Tue, 22-05-2012
Tamu

Kacurangan Pemilu Aya di Unggal Nagara Di Australia Anu Golput Di Dengda

Pintonkeun di FB

Ku Susi Dwi Harijanti, SH. LLM

Pemilu salah sahiji realisasi tina demokrasi, wadah hak rayat anu "berdaulat" pikeun milih pamingpin anu adil palamarta tur wijaksana anu dina jaman reformasi ieu sababaraha kali dipilih kalayan langsung ku rayat, alhamdulillah geus lekasan kalayan lulus banglus teguh rahayu berkah salamet. Tapi sok sanajan kitu ari barebedanana mah tangtu aya wae, luyu jeung kahirupan manusa anu fana teu sampurna.  Di antarana wae riceuw ngeunaan lembaga survey anu disinyalir dibiayaan ku salah sahiji partey, masalah jutaan DPT(Daftar Pemilih Tetap) anu teu bisa nyontreng anu pamustunganana KPU ngameunangkeun nyontreng make KTP sabada diprotes ku 2 kubu pamilon pemilu, jeung kacurangan-kacurangan lianna anu ditudingkeun masing-masing pihak saperti kasus  "pamilih ganda", nolak hasil pemilu jeung kudu ngulang pemilu anu rek dimasalahkeun ka Mahkamah Konstitusi MK), nepi ka kajadian bituna bom di JW mariot jeung Ritz Carlton di batawi anu nimbulkeun "suudzon" di antara urang, geus jadi "bungbu penyedap" hajat demokrasi 5 taun sakali di lemah cai.  Tah di handap ieu kasanggakeun wawancara mangle sareng Kandidat Doktor, The University of Melbourne Australia,Susi Dwi Harijanti SH,LLM.  Dosen Hukum Tata Negara Fakultas Hukum Universitas Padjadjaran Bandung, ngaguar ngeunaan "hideung-bodasna" pemilu anu lumangsung sawatara waktu anu geus kaliwat.

Mangle: Alhamdulillah Pemilu di urang parantos lumangsung kalayan aman, langsung umum bebas sareng rahasiah. namung geuning tina buktos-buktos panalusuran  tim partey pamilon mah kapendak aya sababaraha kacurangan.  Komentar Ibu? 

Susi DH: Pangemut abdi, kacurangan pemilu mah aya  di unggal nagara ge teu mung ukur di urang wae.  Namung anu utami eta kacurangan-kacurangan teh jumlahna teu dugi ka mangaruhan kana legitimasi pinunjul pemilu. Janten dina seuhseuhanana mah moal aya pemilu anu beresih margi didadasaranan ku sipat manusa anu sarwa kawatesanan janten ku kituna urang kedah jembar manah sareng toleran kana sagala kacurangan. Namung upami dibandingkeun sareng pemilu 2004 mah pemilu ayeuna ti ngawitan kampanye legislatif dugi ka pilpres alhamdulillah aman.  janten leupas tina sagala kakirangan KPU urang kedah apresiatif(baca:ngimeutan) kana hal
tehnis pelaksanaan pemilu. Umpamana wae upami ditinggal tina geografisna geuning teu gampil nya ngalaksanakeun pemilu di urang mah, keur kitu teh pemilu legislatif sareng pilpres dilaksanakeun dina jangka waktu anu pacaket pisan,atuh kacida banggana. Cobi wae sacara geografis kapanan nagara urang teh mangrupa salah sawios nagara anu pamukimna pangseueurna di dunya,wewengkonna ge kacida legana.  Nagara kapuloan paageungna sajagat anu ngamilik 13. 667 pulo ngajajar ti sabang dugi ka Meroke. Hal eta jelas janten tangtangan anu luar biasa dina pelaksanaan pemilu, kapanan ka wewengkon Papua (Irian Jaya) mah surat soara teh sumpingna dugi ka elat sababaraha dinten da kedah ngambah jalan anu tarahal hara-haraeun mipir pasir turun-unggah gunung. Janten ku kitu ge tos katawis, pemilu teh peryogi kasiapan anu leres-leres sareng urang ge dina ngajen teh kedah "fair" ulah mung ukur ngalepatkeun wungkul.  Kitu deui dina jihad pamilon (peserta)pemilu, boh legislatif boh capres-cawapres, dimana maparin jangji kedah "realistis" (luyu jeung kanyataan) kapanan dina mangsa kampanye si calon teh sok remen ngawur-ngawur catur ngumbar jangji, "pilih abdi pilih abdi supados rayat gemah ripah loh jinawi". Atanapi contona aya salah saurang calon anu jangji bade maparin artos 1 miliyar lamun seug anjeunna pareng unggul, tah kaleresan kenging laju anjeunna masihan artos 1M umpamana ka masarakat Papua. tah kapanan artos teh mubadzir, da "masarakat pajeroan" mah teu terangan cara ngagunakeun artos anu sakitu ageungna-bade dipeserkeun naon?Tah kapan teu realistis, mung ukur jangji-jangji politik bari teu ngatik ngadidik ka rayatna.  Benten deui sareng jangji Obama nalika pilpres Amerika kamari, anu dina programna baris ngundakeun Pajak Industri. Kapan realistik tah. Tah dina pamustunganana dimana engke SBY parantos resmi diistrenan janten presiden Republik Indonesia mangsa periode 2009-2014,  urang sarerea salaku rayat sabada milih teh ulah cicingeun, tapi kedah aub ngiring "ngontrol" pamarentah anu dina tatacarana tangtos wae henteu ka luar tina rambu-rambu hukum sapertos ngalangkungan wakil rayat,para inohong, Dewan atanapi tiasa langsung asal ulah ngalangkungan demo anu "anarkis"(amarah, ngaruksak).

Mangle: Upami anu Golput (Golongan Putih-teu milih) kaci ngritik pamarentah? 

Susi DH: Tah, sok sanaos Golput teh hak individu rayat,tapi saupamina parantos kadaptar dina DPT (dafta Pamilih Tetap) asa mubadzir upami teu digunakeun mah sareng deuih saupamina aya jalmi anu buleud tekadna bade Golput, anjeunna ge kedah konswekuen moal ngritik pamarentah amu memang teu dipilih ku anjeunna. Janten  dasarna mah bade Golput mah mangga wae namung omat ulah "memprovokasi" ngajak jalma lianna sangkan teu milih margi eta bakal kajiret ku sangsi hukum- bakal unggah bale watangan. Tah upami kangge nyegah Golput mah anu kasaksen ku pribados di Nagri Kangguru, anu teu milih teh didengda. disagedengeun eta kanggo nyegah morosotna pamilih, di Australia mah KPPS na buka dugi ka wengi janten anu didamel mulih sonten ge masih keneh tiasa "nyontreng" kapanan di urang mah mung ukur dugi ka tabuh hiji siang.

Mangle: Pamendak Ibu kana nyirorotna hasil soara Golkar dina Pemilu 2009?

Susi DH: Salaku jalmi anu awam kana politik, abdi ge ngaraos helok, teu nyangki pamor Golkar dugi ka ngagejret. namung katingalna mah 1. Golkar henteu Solid ( teu guyub/kompak) kapanan dina nalika Jusuf Kalla (JK) tos paheut seja patareman sareng Wiranto katingalna aya sababaraha pangurus daerah anu teu panuju, hartosna aya anu gaduh tinimbangan sanes, langkung hade JK paheuyeuk-heuyeuk leungeun deui sareng SBY. namung pasualan anyar muncul nalika SBY ngaluarkeun sajumlah pasaratan anyar pikeun Cawapresna, anu langsung direspon ku Golkar ku tekadna samula pikeun nyalonkeun JK janten Capresna 2. Aya asumsi rayat bangbaungeun (trauma) keneh ku talajak/dosa Golkar dina mangsa rezim Orde Baru. Tapi ketang upami ninggal ka dinya, kunaon dina Pemilu 2004 Golkar mucekil hasilna? Janten asumsina sanes rayat anu kirang resepeun ka Golkar namung eta mah Golkarna we anu teu solid.  Padahal upami ditilik tina organisasina mah golkar teh partey kahot anu lega luangna(pangalamanana).  Tapi duka tah, na dina jaman reformasi kiwari Golkar mampu "adaftasi" (baca:ngigelan jaman) sareng parobahan-parobahan di masarakat?

Mangle: Pamendak Ibu ka KPU anu dituduh langkung doyong ka Kubu SBY?

Susi DH: Pribados kirang paos, namung abdi nguping aya sababaraha partey anu "komplen" ka KPU ngeunaan DPT (Daftar Pemilih Tetap) atanapi riceuw ngeunaan penghitungan soara.  Namung pamendak abdi mah ku kitu-kieu oge KPU kedahna langkung fokus margi parantos aya rengkolna dina UUD 45 yen pemilu anu sipatna nasional sareng mandiri teh dilumangsungkeun ku KPU. Janten cohagna sagala "policy" (kawijakan) aturan sareng tindakan pemilu teh tanggelwaler KPU sanes dikawasa ku Pamarentah sapertos di jaman Orde Baru. Janten saena mah KPU kedah langkung profesional. Pamendak pribados mah kiwari KPU kirang nembongkeun "acountibility" janten kirang tiasa nerangkeun tanggelwalerna dina hak kawijakan sareng tindakanna. Tah janten  ari akuntabilitasna KPU teh dimana? Hartosna upami urang ngaguar demokrasi,  pemilu kamari teh saestuna tiasa disebatkeun mangrupi "demokrasi salaku hiji prosedur".  pamendak abdi di urang mah
langkung paduli kana prosedur.  janten upami ditilik tina jihad "jalur beresih demokrasi" mah urang teh mung saukur madungdengkeun "demokras salaku prosedur"padahal kedahna mah saupamina hiji badan hukum atanapi pajabat publik ngaluarkeun hiji putusan teh kedah bari jeung kateranganana . Jelaskeun ka rayat naon sababna ngaluarkeun eta putusan sanes putusan anu lianna. Contona nalika pangaos lisah nuju naek-turun (fluktuasi)pamarentah kedah masihan alesanana ulah mung saukur ngiberan wungkul, janten bisnis sapertos kitu teh katingalna dipolitisir. Kitu deui KPU, nalika ngeureunkeun "real count" (diganti ku quick count) kedah sareng alesanana.
Rayat kiwari gaduh hak kenging kajelasan ti pamarentahna, rayat butuh ku sabab-musabab sareng alesanana. Eta cenah aya ketak pamarentah anu ngalanggar hukum, eta aya dina wewengkon pangadilan, rayat ge tiasa ngagugat pamarentahna. Janten cohagna dina ajaran demokrasi mah pamarentah teh kedah ngajelaskeun satiap tindakan sareng kawijakanana ka rayat anu memang butuh ku transparansi(brukbrak).

Mangle: Naha leres pamarentah SBY riwayatna ti partey alit anu dirojong ku sababaraha partey laju janten ageung tapi dina pamustunganana partey pangrojong teh nyuhunkeun jatah korsi?

Susi DH: Dina dasarna sistem pamarentahan Indonesia Presidensil. Tah sistem eta bakal weweg seug upama dirojong ku sistem partey.  janten antawis sistem kapamarentahan, kaparteyan sareng pemilu teh tilu hal anu pakait. Dina sistem Presidensil presiden kagungan wewenang sagemblengna pikeun nunjuk saha wae anu baris calik dina kabinetna. Tapi kapanan dina pemilu 2004 partey SBY hasilna teu nyukupan kana pasaratan 20% sangkan tiasa nyalonkeun presiden. Tah ku kituna kapaksa anjeunna patareman sareng partey-partey lianna sangkan soarana nyukupan sarat "pencalonan presiden" sakumaha anu kaunggel dima UUD 45 anu 20% tea anu antukna dina pamustunganana tangtos wae si partey pangrojong teh nyuhunkeun jatah korsi di jajaran kabinetna. Sareng pamendak pribadi mah asa kirang panuju ku ayana capres-Cawapres ti 2 partey teh (margi moal sauyunan,red).  Padahal urang ge tiasa ngagunakeun Electoral Treshold (ambang batas parpol bisa ngiluan pemilu) hartosna partey anu teu ngahontal "ambang batas" mah teu kenging ngiring deui pemilu.  Mung hanjakal di urang mah kapan teu kitu. Sakedahna mah "electoral treshold" dina pemilu kapungkur teh "diberlakukeun" deui dina taun ieu , kapan ieu mah henteu anggur sing ngadamel :treshold" anu enggal deui. kapanan eta teh polah para politikus anu teu darewasa. sareng satemenna mah sistem presidensil teh "kabinet kerja" hartosna residen tiasa milih jalma-jalma profesional sanes mung ti partey politik. tapi kumargi sistem kaparteyan di urang kirang sae sareng sistem pemiluna oge teu nuju kana "distrik" nya antukna sapertos kieu, nuyuhunkeun jatah! Anu langkung matak pibahlaeun, nalika aya emutan kedah "koalisi" padahal eta sistem teh ayana di sistem parlementer sanes dina presidensil. kahariwang pribados, nalika aranjeunna tos anjaclang dina kapamarentahan sagala praktek politik, wewenang (paraturan-paraturanana), sareng norma-normana justru bakal ngalemahkeun kana sistem presidensil. 
Sareng predisksi abdi, ku dipilihna Budiono salaku wapres ku SBY, kaum profesionalisme di kabinet ayeuna bakal langkung rempeg. Tapi hal eta teu janten jaminan sukses.  margi sok sanaos hiji menteri ti kalangan profesional  tapi upami teu dirojong ku jalmi -jalmi(birokrat) di sabudeureunana mah, teu acan tangtos lulus banglus kinerjana. Saumpamana nalika aya jalmi anu awam Hukum dijunjung kalungguhan Menteri Hukum & HAM, tah nalika anjeunna lebet ka eta wewengkon tangtos bakal butuh rojongan ti jajaranna sapertos  Sekjen, Dirjen, Irjen. Tah pisakumahaeun kinerjana lamun teu kenging rojongan ti jajaran sahandapeunana. Data-data "di- stok", info-info penting "di- gap".  Tah upami informasi-informasi penting ditahan ku jajaran birokrasi mah kapanan akibatna ge si menteri teh bakal ngaluarkeun kaputusan-kaputusan anu teu dumasar kana  data anu leres sedengkeun ari Birokrat kapanan gaduh kakawasaan anu luar biasa, margi birokrat rada punjul paham pisan kana operasi "day to day"(sapopoena). Janten kedah layeut sareng para birokrat mah. Tah ku hal kitu teh parantos ngajadikeun anu kapilih jadi menteri teh sok kapaksa nyandak wadya baladna ti lingkungan fakultas jeung universitasna sangkan calik di departemenna. namung sejen deui  anu parantos kaalaman ku Pa Bagir Manan  mah, ieu Guru Besar Fakultas Hukum Unpad anu kungsi dijunjung lungguh janten Dirjen Hukum dan Perundang-undangan, Hakim Agung sareng Ketua MA,ieu Guru besar anu ageung pangaruhna kana "pembentukan karakter" pribados salaku dosen teh, teu nyandak saurang-urang acan "Dosen Fakultas Hukum Unpad". Tapi saur anjeunna, "nalika kuring asup ka lingkungan anyar, kuring sadar jadi jalma anyar, ku kituna ketak munggaran tangtu wa neangan babaturan (lain mawa wadya balad anu bakal nimbulkeun timburu sosial jeung mumusuhan sabab "berbau" KKN)".  Janten ku seueurna rerencangan di eta lingkungan,  urang ge bakal apal kana sagala pasualan di dinya.
***

Susi Dwi Harijanti, dibabarkun di Malang 16 januari 1966, Agamana Islam, dumuk di Jl.  Tamborin No. 21 Bandung, ieu Dosen Fakultas Hukum Unpad garwana Ir. Dwi Sandi Merwanto (Redaktur Pelaksana Jurnal CSR), riwayat pendidikanana dimimitian ti Fakultas Hukum Unpad lulus taun 1990, taun 1998 kasinugrahan gelar LLM (S-2) di University of Melbourne Australia, ti taun 2002 nepi ka kiwari keur ngarengsekeun S-3 (Doktor) di Universty of Melbourne.
Lian ti ngajar(dosen tetap) di Unpad (1993 nepi ka kiwari) Susi Dwi ge jadi Dosen Tetap di Program Pasca sarjana Unpad (2003-kiwari), Dosen Luar Biasa fakultas Hukum Universitas Parahyangan (2006-kiwari),oge jadi Ketua Bagian Hukum tata Negara Fakultas Hukum Unpad (2007-kiwari), Sekretaris bagian Hukum Tata Negara  Fakultas Hukum Unpad (2000-2002), Staf Koordinator Kerjasama Fakultas Hukum Unpad (1998-2002) jeung jadi Anggota panitia Program Legislasi daerah, Kantor Wilayah Departemen Hukum dan HAM Propinsi Jawa Barat. *** (Asep GP)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula