Hikmah Isro' Mi'raj, Ngadegkeun Solat, Nyegah Generasi Ingkar
Ku H. Juni Effendi
Alloh Swt. parantos ngadawuh: Subhanal ladzii asroo biabdihii laelan minal masjidil haraami ilal masjidil aqsol ladzii baarokna haolahu linuriyahu min aayaatinaa, innahu huwassami'ul basyiir. Maha Suci (Alloh) anu geus ngiangkeun abdi-Na dina hiji peuting ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsha, anu sakurilingeunana ku Kami diberkahan, pikeun Kami nembongkeun ka manehna ti antara ayat-ayat Kami. Saestuna Anjeunna Nu Maha Ngadangu, Nu Maha Uninga. (QS. Al-Isra' : 1)
Kaagungan Alloh nu Maha Jembar, parantos nuduhkeun kalawan saestuna Nabi Muhammad SAW parantos diiangkeun luyu sareng kakawasaan Alloh Swt. Dina elmu tauhid, aya nu namina tauhid Rububiyah, teu aya deui pangeran nu murbeng ieu alam, anging aya dina kawasa Alloh Swt. Tangtu sateuacan medar, naon hikmah tina kajantenan Isro' sareng Mi'raj Kangjeng Nabi Muhammad SAW, urang sadaya kedah buleud heula masalah tauhid, boh sacara Uluhiyahna boh sacara Ubudiyahna. Naon sababna? margi moal sampurna nitenan masalah Isro' Mi'raj upami mung disawang tina jihat rasional elmu pangaweruh wungkul. Kawajiban hate nu ngaimankeun ka Gusti Alloh, kacida pentingna. 'Subhanalladzii Asro', dimimitian ku kalimah tauhid nu nuduhkeun, yen teu aya deui nu maha suci, anging kamahasucian Alloh Swt.
Tangtu upama diluyukeun sareng pamikiran alam kiwari, manusa dina ngamimitian pagaweanana teh, tara ieu mulangkeun heula ka Nu Murbeng Alam. Padahal, upama nitenan palajaran tina kajantenan Isro' Mi'raj, naon wae padamelan, kedah dimimitian ku kekecapan tauhid, sapertos dikudukeun maos 'bismillah' heula. Henteu kudu tebih nyandak pelajaran tina kajadian Isro' Mi'raj, tina cara bade nyanghareupan hiji pagawean we, apanan urang mah sok ngamomorekeun urusan ka Alloh Swt. Sabaraha kali lampah urang dina sapoe tanpa inget heula ka Alloh. Bade angkat damel, bade rapat, bade ngamimitian kagiatan, estuning seueur pisan nu ngaleungitkeun heula kana masalah tauhid ka Alloh Swt. kalebet urusan kagiatan kasundaan. Padahal, kayaning maos basmalah ditutup ku alhamdulillah, estuning bakal nyandak berkah, sakumaha palajaran tina kajantenan Isro' Mi'roj. Geus puguh ari kagiatan-kagiatan nu umum mah saperti dina tayangan telepisi, boro-boro ngadu'a heula, ningalikeun nu ngadidik oge pan tos dijauhan. Subhanalloh.
Balik deui kana kajantenan Isro' Mi'raj, salajengna nuduhkeun kajatidirian Rosululloh SAW, yen sanes gaduh elmu nu ngaleuwihan nu kagunganana (Alloh Swt), tapi justru Nabi nyalira nu teu aya daya teu upaya. Margi kitu, kecapna oge 'diiangkeun' 'asroo'. Naon sababna diiangkeun, sanes ngiangkeun? Margi Alloh Nu Maha Kawasa, nu kawasa kana sagala perkara. Henteu cara manusa nu adigung adiguna ku polah pedah cenah boga kapinteran. Cenah, bias ka langit ka angkasa, estuning karana elmu, karana iptek. Nu mawi, Alloh nu Maha Pinter, samemehna parantos negeskeun, kecap 'ngiangkeun' teh nuduhkeun kakawasaan Alloh Swt. moal aya hiji manusa saurang oge nu bakal nandingan Nu Gaduhna (Alloh Swt.) Malahan elmu nu dipasihkeun ka manusa, ibarat cai laut di sagara, manusa mah nga sakeclak wungkul. Kitu oge tina sakeclak dibagikeun ka sarerea. Subhanalloh, yakin ku kawasana Alloh nu kawasa parantos ngiangkeun hiji hambana dugi ka langit ka sidrotul muntaha dina dangka sababaraha jam. Padahal upami ditingal tina jihat pisik ma, lalampahan ti Mekkah ka Palestina ngabutuhkeun waktu lina 40 poe, komo kudu naek ka langit ka hiji nepi ka tujuh sarta ka sidrotul mutaha mah. Margi kitu, atuh kacida kahartina, naon sababna atuh Isro' Mi'roj sakitu kilatna? Margi tadi oge, nu ngiangkeunana Alloh Swt. Sadayana teu aya nu mustahil pikeun Alloh Swt. Tinggal urangna, naha iman naha tetep kufur?
Kawajiban Solat
Rupa-rupa kahayang manusa upama ditataan, gurat badagna kabagi dua; nyaeta nu sipatna kadunyaan (duniawi) jeung nu sipatna kaaheratan (ukhrawi). Memang, henteu kabeh kahayang nu katempona kadunyaan hakekatna oge kadunyaan. Kitu deui, henteu kabeh kahayang nu katempona kaaheratan hakekatna oge kaaheratan. Duanana, kahayang kadunyaan atawa kahayang kaaheratan kudu ditatapakan ku niat anu hade (ihlas) nyaeta dina raraga neangan karidoan Alloh SWT. Naon rupa nu dilakukeun ku manusa, salila niatna keur ngalaksanakeun kawajiban ti Alloh SWT eta kaasup gawe kaaheratan. Sabalikna, sanajan nu dilakukeun teh mangrupa ibadah ritual saperti solat, puasa, jeung haji atawa umroh, ari niatna teu ihlas mah moal ditarima. Pidawuh Nabi Muhammad SAW: "Alloh moal narima pagawean ('amal) hiji jalma, iwal ti pagawean ('amal) nu dipigawe kalayan ihlas, tegesna pagawean ('amal) nu dipigawe dina raraga neangan karidoan Anjeun-Na" (Diriwayatkeun ku Ibnu Majah). Manusia oge teu dilarang boga kahayang. Boh kahayang nu sipatna kadunyaan, pon kitu deui kahayang nu sipatna kaaheratan.
Margi kitu, Alloh Swt. saparantosna nyiptakeun alam dunya (washilah al-hayat) sareng aturan hirup (manhaj al-hayat), manusa oge kedah lempeng dina ngalampahkeun kahayangna. Aya palajaran tina oleh-oleh kajantenan Isro' Mi'raj pikeun umat. Nyaeta, ngalaksanakeun kawajiban Solat. Nu mana solat teh mangrupakeun 'ashsholatu imaddudin' solat teh tihangna agama. Upama ngadegkeun solat, mangka agamana oge weweg, tapi upama ninggalkeun solat, mangka agamana oge bakal runtuh. Sakumaha tadi, kahayang manusa nu sok rupa-rupa, henteu hieuh dilarang asal, luyu sareng papagon agama.
Kangjeng Rosul Muhammad SAW sateuacan nampi tugas kawajiban solat waktu nu langsung ti Alloh Swt. henteu ngalangkungan perantaraan Malaikat, lian ti tepang heula sareng para utusan Alloh, sapertos Nabi Ibrohim, Nabi Musa, Nabi Idris oge ditingalikeun paripolah manusa nu sagala loba kahayang tanpa tujuan. Balukar ku polah nu teu uni, aya nu nyiksa diri, aya nu ngaletakan geugeuleuh jeung sajabana. Kitu deui ditingalikeun umat nu saroleh, golongan al-muhsinin, al-muhlisin, aranjeunna saperti teras-terasan kenging kabagjaan nu teu aya kendatna.
Palajaran kitu, nuduhkeun sakumaha tadi, kahayang manusa nu beda-beda. Tapi nu mantak salamet mah nyaeta nu luyu sareng papagon agama. Dimana atuh koncina? Nyaeta saparantosna ditingalikeun, Rosululloh SAW ditepangkeun langsung sareng Alloh Swt. di Sidrotul Muntaha, Al-Mustawa, kalayan langsung kenging tugas pikeun umat sangkan migawe kawajiban solat lima waktu.
Naon sababna solat lima waktu mangrupa koncina? Kantenan margi kawajiban solat kacida agungna nu langsung ditugaskeun tanpa perantaraan malaikat. Kitu deui, dina solat sakumaha dawuhan Alloh Swt. Innash sholata, tanha anil fahsa'i wal munkar. Pikeun nu bener ngadegkeun solat, saestuna solat teh bakal nyegah tina pagawean munkar. Pagawean nu teu uni, nu patojaiyah jeung kapitrohan manusa bakal jauh ti jalmi nu ahli solat. Seueur ayat al-Qur'an nu marentahkeun sangkan ngadegkeun solat. Aaqimusholat, wa atuzzakat. Kitu deui nu ngajadi ciri jalma takwa oge, sakumaha dina mimiti surat al-Baqoroh apapan aqismusholat. Alladziina yu'minuna bil goibi, wayukimunashsholat.
Mung sakali ninggalkeun, ngamomorekeun, malah teu bau-bau acan kana solat, manehna bakal leungit ciri kaislaman dina dirina, diaheratna digebruskeun ka naraka jahanam. Dawuhan Alloh Swt. jentre pisan dina surat Al-Maryam ayat 59. , nu kieu unina : Fakholafa min ba'dihim kholfun adoo 'ush sholaata wattaba'ush sahawaati fasaofa yalqaona goyyan. Nu hartosna : "Ti dinya datang sabada maranehna gagantina, jalma-jalma anu naringgalkeun solat, jeung anu narurut kana hawa nafsuna; ku kituna maranehna bakal digebruskeun ka naraka jahanam.
Upami dipatalikeun sareng mahabuna kaum nu ninggalkeun solat, meureunan ayeuna pisan nu disebut generasi ninggalkeun solat. Sanes su'udzon, seueur pisan acara nu nabrak kana waktu solat. Acara tipi langsung nabrak waktu solat. Sanajan urusan solat urusan nafsi-nafsi tapi kawajiban ngajak solat geus ditinggalkeun. Acara tayang jam 3 soreng rengsena apanan jam tujuh dalapan peuting. Hartina waktu ashar, margib bakal diliwat. Upama wae aya hukum ruksoh, tiasa dijama'. Naha nu kitu aya illatna? naha meunang rukshoh alatan keur aya acara nu teu nyubadanan kana urusan mahabbah ka Alloh?
Mangga, urang tiasa ngeunteung diri, muhassabah, tos dugi ka mana ibadah solat urang? naha putra-putra orang nu deukeut nu jauh naha tos ngadegkeun solat? Meureunan putra urang nu milu jigrag-jigragan dina acara panggung hiburan, boa-boa geus teu bau-bau acan kana solat. Padahal, baheula keur leutik mah sok dipangajikeun ka Pa Ustad, ka masigit, ka langgar. Ieu nu jadi kahariwang, boa-boa putra-putra aya dina generasi nu naringgalkeun solat. Padahal upama nitenan solat tina oleh-oleh Isro Mi'raj kacida mulyana.
Upama geus kitu? saha anu kudu tanggung jawab? saha nu sabenerna anu mengkolkeun aqidah generasi nu naringgalkeun solat? Falaa yasuddannaka 'anhaa man laa yu' minu bihaa wattaba'a hawaahu fatardaa. Ku kituna, maneh ulah beunang dipengkolkeun tina iman kana kiamat, ku jalma-jalma anu henteu ariman kana kiamat turta nurutkeun wae hawa nafsuna, anu bisa ngalantarankeun maneh jadi cilaka. (QS. Tha-ha : 16).
Geuningan, Alloh Swt. parantos maparin pituduh sangkan tatan-tatan ka golongan nu mengkolkeun kaimanan urang, kaimanan putra-putra urang. Saha golongan eta? Golongan munafikin, golongan musyrikin. Maranehna salawasna ngabohongkeun ayat-ayat Alloh Swt. Alladziina kaddabu biaayaatinaa (QS. Al-Anbiya : 77).
Margi kitu, dina mieling Isro' Miraj taun ayeuna, hayu urang ngagedurkeun deui sumanget dina ngadegkeun solat, sangkan generasi ayeuna henteu kapengkolkeun ku jalma-jalma musrik jeung jalma-jalma munafik. Allohuma adhilni mudhola sidqi wa ahrijni muhroja sidqi, waj 'alni milladunka shultonan nasyiiro. Amin.
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaYADI supriadi wendy ngomentaran:
Kang H Juni, geuning dina QS (Al-Isra' : 1) mah mung nyarioskeun iangna Nabi Muhammad saw ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsa (Isro tea). Dupi carios Mi'rojna dimana? Hatur nuhun.........