Katumbiri Edisi 2232
Jalan Lingkar Selatan di Sumedang
Taun 2009, Kabupaten Sumedang keur tatan-tatan rek ngawangun jalan anyar, jalan Lingkar Selatan. Dina rarancangna, jalan Lingkar Selatan ngabutuhkeun 25,2 hektar taneuh kalawan panjangna 8,4 KM katut lebarna 30 KM. Lokasina dimimitian ti Kec. Sumedang Utara, pernahna Desa Ranca Mulya ka Kec. Sumedang Selatan nu dimimitian ti Desa Guna Sari, Sukagalih, Sukajaya, Cipameungpeuk, jeung Pasanggrahan.
Ditepungan ku MANGLE, Kepala Dinas Pekerjaan Umum Ir. H. Eka Setiawan, Dipl., SE., MM., ngajentrekeun, sabenerna program pangwangunan jalan Lingklar Selatan geus dilaksanakeun ti taun 2003. Tapi ku sabab ngabutuhkeun waragad nu lain saeutik, tangtuna proyek pangwangunan jalan teh teu bisa buru-buru dilaksanakeun. Dina taun 2009 keur diayakeun Peninjauan Ulang (DED) Detail Enjenering Design, pikeun nangtukeun parobahan atawa heunteunna, saperti masalah lahan-lahan imah nu bakal kasabet jalan Lingkar Selatan. "Tah di dieu pisan perlu ayana DED atawa Peninjauan Ulang, bisa wae biaya pembebasan lahan bakal beda, sabab geus loba nu robahna," saur Ir. H. Eka Setiawan, Dipl.,SE.,MM. Disarengan Kepala Bidang Bina Marga, Ir. Deni Rifdriana, MM, katut Kepala Seksi Perencanaan Enang Mustopa. Nurutkeun Kepala Dinas pekerjaan Umum oge, pangwangunan jalan Lingkar Selatan jadi prioritas utama, tapi kacida gumantungna kana anggaran nu aya, boh ti Kab. Sumedang, Provinsi Jawa Barat oge ti pusat. Sabab anggaran anu diperlukeun sakitu gedena tangtuna merlukeun gawebareng anu jinek antara daerah jeung pusat. Ari harepan mah jalan Lingkar Selatan teh buru-buru anggeus, sangkan lalu lintas di Kab. Sumedang beuki lancar. Kitu teh, sangkan kagiatan ekonomi masarakat Sumedang oge jadi leuwih lancar. Salaku Kepala Dinas Pekerjaan Umum oge ngarasa tanggung jawab nu bakal terus ngupayakeun sangkan jalan Lingkar Selatan bener-bener bisa diwangun di Kab. Sumedang. *** (Nuning)
Genep Desa di Soreang Jadi Kalurahan?
Robahna status desa jadi kalurahan, pikeun sawarehna mah bisa jadi lain hiji kauntungan. Utamana pikeun para aparat desa, ku sabab maranehna bakal kalengitan pagawean. Ku kituna teu hemeng lamun para aparat desa teu panuju kana rencana Pemkab Bandung nu rek ngarobah status genep genep desa nu aya di Kacamatan Soreang jadi kalurahan.
Kagenep desa eta nyaeta Desa Soreang, Pamekaran, Cingcin, Sekarwangi, Parungserab jeung Desa Sadu. "Abdi kirang panuju kana rencana ngarobah status Desa Sekarwangi janten kalurahan. Upami leres-leres dilaksanaken atuh sami wae sareng nyieun pangangguran anyar," ceuk salah saurang aparat Desa Sekarwangi, minggu kamari, di Soreang.
Sumber nu embung disebutkeun ngaranna negeskeun, lamun Pemkab Bandung keukeuh rek ngalaksankeun eta rencana, pek wae asal sakabeh aparat desa jeung para kapala desa diangkat jadi PNS. "Hal sarupi kitu teh sanes tuntutan abdi wungkul, tapi sadaya aparat nu aya di genep desa gaduh kahoyong nu sami. Komo pan upami janten kalurahan mah, tanah bengkok oge diambilalih ku kabupaten," pokna.
Kabag Otda Pemkab Bandung, Drs. H. Erik Juaria ngabenerkeun yen pihakna keur ngarencakeun parobahan status desa jadi kelurahan. Tapi teges Erik pelaksanaanana duka iraha, nu jelas Pemkab Bandung dina waktu deket ieu rek ngalaksanakeun pengkajian ka eta genep desa, layak atawa heunteu dijadikeun kalurahan. Sabab, pokna, pikeun ngawujudkeun kalurahan teh pasaratanana, salian ti jumlah penduduk jeung luas wilayah oge ayana sarana jeung prasarana nu ngarojong kana kagiatan kalurahan.
"Saleresna Pemkab mah mung bade ngalaksanakeun pengkajian wungkul, pikeun antisipasi kamajuan wilayah dina mangsa nu bakal datang, utamina tina sisi akademis. Tah tina hasil pengkajian tadi, mugia tiasa dijantenkeun rujukan layak henteuna janten kalurahan. Perkawis iraha-irahana mah dugi ka ayeuna oge teu acan aya katangtosan, naha sataun deui atanapi sapuluh taun oge tiasa langkung," tegesna.
Leuwih jauh Erik nyebutkeun, samemeh repormasi robah status desa jadi kalurahan teh otomatis boh kapala desana oge aparatna milu ngaronjat statusna jadi PNS. Tapi ayeuna alamana geus beda deui, aturan negeskeun yen robahna status desa teu otomatis ngarobah status aparat jeung kadesna. Ngan anu jelas mah, lurah jeung perangkat sejenna geus pasti PNS.
Sabenerna pikeun masarakat mah rek desa atawa kalurahan teu jadi soal, da nu pentingna mah bisa mere palayanan nu hade. Biasana, pokna, nu sok "kebakaran jenggot" teh jalma-jalma nu sieun kaleungitan "periuk nasina". Sikep saperti kitu wajar pisan, sabab pikeun sababaraha jalma salila ieu desa dijadikeun tempat pikeun neangan kipayah, pikeun diri jeung kulawargana. "Tapi upami aturanan sapertos ka pungkur mah, robahna desa janten kalurahan teh, sacara otomatis kades jeung aparatna oge diangkat janten PNS, bakal pada ngarojong," tegesna.
Salian ti kitu, tambah Erik, aturan nu berlaku ayeuna teu ngawajibkeun desa nu aya di ibu kota kabupaten robah jadi kalurahan. Tapi pengkajian teh saukur ngantisipasi kamajuan wilayah dina mangsa nu bakal datang. Sabenetrna mun nilik kana legana wilayah jeung jumlah warga mah, ke genep desa eta teh geus layak jadi kalurahan, komo lamun ditingal tina kamajuan masarakatna geus teu saluyu deui lamun terus dipertahankeun jadi desa.
Sabenerna pamarentahan desa minangka daerah otonom nu geus teu saluyu jeung kanyataan di lapangan. Dina katangtuan ditegeskeun yen pamarentahan otonom mah kudu bisa ngurus jeung ngatur rumah tanggana sorangan, malah ka dituna meureun ngabiayaan dirina sorangan pikeun karaharjaan aparat jeung masarakatna. Ku kituna desa kudu mampuh ngagali potensi alamna sewang-sewangan. Tapi dina kanyataanana desa di wilayah Kab. Bandung teu jauh beda jeung kalurahan, nu saukur nungguan bantuan APBD sarta dina ngurus pamarentahannan oge leuwih loba nungguan pituduh ti kabupaten. "Buktosna pikeun ngawangun daerah, desa teh ngantosan ADD (alokasi Dana Desa) jadi naon bentenna sareng kalurahan," pokna.
Tapi, kalurahan mah lamun dana pangwangunan nungguan tina APBD teh wajar, sabab lain daerah otonom, tur kapala kalurahanana oge geus ditangtukeun saluyu jeung katangtuan nu aya. *** (nunk)