Tue, 22-05-2012
Katumbiri

Walikota Ngajak Murid Merangan Narkoba

Pintonkeun di FB

Ihtiar merangan bahaya narkoba lain saukur kawajiban pamarentah wungkul, tapi oge kawajiban balarea. Ku ayana organisasi kamasarakatan  nu ancrub milu merangan bahaya narkoba, saperti Komite Peduli Pendidikan Nasional (KPPN) Kota Bandung nu geus ngalaksanakeun pembinaan ka murid-murid SMU mangrupa babakti masarakat dina merangan bahaya narkoba.

Kitu ditandeskeun Walikota Bandung, H. Dada Rosada, SH, M.Si basa ngaluncurkeun "Buku Saku" sababaraha waktu kaliwat. "Barudak sakola minangka generasi penerus bangsa sangkan bisa ngahulag narkoba tina kahirupan, sabab narkoba mangrupa musuh utama nu baris ngancurkeun kahirupan sarerea," pokna tandes naker.

Tarekah merangan narkoba, ceuk Dada, mangrupa sumanget pikeun ngagempur peredaran jeung sindikatna, enggoning nyalametkeun kaom nonoman tina bahaya narkoba. Lamun narkoba bisa diperangan tinangtu baris medalkeun masarakat Kota Bandung nu bermartabat.

"Buku Saku" nu diluncurkeun teh dimaksudkeun keur barudak SMU sa-Kota Bandung. "Eusina ngeunaan bahaya narkoba jeung pencegahanana sangkan tong ngadeukeutan narkoba," teges Ketua KPPN Kota Bandung Diddy R. Ridjadi, S.IP.  Ieu buku teh dipiharep mampuh ngadorong barudak nu keur nyuprih elmu di SMU, salian bisa ngajauhan narkoba, oge bisa milu aub meranganana.

Sekretaris KPPN Kota Bandung Drs. Fajar Kurniawan, M.Si negeskeun tarekah pembinaan jeung sosialisasi di lingkungan barudak sakola teh dilaksanakeun ngaliwatan pagelaran seni budaya jeung konser-konser musik. Lian ti eta, nu geus rutin dipigawe nyaeta ku jalan datang langsung ka sakola-sakola, mere piwuruk jeung ngabagi-ngabagikeun buku saku.*** (Cucu) 

Dinas Kudu Wani Nanjeurkeun Aturan

Bisa jadi lantaran masa bakti DPRD Kab. Bandung kurang leuwih sabulan deui, teu saeutik anggota dewan nu "mangkir" tina gawena. Rohangan fraksi jeung komisi saukur dieusian ku korsi kosong. Malah mah basa sidang paripurna, Salasa (7/7) kamari ieu kapaksa dipundurkeun kusabab anggota nu hadir saukur 18 urang tina 45 anggota dewan periode 2004-2009.

Ketua DPRD, Drs. H Agus Yasmin nandeskeun sidang paripurna teu bisa lumangsung, sabab anggota nu hadir teu nyumponan korum. Dina aturan ditegeskeun, mutuskeun atawa netepkeun naon wae kudu disaluyuan saeutikna ku 2/3 tina jumlah anggota dewan. "Dinten ieu teu korum, ku kituna paripurna di undurkeun dugi ka kemis," pokna teh.

Padahal di jero rohangan paripurna nu rencanana rek netepkeun 13 raperda di antarana sual ibu kota Kacamatan Kutawaringin, Lingkungan Hidup, Raperda Jamkesmas jeung Rencana Tata Ruang Wilayah (RTRW) teh, para Satuan Kerja Pemerintah Daerah (SKPD) tur Sekda Ir. H. Sofian Nataprawira, MT geus haladir.

Dina poe Kemisna (9/7) anggota nu hadir oge teu saluyu jeung harepan, saukur 24 urang, malahan wakil ketua duanana oge teu haladir. Ahirna  sidang paripurna teh dipingpin ku Ketua DPRD Drs. H Agus Yasmin jeung Wakil Bupati Bandung, H.Yadi Srimulyadi. Tina 13 raperda nu harita ditetepkeun saukur genep raperda. Raperda Sistem Pendidikan, jeung Kependudukan ditunda heula, sabab masih kudu konpirmasi ka dinas nu aya patalina.

Anggota Fraksi Madani, Drs. H. Agus Sugiarto nyebutkeun fraksina nyatujuan. Ku kituna dipiharep lingkungan hirup di Kab. Bandung bisa kapiara, jeung SKPD-na mampuh ngaminij lingkungan sangkan hade, teu samodel kiwari. "Lingkungan di Kab. Bandung ti tahun ka tahun acak-acakan. Runtah di mana wae, komo mun ningal Citarum mah matak prihatin," pokna teh sabada paripurna. Sabenerna, ceuk Agus, lingkungan di Kab. Bandung teh kudu kapiara, sabab sual lingkungan geus aya dina visi misi Bupati nu didagangkeun basa kompanye harayang jadi bupati. Ruksakna lingkungan di ieu kabupaten gegedena dilantarankeun akibat limbah B3. Katambah ayeuna para pangusaha ngagunakeun batu bara nu limbahna dipiceun kamana wae.

SKPD kudu leuwih proaktip, tong nepi Raperda teh saukur miharep pujian ti daerah sejen, lantaran Kab. Bandung mangrupa daerah munggaran nu mibanda Raperda Lingkungan, sedengkeun prak-prakanana nguciwakeun. Salila ieu Dinas Lingkungan Hidup euweuh kawani nanjeurkeun aturan, masalah pagawe jeung dana investasi sok dijadikeun alesan. Jadi ku ayana ieu perda, Dinas Lingkungan Hidup kudu leuwih daria nanjeurkeun aturan, kusabab geus jelas, sanksi pikeun para pangusaha nu ngotoran lingkungan, utamana para pangusaha nu miceun limbah B3 ka walungan. "Dimana para pangusaha kabuktian miceun limbah sangeunahna,  lamun perlu ditutup nya tutup we pausahaanana," Agus ngajentrekeun.*** (Nunk)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula