Batu Gilang Nu Dirampas Ku Balad Islam Di Banten Disebutn Watu Gigilang
Minggu pengker pedaran parantos dugi ka Darmasiksa ngalinggihan karaton nu ditingal tina sesebutanana, sarua jeung ngaran karaton anu diadegkeun ku Maharaja Tarusbawa.
Aya kalimah, "Ti beulah kidul, kulon jeung wetan, ti daerah anu dilinggihn ku para raja luluhur Darmasiksa. Kecap "dibeukah" atawa dilegaan. Kecap "Kabwatan" tina kecap "bwat" hartina wangunan. Nu pangpenhtingna mah ka mana ngalegaanana, tetela ngan ka kidul jeung ka wetan meberna teh. Eta teh anu tumali jeung lokasi karaton nu kacida narik perhatianna pikeun para ahli, ti mangsa Pleyte tepi ka Ten Dam jeung Amir Sutaarga.
Eta teh anu kaungkab ku Kang Saleh Danasasmita
Lokasi nu kungsi dipake asrama Zeni di Lawang Gintung, anu nurutkeun Kang Saleh, yakin patilasan karaton, tetela henteu cocog lmun nurutkeun katerangan tadi mah.
Ngalegaan ka wetan geus tangtu neunggar benteng, lamun dilegaanana ka kidul pasti kudu ngalangkahan jurang Cipaku anu lungkawing di beh kidulna. Kusabab kitu kaayaanana, laporan Winkler ngeunaan situs Gang Amil taun 1690 jadi leuwih positip. Winkler manggihan lokasi patilasan paseban teh lain di Lawang Gintung tapi di Gang Amil keneh.
Katerangan saterusna ngeunaan kamekaran Pakuan kaunggel dina buku Carita Parahyangan.
"Ndeh nihan tembey. Sang Resi Guru Miseuweukeun Sang Haliwungan, inya Sang Susuktunggal nu munarna Pakwan reujeung Sanghyang Haluwesi nu nyawuran Sanghiyang Rancamaya".
Hartina" Nya ieu mimitina Sang Resi Guru nu kagungan putra Sang Haliwungan nyaeta Sang Susuktunggal anu ngaropea Pakuan jeung Sanghiyag Haluwesi ngurug Sanghiyang Rancamaya"
Nu dimaksud Resi Guru teh Wastu Kancana anu sabada jadi Patapan gelarna Resi Guru Dewata Buana. Datwan bisa jadi maksudna karaton, bisa jadi oge ngawengku jeung kota karajaanana lamun kajadian munar ( nganyaran, ngawangun deui) dipatalikeun jeung kajadin nyaeuran (ngurugan make taneuh) Rancamaya. Eta ketarangan diteruskeun ku nataharkeun upacara ngistrenan Sri Baduga Maharaja.
"Sang Susuktunggal inyana nu nyieuna palangka Sriman Sriwacana Sri Baduga Maharajadiraja Ratu Haji di Pakwan Pajajaran nu mikadatwan Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati, inyana pakwan Sanghiyang Sri Ratu Dewata."
Kecap Palangka sacara umum hartina pangcalikan, tempat diuk, kanggo raja mah Tahta disebutna atawa Singgasana. Tapi dina hal ieu mah lain hartina tahta pangcalikan di Bale Pangdeuheusan atawa paranti nampi anu ngadeuheus, tapi tahta pangcalikan husus dina upacara ngistrenan. Dina palangka ieu pisan Sang Raja "diwastu" (Diberekahan, dipaparin berkah) ku pandeta pangluhurna. Tempatna oge henteu di jero karaton, tapi di kabuyutan karajaan saluyu jeung tradisi. Tahta dijieunna tina batu anu digosok lemes tepi ka herang ngagenclang.
Watu Gigilang
Batu tahta saperti kitu ku masarakat biasana disebut Batu Pangcalikan atawa Batu Ranjang upama kabeneran make suku saperti bale-bale biasa. Batu Pangcalikan saperti anu kapanggih di makam kuno deukeut Situ Sanghiyang Desa Cibalanarik Kacamatan Sukaraja Tasikmalaya jeung di patilasan karajaan Galuh Karang Kamulyan Ciamis. Batu ranjang anu sukuna diukir endah kapendak di Desa Baturanjang Kacamatan Cimanuk Pandeglang, di kotakan sawah kadempet ku tangkal.
Palangka Sriman Sriwacana ayeuna ayana hareupeun patilasan karaton Surosowan di Banten sabab diboyong ti Kabuyutan Pakuan ka Surosowan. Ukuranna 2000 x 160 x 20 sentimeter. Kulantaran herang ngagenclang, ku urang Banten disebut "Watu Gigilang" Kecap gigilang hartina ngagenclang sarua jeung harti Sriman. Ngan batu Gilang eta pisan anu karampas ku balad Islam anu dipingpin ku Maulana Yusuf basa ngajorag Pakuan Pajajaran.
Batu anu sakitu beuratna teh kudu diringkid dibawa ka Banten, sabab nurutkeun tradisi pulitik mangsa harita, geus sakuduna mawa barang-barang rampasaan saperti kitu. Ku dirampasna eta palangka, di Pakuan moal aya deui raja anyar anu diistrenan, hartina Pakuan moal ngadeg deui karajaan. Kaduana, ku jalan miboga eta palangka, Maulana Yusuf jadi pangawasa anu neruskeun kakawasaan Pajajaran anu sah.
Katerangan panungtung ngeunaan kamekaran Pakuan kapendak tina prasasti Batutulis anu salengkepna unggelna kieu;
1. wang na pun ini sakakala, prebu ratu purana pun diwastu.
2. diya wingaran prebu guru dewataprana diwastu diya dingaran sri.
3. baduga maharaja ratu haji di pakwan pajajaran sri sang ratu de
4. wata pun ya nu nyusuk na pakwan diya anak rahyang dewa nis-
5. kala sa(ng) sida mokta kanusa larang, pa siya nyiyan sakaka.
6. ka(n) cana sa(ng) sida mokta kanusa larang,ya siya nyiyan sakaka.
7. la gugunungan gablay nyiyan samida, nyiyan sabghyang talaga.
8. rena maha wijaya,ya sinya pun...I saka, panca panda.
9. wa e (m) ban bumi
Hartina; "Mugia salamet. Nya ieu pangeling-ngeling kanggo Prabu Ratu almarhum, anjeunna diistrenan, gelarna Prabu Guru Dewataprana, basa diistrenan deui, jujulukna Sri Baduga Maharaja ratu pangawasa di Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Dewata. Nya anjeunna anu ngadamel solokan pertahanan di Pakuan. Anjeunna teh putra Rahyang Dewa Niskala anu dipendem di Gunatiga, putuna Rahyang Niskala Wastu Kancana anu dikurebkeun di Nusalarang.Nya anjeunna anu ngadamel tanda Pangeling-ngeling mangrupa gugunungan, ngawedelan jalan make batu, ngadamel leuweung samida,ngadamel Sanghiyang Talaga Rena Mahawijaya. Nya anjeunna pisan anu ngadamel eta kabeh. Dina taun Saka Lima pandawa-pangasuh-bumi (1455).
Nu langsung ngabaud dayeuh Pakuan nyaeta "nyusuk na Pakwan (baris kaopat) jeung ngabalay (baris ka 7) . Prasasti didamel ku putrana Sri Baduga Maharaja dina taun 1533 Kulantaran ti saprak marentah Pajajaran terus peperangan anu manjang, atuh kaayaan kota Pakuan teh ngahontal puncakna kakara kahontal dina periodeu pamarentahan Sri Baduga (1482-1521).
Sangkan leuwih kaungkabkeun eusi prasasti anu tumali jeung kamekaran Pakuan, Kang Saleh Dsanasasmita ngungkaban eusi berita Pustaka Nagara Kretabumi parwa 1 sarga 2 ngeunaan karya-karya Sri Baduga;
"Sang Maharaja magawe pakarya ya ta magawe sitwangheng Maharena Wijaya wastanya, magawe hawan ikang umareng kithaigeng Pakwan, hawan umareng wanagiri, amateguh kedatwan, sakwehira sang resi uwang kaula nira tinariman desa mangadbhutaken sanghiyng agama tapan ika pituhu denira janapada. Ateher kabinihajyan, kasatriyan, pagelaran, pamingtonan, amateguh, wadyabala, malapi matura-tura sakeng ratu samanteng wus pinaribhawa muwang sakweh ireng amagehing desa mandala muwang pasusun nitrajyia Pajajaran."
Hartina;
"Sang Maharaja midamel karya ageung nyaeta ngawangun talaga anu kacida legana ngaranna Talaga Rena Maha Wijaya, teras ngadamel jalan anu ngajugjug ka puseurdayeuh Pakuan jeung jalan ka Wanagiri, mageuhan karaton, mere ka desa (perdikan) ka sakumna pandita katut para pangiringna sanghkan mere sumanget kana kagiatan agama anu nuyun kahirupan rayat. Saterasna ngadamel kaputren, tempat garwa-garwa raja, kesatriyan keur asrama prajurit, satuan-datuan tempat (pagelaran) , tempat-tempat hiburan, ngawewegan angkatan perang, narik upeti ti para raja bawahan jeung para kapala desa jeung nyusun undang-undang karajaan Pajajaran."*** (Hanca)
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulakrisnayadi ngomentaran:
Simkuring kantos maca sawatara tulisan/literatur, tetep cindekna wangunan Karaton Pajajaran kapungkur. Didinya di unikeun dumasar jujutan Tom Pires cenah lebah-lebahna di sabudeureun wewengkon Cileungsi Bogor ayeuna. Lian ti eta simkuring kantos leuleumpangan mapay leuweung antara Bolang Salopa Tasikmalaya, nembus ka Langkaplancar Ciamis. Kinten km 3 rengse ngalangkungan Perkebunan Karet Bolang Salopa, didinya aya hulu cai anu numutkeun warga didinya "Cimajeti" luyu jeung ngaran lembur urang dinya. Didinya pisan aya hiji tempat anu linduh ku tangkal caringin tur beresih deuih, sabudeureun eta aya tilu batu anu wanguna pasagi panjang kirang langkung jangkungna o,5 m. panjangna 3 m. anu dua deui jangkungna sami mung panjangna 1,5 m. di sisi kaler juru batu aya patung siga-sigana mah Wisnu, age aya batu tulis ngarendeng sabeulahna. tulisanana kirang langkung 9 jajar ka handap. Sisi juru batu palih wetan-na aya deui batu sarupa dolmen, jankungna ditaksir 2 meteran. Simkuring nembe kaparengkeun ayeuna ngadugikeun pangalaman ieu taun 1977 kalangkung, manawi aya manfaatna pikeun Sajarah Sunda, mangga nyanggakeun ka ahlina, InsyaALLAH sayogi ngabantos.