Tue, 22-05-2012
Carita Pondok

Cinta FM

Pintonkeun di FB

Ku Cucu ‘azam’ Nurjaman

Megahertz dipinuhan ku gelombang cinta. Puput teu masualkeun, malah resep. Pon kitu deui Gina jeung Mugi. Tapi lain kembang. Lagu-laguna. Aduh. Pikasebeleun. Abong kuring jomblo. Tapi mun boga pamajikan oge moal kitu-kitu teuing.

“Kumaha tah?” ceuk Uwa.

Enya, maenya rek hirup dunya aherat keur nginget si manehna. Ah geus teu bener tah. Kabungbulengan, kapengpeongan teuing ku lawan jinis.

88 fm, lagu barat cinta.
99 fm, lagu Indonesia cinta.
108 fm, lagu Sunda cinta.
Cintaaaaaa. Ka mana atuh ari anjeun.
I love you more than I can say…
Kujatuh cinta lagi padamu…
Cinta lir katumbiri…

Libidona diogo. Percaya teuing ka Sigmund Freud. Memang Imam Al Ghozali oge geus nyaurkeun kitu. Malah lain farji wae, tapi oge jeung faraj alias beuteung. Mun ceuk Karl Max tea mah hakaneun. Ieu kalah ngumbar harepan ka lawan jinis. Sigana mun euweuh nu kitu teh bakal sangsara salawasna, dunya aherat.

“Mani sentiment,” ceuk uwa.

Weureu atuh da. Kecap cinta leuwih loba manan kecap anu kuduna dipiloba. Kecap pangeran. Asma pangeran anu kuduna saban renghap dipiara dina hate jeung letah urang. Lain cinta, lain nafsu.

“Siga sufi wae. Teu butuh cinta,” ceuk si madu.

Puguh butuh du. Tapi cinta nu mangeran, boh ka awewe boh ka lalaki mah sacukupna bae, da ceuk pangeran oge eta mah geus jadi hukumna. Keur nyalurkeun kabutuh jeung manjangna turunan.

“Naha kumaha kitu ari cinta dina radio?” uwa nalek kalawan gemet ka kuring.

Kuring ngahuleng. Kamari loba ngadengekeun lagu cinta dina win amp. Tapi ayeuna jadi weureu. Utah uger. Malah bijil getih sagala. Kuring mikir dina radio lir euweuh deui anu penting iwal ti pasualan cinta jeung lawan jinis. Uwa seuri.

“Geura kawin atuh!”

Bade wa. Bade.

***
Bojongsoang isun-isuk. Puter fun dina win amp. Anginna nebak dangdaunan nu harejo ngemploh. Euweuh deui tuda. Hayang teh aya music rock anu teu masualkeun cinta. Sakali deui tong soal cinta. Teuing asa ku haroream teuing. Matak jangar kana sirah.

Dan mungkin bila nanti kita akan bertemi lagi…

Radio ngabigeu. Pasti mun disetel cinta deui cinta deui. Geus mah penyiarna teh noroweco ka ditu ka dieu ari anu dibahas cinta malulu.

Kau peluk aku sebelum membunuhku…

Aya-aya wae tah puter fun. Cinta didramatisir.

“Pan ayeuna teh valentin. Jadi wajar we mun aya peluk-pelukan,” ceuk sahril.

Uwa baeud. Ceuk uwa nu kitu patut mah kabudayaan kaum sasar anu bijilna ti kulon. Tong dipikiran teuing. Meakeun waktu.

Tapi wa, da geus meuweuh atuh barudak ngora ayeuna mah ku moment valentine teh. Siga idul fitri deui. Malah ibadahna teh ku neangan kabogoh. Eta hukumna fardlu ‘ain. Nyium mah sunat, mun bisa. Reuneuh mubah, putus makruh, jomblo haram. Kitu ceuk resti mah basa ditepungan ku kuring di kolong jambatan bareng jeung uloh, kabogohna.

Mengapa terjadi pada dirimu, aku tak percaya kau telah tiada…
Harus kah ku pergi tinggalkan dunia, agar aku dapat berjumpa denganmu…

Puput geus reuneuh alatan cinta, ayeuna geus orokan. Gina jeung Mugi putus alatan cinta. Uwa, anakna dua alatan iman eta mah. Iman anu dipilampah dina jalan kaislaman. Resmi nikahna oge di hareupeun wali jeung naib. Lain, lain kulantaran cinta, tapi kutan katresna anu halal.

Dan kamu hanya perlu menerima, tak harus memahami… aku bernafas untukmu… cobalah mengerti, semua ini mencari arti…

Sahril. Sahril. Ngomongna ka mana karep. Tapi loba wanoja anu kasengsrem ku manehna. Teuing teu ngarti. Kuring jadi percaya yen dunya teh surgana jalma kafir. Kitu pisan. Hal anu teu payus bisa jadi rebutan balarea. Diuudag, dikukuntit, dipuja, diusapan, diimpleng. Tapi henteu ari arasup ka rumah sakit jiwa mah, da ceuk dokter oge nu kitu anu waras mah. Kuring teu ngarti.

Kau hancurkan hatiku… kau hancurkan lagi… kau hancurkan hatiku, tuk melihatmu…

Teu puguh pan. Euweuh logikaan.

“Daripada karya maneh, euweuh nu malire, cacakan ku batur ku babaturan oge teu dipalire… kasian deh lu…” sahril ngaledek.
“Mojang sinareng bujang di mana wae ayana. Kumaha mayunan valentine ayeuna tos nyiapkeun kembang teu acan, atanapi surprise kanggo si sayang… hihi” ceuk rika siga kunti.

Cinta fm. 105 mhz lagu cinta. Penyiar ngawakwak sual cinta. Wak wak wak wak. Cinta dimana ari anjeun.

Sahril jeung lulun pasea dina infotainment. Pedah sahril teu daek mirak pamajikanana. Cinta fm heboh. Kaum dangu barakatakan. Godi ngaduruk menyan. Kasian deh lu.

***

Masjid agung di alun-alun Bandung. Aya nu cipokan. Celepoooot. Biwir paadu biwir. Imam mesjid agung gumujeng. Nu jajaluk ngitung duit. Tibum keur ngararoko. Teu aya nu protes. Tos biasa, cenah. Uwa gogodeg bari mangku budak. Kuring luak-lieuk neangan tiara. Tiara, dimana atuh anjeun.

“Hey, ti mana wae atuh,” tiara noel kana kampret kuring.

Duh jilbabna mani iuh kitu. Mani rimbun. Matak pikalucueun.

“Janten moal ka pangajian manakiban teh, manehna ngeleketek.

Alah tiara. Entong. Lebar yeuh. Kuring geus kasengsrem. Tong dirucatan atuh ku tual toel jeung ngeleketek.

“Hey, bade moal?” tiara genit.

Naon manakiban teh. Kuring mah teu ngarti. Puguh kitu kabeki tiara. Manakiban. Pangajian.

“Tiara, abdi mah teu ngartos naon manakiban teh!” ceuk kuring.
“Alah engke ge ngartos.” Ceuk manehna.

Mun lain awewe nu dipikahayang tangtu haroream teuing ka pangajian. Naon ka pangajian. Mending ge maca. Ustadna loba perang dalil, sok silih bid’ahkeun. Ararijid teuing ah. Tapi mun ustad hasan mah kuring resep. Pandanganna lintas organisasi, lintas madzhab. Teu kurung batokeun, jeung tara neangan pipaseaeun.

Mun seug tiara daek, ku kuring isukan rek dilamar ka kolotna. Terus dikawin. Sabot leumpang ka lawang mesjid, tiara nanya,” aria aa teh di damel di mana?”

Aduh. Entong ra, tong naros kitu. Akang sok kabur pangacian ari ditanya kitu teh. Maenya kudu dijawab.” Panyajak ra. “Pasti manehna bakal nanya deui” panyajak naon, sareng sok dimuat di mana wae?” Alah euy, maenya kudu ngaku panyajak sunda, jeung tara dimuat alatan karyana teu kapake ku rumpaka media. Era atuh. Tapi rek ngajawab naon deui atuh. Kapaksa, “Panyajak…” bari dumareuda. “hebat atuh,” ceuk manehna.

Hebat naon ra, sajak kuring mah euwueh anu daek macaan, kaasup babaturan kuring. Alesanana mah absurd teuing jeung sakapeung teu nyumponan kana struktur jeung etika sajak. Sok tara nyambung ti pada ka padana teh, malahan mah ceuk hikmat mah ti padalisan ka padalisan oge tara nyambung. Siga sajak nu gelo. Duka atuh. Duka pedah kuring kungsi ngalaman dirawat lila di rumah sakit jiwa, jadi ngararewaeun tah babaturan jeung rumpaka teh.

“Cing pangdamelkeun sajak cinta atuh,” ceuk manehna.

Har naha sajak cinta. Kuring geus haroream nulis sajak cinta teh, loba ngarahul. Mending ge nyajak di hareupeun naib ra. Kuring nyerengeh.

Tulalit. Tulalit. Tulalit. Sora henpun tiara. “Ke heula a, aya nu nelpun,” ceuk manehna. “Iya hallo…” manehna ngobrol panjang bari cicing ngajentul. Leumpang eureun. Kuring ngilu cicing. Terus manehna ngasupkeun deui hape kana kantongna.

“Aduh a, tiara kedah siaran heula, punten nya acarana bolay, aa we atuh nyalira kalebet nya. Omat kedah ngiringan, mun henteu, duka ah.” Ceuk tiara.
“Ari kitu bade siaran di mana ra?” kuring nanya.
“Di geugeut fm.” Ceuk manehna.

Ah radio cinta di jalan kagembang nomer 1. Kuring rada ngahelas. Naha kudu jadi penyiar di radio kitu patut. Manehna dadah bari teu weleh imut jeung pupuntenan.

***

Manakiban nu dimaksud, nyaeta pangajian macakeun carita Syeikh Abdul Qodir. Resep pisan. Kuring kataji ku kamahabahan Syeikh ka pangeran. Jeung deuih anjeunna teh aya pancakakina sacara nasab ka kangjeng Rosul. Duh, hanjakal tiara indit siaran.

***

Rawayan, 1430 H

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Kang Encep ngomentaran:

simpel caritana, resep diaosna, dugi visina..., kumaha lajengna?

Ata Karya ngomentaran:

sae pisan,tiasa ngeleketek zaman...

hadi elha ngomentaran:

cariosna singkat tapi, amanahna mundel. . .

Deni jatnika ngomentaran:

janten emut basa nuju anom ari maos carpon teh. sawidak carita pondok bade medal deui kitu ?

Lisnong ngomentaran:

cariosna sapertos es campur,...sagala aya, lucu, edukatif, matak seger...

usep seherman ngomentaran:

sae pisan

Dewa Balebat ngomentaran:

Cariosna simpel tp mundel..sae psn..

Jamil Kahfi ngomentaran:

aduh.. sae pisan.. lucu,, edukatif..