Tue, 22-05-2012
Munara Cahya

Ngabenerkeun Bebeneran

Pintonkeun di FB

Ku Mahmud Yunus

Bebeneran (al-haq) ngandung harti sabalikna tina kasalahan, kakaliruan atawa kapalsuan (al-bathil). Alloh SWT ngadawuh: "Jeung ulah nyampur-adukkeun anu hak jeung anu batil, sarta poma maranehna ulah nyumputkeun hak sedeng maraneh nyaraho." (QS Al-Baqoroh [2]: 42). Nurutkeun Ahmad Musthafa Al-Maraghy, nu dimaksud hak dieu teh nya eta naon-naon nu diturunkeun (diwahyukeun) ku Alloh SWT ka Rosul-Na. Sedengkeun ari nu dimaksud batil nya eta naon-naon nu ku maranehna (kaom Yahudi) ngahaja dijieun-jieun sangkan bebeneran teu nembrak. Patali jeung kandungan ayat ieu Alloh SWT nyaram dua perkara. Kahiji, nyaram ngarobah atawa nyampur-adukkeun eusi ayat. Kadua, nyaram nyamunikeun atawa nyumputkeun eusi ayat. Al-Maraghy nga-jelaskeun, dina Kitab Tauret ditetelakeun kacida dilarangna ngabohongkeun kana naon-naon nu ditepikeun ku para Rosul ka maranehna. Sagigireun ti eta dilarang oge ngalampahkeun pagawean nu teu abus akal (upamana bae: mangeran ka panonpoe, nyembah ka patekong, sasambat ka sasatoan, nyalindung ka tatangkalan jeung sajabana). Dina Kitab Tauret oge dibejakeun yen Alloh SWT bakal ngutus saurang Rosul ka maranehna nu asalna ti rundayan Nabi Isma'il AS. Nu masih keneh turunan hamba sahaya nya eta Siti Hajar. Di dinya oge diinformasikeun ciri-cirina atawa tanda-tandana sangkan teu bireuk.

Ngan nya kitu, kaom Yahudi mangsa harita nyatana teu nolih kana panyarek. Di antarana ku cara malsukeun jeung ngabohongkeun kaayaan Nabi Muhammad SAW nu sabenerna. Pajar Nabi Muhammad SAW teh tukang bohong. Teu cukup ku kitu wungkul, maranehna oge nyamunikeun atawa nyumputkeun sipat-sipat para Nabi nu saestuna. Padahal saenyana maranehna teh nyarahoeun.

Nurutkeun sawatara ahli tapsir najan subyek atawa khithob ayat ieu asal muasal-na ditujukeun ka kaom Yahudi (Bani Isroil), nya teu nanaon mun dilarapkeun ka kaom muslimin (urang mana bae oge) satungtung maranehna ngingu pasipatan nu sarupa kitu. Dina harti sangkan ulah nyampur-adukkeun kaadilan jeung kadoliman. Ulah nyampur-adukkeun kaputusan hukum jeung ruruba atawa risywah. Ulah nyampur-adukkeun nu halal jeung nu haram. Ulah nyampur-adukkeun jual-beuli jeung riba, jste.

Moal kurang ti 50 ayat Al-Quran nu sacara husus ngajelaskeun perkara-perkara nu hak. Kecap hak nu digunakeun dina Al-Quran di antarana patali jeung pasualan akidah atawa kapercayaan, harta, (hubungan) salaki jeung pamajikan. Nu kaitung mones Alloh SWT nandeskeun: "Sedengkeun maneh (Muhammad) nyumputkeun hiji perkara anu ku Alloh geus diterangkeun sarta maneh sieun ku manusa, padahal nya Alloh anu pantes di pikasieun ku maneh." (QS Al-Ahzab [33]: 37). Sagigireun ti eta moal kurang ti 250 ayat Al-Quran nu ngagunakeun kecap al-haq dina harti bener jeung bebeneran. Upamana bae: "Pantes maranehna meunang bebendon ti Alloh oge sabab maranehna kupur kana ayat-ayat Alloh, sarta maranehna maehan para Nabi kalawan lain hakna" (QS Al-Baqoroh [2]: 61). Dina ayat sejenna Alloh SWT nagadawuh: "Pok caritakeun: "Yeuh, Ahli-ahli kitab! Arandika ulah ngaleuleuwihi dina agama arandika kalawan cara nu henteu hak" (QS Al-Mai'dah [4]: 77). Di antara ayat-ayat Al-Quran nu ngagunakeun kecap al-haq dina harti bebeneran contona: "Jalma-jalma (Nasroni jeung Yahudi) nu geus dipaparin kitab, warawuheun ka manehna (Muhammad) saperti maranehna warawuheun ka anak-anakna sorangan. Jeung saenyana sagolongan ti antara maranehna teh geus nyumputkeun bebeneran padahal maranehna teh nyarahoeun. Ari bebeneran teh datangna ti Pangeran maneh, ku sabab eta maneh ulah kaasup ti antara nu marangmang." (QS Al-Baqoroh [2]: 146 -147). Iwal ti ngagunakeun kecap al-haq, dina Al-Quran oge teu saeutik ayat nu make kecap nu asalna tina kecap "sodaqo" jeung rundayanna (derivasina) nu ngandung harti kurang leuwih sarua jeung al-haq. Upamana bae: "Pikeun Alloh maparin ganjaran ka jalma-jalma nu balener ku lantaran maranehna balener." (QS Al-Ahzab [33]: 24) jeung rea-rea deui. Euyeub pisan ayat-ayat Al-Quran nu ngajentrekeun bener jeung bebeneran teh. Ieu nuduhkeun kacida pentingna ngalarapkeun bener jeung bebeneran dina hirup jeung kahirupan urang sakumna.

Sabalikna ayat-ayat nu ngajelaskeun perkara-perkara nu batil jumlahna teu kurang ti 24 ayat. Sawatara di antarana tumali jeung cara-cara nganapakahkeun (nasorupkeun) harta. Di antara ayat-ayat Al-Quran nu ngajelaskeun perkara-perkara batil nya eta: Kahiji, perkara batil nu patali jeung harta. Alloh SWT ngadawuh"Jeung poma maraneh ulah ngadalahar harta maraneh di antara maraneh ku cara nu batil sarta mawa urusan eta harta ka hakim kalawan maksud supaya maraneh bisa ngadahar sabagian tina harta batur ku jalan dosa padahal maraneh nyaraho." (QS Al-Baqoroh [2]: 188). Ngalap mangpaat tina harta geus aya palanggeranana nu pasti. Alatan kitu, saha bae nu kumawani ngarempak palanggeran baris aya balitunganana. Boh ayeuna di dunya pon kitu deui jaga di aherat. Konteks batil nu patali jeung (ngadahar) harta ngalimpudan rupa-rupa tabe'at goreng upamana bae meunang madog, meunang ngarampog, meunang nipu, meunang malsu, jste. Kadua, perkara batil nu patali jeung kapercayaan, kayakinan atawa kaimanan. Alloh SWT nagadawuh:
"Jeung Alloh ngajadikeun pikeun maraneh jodo-jodo ti diri maraneh, jeung ngajadikeun ti jodo-jodo maraneh teh anak-incu sarta maparin rejeki nu hade ka maraneh. Naha maranehna bet iman ka nu batil sarta kalupur kana ni'mat Alloh?" (QS An-Nahl [16]: 72). Ayat ieu netelakeun dua pasualan penting ka sakumna manusa. Tegesna, pasualan jodo, anak-incu katut rejeki. Boh jodo, anak-incu pon kitu deui rejeki sawadina dipercaya sayakin-yakinna yen saestuna duanana oge dijadikeun atawa disayagikeun ku Anjeunna. Salaku manusa, urang mah ngan saukur diwajibkeun nyareat wungkul. Ngan nya kitu dina emprona mah teu saeutik manusa nu ngabohongkeun kana ieu ni'mat teh. Saha bae nu teu ngawaro kana ieu katerangan, nya maranehna kaabuskeun jalma-jalma nu iman ka nu batil. Nurutkeun penjelasan QS Al-Ankabut [29]: 52, maranehna nu kitu teh digolongkeun jalma-jalma nu rarugi. Jaga di aheratna baris ngalamot curuk. Teu pamohalan bakal ngegel curuk!

Numutkeun pamanggih kuring pribadi teu kurang ti lima garapan nu sakuduna dijadikeun prioritas ku umat Islam kiwari. Lima garapan nu dimaksud teh nya eta:

Kahiji, ngayakinkeun bebeneran. Lantaran bebeneran teh asal-muasalna ti Alloh SWT: "Ari bebeneran teh datangna ti Pangeran maneh, ku sabab eta maneh ulah kaabus ti antara nu marangmang." (QS Al-Baqoroh [2]: 147). Palakiah atawa sebut bae strategi keur ngahontal perkara-perkara nu bener jeung bebeneran teh moal leupas tina pentingna ngaguar naon-naon nu kakandung dina Al-Quran. Malah ceuk basa lahutana tea mah, kudu satekah polah mapaesan diri urang sorangan ku ayat-ayat Alloh SWT. Boh ku ayat-ayat nu dicatet dina kitab suci pon kitu deui ku ayat-ayat nu teu dicatet di dinya. Tegesna, rengkak katut paripolah urang sarerea salilana kudu neueul kana ayat-ayat tekstual jeung ayat-ayat kontekstual.    

Kadua, ngamalkeun atawa meraktekkeun bebeneran dina kahirupan sapopoe. Boh dina kahirupan pribadi pon kitu deui dina kahirupan bermasyarakat, berbangsa jeung bernegara. Tinangtu, Alloh SWT mopoyankeun mana-mana nu bener jeung nu salah teh sangkan dijadikeun palanggeran ku sakumna manusa. Kituna teh bakating ku heman tur nyaah ka mahlukna. Dalah mun Alloh SWT teu welas asih mah, tangtu deuk dibaekeun. Ngan mun kitu babari kateguh ku sarerea oge, moal pamohalan kalolobaan manusa bakal cilaka. Lantaran manusa mah sok ngajurung napsu jeung ngumbar amarah. Sidik napsu teh kalolobaanana sok ngajongklokkeun kana kagorengan. Pidawuh Alloh SWT: "Sareng abdi teu umangken yen diri abdi beresih, da sayaktosna ari napsu mah mung ngajurung kana kajahatan bae, kajabi nu dipaparin Pangeran abdi. Sayaktosna Pangeran abdi maha jembar pangampurana tur maha asih" (QS Yususf [12]: 53). Kitu saur Nabi Yusuf oge, nalika anjeunna nembrakkeun posisina di payuneun gegeden/pangagung sawatara waktu saentas digoda ku Zulaikha tea.  

Katilu, nembrakkeun atawa mopoyankeun bebeneran di tengah-tengah masarakat. Ngeunaan perkara ieu saperti nu ku Rosululloh SAW dicontokeun, asana bakal leuwih anteb tur leleb mun ngagunakeun cara da'wah bil-hal. Lain da'wah bil-lisan (ceramah jsb) atawa da'wah bil-qolam (tulisan di media massa) wungkul. Da'wah bil-hal mah urangna langsung jadi conto atawa model. Upamana, mun urang sok nyarita yen korupsi teh salah urangna oge nyontoan tara korupsi. Mun urang sok nyarita sidekah teh gede mangpaatna keur mustahik urangna oge tara elat mere maweh ka nu butuh. Jste. 

Kaopat, ngawariskeun bebeneran ka rundayan. Indung-bapa nu mindeng migawe kahadean hareupeun anak-anakna, maranehna pasti moal barireukeun. Komo deui mun ngahaja mapapatahkeun eta kahadean ka maranehna. Kalima, ngabudayakeun bebeneran di lingkungana sewang-sewangan. Kuring optimis, saupama saban-saban kulawarga biasa ngalaksanakeun bebeneran ka hareupna tangtu bakal ngajadi budaya.*** Walloohu A'lam.  

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula