Galuring Gending (16)
Panji, kumaha ari perasaan anjeun harita?
Kuring saenyana hayang leuwih jauh mikawanoh kaayaan anjeun, tapi pihak anjeun bangun nu teu pati merean. Bisa jadi meureun harita anjeun loba ngaragangan, pangna ka kuring henteu talete, teu loba tatanya ge. Buktina wae anjeun teu kungsi mapaykeun kana kajadian anu karandapan ku kuring samemeh teu eling weureu inuman. Anjeun kawas nu geus surti; malah bisa jadi geus surti kana kahirupan kuring, kaasup naon pangna kuring peuting-peuting ngulayaban di diskotik. Atawa mungkin wae leuwih jauhna anjeun geus mere peunteun ka kuring; naha angkana beureum?
Asa teu puguh cicing ge, sabab anjeun leuwih loba milih jempe. Piraku deui ari kuring kudu ngabuih bari teu kungsi ditanya heula mah. Padahal, basa nyarita ka Nyi Elpi mah, geuning anjeun teh bangun nu resep heureuy. Tapi, naha ari ka kuring mah mani saperluna pisan?
Nya, eta nu jadi sabab, naon pangna kuring terus amitan. Lain, lain pedah geus teu betah alatan tempatna rarupek, hareurin.
"Bade mulih ayeuna wae?" kitu ceuk anjeun harita, basa kuring geus nyebut permios.
"Muhun. Hatur nuhun," kuring ngan wasa nembalan sakitu.
"Tos kiat kitu, di jalanna?" nanya sakali deui.
Kuring ngajawab ku unggeuk. Saenyana ari dina hate mah ngarep-ngarep dianteurkeun. Ngan maenya mun kuring anu kudu kedal ti heula pikeun ngasongkeun eta pamenta. Cacak mun harita anjeun daek nganteurkeun, sugan wae aya suasana anu robah, henteu matak kaku karasana. Tapi ah, kahayang kuring ukur tinggal kahayang.
Kuring ngaleos ukur dituturkeun ku paneuteup anjeun. Jol ka jalan gede; susah pisan rek meunang taksi ge. Ari kudu naek angkot, komo kana beus kota mah, asa hoream. Lain olo-olo, ngan geus kasawang padedetna.
*
Sadatangna ka kamar hotel, kuring terus ngalungsar dina sofa. Asa bararingung naon anu kudu dipilampah. Ras deui kana tulisan dina tembok di kamar anjeun: naha kuring bakal bisa ngaerem diri anu keur pundung ngaberung?
Saenyana kuring geus aya kereteg hayang ngeureunan pamolah diri anu keur ngaberung. Ngan pasualanana, mun kuring arek eureun teh kudu boga heula pamuntanganana, ngarah bisa panceg. Tah, rek balaka wae, Panji, eta pamuntangan teh tacan dipiboga; padahal kuring butuh kacida.
Sanggeus rada lila ngalungsar, kuring karek enggeuh yen erloji geus teu nyampak dina leungeun parantina. Naha ragrag di mana, nya? Terus diinget-inget, sugan wae aya kelemeng raratanana. Lapur. Ngan nu sidik, basa kuring hudang, asa geus teu karasa make jam tangan. Kitu deui basa keur ka cai, asa teu kungsi ngalaan heula erloji. Kawasna mah ragrag tadi peuting, basa kuring kaluar ti diskotik. Keur mah deuih cacantelna geus teu pageuh, da sok rajeun ngajetrek muka sorangan.
Geus aya rencana rek sina dibenerkeun di tokona, ngan sok hoream ari rek jungna. Keun wae ah, lain milik kuring mana kitu ge. Cenah eta hargana kaitung mahal; ari enggeus kudu kumaha deui?
*
Isukna, kuring nepungan deui anjeun. Eta teh meunang nimbang-nimbang rada lila. Geus dirarancang, ari nu rek dipake alesanana mah dumeh hayang mapaykeun erloji. "Manawi wae kakantun di dieu," bakal kitu pok-pokan kuring teh. Padahal saenyana kuring teh panasaran ku anjeun. Hate keukeuh kumejot hayang (deui) tepung. Hanas jam tangan henteu kapuluk deui, ah jeun teuing.
Ngahaja, milih waktu teh pasosore, da ari isuk-isuk mah bisi anjeun geus teu nyampak. Dangdan oge ukur sahinasna pisan, teu kawas sasari midang. Bisa jadi meureun kuring hayang ngaluyukeun diri jeung kabiasaan anjeun anu sok sahinasna, kaasup dina barangpake.
Barang jol ka tempat kontrakan anjeun, kabeneran pisan anjeun keur aya. Inget keneh meureun anjeun ge, Panji, harita anjeun keur catur dina teras.
Cing, ari harita kuring make baju pulas kumaha?
***
Teu matak kaget waktu harita anjeun datang teh, Sarah. Geus kajudi pimaksudeunana, pasti rek nyokot erloji anu tinggaleun dina luhur kasur. Estu teu dihaja jeung teu nyangka yen kuring baris manggihan jam tangan anjeun.
Ti sajungna anjeun amitan, kuring neruskeun hanca maca koran. Sanggeus maju rada beurang, kuring rek moekeun simbut reujeung kasurna, da angkanan teh moal indit-inditan ieuh. Barang nyingkabkeun sepre, tina handapeun bantal aya erloji. Geus teg we, pasti boga anjeun. Heueuh, da saha deui nu asup kakamar, iwal anjeun sorangan. Komo deui barang nyeueung potonganana; jam tangan husus pakeeun awewe. Diilik-ilik merekna. Jih, boa sabaraha hargana ieu mah. Jigana bahanna oge tina emas campur platina, dina luhureun bakna ditaretes ku inten sagede-gede beunyeur.
Karunya teuing ka nu bogana, ceuk hate, meureun ayeuna teh keur neneangan. Ku taksiran kuring mah, cacantelna lesot sorangan, terus ngagolosor tina leungeun anjeun, tepi ka ahirna katindihan bantal. Anjeun deuih atuh, naha henteu tenget waktu hudang teh. Padahal mah heg papariksa heula. Ari kuring, heueuh da teu pirajeunan alak-ilik basa peuting-peuting nyangkeh anjeun teh; naha make jam tangan atawa henteu. Kitu deui waktu anjeun amitan, piraku make kudu tatanya heula, "Ku naon Sarah teu nganggo jam tangan? Naha teu seneng, atanapi teu kagungan?"
Kuring aya niat hayang nganteurkeun, harita keneh oge, ngan teu jelas alamatna. Enya ari geus dibaca tea mah dina KTP, tapi ukur saliwat; ukur apal kana ngaran kompleks perumahanana wungkul. Ari rek dipapay-diteteangan, jigana teh kana piheseeun, lantaran eta kompleks teh lega. Mun teu apal blok reujeung nomerna mah, lapur moal kasusud. Hanjakal alamat anjeun henteu dicatet heula. Heueuh, da teu nyangka bakal aya barang anjeun anu tinggaleun atuh. Ngan ceuk itungan, kawasna anjeun bakal nyusul ka tempat kuring. Paling ge engke pasosore geura, ceuk pamikir kuring teh. Tapi tetela lebeng. Mun teu ayeuna, meureun kana isukan ka dieuna. Anu matak, kuring teu ka mamana deui wae, cicing we di imah nungguan anjeun, padahal ari kaperluan mah aya eta oge. Mun kuring indit-inditan, sok sieun jol anjeun datang. Ari barangna rek dipihapekeun ka tatangga, kuring teh melang.
Didagoan tepi ka palolohor, tacan jol wae. Kitu deui waktu geus maju ka asar. Ah, meureun moal ka dieu. Hanas kuring teu ka mamana, tapi anu didagoanana teu embol-embol.
Tapi dina ahirna mah itungan kuring henteu nyalahan. Kira tabuh lima, anjeun ngurunyung. Dangdanan anjeun asa beda ti peuting kamari; boh potongan boh kelirna; anjeun asa teu ningkah. Ka handapna erok panjang nengahan bitis, beukah ka tungtung (mun ceuk nu cunihin tea mah matak babari nyingsatkeunana), make ban disampaykeun kana taktak katuhu-kenca, ari kelirna biru saheab. Ka luhurna make kameja kotak-kotak, latar bodas gurat biru deui wae, ngan pedah rada kolot batan erokna. Cacak mun make sapatu lars, kostim anjeun teh teu beda ti mojang gipsy. Ceuk tetenjoan kuring, asa gabrih teuing baju nu dipake ku anjeun teh. Ngan bubuhan hade larapna (atawa hade nu ngalarapkeunana, kitu?), kajeueungna teh bet alus wae.
Tacan ka cai kuring teh, sabab kagok nganggeuskeun catur. Katurug-turug deuih kamar mandina terus-terusan pinuh, ari cai tina kompa listrik ukur ngerelek sagede cinggir; hayang meunang saember teh kudu sabar nungguan aya menitna.
Barang geus dimanggakeun oge, sarta anjeun terus diuk dina korsi nu ngan eta-etana, jam tangan teh ku kuring langsung diasongkeun. Teu dironrok teu sing, komo mun bari alewoh tandaning bungah, dumeh barang anu sakitu alus jeung mahalna kapuluk deui. Anjeun nampananana biasa pisan, cukup ku nyebutkeun, "Nuhun tos dipangnyimpenkeun." Henteu terus dipake deuih, tapi kalah diasupkeun kana tas. Kaharti ari kitu tea mah, meureun bisi lesot deui, terus ragrag. Leuheung mun kanyahoan. Dina henteuna mah pan bakal lapur.
Kuring permisi arek ka cai, sanggeus tawakup yen teu bisa nyuguhan. Heueuh, da naon suguhkeuneunana atuh. Enya ari ciherang mah aya, dina termos meunang ngeusian isuk-isuk, tapi gelas nu ngan dua-duana teh tacan dikumbah. Nu hiji dieusi gegedoh cikopi sesa isuk-isuk, nu hiji deui karek entas dipake basa keur catur, sarta geus digadangkeun rek dipake ninyuh cikopi menu pasosore.
"Sawios teu kedah nyesahkeun," kitu ceuk anjeun harita.
Waktu kuring balik ti cai, kasampak anjeun keur mukaan majalah anu ngamuat tulisan kuring. Kareret pisan, panon anjeun entas manco ka dinya; naha ku anjeun imeut dibaca?
"Panji teh wartawan?" kitu pertanyaan anjeun anu munggaran, sanggeus kuring diuk dina juru dipan.
"Sanes. Naha bet naros kitu?" kuring malik nanya.
"Bilih we wartawan; sok comel," tembal anjeun bari seuri. Kesanna, anjeun aya karep nyieun suasana ringan, ku nyarita kawas kitu teh. Tapi balaka wae ari kuring mah asa angger kaku keneh.
"Tos lami tamat kuliahna?" ceuk anjeun deui.
"Aya panginten ari dua taun mah."
"Didamelna di mana?"
"Di mana atuh, nya ...? Ah, kieu we sadamel-damel," cekeng teh. Da jeung enyana, mun aya nu nanyakeun sual pagawean, kuring teh sok hese nerangkeunana. Enya ge geus sarjana, tapi teu boga gawe matuh; dina harti gawe nu puguh kantorna, tabuh sabaraha indit reujeung mulangna, sabaraha gajihna, jeung kailaharan sejenna sakumaha anu ceuk masarakat jadi ciri pagawa atawa karyawan.
"Dosen, nya?"
"Sanes."
"Geuning seueur bukuna."
"Naha anu seueur bukuna teh kedah dosen wae, kitu?" kuring mimiti nyarita rada panjang.
"Muhun, pan ari dosen mah kedah seueur maca buku."
"Geuning di Pasar Palasari oge, sakitu bukuna narumpuk dirodaan, teu aya nu jadi dosen. Malah teu guru Inpres, guru Inpres acan," cekeng teh; geus mimiti wani ngabanyolan, pikeun ngaleungitkeun karengkeng.
"Ih, ari eta mah tos puguh deui atuh, da tukang buku," anjeun gancang nempas bari nyeuleukeuteuk.
"Sarah kuliah keneh?"
Anjeun gideug.
"Dosen auh?"
"Ah, piraku aya dosen kieu penampilanana."
"Naon atuh?"
"Naon we ...."
Tah, naon atuh ari pagawean anjeun anu saenyana? Karyawan atawa pangusaha? Atawa naon?
"Sarah ge kantos hoyong kuliah, mung teu kalaksanakeun," anjeun muka deui obrolan, sanggeus rada lila urang pahuleng-huleng.
"Atuh ayeuna we, upami aya minat keneh mah."
"Ah, ayeuna mah tos kolot."
"Tos kolot, kitu? Manawi teh nembe tujuh welasan," omong kuring ngaheureuyan. Enya, saenyana kuring geus apal kana umur anjeun; kapan kungsi ngilikan dina KTP tea. 22 Desember 1965 lin, tanggal kalahiran anjeun teh?
"Ah, ari ngaheureuyan teh, mani kitu pisan!" anjeun rada ngajanggilek. "Tos kolot Sarah mah, tos sanes jamanna janten mahasiswa atuh."
"Teu sawios-wios kolot ge, da kolot kalapa ieuh."
"Maksadna kumaha?"
"Muhun, kolot ge lir kalapa, beuki kolot beuki ... seueur minyakna," tembal kuring. Padahal biasana mah lain kitu, lamun dina suasana heureuy kuring ngedalkeun eta ungkara teh, tapi: "kolot ge kolot kalapa, beuki kolot beuki koclak!" Ngan tangtu teu pihadeeun mun nyarita kitu mah, da lain keur heureuy jeung jelema anu geus loma.
"Ih, ka abdi teh mani disamikeun sareng kalapa!"
"Palayna naon, atuh?"
"Duka, ah!" anjeun ngajanggilek deui. Tapi, ceuk tetenjoan kuring mah lain ngajanggilek perbawa ambek, da buktina obrolan anjeun beuki hegar, tepi ka nyerelekna waktu mani teu karasa; nyaho-nyaho geus adan magrib.
Saenyana peuting eta teh kuring geus boga jadwal acara; kudu ngajejeran diskusi. Tapi katembongna anjeun bangun anu resep keneh ngobrol. Ari rek dijurungkeun sina balik, asana teh bet piraku deui. Jeung deuih, rek balaka wae, kuring ge asa hoream rek nyingkahna; asa kabawakeun resep. Enyaan, asa manggihan suasana anyar sajeroning adu hareupan jeung anjeun teh, sanajan anu jadi bahan obrolanana ukur hal-hal anu teu pira.
"Panji kagungan acara?" bet aya ku kabeneran, anjeun nanya kitu.
"Ayeuna?"
"Muhun ayeuna."
"Aya. Kapan nuju mayunan tamu."
"Ih, sanes eta maksad Sarah mah. Acara sanes ieu mah."
Kuring unggeuk.
"Apel, nya?"
"Sanes, bade diskusi," tembal teh, bari disebutkeun tempat reujeung anu ngondangna, da bisi pajarkeun ukur akon-akon.
"Euh, atuh Sarah ngaganggu, nya?"
"Aya keneh waktos, da; sajam deui."
"Ari kantun sajam deui mah kedah tos angkat atuh, da geuning tempatna ge rada tebih; bilih kapegat macet," omong anjeun. "Sok atuh bade angkat mah, da Sarah ge bade permios. Urang sareng atuh angkatna, da sajurusan ieuh."
Najan bari rada asa-asa, kuring unggeuk ngaenyakeun. Piraku teuing mun kuring tepi ka nolak. Pangna rada asa-asa soteh lain embung-embung teuing barengna, tapi kuring tacan enya-enya apal: saha ari anjeun nu sabenerna?
Diuk pageye-geye dina angkot nu didedet, mangkaning meunang tempat teh di tukang. Leungeun anjeun rada numpang kana pingping kuring. Tangtuna ge lain ngahaja, tapi bawaning ku heurin, sabab anu diuk gigireun anjeun ngalahun kardus gede pisan. Waktu rek ngodok duit tina saku calana, dek siku kenca rada ngabadug kana harigu anjeun. Kareret anjeun rada ngadilak. Sumpahna ge, teu dihaja! Eta tuda kenek hayoh wae namprakkeun leungeun, sakieu heurin usik teh, ceuk hate.
"Sarah bade teras ka mana?" kuring nanya, waktu urang geus turun tina angkot, sabab kudu disambung deui ku angkot jurusan sejen. Geuning harita urang ngajaranteng rada lila, sabab teu manggih wae nu kosong; jol pinuh, jol pinuh.
"Ka mana atuh, nya ...," anjeun bet ngedalkeun eta kalimah, lain ngajawab pananya kuring.
Har, naha teu puguh atuh, ceuk hate; ngan henteu wae ari dipokkeun mah. Tapi basa rek mindoan nanya, anjeun kalah miheulaan nyarita, "Mending kana taksi. Ngantosan angkot mah tangtosna ge lami, bisi Panji sumpingna telat," bari terus miheulaan ngagupay taksi. Anjeun anu nyebutkeun tujuanana oge, bangun anu sieun kapiheulaan pok.
Karasa langab jeung genah; teu kawas keur tumpak angkot. Abong heueuh ongkosna ge beda kabina-bina. Sajeroning diuk ngarendeng teh pangangguran kuring nyieun kalkulasi, antara duit nu aya dina pesak jeung kira-kira sabaraha pimayareun ongkos argo. Lain tiktikan, ngan dana anu nyampak kawatesan pisan, sabab isukan tacan karuhan meunang honor tina tulisan, ari daptar pangabutuh geus manjing ditulis kawas dina proposal. Nu sidik wae geura, isukan atawa saelat-elatna pageto, kuring kudu ka lembur, lantaran aya beja Mimih teu damang. Tacan deui sewaan kamar, najan eta mah bisa tamada nyuhunkeun sarantos heula. Jaba aya bayareun, urut nyokot buku ti Si Hamdan; tacan tamat dibacana oge, karek meunang sapertiluna. Tulisan Pram ngeunaan kahirupan di Pulo Buru, anu di nagri Walanda mah geus medal ti sapuluh taun ka tukang. Moal manggih di toko buku, ceuk Si Hamdan bari promosi, da ieu mah dijualna door to door. Malahan, cenah, moal kana lila deui ge aya bahan dilarang ku Kejaksaan Agung geura! Lantaran panasaran, kuring belaan nganjuk heula. Untung padagangna leah, da lain karek wawuh sakatiga. Tuh geuning, karek badaganana wungkul oge geus kaitung gede APBN (anggaran pangabutuh bulan Nopember) teh. Tacan keur pos rutin; pangpangna ongkos angkot jeung roko, da ari sangu mah bisa mayar pandeuri disabulankeun, asal daek muji nu boga warungna. Enya, kuring mah geus apal jurusna; asal daek nyebutkeun: "Ayeuna mah Teteh katingalna rada langsing", naha da meuli empal sakeureut wae mah sok diembohan ku sisirihanana. Atuh dina manjurkeun kuahna oge tara diencret-encret deuih. Mun kuring nyarita kitu, Si Teteh sok gancang nempas; "Bade langkung rutin ah, ngiringan senamna." Heueuh, da hayangeun pisan miceunan gajih manehna mah, dumeh eta awakna subur; mun dina lauk emas mah potongan Majalaya tea. Sakapeung mah muka warung oge rada kabeurangan, sabab waktuna kacoceng ku ujla-ejle di sanggar senam.
Ari anjeun sok senam deuih, Sarah? Ah, pastina ge anjeun mah ahli ngarumat salira. Geuning eta mani sakitu lempayna. Taktak, harigu, jeung cangkeng mangrupa hiji kombinasi anu hese neangan cawadeunana. Pindah deui kana beuheung, laju nyambung kana gado, biwir, irung, pipi, tepi ka bulu mata reujeung halisna, terus undak kana tarang, peunteunna moal geseh ti peunteun bagian handap; sarua alusna. Cacak ku dosen killer ge piraku teuing ukur mere huruf C. Mun lain A oge, B atuh! Ketang, aya eta ge anu rada "ngaganggu" mah; huntu bagian hareup aya nu teu rata. Tapi keun wae, rada karehol oge ari perbawa nyari ieu mah.
Ari kageulisan anjeun, keur saha dihancengkeunana? Naha husus keur nu karandel pesakna? Ah, ku kuring henteu kasawang bakal sabaraha tarif sapeutingna. Boa geus lain deui rupia, tapi dollar; nurutan harga lukisan anu dipajang dina pameran.
Eh, naha pikiran goreng teh bet kalalanjoan teuing! Kuring gancang sadar. Naon hakna kuring nyawang goreng kana kahirupan anjeun? Jeung barina oge kapan kuring sorangan lain jelema hade, lain lalaki bersih anu pengkuh nyekel moral. Panji, naha silaing bet teu inget kana kalakuan sorangan, ceuk hiji sora. Kapan basa keur kuliah keneh, Yeyet mindeng mondok moek di kamar kontrakan anjeun, atawa anjeun nu ngahaja ngadon meuting di tempatna, tepi ka ahirna kudu bulak-balik ka dokter kandungan anu geus ingkar kana sumpah profesina. Terus deuih basa keur KKN di pakidulan Cianjur, Retno betaheun pisan di panganjrekan anjeun, najan ari alesanana mah rek ngabadamikeun program usaha desa sangkan ningkat kana swakarsa.
Pek geura saliksik deui lalampahan anjeun dina mangsa ka tukang-tukang, Panji!
Enya lah, uing ge ngaku, moal ngangles. Tapi, naon-naon anu dipilampah harita, dasarna lain transaksi dagang. Yeyet resep, uing suka; Retno ngarasa butuh, uing asa dijalanan.
Ah, teu bisa kitu, Panji! Anjeun ulah nyieun helah ku cara ngabeda-beda motivasi, da ari hakekat pagaweanana mah kitu-kitu keneh.
"Nyarios atuh," omong anjeun, basa mobil eureun kapegat lampu setopan. Najan alon, tapi teu burung kuring asa kagebah. *** (hanca)