Galuring Gending (15)
Asa teu matak bosen neuteupna. Malah lila-lila mah mimiti aya rasa sejen. Tuda sahenteuna, di kamar sorangan aya widadari mabok turun ti diskotik. Lain, lain widadari ti kahiyangan anu turun mandi, dina mangsa katumbiri nutug leuwi. Widadari anu ieu mah moal bisaeun hiber ka langit. Masing rek dikitu-kieu oge jigana moal loba hojah, moal bisaeun ngalawan. Ucing nyandingkeun paisan, najan tadina ukur pepeletetan oge, ana geus taya sasaha mah langsung digiwing. Mun teu kumetap teh abong deui; kawas lain lalaki normal wae.
Tapi, eta perasaan teh buru-buru disingkahkeun. Teu matak pihadeeun, ceuk timbangan hatena. Kasuka nu ngan memenitan, saha nu nyaho engkena kudu ditebus ku katunggara anu manjang. Keun ari urusan hukum mah teu kudu dipisalempang teuing; dirajam soteh lamun di Mekkah, kitu ge kudu jinek heula katerangan ti saksi. Tapi kumaha lamun ieu awewe teh geus ditapuk ku kasakit; boa sipilis boa GO, malah teu mustahil geus ngukut virus HIV. Tapi ketang, kapan ieu mah pastina ge kelas elit; piraku geus pinuh ku rereged kasakit. Kapan ceuk beja, ari nu taripna mahal mah kontrol ka dokterna oge rutin; suntik itu, suntik ieu. Manasina anu kelas gerbong kareta, atawa anu dadasar daganganana cukup dina tenda. Ieu mah kamungkinanana oge beresih, da diasuh ku ahli medis.
Tapi, ah ulah, najan kitu oge. Nulungan mah nulungan we, mun tea mah anu dipigawe ku aing disebut nulungan, teu kudu dibarengan ku lampah goreng. Mun aing kolu milampah kitu, atuh sarua wae jeung nu titeuleum ... diteuleuman!
Pikeun nyingkahan pikiran goreng, Panji terus kaluar. Gek diuk dina teras, susuganan pitunduheun geuwat-geuwat nyampeurkeun. Tapi buktina mah, najan manehna geus cicing di luar oge, ari pikiranana mah remen asup ka imah, malah terus ka lebah dipan. Antukna manehna ngojengkang deui ka jero. Gek dina korsi. Kareret tas bogana si timu, ngagoler di sisi dipan. Lalaunan dirongkong, bisi nu bogana kagareuwahkeun. Dibukana oge lalaunan deui wae, bari panonna mah angger ngareretan ka nu keur ngagoler bangun nyalse. Pangangguran diilik-ilik eusina. Ih, geuning mani pepek: lipstik reujeung cepuk nu dieusi pakakas paranti ngageulis, duit rada kandel tur enolna taya nu kurang ti opat, malah campur jeung dollar sababaraha lambar. Ari ieu naon, rada kandel semu empuk? Jadol! Geuning aksesoris bulanan hususon istri; nyao naon merekna, ngan pantesna teh anu sok remen diiklankeun dina tivi swasta, anu sok diparake ku wanita aktif tea: "tidak akan mengganggu hari-hari penting anda", cenah, diembohan ku pamolah mojang anu keur luluncatan dina jurus aerobik.
Ana kitu mah manehna teh keur datang bulan, ceuk gerentes hate Panji. Naha atuh bet ngulayaban ka diskotik? Meureun moal bisa ngaladenan paminatna, da sarana anu dipake andelanana keur aya gangguan rutin.
Pangangguran deui wae, KTP-na dicabut, heg ku manehna diilo:
Nama : R. Sarah Wulandarikusumah
Tampat & tgl. lahir : Bandung, 22 Desember 1965
Eces di mana padumukanana. Horeng di komleks perumahan anu kawilang mewah. Panji geus kungsi nincak ka lebah dinya, pangna apaleun oge. Euweuh, euweuh imah tipe 21 anu adukan semenna asal-asalan, kusenna ukur make kai muncang. Imah di kompek eta mah buruanana ge lalega, diwates ku pager jarangkung anu make variasi, malah aya nu ngingu satpam sagala. Jalan but-bat moal matak salempang najan dipake perwis ku treuk gandengan, di sisina rajeg palem raja. Aya lapang reujeung taman tempat jalan-jalan pasusubuh bari nyeuseup hawa seger; kalolobaanana mah babah geus tokroh-tokroh. Mun geus rada beurang meueusan, ganti deui ku nu narungtun anjing; nyao jenis naon wae, ngan nu sidik mah galede; aya nu buluna totol-totol, aya nu hideung lemes kawas embe bari bangusna mencos, nu biwirna ngagableh oge aya, geus karuhan ari jenis herder mah. Aya nu rada dilagar, aya nu purek pisan rantena oge, bari sungutna diborongsongan. Beda jeung anjing di lembur, tara aya anu pangangguran diangon, dibawa jalan-jalan. Paling-paling minangka liarna nuturkeun dunungan teh dina mangsa indit ka kebon. Mun teu kitu, ngahaja dibawa moro, da ari tegalan bagong mah teu jauh ieuh; nu geus rada hese teh kidang, bari morona kudu rada sasalingkeran heula, da bisi kaperego ku patugas kahutanan.
Ari Sarah ... eh, bener kitu Sarah ngaranna teh? Enya. Tuh geuning: s-a-r-a-h. Eh, make hurup "R" heula; Raden tangtuna ge. Ari Sarah di imahna ngukut anjing, kitu? Pastina ge kana bogaeun. Apan keur ngajaga imah, atawa sakurang-kurangna keur ngagogogan tukang beling anu sok ngacak-ngacak wadah runtah. Mun anjing laleutik sagede-gede ucing tangtuna ge keur cocooan; dilalahun bari lalajo tivi, atawa dibawa ka tempat tidur.
Ari Sarah jeung saha dumukna? Naha ngahiji keneh jeung kolotna, atawa boa milu ka lanceukna? Anu sidik, ari jeung salakina mah moal, da geuning dina KTP-na oge ditetelakeun: belum kawin. Lamun cicing jeung kolotna atawa jeung lanceukna, tangtuna ge kaasup kana kolom jalma jugala. Heueuh, imah di dinya tea, nu ngeusianana ge lain jalma jore-jore. Mun lain Cina, biasana pejabat kelas BMW, atawa anggota dewan anu baroga usaha sambilan; henteu ngan sawates ngawakilan rayat wungkul.
Naha atuh bet ngulayaban ka diskotik sosoranganan? Atawa boa-boa inditna mah aya nu marengan, ngan terus papisah, sabab Sarah balik ti heula; misalna wae lantaran parea-rea omong heula. Tapi, piraku deuih lalakina tepi ka tega ngantep sina indit dina kondisi satengah teu eling!
Jadi, asa pamohalan mun tadina paduduaan mah. Tangtuna ge indit sorangan. Ngan, rek naon, atuh? Hiburan? Neangan langganan? Bisnis ekstasi? Atawa ... naon?
Panji anteng ngumbar wangwangan, anu antukna lila-lila mah reup wae kasarean dina korsi, sanggeus mereskeun deui eusi tas anu pinuh ku teka-teki.
Hudang-hudang sanggeus moncorong panonpoe. Ngorejat rada reuwas, dumeh kasarean lain dina tempatna. Komo deui barang ret ka nu keur cindekul dina dipan mah. Jigana itu oge karek pisan cengkat; gesehna ngan memenitan.
"Semalam ... situ mabuk berat," Panji lahlahan muka omongan.
Wallohualam, teuing merenah teuing henteu, komunikasi munggaran anu dibuka ku ungkara kawas kitu. Ngan nu sidik, si awewe tiba mencrong, bangun nu hayang ngajugjugan: saha ari lalaki nu aya hareupeunana teh.
"Lalu saya bawa ke sini ...," pokna deui, lantaran si awewe teu mere reaksi.
"Maaf, kalau tindakan saya salah."
Si timu ukur gideug lalaunan, najan lila-lila mah teu burung engab, "Terima kasih ..."
***
KAGET lain meumeueusan. Kitu anu karandapan ku kuring, basa panon mimiti beunta. Ieu teh aya di mana?
Maksakeun nguniang hudang. Tarang masih keneh rada lalendeng. Breh aya nu nyangkere dina korsi. Ari eta saha?
Ah, naha bet aya di dieu? Di hiji tempat nu sarwa asing. Buku pabalatak dina meja, mesin tik nu ngajugrug, jeung potret wisuda beuki nambahan kahemeng. Ari ieu kamar saha? Da sidik lain hotel tempat sasari meuting.
Rumpu-rampa kana awak. Papakean taya nu robah; angger kawas basa keur mimiti rap. Ketang, sapatu anu geus teu nyampak teh. Biwir karasa tuhur, awak asa lalungse satulang-tulang. Geus moal boa, pangaruh alkohol tacan sagemblengna ilang.
Tah, kitu Panji, kesan anu pangheulana asup kana memori kuring teh, waktu alam sadar mimiti ray-rayan. Kuring tacan wani turun tina dipan, da hayang beuki nyidikkeun suasana anu katenjo jeung anu karasa; keukeuh matak jadi hemeng
Sabot kitu, anjeun ngulisik. Nyah beunta. Anu pangheulana katangkep ku kuring, anjeun bangun rampang-reumpeung. Kuring ngahaja henteu nanya leuwih ti heula, sabab hayang ngabandungan ungkara kalimah anu pangheulana dikedalkeun ku anjeun.
"Semalam situ mabuk berat ...."
Kitu kalimah pamuka ti anjeun teh. Kuring langsung ngaheueuhan, najan ukur semet dina hate. Enya, peuting teh popohoan teuing nginum.
"Lalu, saya bawa ke sini'" ceuk anjeun deui; angger mamalayuan. Teuing naon sababna, pangna teu nyarita ku basa Sunda. Naha anjeun nyangka yen kuring moal ngarti, atawa ngarasa lebar mun basa titinggal karuhun dipake cacarita jeung awewe pantar kuring anu karek lilir tina teu eling? Ah, kuring geus bisa ngararampa yen anjeun boa-boa moal mere harga. Enya, ari diri kuring teh nya saha tea?
Deui-deui kuring teu waka nyoara. Najan teu diterangkeun oge, sidik kuring geus nyaho yen aya di tempat anjeun, jeung pasti geus ngahesekeun anjeun.
Panji, saenyana anjeun teh teu kudu menta dihampura; tong ngarasa geus nyieun kasalahan pedah geus mawa kuring ka tempat anjeun. Jeung ti batan kuring kuring sina ngajoprak di sisi jalan, atawa aya nu mawa indit terus dimangpaatkeun sagala rupana. Padahal ti memeh bijil oge, kuring geus ngageroan Si Sugiman, sina dipanggeroankeun taksi nu geus ngalanggan mawa kuring mun pikiran geus mimiti salang-seling. Tapi peuting harita teuing ngaleos ka mana heula, padahal sasarina mah tara incah jauh ti lawang, anu cenah tugasna teh ngajaga kaamanan.
Anu matak, basa anjeun mamandapan menta maap, kuring mimiti hayang nembalan. Kecap nganuhunkeun anu pangheulana kedal teh.
Laju anjeun permisi lantaran rek ka cai, sanggeus urang silih wanohkeun ngaran sewang-sewangan. Sanggeus anjeun ngaleos, kuring beuki tenget merhatikeun kaayaan di jero rohangan. Ukur aya dipan, meja, erak buku, reujeung korsi pelastik. Eta minangka badaganana mah. Ketang, aya nu kaliwat, lomari pelastik jeung kaca eunteung. Kapstok dina tukangeun panto digantungan papakean; aya jeket parasit, baju katun, jeung calana jins. Sapatu di beh juru, anu ku taksiran mah nomerna moal kurang ti 42, aya dua rampasan. Nu sarampasan sapatu kulit kelir hideung, nu sarampasan deui sapatu jogging. Teu tembong barang marahal, da kabeh oge dina ukuran basajan. Minangka nu kaitung aya hargaan teh ukur tip kompo anu diteundeun teu jauh ti mesin tik.
Najan masih rada lalanjung, kuring maksakeun nangtung, ngadeukeutanm meja. Aya keretas sababaraha lambar. Anu napel keneh dina mesin tik pangangguran dibaca judulna: "NU Pasca Muktamar Cipasung: Sanggupkah Abu Hasan Melibas Gus Dur ?" Naskah karek mimiti ditulis tangtuna ge. Aya deui nu geus rapih dihekter juruna: "Pembangunan yang Harus Dibayar Mahal, Sebuah Koreksi Terhadap Orde Baru".
Teu, teu hayang maca, naon jeung kumaha eusina. Kana anu kararitu teh lain wae teu ngarti, tapi teu kataji deuih. Mun maca koran ge, sok diliwat wae nu kituna mah.
Dina jilid buku anu ngagoler luhureun meja aya tulisan: Panji Sumirat, SIP. Naon ari nu dimaksud "SIP" teh? Jigana mah gelar, sabab aya poto anjeun keur diwisuda. Rada lila ditelek-telek; naha anjeun teh sarimbag jeung saha? Asa kungsi manggihan anu beungeutna ampir sarua jeung anjeun teh. Tapi, saha nya? Oh enya, inget ayeuna mah; anjeun ampir mirip jeung Dustin Hoffman, mun teu salah mah dina pilem All the President's Men; ngan pedah ari sora anjeun mah teu gopro.
Aya deui papanggihan anu ngalantarankeun kuring rada lila ngejah jeung ngagayemna. Dina tembok anu diadekan meja aya tulisan, dipageuhan ku isolatip lebah juru-juruna. Aksarana galede, meunang ngeprint tina komputer:
anak nu ngaberung pundung
balik mah tangtu ka indung
kolot nu ngaberung pundung
balik ka handapeun padung
Aneh puguh ge, Panji. Barang maca eta tulisan, naha bet jadi ngarenjag. Asa ka kuring pribadi eta tulisan teh dialamatkeunana, nyaeta nu ditulis dina jajaran katilu jeung kaopat. Kuring teh kapan geus teu merenah disebut budak, lantaran umur geus ampir ninggalkeun bilangan likur; sakeudeung deui baris jejeg 30 taun. Geus keuna disebut kolot atuh. Umur sakitu teh mun dipapandekeun kana kapal mah sarua jeung mimiti kaluar tina hanggar, rek asup ka landasan pacu. Tacan ngawang-ngawang, tapi geus tatahar rek mimiti ngangkang.
Kolot nu ngaberung pundung, balik ka handapeun padung!
Boa aing ge ayeuna teh keur ngaberung pundung. Jol-jol aya pikiran kitu harita teh. Lain boa, tapi enya. Bruh-breh lalakon narembongan, jojorelatan. Luar negeri. Hotel bintang. Villa. ATM. Ekstasi. Bar.
Enya, aing teh keur ngaberung pundung. Moal ka mana deui balik, mun lain ka handapeun padung. Paeh tea lin, eta teh? Hartina, pangbalikan kuring mah kuburan, lain kaasih indung, da mangsa budak mah enggeus kalarung. Ana kitu, kuring teh ayeuna keur leumpang muru ka dinya, ka lahan heureut dina iuh-iuh samoja. Ah, asa matak lewang nyawangna oge. Asa tacan nyampak pisan babahaneun bawaeun ka dinya teh. Asa ...
Lamunan kuring kagebah ku reketna panto; anjeun manggut bari terus nyarita, "Punten rada lami dikantunkeunana."
Tangtuna ge anjeun dangdan heula di cai; da bakal kagok mun salin di kamar mah, lantaran keur aya kuring; awewe anu wawuhna karek cikeneh. Kateuing naon sababna anjeun jadi nyarita Sunda, padahal samemehna mah mamalayuan wae. Naha pedah kuring keur anteng maca eta tulisan kitu?
Tuh geuning, dangdanan anjeun mah basajan pisan. Kameja bodas bahan katun, leungeunna digulungkeun luhureun siku, ka handapna calana jins merek tiruan. Apal kana kelir reujeung kaputanana, kumaha ari merek aslina, anu torojogan impor ti Amerika. Anu dipake ku anjeun mah moal jauh ti hasil produksi kelompok home industrie di wewengkon Cikijing. Kitu deui sabukna, ukur Versace bobohongan jieunan pengrajin kulit Yogya. Teu kaangseu meleber parfeum, buuk oge ukur saleuleus-leuleusna ku cai; palias mun make Pomadeu. Erloji enggeus tinggaleun modeu, sed rada leutik ti kaleng semir sapatu. Untungna teh narimbangan kana potongan awak nu sembada. Tapi, najan dangdanan anjeun ukur sakitu-kituna, ari ceuk panenjo kuring mah asa pantes. Bisa jadi pangajen ti kuring teh dasarna lain ngan ukur kana anu sipatna lahiriah. Wallohualam, naha kuring geus bisa ngarampa batin anjeun nu saenyana, atawa ukur kesan tina luarna wungkul. Tapi nu sidik, aya hiji hal anu langsung kabaca dina paroman jeung sorot panon: anjeun jelema lempeng tur sahinasna. Aneh puguh ge, da biasana mah kuring tara bisa langsung meunteun karakter hiji lalaki.
"Bilih bade ka jamban heula," ceuk anjeun deui.
Kuring ngamanggakeun, da puguh asa kareunang pisan; dadakuna mah aya nu buru-buru hayangeun diganti. Capa-cipi kana jeroeun tas. Kek, kacekel barang anu dipikabutuh, tapi asa era ngabijilkeunana; ma'lum dihareupeun lalaki anu karek wawuh. Tungtungna tas digiwing. Keun wae rek dibijilkeun di cai, sakalian rek bobongkar.
"Punten upami jambanna kalotor," ceuk anjeun deui, waktu kuring ngalengkah ka luar.
Tetela kamar teh ngajajar; kumaha ilaharna anu sok dikontrakkeun atawa disewa bulanan. Anu ditempatan ku anjeun perenahana aya di tengah. Kamar kieu pandena mah ajangkeuneun mahasiswa atawa pagawe pabrik anu masih keneh lalagasan. Enya, ari nu geus boga kulawarga mah kurang merenah jeung moal genah nyicinganana. Ukur sarohangan, legana moal jauh ti tilu ka opat meter pasagi. Dapurna pakeeun rurubungan, pon kitu deui kamar mandi jeung WC-na.
Teu pati lila luak-lieukna, lantaran anu disebut jamban kaciri aya tulisanana. Ieu ge sarua ngajajar, aya tilu lokal. Nu salokal nutup, nu hiji euweuh pantoan, nu hiji deui tiba melenge meueusan. Kuring ngajengjen heula samemeh nyurungkeun panto nu rada melenge. Ah, teu kuat ku bauna! Mun lain jengkol, pasti peuteuy nu milu kapancerkeun di dinya teh. Ari kuring, teu payaan pisan ngambeu nu kitu teh; sok langsung wae murel. Teu tulus asup ahirna mah; pantona gancang dipeundeutkeun deui. Ari rek asup ka lokal tengah, anu taya pantoan, bet asa piraku deuih, najan katenjona beresih jeung seungit deterjen oge; jigana cikeneh karek aya nu tas nyeuseuhan. Mun maksakeun asup ka dinya, atuh sarua wae jeung niat pameran tunggal, mangkaning rek aya nu "direhab"; leuheung mun ukur sibeungeut wungkul.
Antukna mah wayahna kudu nungguan. Kawasna mah keur aya nu mandi, da kapireng gejeburna; awewe. Beu, alamat pililaeun kaya kieu mah. Karasa ku sorangan, ari nu kasebutna mandi teh tara anggeus ku sakeudeung. Kaciptana teh anu di jero oge keur ngasay, sagala dikumbah-dikosokan, da bari tetembangan sagala:
basah, basah, basah
basah rambutku
ah, ah, ah, mandi madu
Kuring rada kapiasem. Kacipta kumaha petana eta anu keur aya di jero kamar mandi.
"Enggalkeun atuh, Nyi Elpi ...!"
Singhoreng Panji geus aya tukangeun.
"Saha?" ceuk nu ti jero.
"Enggalkeun mandi maduna!"
"Ke, sakedap deui. Bade dianduk ieu ge," tembalna.
Teu kungsi lila, bray pantona muka. "Nyi Elpi" nembongan; sirahna dibakutet ku anduk baseuh. Awakna buleud meh-mehan nyiki nangka. Karek gok oge katembong bangun suranyeh. Buktina wae ka kuring ge langsung manggut.
"Paingan mandi madu atuh, ari tas dikuramas mah," omong Panji, bangun anu geus loma pisan.
"Ah, Kang Panji mah ...," bari terus ngaleos; leungeun kencana ngajingjing ember leutik. Saban ngalengkah, saban katembong aleundeur; hareup tukang.
"Mangga, tuh tos kosong," bari nuduhkeun ka lebah lawang kamar mandi.
Sanggeus di jero kuring papariksa heula; saha nu nyaho anjeun boga liang rusiah paranti iseng. Tapi ketang, piraku make kitu peta, da asa teu kagambar ulat cunihin. Beda jeung lalaki anu kungsi dareukeut jeung kuring, anu kalolobaanana keletna teh asa naranjangan.
Karasa seger ari tas ngambeu cai mah. Kitu deui sirah nu lendeng, geus loba nguranganana. Kuring nyisiran sapuratina. Las, las diwedak. Henteu make dangdak-dengdek sajeroning ngeunteung teh, lantaran asa era ku anjeun anu keur diuk maca koran. Enya ari teu nyerangkeun tea mah, tapi ah, angger wae asa kagok. Eta tuda, urang karek wawuh saliwat. *** (hanca)
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaWiero Djampang ngomentaran:
sapertos biasa carnyam mah sok gantung ...naoneun hehe.. lumayan tiasa ngahibur ka abdi nu nuju ngumbara