Tue, 22-05-2012
Tamu

Ngawangun Demokrasi Butuh Siliheledan

Pintonkeun di FB

Drs. H. Osin Permana, M.Ag.:

Pilihan presiden geus lila lekasan. Tapi, sora-sora nu teu panuju masih keneh harengheng. Di antarana, kateusugemaan, ditudingkeun ka Komisi Pemilihan Umum (KPU) Pusat. Ngan, tangtu nu didaerah ge kabaribinan. Kumaha KPU Kabupaten Bandung  'ngajawab' pihak-pihak nu teu sugema? Drs. H. Osin Permana, M.Ag,. Ketua KPU Kabupaten Bandung medar pamanggihna. ***

Aweuhan pilihan presiden geus lila sirna. Baligo jeung umbul-umbul para kandidat capres geus dientepan. Jalan-jalan geus beresih deui tina spanduk-spanduk nu paragpag nawarkeun capres piliheun. Tapi, sora-sora pihak nu teu sugema masih keneh kadenge. Rupa-rupa tudingan nu dialamatkeun ka KPU saperti teu mandiri, biluk ka salah sahiji capres, jeung sual Daptar Pemilih Tetap, masih keneh jadi bahan adu-renyom nu ngabalukarkeun pacogregan. "KPU mah pasilitator pikeun sakumna warga nagara dina ngawangun demokrasi," ceuk Drs.H. Osin Permana, M.Ag., muka wangkongan. Ngobrol teh di kantor KPU Kabupten Bandung, sawatara waktu ka tukang.

KPU, ceuk H. Osin, upama dina acara mah panitia. Nu teu boga kapentingan cueut ka nu hideung ponteng ka nu koneng. "Kapentingan KPU mah ngalaksanakeun pilihan umum luyu jeung undang-undang," pokna. Ku lantaran itu, ceuk ieu Ketua KPU Kabupaten teh, pihakna mah boga padika jinek dina ngalaksanakeun pancenna. "Ngalaksanakeun pilihan umum nu jujur, bruk-brak, jeung adil," pokna tandes naker.

Upama tea mah aya keneh nu teu sugema, pek teh teuing. Aturan maenna, geus jinek. Kari nyorang lolongkrang nu geus disadiakeun luyu jeung aturan nu nyampak. "kalebet nempuh jalur hukum, upami aya teu kapanuju," ceuk ieu teureuh Cimaung Kabupaten Bandung nu lahir taun 1976 teh.

Ngawangun Demokrasi

Pilihan umum teh sarana dina ngawangun demokrasi. Hartina, ceuk Osin, masing-masing pihak, boh palaku pulitik boh masarakat misti taat kana aturan. "Sareng nu teu eleh pentingna gaduh rasa silih eledan, silih ajenan. Ngawangun demokrasi teh perelu siliheledan,"pokna. Hartina, dina nepikeun kateupanuju atawa kateusugemaan teh teu sawadina keukeureuweut ngarasa bener sorangan, batur nu salah. "Pasualan-pasualan nu karandapan, kaasup kateusugemaan tea, bisa direngsekeun kalayan ngaliwatan cara-cara nu 'bermartabat'," pokna tandes naker.

Upama H. Osin, nyaritakeun pereluna siliheledan, lain hartina 'ngabae-bae kana kalemahan palaksanaan pilihan umum. Dirina ge bisa meuenteun kana kinerja KPU atawa 'ngiritik' kana jajaran KPU di mana wae kaasup nu di pusat. Ku naon loba nu ngarasa teu sugema, nu dituduhkeun ka KPU? Ceuk Osin mah, pasualanana, lain lantaran kinerja KPU nu kacida gorengna, tapi leuwih neueul kana sual komunikasi. "Komunikasi nu kirang boh sareng LSM, boh sareng media masa. Balukarna, KPU teh sapertos janten paneumbleuhan lemahna palaksanaan pilihan umum," pokna.

Nurutkeun Ketua KPU Kabupaten Bandung, ais pangampih KPU boh di pusat boh di daerah, teu ukur boga pangaweruh dina widang politik, wanoh kana undang-undang pilihan umum, jeung apal kana tehnik-tehnik palakasanaan di lapangan, tapi kudu mampuh ngalaksanakeun komunikasi jeung sakumna pihak. "Nu hengker di KPU Pusat teh sual komunikasi," pokn nandeskeun deui.

Geusan ngajawab pasualan hengkerna garapan gawe KPU, ceuk H. Osin, memang teu cukup ku jawaban nu wangunna 'omongan' tapi nu penting mah dijawab ku garapan gawe anu jinek. Carana, teu sing hese, da puguh aya padikana. Sagala rupana teh kudu dijawab sacara ilmiah. Tah, nu kumaha tea? "Kedah objektif, rasional, sareng empiris," pokna. Mun eta mah hiji pagawean aya nu ngajejel, pihak nu dijejeleh bisa ngabuktikeun kalayan pakta-pakta nu nyampak kalayan babari dipaluruhna di lapangan. Kitu deui sual Daptar Pemilih Tetap (DPT) nu dianggap salah sahiji bibit rurujit hengkerna pilihan umum, ceuk ieu Ketua KPU Kabupaten Bandung mah, gampang pisan dijawabna.

Sual DPT memang jadi masalah umum meh di saban daerah. Keur ngungkulanana, kahengkeran waktu pilihan legislatif, dibebenah deui dina pilihan presiden. "Tah, mangga kari ngabuktoskeun lebah mana hengkerna?" pokna semu nangtang. Kitu teh, lantaran masalah DPT teh, di Kabupaten Bandung mah bener-bener geus ditataharkeun dibebenah sakumaha mistina.

Masih keneh tumali jeung DPT, satuas putusan Mahkamah Konstitusi nu mere lolongkrang ka sakumna warga nagara nu geus boga hak pilih bisa milih asal geus boga KTP, ceuk H. Osin mah putusan kitu teh langsung dijawab di lapangan. Sakur nu teu kadaptar, asal jinek identitasna saperti boga KTP tea, teu burung bisa nyontreng. "Mun dirata-ratakeun nu nyontreng bari ngandelkeun KTP di Kabupaten Bandung mah moal nitih saurang dina sa-TPSna," pokna. Hartina, DPT  teu pati janten masalah!  

Upama aya pihak nu ngajen, pilihan umum kiwari 'kacida gorengna', Osin mah teu boga anggapan kitu. "Saleresna mah teu awon-awon teuing, najan memang ari kahengkeran mah aya wae," pokna. Salah sahijina, bisa ditilik tina partisispasi warga nu boga hak pilih. Upama dina pilihan legislatif rata-rata 76 persen nu milih, dina pilpres mah ngaronat, jadi 80 persen.

Biasana ngahontal angka sakitu, memang lain tanpa usaha. H. Osin ge dina pilihan umum presiden teh leuwih ngarojatkeun ajen sosialisasi. Malah, leuwih remen datang ka lembur-lembur ngabewarakeun soal pilpres. "Malah, sosialisasi ge dugi ka RW-RW," pokna. Kajeun ngeleyang saban poe saban waktu, asal pilihan umum sukses!

Upama H. Osin pasehat naker nyaritakeun sual palaksanaan pilihan umum, memang di di dinya icikibungna. Ieu Ketua KPU Kota Bandung, teh samemeha ge geus jadi anggota KPU di tempat nu sarua. Lima taun tatabengan milu icikibung nataharakeun pilihan umum. Ti mimiti pilihan umum legislatif 2004, disambung ku Pilpres. Saterusna deuih nataharkeun pilihan kepala daerah, milih bupati jeung milih gupernur. Pangalaman kitu, keur Osin mah jadi bekel dina ngalengkah mingpin eta lembaga dina mangsa bakti lima taun ka hareup.

Pangajen Rayat

Ancrub kana dunya pulitik, keur H. Osin, memang dibaladah ti anggalna. Ieu Dosen UIN SGD Bandung teh, leuwih milih milu 'ngawangun' demokrasi, batan 'tebelat' ka pagawe nagri. "Ti kapungkur ge teu acan kantos daptar janten pagawe nagri," ceuk ieu lulusan Pascasarjana UIN SGD Bandung taun 2007 teh. Ancrub kana dunya pulitik, boga udagan mandiri. Boa karep jeung kahayang, sangka ngawangun demokrasi teh weweg teu hade. Kitu teh, cenah, upama, masing-masing pihak ngabogaan pikiran jeung paripolah pultik nu hade tur demokrtis! Ari keur pihak-pihak nu ngalaksanakeun pilihan umum, saperti KPU, tangtu deuih kudu boga pikir jeung paripolah nu sarua. "Sami kedah ngagaduhan pikir, sikep, paripolah anu demokratis, sareng independen," pokna tandes naker.

Pilihan umum memang milik masarakat sakumna. Hak-hak rayat dina nangtukeun pamingpin bakal kalaksanakeun dina pilihan umum. "Pilihan umum oge janten sarana pangajen rahayat ka pamingpinna," ceuk ieu aktivis Himpunan Mahasiswa Indonesia (HMI) teh.

Paripolah pulitisi, bakal kaajen dina mangsana pilihan umum. Warga nagara, bisa ngajen saha-sahana nu payus dipilih jadi pamingpinna. "Calo pamingpin kedah mampuh maca kereteg hate masarakat," pokna.

H. Osin ge boga pameunteun, masarakat teh 'palinter', boga padika dina nangtukeun pamingpinna. Kitu teh lantaran ajen atikan dimasarakat leuwih luhur. "Aliran pulitik ge tos benten sareng ka pengker," pokna. Mun katukang-tukang, masarakat 'dalit jeung pulitik 'aliran' atawa 'partisan', dumasar kana seler jeung agama, ayeuna mah teu kitu. "Pikiran pulitik masarakat tos langkung jembar, tos teu ngagugulung sual seler bangsa katut agama, tapi langkung neueul kana ajen-inajen demokratis,"pokna.

Nilik kana kahirupan pulitik kawas kitu, H. Osin ngarasa gede hate, demokrasi ka hareup bakal leuwih hade ajenna. "Mung para pulitisi atanapi birokrat ge ulah nganut kana 'pulitik tajug' ari hayang majeng mah,"pokna bari mesem. Tah, naon tea pulitik tajug teh? Saperti 'imam' di tajug-tajug, teu gampang digantina. Diganti soteh pedah eta 'imam' mulang ka kalanggengan. "Dina pulitik, cara kitu teh kacida gorengna, lantaran bakal hese maju, susah rek aya parobahan," pokna. Hartina, generasi sepuh kudu engeuh kana pentingna regenerasi. Atuh, kitu deui nu ngarora ge kudu tatahar nyayagikeun diri nempatan tempat-tempat nu bakal ditinggalkeun ku generasi sapandeurieunana.

Upama H. Osin nyarita kitu, memang lain ukur lalambe. Rek diprakkeun ku dirina. Satutas mancen jadi anggota KPU, dina umur 27 taun, terus jadi Ketua KPU Kabupaten Bandung dina umur 30 taun, dirina boga karep moal deui jadi anggota KPU. "Tos cekap, mending digentos ku nu sanes," pokna tandes. Cara mikir kitu teh, lantaran memang boga udagan, hayang milu ngawangun demokrasi nu 'tanggoh'. "Salah sahijina carana mere lolongkrang regenerasi anu hade," ceuk ieu caroge Hanny Hadianty, S.Pd.

Ladang Domba

H. Osin Permana pituin urang Cimaung, Bandung. Keur leutik mah teu boga pikir hayang ancrub kana dunya pulitik. Apal soteh kana dagang jeung tatanen. "Abdi mah anak buruh tani," pokna. Ngan, tangtu, cenah, ari kahayang mah, leuwih maju batan barudak nu aya di lemburna. Karep kitu teh, ngahudang sumanget dina nyiar elmu. Malah, kajurung ku hayang maju tea, dirina ludeung lunta jauh ti kolot. Satutas tamat SMP di lemburna, neruskeun sakola mah ka Tasik, ka Aliyah di Singaparna. Sakola bari masantren tangtuna ge. Hirup, jauh ti kolot, memang diajar ludeung jeng mandiri. Hasilna teu gaplah, ku jauh ti lembur ngalantarankeun loba kadaek, ka asup daek ancrub kana rupa-rupa organsiasi di lingkungan sakola.

Karesepna kana organisasi, diteruskeun di kampus. Di IAIN Sunan Gunung Djati Bandung (nu ayeuna mah katelah UIN) Osin Permana ge ngagabung jeung Himpunan Mahasiswa Islam (HMI). "Mangpaatana ageung pisan," ceuk ieu rama Shofyatun Nisa Salsabila teh

Gaul di HMI bisa tepung jeung rupa-rupa kalangan mahasiswa. Bisa tukeur pamanggih jeung pangalaman. Bisa silihuji pangaweruh dina debat-debat jeung seminar. Cindekna, di HMI, Osin diajar ludeung jeung boga kawani nepikeun karep jeung pamanggihna.

Capur gaul jeung rupa-rupa jalma boh di kampus, boh di masarakat, oge jadi pangjurung keur dirina dina nyuprih elmu. Karepna, satutas tamat S-1 teh rek terus ka S-2. Ngan, nya kitu, teu gampang. Malum, geus 'disapih' ku kolot ti semester opat keneh. "Ti semester opat teu diwaragadan ku sepuh," pokna ngumbar panineungan. Hadena, keur mayar kuliah mah meunang beasiswa ti pamarentah. Atuh, keur kabutuhan sapopoe, mah balantik, kaasup milu nyieunan 'endog asin'  kalayan nganteur-nganteurkeunana ka palanggan.

Kadaekna kana usaha, diteruskeun sanggeus jadi sarjana. Karepna neruskeun sakola, kabiruyungan ku milikna. Harita, dina waktu nyanghareupan rayagung, Osin dagang domba. "Alhamdulillah dugi ka pajeng 75 siki, hasilna dianggo daptar ka S-2," pokna mungkas lalakon. *** (Ensa/Rudi)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula