Tue, 22-05-2012
Carita Nyambung

Galuring Gending (17)

Pintonkeun di FB

Ku Tatang

17

Enya, da ti barang unggah kana jok tukang, urang tacan nyarita sakemek-kemek acan. Teu mustahil supir taksi boga sangkaan urang keur pareheng, hajan teu tepi ka silibaeudan.

"Ku naon ngalamun bae?" anjeun nanya deui.
"Emut ka pun biang nu nuju teu damang," kitu jawaban kuring harita. Jawaban anu kacida netralna; moal ngalantarankeun anjeun jadi kasigeung. Sabab, saha nu nyaho, pangna kuring milih jempe teh ku anjeun dihartikeun henteu suka babarengan.
"Dupi ayeuna di mana?"
"Di lembur."
"Atuh Panji kedah enggal-enggal ka ditu."
"Kana enjing rupina."
"Tebih lembur Panji teh?"
"Lumayan, kana kendaraan umum mah lalakon tilu jam; boa langkung. Teras kedah disambung ku ojeg, margi upami tos sonten mah angkutan padesaan tara aya nu narik muatan."

Obrolan kapegat manten, sabab taksi geus cunduk ka anu dijugjug. Anjeun miheulaan mayar, malah pamulanganana oge teu ieuh ditampanan; anu matak, mang supir manggutna ge mani kerep, bari nunuhunan.

"Naha mani ku Sarah atuh," ceuk kuring, sanggeus bareng ngalengkah ka lebah lawang tempat acara lumangsung.
"Ih, kapan kedah sakali sewang. Tadi angkot dibayar ku Panji. Tah, taksi mah tangtosna ge bagian Sarah."

Ah, Sarah, kuring keukeuh tacan ngarti, waktu anjeun milu asup ka jero rohangan. Naha anjeun ge rek miluan diskusi, atawa rek ukur lalajo wungkul, atawa rek naon?

Babaturan loba nu heraneun, dumeh kuring datang kadua anjeun. Enya, bet iraha teuing aya "widadari" pirajeunan leumpang bareng jeung kuring. Biasana oge kuring mah sok cecelengcengan sorangan.

Sajeroning diskusi lumangsung, anjeun kareret keur ngabandungan dina korsi jajaran tukang. Make rada melang sagala, sieun anjeun diukna gigireun babaturan kuring anu rada cunihin. Tapi barang disidik-sidik, bet kabeneran ngarendengna jeung Ahmad Hadi, pituin urang Pandeglang, aktifis LSM anu kasohor nyantri, wedalan Pasantren Tebuireng anu ayeuna rada condong kana sufi. Dina acara naon wae oge Ahmad Hadi mah kitu kostimna; baju kampret bodas, calana ngatung luhureun mumuncangan, bari sirah tara tinggaleun ti kerepus haji. Ngukut janggot deuih, najan teu gomplok kawas Rhoma Irama.

Ku ayana anjeun milu nyaksian, tetela mere sumanget nu lain lumayan. Kuring asa keur dipeunteun, keur dipentes wewesen. Anu matak, harita sagala dicaritakeun, sagala diketrukkeun. Cutatan pamadegan John Naisbitt oge ngahaja langsung ditambul dina Inggrisna, teu di-Indonesiakeun heula; untung kalimahana ukur dua jajar kurang!

                    ***   

Sumpahna ge, karek harita kuring ngarasa betah ngabandungan anu keur ngadu pamanggih. Nyao diskusi, nyao seminar; kuring teu bisa ngabedakeunana, da ari ceuk rarasaan mah kitu-kitu keneh. Betah soteh lain pedah ngarti, tapi asa resep ngabandungan jeung nyeueung anjeun, Panji. Teu sangka geuning anjeun sakitu capetangna bari lega kanyaho deuih. Padahal ari keur adu hareupan jeung kuring mah, mimindengna ukur nyarita saperluna wae.

Naon-naon anu dicaritakeun ku anjeun dina forum, umumna mah kuring teu ngarti. Heueuh, lain bagian tina dunya kuring, tuda. Otonomi. Federalis. Reformasi. Dwi fungsi. Agenda tatanan Indonesia baru. Ah, kuring mah teu timu kana maksudna. Lebeng, kawas Cina dipangwayangkeun. Tapi, najan henteu kaharti, kuring wani nyebutkeun yen anjeun calakan, tapis, cingceung. Ah, pokona mah pinter we! Geuning sakitu dikurubut ku rupa-rupa pertanyaan oge, anjeun mampuh ngajawab atawa nerangkeun kalawan tatag, cukup ku sagilek-sagilek, henteu kudu hulang-huleng heula lantaran aya nu keur diinget-inget. Hanas kuring loba nu teu ngarti, boh kana pertanyaanana boh kana jawabanana, sejen deui eta mah. Tapi, moal ieuh matak ngurangan peunteun.

Teu karasa, horeng geus ampir tabuh sapuluh. Jadi, geus aya kana dua jamna ngabandungan lumangsungna acara teh. Teu, teu waka ngarep-ngarep tereh lekasan. Angkanan teh, masing parat tepi ka subuh oge, kuring moal miheulaan ngaleos.

Tapi, dina emprona mah tabuh sawelas kurang ge acara geus ditutup. Naon wae kasimpulanana, eta mah urusan anjeun jeung para pamilon sejenna; kuring teu ieuh hayang milu mikiran.

"Ayeuna Sarah bade teras ka mana?" ceuk anjeun, waktu acara geus lekasan.
"Ka mana, nya ...?"
"Ih, aya ku keukeuh. Tadi waktos ditaros, kitu, waleranana teh sapertos nembe," omong anjeun bari terus ngajak ngaleos ti rohangan.
"Sarah mah lapar ieu teh, da," ceuk kuring. "Ari Panji?"
"Lapar we, lah," tembal anjeun bari seuri.

Inget keneh meureun anjeun ge, Panji, harita urang terus mapay-mapay trotoar. Aya perasaan sejen anu karek harita ngancikna sajeroning urang nikreuh teh. Lain kakara sakali, dua kali peuting-peuting kuring leumpang jeung lalaki, tapi henteu kawas keur bareng jeung anjeun. Eta perasaan nu ngancik teh hese dicaritakeunana, tapi memang aya jeung karasa.

Sanggeus sawatara ratus lengkah, anjeun ngajak nyimpang ka jongko tukang emih kocok, satutas nanya heula, "Nu kieu seneng?"

Kuring ngajawab ku unggeuk.

Diuk ngarendeng dina bangku panjang, nyanghareupan meja, sabot urang nungguan pesenan. Asa geus lawas tara jajan di sisi jalan, da sasarina mun hayang capek-rahem teh kudu ka kafe wae.

"Teu isin calik di dieu?" ceuk anjeun. Maksudna mah meureun pedah jajan emih kocok di emper toko, lain Dunkin atawa Mc Donald anu dianggap elit.
"Isin ku saha?"
"Bilih we teu biasa, pedah ieu mah jajanan rayat."
"Naha ari Sarah sanes rayat, kitu?"
"Sanes."
"Ah!" ceuk kuring, bari kaplok kana lebah peupeuteuyan; lalaunan. Anjeun ge geuning teu nyingcet teu sing.

Kahayang mah obrolan teh terus patempas-tempas. Hanjakal kaburu kaganggu ku si emang anu nyodorkeun mangkok. Padahal mah sing lila ngaluban toge jeung emih atah teh. Moal, moal dirurusuh.

Teuing perbawa lapar, teuing pedah ngadaharna gigireun anjeun, karasa ni'matna emih kocok teh; komo sanggeus diguguntur ku citeh haneut mah. Nyeueung anjeun nyerebung udud, kuring ngan bati kabita. Padahal mah matak naon mun nawaran, ngarah kuring teu era nurutanana. Moal, moal nyoro Gudang Garam Filter nu anjeun, da kuring oge boga Marlboro; bungkusna kembung keneh, sabab karek didudut sabatang. Rek balaka wae, harita kuring tacan wani udud hareupeun anjeun; kajaba mun ku anjeun dihempekkeun. Ari rek nyarita ti heula yen kuring oge sarua beuki udud, asa era pokna. Antukna mah kuring ngawayahnakeun maneh; nahan rasa haraseum dina sungut cukup ku nilep-nilepkeun tungtung letah kana lalangit. Mun mawa permen mah meureun rada kaubaran, moal kabita teuing ku serebungna haseup tina liang irung anjeun.

"Ayeuna bade teras ka mana?" omong anjeun. Tapi memeh kuring pok ngajawab, kalah dipiheulaan manten, "Pasti waleranana teh; ka mana, nya ...?"
"Ah, tos we moal diwaler sakalian," cekeng teh.
"Teu langkung anu kagungan lambey. Atuh eta cenah bade teras calik di dieu, mangga, ngiringan. Mun si emangna kukud mah, urang sewa we bangkuna, nya?"

Anjeun seuri; pastina ge ukur ngabanyolan.

"Ah, ari nanaon teh!"
"Bongan waleranana sok kitu wae: ka mana, nya ...?"
"Uih we atuh."
"Ka ...?"

Tah, ka mana? Ka imah anu geus lawas ditinggalkeun? Ka hotel? Atawa, ka langit wae sakalian, kitu? Terus, naha balik bareng, atawa papisah di dieu keneh?

"Ka mana mulihna?" anjeun nanya deui, bangun anu butuh pisan ku jawaban. Kaharti ari kitu tea mah, lantaran harita geus maju ka tengah peuting.
"Nya ka bumi Sarah," sungut asa engab ku sorangan; kedalna eta jawaban teh asa diluar kontrol; jol pok wae!
"Hayu atuh ...!"
"Kersa ngajajapkeun, kitu?"
"Kersa mulih nyalira, kitu?" anjeun kalah malik nanya.

Asa teu kudu dijawab, da anjeun pasti geus bisa nebak kana kahayang kuring. Bet piraku teuing, kuring diantep balik sosoranganan.

"Ayeuna mah giliran abdi, nya?" omong anjeun deui, bari ngodok saku, ngaluarkeun lambar lima rebuan. Kasawangna teh duit nunggelis, numpi dina saku tanpa kadang baraya. Enya, da kaciri bijilna ge lancar, henteu macet heula lantaran kembung loba baturna anu keur ngarentep berjamaah.
"Taksi mah giliran Sarah, nya?" ceuk kuring, dua tilu lengkah ti tempat jajan.
"Tong kana taksi atuh."
"Ari entos, kana naon deui?"
"Urang mapah."
"Waw, matak mopo di jalan. Kawas bade kersa ngakodna wae."
"Ah, da hampang ieuh. Lima puluh kilo, nya?"
"Kalangkung teuing sakilo. Ketang boa ayeuna mah ngirangan," cekeng teh. Da jeung enyana, awak teh asa beuki ngorotan.
"Wios lah 48 kilo ge, da sanes sareng nu tebih ieuh. Kali dalapan rebu nya ayeuna teh? Cing sabarahaeun sadayana?"
"Ih, mani kawas kana munding wae! Mani dietang kiloanana! Memangna ieu teh bade Idul Adha? Tos, ah, heureuy wae! Tuh, di payun aya taksi, bilih kabujeng dieusian batur!"

Sajeroning ngageuleuyeung teh ari pikiran mah asa tacan teteg. Eta meureun pedah kuring rek balik ka imah anu geus aya bulanna teu dieusian, bari mawa (atawa ukur dianteur wungkul, kitu?) anjeun. Ngan, sabada ditimbang-timbang, enya, merenah keneh balik ka imah, batan ka hotel. Jadi henteu goreng-goreng teuing putusan kuring teh. Mun tea mah nyebutkeun balikna ka hotel, saha nu nyaho anjeun boga panyangka nu lain-lain. Tapi, kumaha mun engke teh ujug-ujug kring telepon, terus nyarekan laklak dasar deui, lantaran aya nu apaleun yen kuring keur nyimpang ka imah? Ah, matak naon mun tong diangkat. Atawa, geus wae sakalian cabut kabelna, ngarah teu kontak. Kumaha lamun nerorna lain ngaliwatan telepon, tapi ngagedoran panto, sabab nyahoeun yen kuring keur aya di jero? Ah, piraku asana teh mun tepi ka kitu-kitu teuing mah, da sakur aya jelema asing anu ngaliwat ka panto gerbang pasti dipariksa heula ku satpam, iwal pabeubeurang.

Heup sual teror. Anu saterusna jadi pikiran teh: kudu kumaha nya pikecapeun, mun engke geus cunduk ka hareupeun imah? Naha cukup ku nyebutkeun hatur nuhun, atawa sina nyimpang heula? Mun anjeun nyimpang, terus engke rek kumaha?

Dina emprona, anjeun milu turun,terus mantuan muka panto pager; jigana mah karahaan, balas kapoe-kahujanan, ku Mang Badri henteu karoris. Enya, pan manehna mah teu dibere wewenang muka panto pager hareup. Mun rek ka buruan teh sok malipir heula ka sisieun garasi, atawa mun rek kaluar sok nyokot jalan ka tukang, mapay ka gang.

Bray mukakeun panto. Di imah poek meredong, da lampu bagian hareup ukur semet nyaangan buruan. Anu pangheulana dipigawe teh nyasaran saklar. Jetrek, bray wae!

"Mangga ka lebet," omong kuring, sabab anjeun kalah ngajengjen; bangun asa-asa arek ngalengkah. Kaharti ari kituna mah, sabab anjeun nyemah tengah peuting, bari nu diunggahanana tacan enya-enya loma.

Kuring asup ka patengahan. Bruy-bray lampu harurung parat tepi ka dapur. Angkanan teh rek nagenkeun panci; asa piraku ka semah teu cai-cai acan mah. Cacak mun dispenser aya eusian mah, meureun moal kudu keprak-keprek heula. Bet kabeneran tabung gas masih keneh ngajeos. Keun wae ah, moal ngahudangkeun Bi Eka. Kahiji, karunya bisi keur tibra. Kadua, hoream ngalengkah ka tukangna.

Basa ka hareup deui, kasampak anjeun keur mukaan albeum foto.

"Bade kopi, atanapi teh manis?"
"Teu langkung nu bade mangadamelkeun," tembal anjeun.

Kopi geus ngajagrag, kuring geus ganti pakean. Dipikir-pikir ayeuna, asa aneh puguh ge harita teh; peuting-peuting narima semah lalaki anyar pinanggih. Ngan untungna teh dina nyarahoaneunana oge, tatangga, tara aya nu sok pirajeunan usil. Kawasna rek kitu, rek kieu oge kararep teuing. Enya, kuring ge ka batur kapan sok kitu. Nu penting mah asal ulah ganggu ka urang we. Cenah eta aya satpam anu sok ngider, ngaroris ka saban imah, ah, da tugasna ge ukur ngajaga kaamanan, lain ngawaskeun semah anu ku pribumina keur diaku gepyak.

"Sarah teh penari?" anjeun nanya.
"Penari we, lah," kitu jawaban teh; nurutan anjeun basa ditanya lapar henteuna.
"Paingan atuh."
"Paingan naon?"
"Paingan ... ramona sarae," tembal anjeun bari seuri. Antara kecap "paingan" jeung "ramona" kadenge aya heula jeda. Teuing naon maksudna; naha anjeun mikir heula, sabab asalna mah moal rek nyebut "ramona sarae"? Nyambungna jawaban kuring "penari we, lah" jeung kecap "paingan" anu dikedalkeun ku anjeun bisa dieusian ku rebuan kamungkinan; misalna wae: paingan sonagar ka lalaki, paingan tahan nyaring ti peuting, paingan tapis ngondang kapanasaran, paingan kesanna sensual, paingan ..., paingan .... Wah, pokona mah loba kamungkinanana! Tangtu, anu hirup dina sawangan kuring mah, kecap "paingan" anjeun teh bakal dipakaitkeun jeung sisi anu naregatifna. Tapi geuning buktina kalah diteruskeun kana alusna ramo.

Kuring hayang neuleuman, kumaha ari pamanggih anjeun kana dunya kuring, meungpeung aya jalan keur ngutarakeunana. Anu matak, kuring terus nanya:

"Panji seneng kana tari?"
"Seneng we, lah"
"Ih, teu tandes atuh, ari waleranana kitu mah," omong kuring. Saenyana mah make rada kuciwa barang ngadenge jajawaban anjeun kitu teh. "Teu seneng Panji mah, nya?"
"Naha bet nyarios kitu?" anjeun kalah malik nanya.
"Bongan teu serieus diajak ngobrolna ge."
"Raraosan mah serieus, da. Pan nembe ge disanggemkeun, seneng we, lah; komo ka penarina mah!"
"Ah!"

Pleng taya nu cacarita. Barang ngareret kana jam tembok, horeng geus ampir satengah dua. Tapi, pitunduheun asa jajarauh. Saenyana kuring ngarep-ngarep anjeun loba tatanya ngeunaan kahirupan kuring. Ngeunaan naon wae, ti mimiti urusan panggung tepi ka sual pribadi. Tapi jejer obrolan anjeun ukur subat-sabet kana hal-hal anu sipatna umum. Ari kahirupan kuring reujeung dunyana mah teu katodel-todel. Naha anjeun geus bisa ngarampa kahirupan kuring saenyana?

"Tos ampir janari geuning ieu teh," ceuk anjeun.
"Teras bade kumaha?"
"Bade wangsul we, ah."
"Har, bade nganggo naon? Moal aya kendaraanana oge. Ti dieu kedah mapah heula ka gerbang. Lumayan pan rada tebih. Teu acan engke teh kedah ngantosan lami. Leuheung upami aya taksi ngalangkung; da ari angkot mah paling oge kaluarna kasubuhnakeun."

Anjeun ngahuleng.

"Tapi ketang, teu langkung," omong kuring deui, anu saenyana mah nyungkun.
"Muhun atuh. Sawios masing kedah ngantosan di pintu gerbang oge," omong anjeun.

Ih, naha aya ku bedegong! Padahal naon hesena sare di dieu, da kamar mah geus nyampak. Mani kawas rek dikumahakeun wae!

Anjeun cengkat, laju permisi dumeh rek undur.

"Mangga atuh, Sarah ..."

Kuring ngan tiba males ku manggut. Katempo keneh waktu anjeun ngungkug sanggeus ngaliwatan panto pager.

                    ***
Lalaki aneh !

Kitu anu ditulis dina buku harian Sarah: Kemis, 2 November 1995.

"Lalaki saderhana. Lalaki siga Dustin Hoffman. Urang lembur. Teu boga gawe matuh, tapi pinter jeung loba kanyahona. Teu bisaeun ngarayu, tapi jujur. Kuring mimiti kataji ku anjeun. Ari anjeun kataji ku kuring, Panji?" *** (hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula