Babi Aheng di Panjalu, Naha Enya Babi Kajajaden?
Jalma hengker iman nu geus poekeun keur nyiar rejeki nu halal, aya kalana milih jalan sasab tur tigebrus kana kamusrikan. Ari rek disebut saukur mitos, da geuning rea kabejakeun, kaasup di jaman modern siga kiwari. Dina karya sastra, dongeng radio, sinetron, tug nepi ka film layar lebar, lalakon nu munjung mindeng pisan jadi bahan ulikan carita. Munjung ka siluman anu ngawujud sasatoan, saperti ka babi (nyegik), ka oray (ngipri), ka monyet (ngetek), jste. Geus pada apal mun yen jalma anu munjung teh bakal beunghar ngadadak. Kilang kitu, munjung oge henteu babari, da biasana kudu luas nyebakeun jalma anu pangdipikacinta, saperti pamajikan, anak, malah kolot sorangan. Naha enya jaman kiwari masih aya keneh nu munjung?
***
SAWATARA waktu kaliwat, Kampung Banjarwaru, Desa/Kacamatan Panjalu, Ciamis, ngadadak geunjleung ku babi. Lain aya nu katarajang flu babi, tapi ieu mah beja ngeunaan sababaraha urang paninggaran anu kabejakeun newak babi kajajaden. Beja pabeja-beja, tug nepi ibur salembur ear sadesa. Antukna ngaleut ngabandaleut, muru ka blok Cibangkong, Banjarwaru, pikeun mastikeun bungkeuleukan babi kajajaden tea. Rea nu harayang ningali babi, kalayan teu malire warta di televisi ngeunaan bahaya flu babi. Lembur anu sasarina tiiseun teh ngadadak rame, da puguh ti lembur tatangga, malah ti kota oge daratang hayang ningali eta babi. Tukang dagang, angkutan padesaan, katut ojeg ngadadak marema. Ku riabna kandaraan anu ngajugjug ka Cibangkong, puguh bae aya sawatara pacabakan anyar, saperti jadi tukang parkir.
Ti terminal Panjalu ka blok Cibangkong, Banjarwaru, anggangna kira-kira 5 KM ka beulah kaler. Bisa dijugjug ku numpak mobil angkutan padesaan jurusan Cikole, eureun di Kampung Simpar, tuluy naek ojeg di parapatan anu muru ka Banjarwaru. Tapi badarat oge da henteu pati jauh, komo lamun mapay sisi situ Lengkong Panjalu mah, moal karasa cape leumpang oge.
Naon sabenerna kaahengan eta babi, pangna dianggap babi kajajaden? Pikeun muguhkeunana, sababaraha poe katukang MANGLE ngajugjug ka Panjalu. Henteu hese neangan tempatna oge, cukup ku sakali nanyakeun, langsung pada nuduhkeun. Anehna, di jalan ka Cibangkong bet aya tulisan "Babi Sudah Tidak Ada". Tapi keukeuh panasaran, lalampahan henteu pugag ku eta tulisan. Dina enyana oge geus euweuh, kapan ari paninggaranna mah piraku milu euweuh.
Anjog ka blok Cibangkong, Banjarwaru, RT.02/05, dibageakeun ku Iwan (37), salahsahiji paninggaran anu newak babi aheng tea. "Ngahaja ngadamel seratan 'Babi Sudah Tidak Ada', margi abdi rada paciweuh sareng kaweur mayunan nu bade ningali babi..." kitu ceuk Iwan bari ngajak asup ka gang, bras ka kandang hayam nagri, terus nunjuk ka lebah bkandang babi anu nyongcay juru kandang hayam. "Saleresna aya keneh babina mah, mangga we uningaan..." kitu pokna. Iwan geus sababaraha poe katempuhan kudu ngurus babi, kalayan rada ngarahuh mikiran parabna. Sabab, eta babi teh henteu daekeun diparaban sampeu sakumaha ilaharna babi. Lamun dibere sampeu, kalah ditajongan. Kahakananna nyaeta roti, susu, jeung kadaharan sejenna nu teu ilahar pikeun babi. "Komo enjing-enjing mah kahoyongna teh sangu goreng jeung lauk..." ceuk Iwan bari nyerengeh.
Ditilik tina dedeganna, eta babi memang rada aheng. Buluna lemes, gomplok, saliwatan mah siga buuk awewe. Panonna cureuleuk, teu siga ilaharna panon babi. Pon kitu deui kukuna lalencop. Iwal ti dedeganna, anu rada aheng teh sorana deuih. Sapanjang nengetan eta babi, asa teu kadenge sesegrok jeung ngaguik. Malah lamun diwawaas mah kalah siga sora nu humarurung atawa jejeritan. Basa paadu teuteup jeung eta babi, ujug-ujug tingpuringkak tingpuriding, bet asa geueuman. Komo deui basa rek motret eta babi, kamera ngadadak macet. Piraku teuing kamera ngadadak ruksak? Apan samemehna oge dipake motret, henteu aya karuksakan nanaon. Terus dicobaan motret obyek sejen, teu sakara-kara geuningan. Tapi pas dipake motret deui babi, kamera bet macet deui bae. Cacak lamun teu rea batur, aya kamungkinan langsung mangpret.
Iwan ngadeukeutan kandang. Tuluy ngusapan tonggong babi bari nyarita, "Geulis... Mano... teu kenging kitu. Sok kedah kersa dipotret, ngarah lebet kana koran. Sugan we atuh kolot anjeun maca, ngarah aya nu mere roti jeung susu. Sok, dipoto nya..." kitu ceuk Iwan. Na atuh, eta babi teh bet unggeuk. Jeung deui, kagugu ku omongan Iwan, anu nyebut "Mano" ka eta babi. Boa-boa ku panon Iwan mah eta babi teh katingalina siga poto model anu geulisna nyanding Manohara.
"Mangga bade motret mah, cobian deui, Kang!" ceuk Iwan. Teu talangke deui, gap kana kamera. Na atuh... jepret, jepret... jadi waras kamera teh. Naha ari samemehna bet macet? Naha enya aya pangaruh ti Si Mano? Atawa kabeneran wungkul kitu? Teu hayang mikiran perkara eta mah, da anu penting kamera bisa dipake motret eta babi.
Dina kandang anu ukuranna kira-kira 1,5 X 1 M, katingali aya simbut lebah juru. Basa ditanyakeun ka Iwan, eta simbut teh ngahaja keur pakeeun babi. Sabab, dina hiji peuting, babi teh kadenge jejeritan. Malah aya sababaraha urang anu jelas ngadenge eta babi nyambat indungna, "Emaaa... emaaa...!" kitu sora babi teh. Puguh bae matak muringkak bulu punduk. Iwan oge henteu wanieun sosoranganan muru ka kandang babi. Barang ditingali, manahoreng eta babi teh keur ngahodhod tiriseun. "Dimana aya babi tiriseun? Biasana oge babi mah guley dina kulah..." kitu ceuk Iwan, anu harita tuluy nyokot simbut. Geus dibere simbut mah babi teh jempling. Anu ahengna, eta simbut dibebenah ku babi tug nepi ka ahirna eta babi ngarengkol bari diharudum simbut.
Pangna disebut aheng teh tangtu bae ku lantaran rengkak paripolahna bet siga jalma. Dedeganna, sorana, kahakananna, jauh tina kailaharan babi. Malah eta babi oge kungsi dipariksa golongan darahna ku dokter hewan, kalayan hasilna eta babi mibanda golongan darah AB.
Kungsi sababaraha poe kaliwat, aya tamu anu ngaku-ngaku yen manehna bapana eta babi. Manehna menta eta babi, kalayan rek ditebus ku duit anu kaitung gede. Tapi barang ditalungtik, manahoreng manehna saukur ngaku-ngaku wungkul. Sabab tujuanna eta babi rek dijieun sirkeus. Antukna ku Iwan henteu dipasrahkeun. "Karunya atuda ari rek dijieun sirkeus mah. Abdi henteu kabita ku artos. Lamun niat mah, ayeuna oge tiasa bae dibisniskeun. Misalna dikarcis we anu bade ningali babi teh. Tapi... alim lah, bilih kalah picarioseun," kitu ceuk Iwan. Salila ieu memang anu hayang ningali babi teh teu eureun-eureun, tapi henteu dikarcis. Paling oge nyadiakeun kencleng, anu hasilna dipake meuli roti jeung susu keur maraban eta babi.
Kumaha jeung dimana kacerekna eta babi? Ceuk Iwan, harita teh memang manehna keur moro ka leuweung Cirando, Bahara. Moro babi jadi kalangenan Iwan saparakanca, minangka selingan tatanen. Sajabana ti Iwan, anu harita milu moro teh diantarana Wa Eno, Mang Omon, Atang, jeung Ewong. Ilaharna moro babi, tangtu bae mawa anjing. Malah anjing teh mangrupa andelan paninggaran. Babi sok diudag ku anjing tug nepi ka beunang. Tapi... aneh pisan... barang amprok jeung babi "Mano" mah, anjing teh taya hiji oge anu daek ngudag. Malah teu daekeun ngagogog-ngagogog acan.
Lantaran anjing mah geus pararuguh teu bisa diandelkeun, antukna eta babi teh digiringkeun kana taheunan, tug nepi ka beunangna. Henteu katingali galak babina oge, tur ahirna dibawa ka Cibangkong. Ti barang ningali rupana oge, Iwan saparakanca geus ngarasa hemeng. Komo deui sanggeus kanyahoan kahakanan katut rengkak paripolahna. Nya, teu lila oge, langsung ibur yen di Cibangkong aya babi kajajaden. "Ti pasantren oge kantos aya nu kadieu sarombongan, hoyong ingali ieu babi..." kitu ceuk Iwan.
Lamun diwawaas, memang matak ngabirigidig. Apan sok aya kabejakeun anu munjung ka babi teh bogaeun rompi husus pikeun ngarobah jirim jadi babi. Boa-boa, kurang tarapti nyimpen rompi, anu antukna dipake ku anakna. Barang rap dipake, langsung robah jadi babi, kalayan hese dipulangkeun deui ka asal. Aya oge sabangsaning mitos, anu nuduhkeun cara mulangkeun deui jirim babi kajajaden. Nyaeta ku cara nyium sungut babi. Tapi teu pati kataji nyobaan, da geuleuh kabina-bina. Leuheung basa lamun sanggeusna dicium teh enyaan robah wujud jadi awewe geulis tanding Manohara tur dikawinkeun. Palebah ninggang di apes, barang celepot dicium teh kalah nyogot, apan kalah picilakaeun. Dina henteu nyogotna, bararaid teuing sieun katerap flu babi.
Prosesi ritual nyegik geus papada apal... ladang tina lalajo film. Dina film "Babi Ngepet" anu dipaenkeun ku Kang Ibing oge, geus kagambarkeun kumaha prak-prakanana nyegik. Mangsa salaki jadi babi, pamajikanana nungguan lilin. Lamun lilin kakalicesan, hartina salaki keur nyorang bahaya, kudu geuwat lilinna ditiup. Tapi, boh dina novel, dina dongeng radio, pon kitu deui film, tara kacaturkeun jalma nyegik hirupnba jamuga. Pasti bae tungtungna bakal tunggara, malah nepi ka palastra.
Nurutkeun Ki Among, paniten mitos asal Kampung Simpar, kalintang wajar upama nu nyegik lumpat ka Panjalu pikeun neangan kasalametan. Sabab, lamun dipatalikeun jeung sajarah Panjalu, nyambung ka tilu tokoh sadulur anu muhit tilu rupa elmu. Kahiji, Ratu Permana Dewi di Panjalu, neuleuman elmu karahayuan atawa kasalametan. Kadua, Ponggang Rumangiang di Tatar Tampomas, anu neuleuman elmu kadugalan. Katilu, Bleg Tambleg Raja Gulingan di Mandirancan, anu muhit elmu kadunyaan. Dina jaman ayeuna, rea jalma anu peunggas harepan patali jeung urusan kadunyaan. Ahirna neangan jalan sejen ku cara nyukcruk elmu titinggal Bleg Tambleg Raja Gulingan, anu weruh ngalap elmu kadunyaan. Hanjakalna, samemeh nepi ka nu dituju, nyatana ka Bleg Tambleg, di satengahing lalampahan sok dicegat ku gogoda dedemit anu ngajangjikeun kabeungharan ku cara musrik, anu disebut munjung tea. Cacak lamun sabar mah nyuprih pangaweruh siga Bleg Tambleg Raja Gulingan, sigana moal kudu muja bangsa siluman. Ku kituna, lamun geus kadesek, pasti neangan panglumpatan anu pisalameteun. Nya... Panjalu dianggap bisa jadi jalan kasalametan, lantaran luluhur Panjalu nu ngagem elmu karahayuan.
"Pek tengetan ka wewengkon sejen. Tong boro manggih babi siga Si Mano. Cacak kakara nyurigakeun saeutik oge, pasti tuluy diparaehan. Malah biasana dipaehan kalayan gangas, da nu munjung teh apan sarua jeung bangsat rongkah nu ngarangsadan harta banda masarakat. Tapi ari beunangna di Panjalu mah, kabuktian... babi anu geus dianggap kajajaden oge tetep dipiara, henteu ditandasa. Malah parabna oge roti, susu, sangu sapuratina. Tapi walohualam... kuring oge teu bisa mastikeun lamun eta babi teh bener-bener kajajaden, kaasup henteu bisa ngajamin lamun eta babi bakal salamet, henteu diparaehan. Nu jelas mah, eta babi memang beda jeung ilaharna babi. Ari rek disebut babi piaraan, da beunangna oge apan di leuweung geledegan. Jeung deui... asa langka nu ngahaja-haja miara babi, kalayan parabna disaruakeun jeung anak menak..." kitu ceuk Ki Among.
Nepi ka kiwari, eta babi masih jadi tarucing. Bener atawa henteuna eta babi teh kajajaden, kari kumaha geletuk batuna kecebur caina. Nu eces, eta babi moal aya patalina jeung Ratu Felisha atawa Ferry Fernandez dina Film "Skandal Cinta Babi Ngepet". Ngan, sawangan masarakat kana nyegik, masih pasti rea kapangaruhan ku film.***(M. Sudama/RH)
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaandang s. argayuda ngomentaran:
Di jaman kangjeng nabi Sulaiman allaihi massallam.., kantos anjeuna mendakan hiji wanoja anu nuju ngaibakan dua babi .. sapertos ngaibakan jalmi. Nabi Sulaiman tumaros ... Nyai naha geuning eta babi mani di ibakan kawas ka jalmi bae..?. Duh Gusti.. ieu teh indung bapa abdi anu tos tigebrus kana kamusrikan munjung ka babi.. . Tapi sabada maot bet indung bapa abdi hirup deui janten babi.