Tue, 22-05-2012
Pangalaman Para Mitra

Ngaran jeung Cita-cita

Pintonkeun di FB

Alhmdulillah,gubrag kalayanan salamet ka alam dunya,alo kuring katilu.Bisa ditanyakeun ngran budakna ngaliwatan SMS,kuring rada kerung.
 
“Saha ngaran budak teh?”
“Rajendra Gahyaka “
 
Kuring kerung .Teuing atuh,mani resep-resep teuing adi kuring mah ka ngaran nu ngaharib-harib kana wayang atawa ngaran India?
Cing atuh salaku urang Sunda,ngaran teh rada-rada Nyunda,kayaning Asep,Adang,Sumarna …”ceuk kuring.
 
“Ah embung,nu aneh atuh meh teu sarua jeung batur”
“Nya geus atuh,meh rada-rada Nyunda ,tina Rajendra,kumaha mun neneh na jejen?”ceuk kuring keukeuh.
“Huehehehe….”kalahka ngabarakatak.
 
Pere kamari,kuring jeung indung kuring ngalongok ka Magetan Jawa Timur. Nyaan,pijangkung-badageun deui budk teh.Kumaha deui atuh ?Da citakannana kitu kulawarga kuringmah. Reueus oge ningali orok tehtaarna lega(nongnong)jeung panonna hirup teu ilaharna orok .Ceuk kolot baheula mah,pipinteran budak teh.Indugna ngomong ,”Muah-mudahan jiga BJ Habibie,sok tingali geura panon jeung taarna ge kitu pan?”
 
Kuring ngan saukur mesem . Nuluykeun deui nengetan beungetna. Rarayna buleud,kempot pipina,biwirna ipis gadona beulah .Pikasepeun budak teh.Indungna ngomong deuih ,”Pasti gedena jiga Dicky Chandra,GARUT 2!”
“Hanjakal kulitna meni hideung”ceuk kuring rada nyempad.
“Ih,hideug ge buah manggu!”ceuk indung na keukeuh embung eleh.
 
Salila di Magetan,kuring teu kamana-mana da hoream hujan bae.Dina raraga mapag warsih enggal 1430H,aya iber rek diayakeun parebut bolu (apem mun di Yogya mah )kuring jeung kulawarga kaasup si jejen jalan-jalan ka alun-alun Magetan rek lalajo parebut bolu.Ngan hanjakal hujan,jadi baralik deui we ka imah.
 
Sapaparat jalan ngawarangkong.Lila-lila obrolan pindah kana cita-cita si jejen.Tangtu cita-cita kolot jeung budak mah pasti beda,teu bisa skahayang kolotna.
 
“Kira-kira ieu budak gedena jadi naon nya?”ceuk indungna.
“Mudah-mudahan sing jadi jekea sholeh,bakti kanu jadi indung jeung bapana”ceuk indung kuring,kolot mah teu weleh wijaksana.
“Jadi tentara atawa pulisi we atuh,da basa lahirna ditulungn ku dokter-dokter di Rumkit Lanud Iswahyudi “ceuk bapana.
 
Nu diomongkeun kalahka anteng sare.Aya nu aneh,budak teh sare tapi panonna angger beunta.
 
“Wah,nyaan budak teh pipintereun,tingali sarena geura!”ceuk indung kuring.
“Mana kiu mah budak teh pantes pisan mun jadi anggota Dewan!”ceuk kuring bari ngahuheh.
 
Roro Siti Rohmah
Margahayu Kencana H4 No.8
Bandung 40116

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Kimunk ngomentaran:

Leres pisan calon anggota dewan ka hareup mah kedah tiasa sare bari beunta

dase sukarna ngomentaran:

Asa teu aya klimaks-na dongeng teh.

Jaja Subagja ngomentaran:

Tokoh kuring the saha nya? Istri atanapi pameget?

Ai Yuliasih ngomentaran:

Ih, manawi teh bade dieceskeun hartosna "rajendra Gahyaka"..ngagantung