Galuring Gending (14)
Kuring hayang lumpat, hayang kabur, hayang nyingkahkeun kanyataan hirup anu keur disanghareupan. Tapi keukeuh asa teu timu wae jeung panglumpatan anu bisa mawa katingtriman. Rajeun panggih jeung katenangan, tapi ukur saheulaanan; sabot keur teu sadar balukar tina pangaruh anu ditimbulkeunana; narkoba atawa inuman kitu-kitu keneh. Ana pikiran geus jejeg deui mah, angger wae pasualan teh ngaronom deui. Pohona ukur sakeudeung, sabot diri langlang-lingling. Tapi, deui-deui kuring hese rek nyingkahkeunana, sabab meureun dirojong ku suasana; boh suasana hate anu keur marudah, boh suasana lingkungan anu tadina ngahaja dipilih. Ka dinya deui, ka dinya deui. Abong heueuh, tadina bet milih jalan nu eta; angger katalimbeng, angger kapidangdung.
Imah geus dicul-jeunkeun, kumaha karep Bi Eka jeung Mang Badri. Paling ukur dilongok sawaktu-waktu, kitu ge tiba saelol; bisi aya rekening nu kudu dilunasan. Kuring haben anclang-anclangan, ngulayaban kumaha parengna angin. Teu puguh di mana nya dumuk, teu eces di mana nya adres. Indit sakarepna, cicing sanyangsangna; kokoleaban. Kuring miruket rupa-rupa kahirupan, iwal hiji anu teu dilakonan: tangkeupan lalaki!
Duit? Ah, teu kudu ieuh dipikiran. Deposito titinggal Bapa masih keneh ngajengjreng enolna, najan lila-lila mah sumberna mimiti ngorotan. Kartu ATM nu nyeseg dina loket, hiji-hiji nungtutan teu laku, lantaran digesekkeunana hantem-hanteman. Heueuh, ari nunda tara, tapi nyokot taya karasa bosenna. Puguh wae lila-lila mah parongpong, da bank oge puguh itunganana.
Sakapeung sok aya pikiran, dina keur jejeg ingetan tangtuna ge, mun bekel geus ledis, kudu kumaha nya pikahareupeun?
"Hanas maneh rek ngublag, karep teh teuing!"
Ngajelengeng deui sora anu kungsi nyarita dina telepon.
Ngublag? Jadi ublag? Jadi ungkluk?
Kuring ngahuleng.
Dina hiji peuting, kuring popohoan teuing nginum ....
***
BUBAR rapat teh geus peuting pisan, jarum Seiko Sport dina leungeun kencana geus ampir parengkep luhureun angka dua welas. Di langit bulan moncorong, adu geulis jeung lampu merkuri anu ngabaris sapanjang jalan. Angin peuting tingselesep ngoetan kulit.
Geus aya kana sapuluh menitna Panji ngajengjen memegat angkot, tapi mani langka pisan anu ngaliwat. Dina ayana ge terus wae mangprung, da geus teu butuheun ku panumpang, kawasna teh pinuhna ti terminal keneh. Wayah kieu mah geu moal aya nu nyodok, ceuk dina hatena. Mending leumpang heula, sugan wae di kaler aya kabeneran aya panumpang anu turun. Sukuna miheulaan ngalengkah, mapay trotoar.
Geus langka pisan anu lalar liwat. Sajeroning leumpang geus aya ratusna lengkah, manehna ukur pasarandog jeung tukang sate Madura, ngadodorong roda kosong, rek ngampih. Sepi. Mun tea mah pareng aya taksi ngaliwat, kawasna moal daekeun eureun, najan dipegat acung-acungan ge. Tangtu supirna bakal curiga; manggih panumpang di jalan anu sakitu simpena. Jeun teuing ah, da aing mah moal kana taksi ieuh. Mahal. Kudu ari uculan sapuluh rebu mah.
Maju ka kaler, suasana rame keneh meueusan, bubuhan aya tempat hiburan. Tuh geuning, mobil nu diparkir masih keneh ngajajar. Disawang ti luar mah teu rame teu sing, padahal di jerona moal boa pagelek-gelek. Budal-budal teh engke wae dina geus nincak wanci janari.
Panji ngajanteng deui. Tungtungna jadi bosen nungguan; angkot geus meh saat pisan. Piraku ari kudu nungguan tepi ka subuh mah, ceuk dina hatena. Meureun kudu ngalelentuk di sisi jalan. Lain rek boboleh sabab tunduh, da geus biasa ieuh nyaring parat sapeuting ge, ngan teu kasawang ku tirisna, moal cageur ku hantem-hanteman udud; paling ge letah jadi kohal.
Geus wae mending leumpang ka parapatan, rek megat angkot ti jurusan sejen. Jeung batan kudu ngalelengkur maturan tukang parkir. Atawa mending ka tukang emih goreng heula, ngarah gede deui tanaga; dina geus datang ka imah teu kudu uyup-ayap deui neangan gaheleun.
Enya geuning rada seger ari geus diteteg heula mah. Barang nyot udud teh karasa ni'matna; aroma cengkeh diadu jeung urut seuhah.
Creng dibayar. Mani dua tikeleun ti harga anu biasa. Abong heueuh nagogna hareupeun diskotik, harga per piringna kabawakeun undak jadi kelas elit.
Sabot rek ngalengkah, awakna kadupak ku anu karek bijil ti lawang, da itu leumpangna sasampoyongan. Moal salah, mun lain weureu inuman, tangtuna ge tas neureuyan pel anu matak langlang-lingling.
"Sori nya ... sori ...," pokna bari angger sosolontodan.
Ih, geuning awewe, ceuk Panji dina hatena. Ku manehna diperhatikeun heula sakeudeung. Eta awewe terus naleukeum kana kap mesin sedan, terus nangtung deui, ngan teu bisaeun ajeg, bangun rek ngarampeol. Heg gugupay; teuing ka saha. Panji luak-lieuk, hayang nyidikkeun saha nu digupayanana. Ah, geuning taya sasaha. Moal kitu ngageroan tukang emih goreng?
Gugpay deui. Panji pangangguran nyampeurkeun, bisi enya ngageroan manehna.
"Man ..., anter gue pulang ...," pokna. Tina sungutna ngaheos bau alkohol.
Pulang? Balik ka mana?
"Anter pulang, Man ...."
Panji teu waka nyoara. Heueuh, da rek nyarita naon atuh?
"Lu bengong aja ... Anter gue pulang ...," bari ngasongkeun leungeun, menta ditungtun.
Najan bari jeung asa-asa, leungeun si awewe terus dicekel. Karek ge kek, itu geus miheulaan ngalengkah ngaraketkeun awakna ka Panji, menta disangkeh.
Bingung. Naon nu kudu dipilampah ieu teh, ceuk pamikirna. Anteurkeun balik teh, kudu ka mana nganteurkeunana. Panji ngan bati hulang-huleng, teu timu naon nya nu kudu dipilampah. Anu araya di dinya taya nu mirosea. Jigana geus dianggap biasa mun aya nu kitu teh. Anu matak Panji ge kalah diarantep.
"Taksi ..., taksinya mana ...?"
Taksi? Enya ari taksi mah aya, najan rada anggang ge diparkirna. Tapi, mun geus aya na jero taksi, nya ka mana kudu ngajugjug? Leuheung lamun di antara supir taksi aya nu wawuheun ka ieu awewe mah; meureun moal pati hese nganteurkeunana.
Sirahna ngalehleh, nyampay kana taktak Panji. Direret meueusan, panonna bangun geus teu wasa beunta-beunta acan. Kudu kumaha atuh ieu teh? Mending lesotkeun wae kitu, da digugulung ge kalah matak jadi bingung? Tapi, asa karunya. Geus puguh ieu awewe teh keur teu walakaya. Mun dilurkeun di dieu, saha nu nyaho tambah mawa cilaka pikeun dirina. Ah, salahna sorangan; naha atuh make mabok popohoan, mani kawas geus teu boga pikiran.
"Cepet ..., Man ...," pokna deui, angger keneh peureum.
Saha ari nu dimaksud "Man" ku manehna? Sobatna? Kabogohna? Atawa boa salakina? Kumaha lamun enya salakina, atawa kabogohna? Meureun itu bakal napsu, nenjo awewe pasanganana disasangkeh batur. Tuh, pan kuriak matak jadi cilaka. Saha nu nyaho mun ujug-ujug habek wae neunggeul, atawa bisa jadi jedor mestol.
Mubah aing boga nyawa hiji-hijina teh!
Ah, geus urang pasrahkeun ka supir taksi. Rek dibawa ka mana, rek dibawa ka manana mah kuma karep teuing; lain urusan aing! Tapi, naha supir taksina bakal daekeun narima mun dipasrahan awewe dina kaayaan keur kieu? Tangtu kana nolakna. Meureun teu pupuguh dibere panumpang anu keur teu eling; kuriak wae engkena kudu urusan jeung pulisi.
Atawa mending anteurkeun deui kitu ka jero diskotik? Keun wae ari geus aya di jero mah sina jadi pagawean patugas kaamanan. Tapi, naha aing moal dicuriga? Meureun sahenteuna itu teh bakal tatanya heula. Mun ku aing dijawab sajalantrahna, naha bakal percayaeun?
"Cepet, Man ...."
"Ya ..., ya ...," omong Panji, bakat ku geus buntu laku.
Si awewe satengah disesred, da nangtungna geus teu bisaeun ajeg. Sakapeung nyanggeyeng ka kenca, sakapeung ka katuhu. Mun teu kitu, ngadengklang ka tukang, atawa rada nyolontod ka hareup. Mani parna kieu silaing mabok teh, Nyai! Naha geus teu boga temah wadi?
Waktu geus aya di jero taksi, si awewe ngadangheuak kana panyaradean, bari panonna mah angger peureum. Panji diuk gigireunana, ukur kahalangan ku tas leutik.
"Ka mana, Cep?" supir taksi nanya bari ngahirupan mobil.
Bari jeung rada malaweung, Panji nembalan, nyebutkeun alamat kontrakanana. Ari geus sadar mah manehna reuwas. Naha make dibawa ka imah aing? Kumaha mun matak jadi barubah ka sarerea? Dina wanci nu geus ngagayuh ka janari bet mamawa awewe timu ti hareupeun diskotik.
Ah, naha make bingung-bingung teuing. Geus aya di ditu mah, matak naon mun laporkeun ka RT. Atawa, ka anu keur ngaronda atuh, mun ngagedor imah RT bisi matak ngaganggu mah.
Turun di hareupeun gang, si timu terus disangkeh deui. Datang ka imah, heg digolerkeun dina dipan, sapatuna dilaanan. Anu teu wasaeun muka teh kana rompina. Ah, eta mah ku Panji diantep sakumaha tadi bawana. Mun diropea ka lebah dinya, kuriak wae timbul nu lain-lain.
Sanggeus merenah cicingna, Panji ka luar deui. Angkanan mah rek nepungan ronda. Mun geus wayah kieu teh biasana mah keur ngagimbung di poskamling. Tara ieuh ngalider ngurilingan gang haben-habenan. Biasana oge ngontrol mah tabuh dua welasan, terus engke weh ka janarikeun, dina rek balubar ka saimah-imahna.
Disebut ronda soteh dumeh nyararing ti peuting. Kitu weh acarana mah sempal guyon, selang-selang ti ngepung balak genep atawa mirit kartu joker teh. Sakali-kalieun sok papasakan, asal ti samemehna geus jangji heula rek arudunan. Geus baku, tabuh satengah dua murak liwetna teh, dina mangsa beuteung keur meujeuhna galunggang.
Jol ka buruan pos kamling, kasampak aya opatan; keur parogot meubeutkeun cap Kalong si mata beureum. Kohkol ngagawing, panakolna nyelap dina cocokrah. Dina papangge, bebedogan tina ruyung ngagoler, numpang kana sendal; minangkana mah eta teh senjata inventaris RT.
"Eh, geuning aya Cep Panji," salah saurang ngabageakeun.
"Diantos tatadi ku Pa Guru. Pajarkeun teh panasaran hayang nuluykeun ijen kuda," nu sejen mairan.
Anu dimaksud Pa guru teh tangtuna ge Pa Elom, anu sapangabeuki jeung manehna kana catur. Matak pogot maen jeung eta mah, da remen silih elehkeun.
"Oh, kitu? Tapi geuning ayeuna mah tos mulih, nya?" omong Panji, bari gek dina bangbarung.
"Tadi ge tabuh sawelas tos ngaleos deui. Ngantos Encep ti saberesna acara Dunia dalam Berita, tuda," tembal nu make kupluk. "Tos tabuh sabaraha ari ayeuna?"
Panji ngilikan erlojina. "Tabuh satengah dua langkung," pokna.
"Ih, geuning geus meujeuhna ngampih."
"Is, tong waka! Kagok yeuh beakkeun heula, ngarah sekorna jejeg. Tuh, ngan butuh tilu puluh deui," tembal parnerna.
"Ngampih mah biasana oge tabuh satengah opat. Ke, lamun mobil Haji Imron geus gerung-gerung rek indit ka pasar."
"Pantes masing hayang buru-buru ngampih ge, tuda Sahri mah boga keukeupaneun, nya?"
"Wah, keukeupaneun ti mana horeng? Kapan indungna barudak mah balik ti bidanna tacan jejeg lima minggu," tembal nu disebut Sahri.
"Kurang saeutik mah keun wae atuh, euy, da moal diponcongok ku paraji."
"Meunggeus gandeng! Tuh, jadi we salah! Lima kalah ditinggang ku opat! Paingan ka aingna jadi lieur."
"Uing mah rek buru-buru ngampih soteh dumeh isukan boga anggeuskeuneun gawe, kapalang hanca ngusenan di Pa Sujana. Mangkaning hayang anggeus tereh-tereh, cenah. Kangaranan masangkeun kusen tea atuh, teu meunang dibawa lulungu; bisi nyengcang!"
"Naha keur nyieun naon deui kitu?"
"Kapan hayang boga kios, cenah. Rek wawarungan, pedah ayeuna rek maju ka pangsiun."
"Keun ari urusan nu rek pangsiun jeung boga program ngawarung mah, da geus jelas ieuh. Ngan ieu yeuh, asa ku tiris-tiris teuing."
"Alah, maneh ge sarua nya, hayang buru-buru ngampih?"
"Ah, kawas nu boga keukeupaneun we."
"Naha ari indung barudak keur ka mana, kitu?"
"Kapan geus dua poe riringkid ka lembur, budak kabeh dibawa."
"Naha mani kawas keur aya bancang pakewuh wae, budak diringkid kabeh!"
"Ih, diringkid sotenan dumeh di lembur dahuan rek hajat. Uing ge kana pageto nyusulan teh."
Angger, heuheuh abong lalaki, teu rek di mana, teu rek di mana, bahan obrolan teh bakal dibungbuan ku hal-hal nu patali jeung lawan jenis; naha rek togmol, atawa cukup bari malibir. Anu beda teh dina milih idiom jeung wacanana. Abong heueuh ceuk Freud kitu; yen manusa didorong ku libido seksna. Eta geura lamun keur ngabandungan obrolan dina riungan, boh lalaki wungkul boh dicaruk, angger wae sok aya ngabalecotna kana urusan lalaki-awewe, najan ari rereana mah brasna teh kana anu pikaseurieunana; hiburan ringan.
Obrolan di poskamling anu nyabit-nyabit "keukeupaneun", dina emprona bet ngalantarankeun Panji mandeg mayong enggoning arek laporan yen di imahna keur aya semah. Memang enya ari ceuk katangtuan mah anu kudu dilaporkeun ka RT teh mun aya semah anu 1x24 jam tea. Ari semah kakara kurunyung mah teu kudu gancang-gancang bebeja ka aparat daerah. Tapi, pan ieu mah semahna beda ti kailaharan. Naha mending dicaritakeun, atawa entong? Ari dicaritakeun, asa rada era rek pokna. Ari henteu, kumaha mun engkena aya nanaon.
Tapi, dina pamustunganana mah Panji nyokot pilihan anu kadua. Manehna teu tulus nyaritakeun pamaksudanana; yen rek laporan, pedah di imah aya "keukeupaneun", dumasar kana rupa-rupa tinimbangan. Anu matak, manehna terus permisi deui.
"Ka mana atuh, Cep? Mending ngobrol di dieu. Di bumi ge kapan taya sasaha ieuh," omong nu keur ngaronda.
Anu matak: aya sasaha! Najan ari nu dipokkeun mah; "Asa hoyong ka cai ieu teh, bangun rada-rada ngusial."
"Asa sanes usumna, Encep, wayah kieu ngaluarkeun hampas nasi rames mah, da lauk anu baris nyantokanana ge keur talibra."
"Mun lauk keur talibra, kapan aya belut."
"Heueuh, ari belut mah kudu diurek tea."
"Ngurek belut wayah kieu tea, ruruhitna ge kudu sing nyengklik, ngarah dia sakali nyanggut teh terus melag dina elak-elakan. Teu kaop kadudut, langsung nyentok deui, dibawa ngelelep ka jero liang."
"Wah silaing mah! Eta mah atuh belut anu 48 kilo tea!"
Panji ngan ukur ngaheheh. Moal aya anggeusna mun haben dipairan mah; pasti obrolan teh bakal ngalegaan deui. Manehna muji kana beungharna imajinasi si emang jeung si akang anu keur ngariung.
Si timu masih keneh ngageubra, tacan robah posisina. Ah, ku sareretan oge palias make nyalahan: neng-timu-ti-diskotik teh geulis. Irungna bangir, luhureun biwir luhurna ngageleng bulu lemes (Panji teu wasaeun mun nyebut kumis, bisi matak jatoh harga). Asa nempo "kumis" Iis Dahlia, biduan dangdut anu nyanyi bari kekecebesan di sisi laut; cinta bukanlah kapal ..., cenah. Beungeutna ngadaun seureuh, ari awak ngalampanyat (mun dina jeujeur mah pantesna teh keur ngala beunteur, lain potongan jegjreg paranti ngala deleg di ranca). Ret kana bulu matana; ana dibawa peureum teh kawas nu ngahaja meunang nganyam. Buukna, eta buukna, galing ombak-banyuan; sawareh nutupan harigu kencana. Cacak mun rompina rada ngaliglag, geus moal boa gunungna, eh, lain gunung ketang, tapi pasir merenahna mah, tembong muncugug. Ari tina hulu angen tepi ka luhureun tarangbaga geus pasti kana ratana, moal aya garunjal-garinjul ku paleuleuwih gajih atawa kulit lilipitan. Heueuh, ieu mah ukur karek ceuk panenjo hate; kitu pipanteseunana. Mun tea mah rek disebut aya kurangna, eta, pakulitanana rada-rada reueuk, henteu bodas kawas tipp-eks, atawa ngenclong lir marmer Itali. Tapi, ah, moal matak loba nyangkolong kana peunteun, turunna oge paling-paling enol koma sakitu.
Saha atuh ieu awewe teh? Panji tumanya ka dirina sorangan. Ngan lamun dipatalikeun jeung peristiwa panggihna tadi, boa-boa lain awewe baleg. Heueuh, mun tea mah wanoja hideng, piraku teuing tengah peuting kukulayaban di tempat hiburan. Kawasna moal jauh ti awewe panggilan, malah teu mustahil kelas profesional. Jigana tacan asup ari kana kolom tanteu mah, tapi deuih ari disebut ABG ge teu merenah. Kitu lah, ieu mah bangsaning kelas mahasiswa. Panji jadi ras inget ka babaturanana, anu nya nyusun skripsi nya bari nyambi; langgananana ti rupa-rupa kalangan. Tapi, kuliahna mah teu burung anggeus, bari yudisieumna teu handap-handap teuing. Panji teu kungsi manggih deui katerangan ngeunaan manehna, naha neruskeun profesina, atawa neangan gawe nu luyu jeung ijasahna. Ngan sanggeus eta awewe lulus, bet kaemper-emper, pajar cenah pangna nileyna rada lumayan teh sabab di antara dosen anu ngujina dina sidang aya nu kungsi dibere heula "ngasaan"; garatis tangtuna oge, itung-itung barter antara prestasi akademis jeung kabutuh biologis!*** (hanca)