nya eta: (1) Rasa sieun atawa rasa salempang. (2) Rasa lapar lantaran euweuh dahareun nu bisa didahar upamana keur usum paila. (3) Kakurangan banda atawa sagala walurat alias masakat alias malarat alias miskin. (4) Kailangan jiwa, upamana kailangan anggota kulawarga lantaran kaburu maot. (5) Kakurangan bubuahan, upamana balukar tina halodo panjang. Sakali deui nu ditaan bieu teh bahan uji-coba. Hasil atawa gagalna uji-coba gumantung sapinuhna ka urang salaku nu diuji-coba. Ngan sakumaha beuratna materi nu diuji-cobakeun oge tinangtu aya bae jalan ka luarna atawa solusina. Lamun diibaratkeun jeung naskah soal ujian keur barudak sakola tea mah geus pasti aya konci jawabanna. Kumaha carana? Nurutkeun ayat bieu mah ku cara sabar. Sabar dina harti anu jembar. Lain pasrah sumerah tanpa ihtiar. Aya sawatara ihtiar katut tarekah nu bisa dipertimbangkeun nya eta:
Kahiji, dina raraga ngungkulan rasa sieun atawa rasa salempang. Leuwih ti heula urang kudu ngawilah-wilah pasualan. Palebah dieu urang kudu nanya ka diri urang sorangan. Saestuna naon nu ku urang dipikasieun teh? Atawa, naon sabenerna nu matak urang salempang teh? Eta pertanyaan teh kudu dijawab kalawan sajujur-jujurna ku urang sorangan. Omat, ulah menta jawaban ti batur. Sanajan ti batur sakasur. Satuluyna, mun dipandang perelu jieun daptar jawabanana dina salambar keretas. Upamana bae, jawaban urang teh kieu: (1) sieun teu dahar; (2) sieun gering; (3) sieun pondok umur; (4) sieun teu beunghar; (5) sieun teu boga kalungguhan/jabatan; (6) sieun teu dihargaan ku batur; (7) sieun teu boga anak; (8) sieun teu parok jeung batur. Sanggeusna kitu coba bandingkeun jeung jalma nu salila ieu lubak libuk ku dahareun, sehat tur jagjag waringkas, umurna panjang (di atas rata-rata harapan hidup orang Indonesia), beunghar kabina-bina, boga kalungguhan luhur, dipihormat, anakna loba, tur parok jeung nu lian. Sakali deui, pek bandingkeun sing taliti jeung ati-ati boh kauntunganna pon kitu deui karugianna. Positifna jeung negatifna. Sabadana kitu, jieun kacindekan nu pangkahartina ku akal.
Nurutkeun ajaran Islam teu dahar, teu walagri, teu panjang umur, teu beunghar, teu boga kalungguhan, teu dipihormat ku batur, teu boga anak atawa gabug, teu parok jeung batur teu mustahil ngarupakeun niley tambah keur nu bersangkutan. Alus keneh teu dahar, tinimbang ngadahar dahareun nu lain hakna mah. Alus keneh geringan, tinimbang sehat tur jagjag waringkas tapi teu digunakeun keur ibadah mah. Alus keneh teu panjang umur, tinimbang panjang umur digunakeun keur ma'siat mah. Alus keneh teu beunghar, ti batan beunghar teu ngaluarkeun zakat, infak jeung sidekah mah. Alus keneh teu boga kalungguhan, ti batan boga kalungguhan teu amanah mah. Alus keneh teu dipihormat, ti batan dipihormat sombong (takabur) mah. Alus keneh teu boga anak, ti batan boga anak teu dibingbing ku ajaran Islam mah. Alus keneh teu parok jeung batur, ti batan marok-marokkeun maneh ka nu teu eucreug mah. Palebah dieu Alloh SWT maha adil teh.
Kadua, kumaha carana ngungkulan bangbaluh jeung kulawedetna nu kaabus kana daptar nu diberendelkeun di hareup teh? Keur nu ngalaman cobaan atawa ujian saperti kitu, samistina leuwih ngadeukeutkeun diri ka Alloh SWT. Leuwih micinta ka Anjeuna. Malar Alloh SWT leuwih deukeut tur leuwih micinta ka urang. Dawuhan Alloh SWT: "Pok caritakeun: "Lamun arandika micinta ka Alloh, prak geura narurut ka kaula, tanwande Alloh baris micinta ka arandika jeung ngahampura dosa arandika. Jeung Alloh maha jembar pangampura, maha welas-asih." (QS Ali Imron [3]: 31). Dijelaskeun, saupamana urang ngadeukeutkeun diri ka Alloh SWT bari leumpang (ngagandeuang), Anjeunna baris ngadeukeutan ka urang bari lumpat. Salian ti eta digambarkeun, lamun urang ngadeukeutkeun ka Alloh SWT sadeupa, Anjeunna baris ngadeukeutan ka urang sahasta jeung satuluyna. Deukeut di dieu ngandung harti ngaronjatkeun ajen katakwaan urang ka Alloh SWT. Lantaran sagala rupa urusan nu ceuk urang beurat oge nurutkeun pandangan Anjeunna mah teu beurat teu sing. Kacindekan kitu teh estuning lain beunang ngira-ngira. Alloh SWT nyalira nu netelakeun kitu: "Saenyana taya lian upama Anjeunna ngersakeun hiji perkara teh, Anjeunna ngan ukur ngadawuh: "Jadi !". (Sabadana kitu) Jleg weh jadi". Nya maha suci Anjeunna, dina panangan Anjeunna pangawasa sagala-galana; jeung nya ka Anjeunna maraneh bakal dipulangkeun (QS Yaa-siin [36]: 82 - 83). Sagigireun ti eta, urang sing yakin yen jalma-jalma nu tarakwa teh dipupujuhkeun. Ngaliwatan pidawuh-Na dina QS Ath-Tholaq, Alloh SWT nandeskeun saniskara kautamaan jalma-jalma nu tarakwa nya eta: "Sing saha nu takwa ka Alloh, tanwande Anjeunna ngayugakeun hiji jalan ka luar (bongbolongan) pikeun maranehna. Jeung Anjeunna baris maparinkeun rejeki ka manehna tina jalan nu teu disangka-sangka ku manehna, lantaran sing saha nu tawekal ka Alloh, nya Anjeunna nu nyumponana." (QS Ath-Tholaq [65]: 2 - 3). Satuluyna: "Jeung sing saha nu takwa ka Alloh, tanwande Anjeunna ngagampangkeun dina urusanana." (QS Ath-Tholaq [65]: 4). Satuluyna deui: "Jeung sing saha nu tarakwa ka Alloh, tanwande Anjeunna mupus kajahatan-kajahatan ti maranehna jeung Anjeunna bakal nambahan ganjaran ka maranehna." (QS Ath-Tholaq [65]: 5). Dina prakna ngabalanjakeun (nasorupkeun) harta, Alloh SWT mepelingan ka urang sarerea ku cara nu wijaksana. Dawuhan Alloh SWT: "Sakuduna jalma nu boga kalonggaran mah ngabalanjakeun nurutkeun kalonggaranana, jeung sing saha nu heureut rejekina, nya sakaduga manehna ngabalanjakeun harta nurutkeun naon - naon nu dipaparinkeun ku Alloh ka manehna. Alloh moal ngabeungbeuratan jalma anging nurutkeun nu geus dipaparinkeun ku Anjeunna ka manehna. Alloh baris ngajadikeun kagampang sabada karipuh." (QS Ath-Tholaq [65]: 7).
Palangsiang sagala rupa kasusah, karipuh, kariweuh, karudet jeung sajabana teh balukar urangna mindeng nukang-nonggong ka Pangeran. Boa-boa salila ieu geus jadi jalma nu arang langka syukuran kana ni'mat nu dipaparinkeun ku Alloh SWT ka urang jeung ka kulawarga urang. Padahal ni'mat Alloh SWT nu dipaparinkeun ka urang teh moal kaitung jumlahna. Sapantesna urang ngabiasakeun syukuran kana ni'mat. Saupama urang syukuran kana ni'mat, tangtu Alloh SWT nambahan ni'mat nu dipaparinkeun ka urang boh jumlahna pon kitu deui kualitasna (tingali QS Ibrohim [ 14 ]: 7).
Sabada tarekah atawa ihtiar dipandang cukup, nya hasilna mah urang sanggakeun ka nu kawasa (tawekal). Barina oge rupaning kani'matan dunya mah ukur samentara. Moal langgeng. Moal dibawa ka alam baka. Malahan keur nu teu amanah mah matak nyilakakeun. Sakumaha nu dicawiskeun ka Qorun (tingali QS Al-Qoshosh [28]: 76).
Manusa kumaha bae kualitasna mah, kabeh ge hamba Alloh SWT nu diwajibkeun aribadah ka Anjeunna. Ngalaksanakeun kawajiban ibadah teh tong sagawayah. Manusa ngabutuhkeun tungtunan, bingbingan, jste. Dina Al-Quran tungtunan jeung bingbingan teh digambarkeun/diilustrasikeun hiji parahu atawa bahtera buktina Parahu Nabi Nuh. Parahu Nabi Nuh pisan nu nyalametkeun sakabeh panumpang tina rongkahna "amukan badai dan gelombang setinggi gunung" teh. Kumaha sikep manusa umumna? Dawuhan Alloh SWT: "Jeung upama maranehna ditarajang ombak nu sagede-gede gunung maranehna sasambat ka Alloh kalawan ngaihlaskeun agama ka Anjeunna. Tapi nalika Anjeunna geus nyalametkeun maranehna (hanjat) ka darat, ngan sabagian ti maranehna nu lumampah iatna." (QS Luqman [31]: 32). Mugi aya mangpaatna. Amin.***