Tue, 22-05-2012
Kingkilaban

Kingkilaban Edisi 2232

Pintonkeun di FB

DESSY RATNASARI: Masih Nyalira Bae

Nu pipirakan di kalangan artis ngantay, anu nikah pon kitu deui. Beja-beja layar kaca jadi rame ku lalakon para selebriti. Tapi Dessy Ratnasari artis asal Sukabumi mah masih kalem-kalem keneh bae, masih nyalira keneh bae pokna ge. Padahal geus rame beja-beja layar kaca jeung media citak mah ngabeja-bejakeun   Dessy anu sok kapendak duaan bae jeung pangusaha gagah tur jugala. Naon deui anu arek dipilari?Mendiung pruk geura ngarangkaep, ceuk sobat-sobatna. Tapi jiga anu inggis ku bisi rempan ku sugan  Dessy teu acan mutuskeun, arek terus ka bale nyungcung atawa  kumaha.

Samemeh Michael Jacson maot mah Dessy teh ngawanohkeun  tokoh anu mirip (ngaharib-harib).  Jackson  (Jacko) di antarana, kostumna oge peresis.

Na atuh ari isukna Jacson maot. Pamiarsa telepisi ge kaget, Dessy jiga anu terus rasa cenah, yen Jackson arek ngantunkeun, numatak  tokoh anu jiga Jackson diwanohkeun. Jigana waktu  ditayangkeun teh Jackson mah geus taya di kieuna.

Acara anu dicekel ku Dessy memang narik, pangpangna kusabab bisa tea cacaturna jeung hade midangna tea meureun. Lian ti kitu maen sinetron terus cenah, sabab eta mah geus jadi dunyana anu maneuh. Dessy anu ngamimitian maen sinetron dina Jendela Rumah Kita jeung Dede Tusuf (ayeuna mah Wagub Jabar), pada muji. Malah aya mitra Dessy, bentng sinetron/penyanyi anu kacid kasengsremeunana ku kaartisan Dessy, Indra Brugmann anu sarua tepi ka ayeuna lalagasan keneh, masih keneh itu lain ieu sanes.

Ari Dessy jiga anu bangbaungeun arek ikrar deui payuneun Mama Panghulu teh, sabab geus kungsi gagal dua kali tea, padahal anu kadua kalina mah, ku Gusti diganjar Si anaking anu lucu, kuduna jadi pamatri asih ueung cintana ka caroge, tapi tetela hret deui pegat. Ayeuna kumaha? Bet jiga anu bener bangbaueungeun. Padahal entong kitu ah! (HRS) 

GANIWATI; Abdi Mah Tos Jadi Urang Kulon!

Agustus 2009 ieu para anggota DPR/DPRD nu anyar bakal diistrenan jeung disumpah. Tah, Ibu Ganiwati SH oge bakal diistrenan jeung disumpah da kapilih jadi anggota DPRD Jabar ti Partey Golkar Jawa Barat.

Pangacara ti Tim Pengacara Muslim Bu Gani teh, gedongna bumi ngarangkep kantor ti Gading Regency ngajenggleng agreng, tapi.... wayahna bakal sepi da moal aya praktek ayeuna mah, teu kaci dirangkep jeung jadi anggota Dewan, memang Bu Gani oge niatna gembleng babakti ka rayat ti gedong DPRD Jabar Gedong Sate Bandung.

Nya... mun pidunya mah, diitung-itung diutang-etang mah, kahasilan jauh leuwih ageung pangacara batan anggota dewan anu sajujurna, kitu cenah, Tapi bu Gani geus jangji dina hate, arek bener-bener bebela ka rayat anu salila ieu ukur jadi kembang catur nu di laluhur wungkul.

Nyaritakeun pangalamanana waktu kampanyeu rada unik oge. Make aya seniman daerah anu ngahaja nyipta lagu keur Ganiwati calon ti Golkar sagala rupa, dina basa teuing basa Cirebon teuing Jawa nu mana. Atuh di saban tempat memeh kampanyeu, ngong heula eta lagu dinyanyikeun ku barudak ngora... eta punjulna Gani, ngarangkul kawula ngora tur nyambung.

"Da abdi mah geus jadi urang kulon atuh. Basa Sunda tiasa....!" Pokna di Indramayu, ngajawab masarakat anu nyebutkeun "Gani mah urang wetan, na euweuh deui awewe Sunda nu pinter?"

Memang diaku, mimiti nincak Dapil Indramayu mah rada  bingung, tapi lila-lila bray.. bray... ahirna Gani ditarima ku urang basisir Indramayu jadi Caleg anu pangpinterna jeung bisa diandelkeun. Pangacara Muslim tea atuh.... ngalaman ngabela perkara anggota Dewan yang terhormat dua taun lilana, ahirna.... bebas! Bebela ka rayat ge hayang tepi ka kitu ceuk Gani, ngabebaskeun rayat tina sagala rupa masalah jeung kasusah katut pasualan hirupna.*** (HRS)

GILANG RAMADHAN: Langlayangan Ngasuh Si Anaking

Ngasuh budak, di lembur mah aya anu diajakan nguseup ka walungan, aya anu diajakan ngala belut, aya oge anu ngaprak ka leuweung neangan buah jeung sajabana. Kumaha urang kota? Loba kacida tempat ngasuhna, komo ayeuna mah loba anu leuwih moderen jeung arendah, mahal karcisna oge. Tingkah paripolah artis beda-beda, aya anu jajan bae ka restoran mewah, aya oge anu nyaba ka laut upamana bae kia Kapuloan Seribu, ka basisir Laut Kidul, atawa mapay-mapay mall.... Artis asal Sunda Gilang putrana Kang Ramadhan KH. Budayawan/Sastrawan moyan anu ayeuna geus almarhum ngasuh tilu asuhanana teh.... maen langlayangan. Budaya Sunda jeung... murah meriah pokna. Shanaz istri Gilang kudu ngudag-ngudag Si anaking anu tatanggahan ngungudag langlayangan.

Lian ti amengan, langlayangan teh olahraga sehat nu ngalatih kaparigelan, kacaringcing jeung senam mata. Teu kudu jauh-jauh ka Bali, da di Jakarta ge aya tempatna, langlayanganana mun teu bisa nyieun sorangan, loba beulieun, di mana bae aya, sisi-sisi jalan pangpangna mah. Ti mimiti anu leutik tepi ka anu baradag jeung modelna ge rupa-rupa.

Tetela loba barudak anu raresepeun maen langlayangan, saperti putra-putra Gilang jeung Shanaz Haque.

Memang lamun kaasuh kaaping mah maen di tempatna, aman, ninggang di barudak sisi kota, maen langlayangan di mana bae, raresepna moro langlayangan lalumpatan di jalan-jalan bari marawa pangajul, matana ka luhur kabeh, teu nyaho hareupeun aya motor atawa mobil, nu kitu mawa balai ngaranna. Lamun jiga Gilang mah, mawa barudak langlayangan di tempatna di tegalan, aman.*** (AS)

ROSA; Jadi Dulur Saterasna

Gugatan "cerai"na ka caroge, diluluskeun pangadilan Agama. Ku kituna ayeuna Rosa penyayi nu halimpu sorana teh geus rarandaan, tina duaan jadi sorangan deui. Nya ieu pilihan anu pangsaena, kenging nimbang-nimbahng ku rasa katut pikiran anu sehat, pokna ka para wartawan anu ngarubung-rubungna. Geus lila ari getrengna mah, naon anu jadi pucuk lantaranna, jero-jerona mah teu bisa diuar-uar, da atuh sipatna pribadi pisan saur Neng Rosa wanoja ti kota Buludru teh.

Urang Sumedang ge milu prihatin Rosa pisah ti Yoyo teh, lantaran basa kariaan nikahna urang Sumedang meh kabeh lalajo panganten dianginkeun tumpak delman. Harita aya anu nawisan makuta Binokasih, bisi arek jiga Paramitha Rusady jeung Nenad Bago anu pangantenan nganggo makuta Binokasih kajeun duplikatna. Rosa mah teu kedah pokna, da abdi mah sanes turunan bangsawan.

Mitha jeung Nenad ge pondok jodo sabada ku Gusti diganjar Si anaking. Ayeuna Rosa pegat jeung Yoyo sami-sami putra hiji jeung sami-sami wanoja Sumedang anu geulis rancunit.

Kumaha Rosa saterasna? Sugan geus kagungan nonoman pilihan? Mani nyeuleukeuteuk ditaros kitu teh...

"Ah... bujeng-bujeng ngemutan nu kitu, moal waka ah... hoyong ngagedekeun heula ieu Si anaking!" pokna teh. Sareng Yoyo da puguh bapana budak, ayeuna mah kantun sae sareng dulur saterasna, ulkah aya kaawonan nanaon. 

Rosa atawa conggahna mah Oca, Wanoja Sumedang anu ku Gusti dipaparin sora halimpu alus, sora emasna geus wasa migak hate sakumna urang Indonesia. Biasana Oce milih lalaguan anu melankolis sedih, lalaguan Cinta anu rada melas-melis, sorana angin-anginan halimpu.... lembut.. basa maen dina carita nyambung dina Sinetron Senandung jeung Oki Asokawati katut bentang-bentang papan aras sejenna, sora Rosa dina nembangkeun seriosa kacida endahna, judul laguna ge... Senandung.  (AS)

NETTY PRASETIYANI HERYAWAN, SS; Wanoja Jabar Kudu Jadi Malaikat Pikeun Jabang Bayina

"Kaom wanoja tatar Sunda anu utama, para istri seuweu-siwi Siliwangi anu binangkit, lir malaikat ti sawarga anu lungsur ka marcapada pikeun ngaping ngajaring-ngatik ngadidik para para putra-putrina, ti nalika si jabang bayi digelarkeun ka alam dunya dugi ka baleg darewasa jadi jalma berguna pikeun bangsa jeung nagarana". 

Angen-angen Pupuhu Tim Penggerak PKK propinsi Jawa Barat, Netty Prasetiyani Heryawan SS ieu ditepikeun dina Diskusi "Peran Pria Dalam Meningkatkan Kualitas Wanita di Jawa Barat." Alpukahna Forum Parlemen, BPPKB (Badan Pemberdayaan Perempuan Keluarga Berencana) jeung BKKBN (Badan Koordinasi Keluarga Berencana Nasional). Lian ti Istri Gupernur Jabar Netty Prasetiyani anu harita jadi "Pembicara"  hadir oge Drs.Rukman Heryana (Kapala BKKBN Jabar), Suryadi (Sekjen BPPKB-Badan Pemberdayaan Perempuan Keluarga Berencana), Us Tiarsa (Pupuhu MILIK-Mitra Peduli Kependudukan), Gagan Radio komunitas, Suroso Dasar (Panalungtik senior SDM-Unpad), Saut PS Munthe(Anggota Juang Kencana Jawa Barat-Pemerhati Pembangunan dan Program KB), jajaran pers jeung ondangan lianna. 

Kaom istri memang potensial jadi "malaikat" pikeun para putrana lamun seug walagri jasmani jeung rohanina. sabab kasehatan kacida pentingna pikeun kaom Ibu sangkan bisa nyusuan (mere ASI) salila 6 bulan. Anjeunna age kudu dijauhkeun tina ancaman "mati melahirkan" jeung kakurangan gizi. Cindekna wanoja kudu meunang prioritas utama dina segi kasehatan luyu jeng babasan "lamun Bapa gering saurang anu gering tapi lamun Indung gering saimah gering kabeh." "Mung hanjakal kiwari kaom wanoja teh lir malaikat-malaikat anu taya daya. Margi dina yuswa 18 taun wae parantos nikah, bade pisakumahaeun tah orokna? Malih di sababaraha kabupaten mah yuswa 15 taun ge tos rarabi. Akibatna 14,7% wanoja Jabar dina yuswa 15-19 taun kungsi ngalahirkeun atanapi keur sumedeng bureuyeung. Alhasil bakal jadi kamungkinan terstruktur sapertos: pendidikan anu teu ngahontal SMA, Akibat goreng tina nikah ngora, pasulan kasehatan, nepi ka namabahanana angka "kematiaan Ibu Melahirkan". Ku kituna, hayu BKKBN sareng anu sanesna urang rampak gawe babarengan sareng Pemprop,urang lungsurkeun "usia mengandung 15-19 taun" dugi ka tiasa nikah dina yuswa  21 taun, sangkan aranjeunna namatkeun SMA-na heula. Hayu urang ngadamel program anu sae sangkan malaikat-malaikat rahmat lungsur nitis ka para istri anu binangkit ngaping ngajaring para putra-putri sareng kulawargina." kitu saur Isri Gupernur umajak.* (ASEP GP)
 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula