Tue, 22-05-2012
Impik-implik

Soehendar Sang Kiri Luar

Pintonkeun di FB

Nyebut teh Kang Hendar bae. Jajalanan wawuh, kulantaran natangga. Bumina teu pati jauh ti imah kuring, ukur beda gang. Awalna mah biasa we, ari panggih kuring saling uluk salam. Mun pareng bareng ngaronda, sok diembohan ku ngobrol ngaler ngidul. Tina kahirupanana nu basajan, tara nembongkeun diri, mana komo umaku kungsi boga jasa jadi pamaen Persib jeung PSSI manten, teu ditanya mah tara ieuh ngobrolkeun kasang tukang hirupna.

***

Hiji waktu Kang Iwan lanceuk kuring mere beja, cenah Kang Hendar teh baheula mantan pamaen Persib jeung PSSI. Kang Iwan mah apal pisan, sabab baheulana tukang nongton maen bal. Ari kuring mun tea mah inget ka pamaen bal, pedah waktu di Sakola Rakyat (SR ayeuna SD) dibagi jidar anu aya gambar Witarsa. Cenah harita Indonesia maen gedeg jeung Rusia. Teu kacipta rupa Witarsa teh, da gambarna ge leutik. Mun tea mah umumna masarakat taun 50-60 an teu apal kana rupa pamaen, atuh da harita mah can rame aya televisi. Mun ngadenge tina siaran radio, ukur ngaran ngaran pamaen bae. Beh dituna keur kuring mah leuwih namper ngaran reporterna, saperti Baskara, batan para pamaen balna. Balik deui ka Kang Hendar, ukur mienya kungsi ngadenge aya ngaran Soehendar (Soehendar) anu kungsi jadi pamaen Persib jeung PSSI. Saprak nyaho Kang Hendar teh mantan pamaen Persib jeung PSSI, lamun pareng ngobrol teh, kuring loba tatanya soal pangalamanana waktu jadi pamaen Persib atawa PSSI.

Urang Banjaran

Soehendar lahir di Jakarta, 21 Maret 1938. Ramana R. E. Suminar ngagaduhan foto studio, anu sakaligus janten usaha kulawargana. Sabada proklamasi kamerdekaan, kusabab suasana di Jakarta genting, nya sakulawarga pindah deui ka lembur di Banjaran, pernahna di kampung Sadah Batukarut. Ti harita mah tetep renggenek henteu incah balilahan deui ngumbara ka luar kota. Di lingkungan kulawargana, Soehendar teh anak cikal ti genep sadulur. Ti keur Sakola Rakyat, Soehendar geus resep kana maen bal. Malah waktu kelas VI geus asup ka POPSI (Persatuan Olahraga Pemuda Sosialis Indonesia) di Banjaran, maen di bagian kiri luar.

Nu mingpin Popsi Banjaran nyaeta Encas Sukara, nu mancen gawe mantri pasar. Sabada tamat ti Sakola Rakyat, neruskeun sakola ka Bandung, pernahna di SMP Nasional Jl. Riau (Martadinata) Di Bandung, Soehendar milu ka Itang Sutarna,  kapi lanceukna. (Waktu di Jakarta, samemeh ibu ramana Soehendar gaduh putra, nya ngarorok Itang Sukarna anu masih kulawarga na ti ramana. Soehendar. Geus nganggap ka Itang teh lanceuk landes bae. Itang teh lanceuk teges Witarsa, pamaen bal nu mashur taun lima puluhan. )Waktu di Bandung, ningali bakat Soehendar kana maen bal, ku Itang Sutarna diasupkeun ka kleub Putra Priangan, di N. V. Damai pimpinan H. Mahdar. Di Putra Priangan, Soehendar panggih jeung Ilyas Hadade, Patah Hidayat, Sukma Sajati, jeung Anwar. Teu lila di Putra Priangan, kapilih jadi pamaen Persib. Di Persib bareng maen jeung Witarsa, Ade Dana, Djudju, Simon Hehanusa, Hermanu, Rukma Sujana, Omo Suratmo, Wowo, Ishak Udin, Patah Hidayat, Ilyas Hadade, jrrd. Prestasi nu nyongcolang ti para pamaen Persib, ahirna maranehna ditarik ku PSSI. Malah kungsi dina hiji pertandingan nu disebut PSSI teh 3/4 leuwih dieusian ku pamaen Persib. Tina sabelas pamaen nu makalangan, anggotana salapan urang ti Persib. Tugas Soehendar, angger ditempatkeun di bagian kiri luar. Harita nu jadi pelatihna nyaeta Tony Vogacnic.

Panineungan

Ngaguar panineungannana waktu jadi pamaen Persib, Soehendar leuwih loba ngabanding-banding, yen cenah pamaen bal ayeuna mah, jauh leuwih genah jeung leuwih dipupujuhkeun. Beda jeung baheula (taun 50-60 an), nu disebut maen bal teh jauh leuwih nyindekel kana nganteur karesep, jeung rasa cinta ka daerahna sorangan. Indit latihan, ongkos sorangan. Make sapatu, bogana sorangan. Dalah upama tea mah meunang kostum kaos keur maen, kapan sabada beres maen mah dikumpulkeun deui. Lain bae di Persib, tapi oge di PSSI. Mun tea mah aya uang saku, kitu we upama kabenerean aya jadwal pertandingan. Gedena, nya lumayan we keur ganti ongkos mah, kagantian. Mun tea mah beres maen, mana komo bari meunang, sok aya nu naktrir dahar. Untungna Persib harita mah beunang disebutkeun kleub sepak bola anu dipikagimir ku kasawelasan daerah di Indonesia. Upama tea mah manggih lawan nu disebut beurat, paling paling ngalawan Persija ata PSM. Nu sejenna mah, beunang disebutkeun hampang. Numatak teu aneh lamun loba pamaen Persib anu ditarik ku PSSI, da prestasi para pamaenna loba nu nyarongcolang. Rasa reueus bisa kabawa jadi pamaen PSSI, lain bae kareueus keur diri pamaenna, tapi kleub ti Bandung jeung ti Sunda keur Indonesia. Sigana bae, upama nyawang kakuatan Persib harita, lain bae didukung ku kualitas pamaenna nu prima, tapi oge ngancikna rasa Bandung jeung Sunda anu gumulung!Jadi mun rek pertandingan teh, saperti aya dorongan jiwa nu ngahudang juang, kade ulah ngerakeun Bandung jeung Sunda! Lamun ka luar negri jeung PSSI, kade sing bisa ngajungjung darajat bangsa Indonesia! Bisa jadi hal eta teh teu jadi ikrar bersama, tapi umumna para pamaen miboga "rasa" eta! Numatak nu disebut pamaen Persib teh, umumna urang Sunda, atawa urang luar nu hirup jeung gede di tatar Sunda. Cindekna, ku napakna jiwa eta, umumna para pamaen teh tara loba ngamasalah keun soal duit. Hal sejen, percaya we ka pangurus, da umumna bisa dipercaya, malah kadangkala sigana para pangurus teh loba nombokan tina saku sorangan. Pokona mah, maen bal harita mah, can bisa diandelkeun pikeun kahirupan neangan duit. Numatak upama ningali para pamaen ayeuna anu sagala fasilitas jeung rijkina sarwa pikabitaeun, sok aya parasaan.... , enya da beda jaman meureun. Ayeuna mantan pamaen Persib taun 50-60 an teh ukur sababaraha urang deui nu masih aya, (opatan deui, seueur nu tos parupus), hirup kakolotnakeun  teh, kitu we... Ceuk kang Hendar satengah humandeuar.

Disawang ku ayeuna, sok nyenghel sorangan, cenah waktu maen ka daerah PSM Makasar, harita keur werit ku Permesta. Ti lapangan terbang ka tempat maen, kabeh anggota Persib naek tengwaja (tank) bogana tentara. Jeroning maen, sakapeung sok kurang konsentrasi, kumaha mun kitu, kumaha mun kieu. Hal sarupa, kaalaman waktu maen ka Medan. Harita mah rek maen bal teh, sarua we jeung rek perang. Mun aya uang saku, loba ditangtukeun ku lobana karcis nu kajual. Nu disebut pela tih team, leuwih nyindekel ka senioritas atawa nu dipikolot bae. Harita Rukma Sujana, sacara aklamasi ku para pamaen dijadikeun kokolot jeung pelatihna. Sana jan sasat dilatih masih ku papada pamaen, tapi umumna manut ngagugu. Dipikir ku ayeuna, asa bet pamohalan. Tapi nyakitu, kusabab rasa hiji bener bener ngahiji dina jiwa para pamaen Persib, umumna unggal tandang Persib sok loba unggulna bae. Sanajan pamaen Persib umumna sarohor, tapi umumna masarakat ngan terang kana ngaranna wungkul, sabab ari maen beritana ukur tina radio bae.

Sakandal Suap

Taun 1960 Soehendar ditarik jadi pamaen PSSI. Babaturanana sasama pamaen Per sib nu harita bareng ditarik ka PSSI diantarana; Wowo, Omo, Rukma, Hengky Timisela, Fiece Timisela, Patah Hidayat, Ilyas Hadade, Rukman, jrrd. Mindeng milu tandang maen ka luar negri, pangpangna ka nagara Asia, diantarana ka; Singapur, Malaysia, India, Pakistan, Vietnam, Jepang, Korsel, jrrd. Nu jadi pelatihna Tony Vogacnic. Harita mah nagara nagara kasebut dina hal maen bal mah, loba elehna ku Indonesia. Mun tea mah lawan nu rada beurat, ukur Korea Selatan. Jepang nu ayeuna digjaya, harita mah can nanaon. Cindekna, di wilayah Asia Tenggara mah, Indonesia teh kaasup nagara anu dina hal maen bal mah, pangjagona. Nu disebut fasilitas ka luar negri, ukur dibere baju batik, calana, jeung kopeah. Sapatuna mah mawa sorangan, naha sapatu keur sapopoe, atawa sapatu keur maen bal. Eta ge sok aya uang saku. Dina sabulan dibere duit Rp. 100. Keur bandingan, harita ongkos kareta api Bandung Jakarta, sajalanna teh Rp. 10. -Meunang sakitu ge geus asa gede, da biasana mah tara aya uang saku ari henteu maen mah. Hiji waktu dunya maen bal di urang (PSSI) geunjleung ku ayana skandal kasus suap ti para bandar taruhan di Jakarta. Nu disuap teh lain bae pamaen, tapi wasit jeung hakim garis. Aturanana, skor bisa diatur. Kapanggihna eta skandal suap teh tina bocoran ti para cukong keneh. Hiji waktu Tony Vogacnic meunang beja, cenah pertandingan engke sore, skorna bakal sakitu. Dina derna, enya we skor teh pas saperti anu dibejakeun ku nu mere imformasi eta. Tony kacida pisan werana. Sabada maen, kabeh pamaen dikumpulkeun, bari nyeukseukan laklak dasar soal ayana skandal suap ka para pamaen. Manehna langsung rek ngundurkeun diri minangka pelatih, jeung rek balik ka nagrina di Bulgaria. Memang ahirna mah kapanggih, loba babaturanana nu ngaku meunang duit suap. Diantarana nu meunang suap teh, aya oge pamaen PSSI anu asalna ti Persib Bandung. Malah waktu mulang ka Bandung, Pa Mashudi nu harita jadi Gupernur Jabar, nyatru satengah nundung, yen pamaen Persib nu keuna ku suap tea geus teu dianggap warga Jabar deui!Ngerakeun!Ahirna para cukong teh ditarewakan tur ditahan di CPM Guntur, di jalan Pasar rumput Jakarta. Kajadian kasus suap pamaen jeung wasit teh, waktu maen nyanghareupan team luar negri dina raraga nyanghareupan digelarna pesta Asian Games di Jakarta. Berekah Soehendar mah salamet henteu kajiret ku kasus suap ti para cukong bandar judi di Jakarta. Mun ningali gedena duit suap ka para pamaen, estu matak pikabitaeun. Cenah harita, saurangna teh meunang duit Rp. 25. 000!Bayangkeun harga emas harita ngan ukur rp. 50 sa gram na!Ku duit sakitu, bisa kabeuli mobil anyar, atawa hektaran sawah!

Rasa Sukur

Ti saprak eureun tina maen bal, Soehendar banting stir kana jual beuli motor. Lain boga sorangan, tapi bareng jeung babaturanana. Kitu we neangan paleuleuwih, da rumasa taya kabisa nu sejen deui. Taun dalapan puluhan, kungsi dipenta mantuan Persib jadi asisten pelatih, marengan Marek Jonata. Berekah satutas taun 1961 Per sib juara perserikatan Indonseia, ku jalan ngelehkeun Persija 4-1 di Semarang, Dua puluh lima taun ti harita (1986) Persib bisa jadi juara deui. Pamaen nu nyongcolang harita, diantarana Ajat Sudrajat. Aya kareueus nu nenggang dina dirina, yen Persib bisa nanjung deui saperti baheula. Ti dinya mah Soehendar, balik deui kana jual beuli motor atawa mobil. Lamun ayeuna ningal Persib maen, karasa jiwana ngagedur deui. Hanjakalna, sakitu fasilitas jeung nanaonna leuwih onjoy ti baheula, ku naon prestasina can karasa ngajaul deui. Patanyaan dirina, lamun baheula bisa loba bibit bibit pamaen bal di urang, naha ayeuna mah karasana asa kurang pisan? Datangna pamaen luar nu dibayar mahal ku Persib, keur Soehendar mah ukur bisa ngabanding jeung baheula, enya ayeuna mah meureun Persib teh loba duitna. Salian ti bantuan pamarentah satempat, cenah mah teu saeutik sponsor nu milu ngarojong. Sakalieun hayang lalajo Persib, nya meuli karcis sorangan bae, teu aya kaistimewaan mantan pamaen Persib. Ayeuna Soehendar matuh di Gang Hanafiah 205/203 Moh. Toha Bandung. Tempat usahana kana ngajualan elfiji (gas) jeung aqua (cai), matuh di jalan Mohamad To ha 315, bumi kagungan ibu mertuana. Upama pareng pagawena keur teu aya, Soehendar sorangan nu nganteurkeun barang ka imah nu mesen, make sepedah leutik. Hirupna sederhana, teu jiga jiga jalma nu geus boga jasa dina widangna. Tina buah pertikahanana jeung Mien Tarmilah (1963), ngarunday turunan tilu putra. Ayeuna ngarunday deui, geus batian incu genep urang. Soehendar sang Kiri luar, ukur boga harepan, mangka Persib tumetep nanjeur jeung unggul. Mugia! *** (Nano S)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Wiero Djampang ngomentaran:

Kang Hendar,,salam haturnuhun nya..kana perjuanganna.Mugia sing Sabar kang Hendar..

sukanda.km ngomentaran:

deueuh teuing kang kuat ka kitu nya. Kuring ngangres maca ieu seratan. Kedahna pemda jabar atanapi bobotoh merhatoskeun ka nasib jalmi anu parantos ageung jasana pikeun Persib. Da lamun caket ka kang hendar kuring hoyong ngadangukeun carita persib jaman baheula moal teu resep geura. Sing sabar we kang