Tue, 22-05-2012
Munara Cahya

Kamulyaan Nisfu Sya'ban

Pintonkeun di FB

Ku Arif Nur Hakim

Lamun urang daek nitenan kana kahirupan dunya kiwari anu disanghareupan ku bangsa urang, tetela bangsa urang umumna can bisa hirup raharja. Naon sababna? Margi agama mung dijadikeun pajangan atanapi 'seremonial' wungkul. Agama nu kuduna jadi aturan garapan manusa teh, geuningan seueurna mah loba nu ngabalieurkeun. Iman jeung takwa henteu ieuh jadi ciciren kamusliman. Padahal Alloh Swt. parantos nandeskeun dina surat Al-Araf ayat 96 : Walao anna ahlal quuro aamanuu wattaqao lafatahna 'alaihim baarokatimminassama'i wal ardi, walakin kaddabu faahodnahum bimaa kaanu yaksibuun. Nu hartosna kieu : "Cacakan pangeusi eta nagri ariman sarta takwa, tanwande Kami maparin kurnia ka maranehna rupa-rupa berkah ti langit jeung bumi, tapi maranehna ngabohongkeun. Nya kami nibankeun siksaan ka maranehna alatan saniskara nu geus diusahakeun ku maranehna".

Jentre pisan, yen karaharjaan nu bakal dilungsurkeun ku Gusti Alloh ka urang teh, dumasar kana kaimanan sareng katakwaan. Kaimaman nu teu tiasa dipeser sareng ditawar, henteu mung cicing di jalma nu beunghar, oge henteu cicing di jalma masakin.

Nu sagala aya, bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah oge, kadang iman teh lain ngelehkeun hartabandana, tapi sabalikna, hartabandana kalah ngelehkeun kaimanan. Balukarna, nu jadi imam teh sanes agama tapi hartabanda. Agama jeung banda henteu dipiara nu samistina. Beungeut nyanghareup, ati mungkir saur paribasa mah. Resep ngailangkeun iman alatan virus hubuddunya.

Kitu deui, nu tuna harta, jalma fakir oge sami, kadang iman jeung takwa henteu jadi panggeuing, pangriksa kaayaan, tapi kalah nyered kana polah takabur jeung kufur.

Margi kitu, dina sasih ayeuna, sasih Sya'ban taun ayeuna, hayu urang nitenan deui kamulyaan sasih Sya'ban. Margi sasih Sya'ban kalebet sasih muhassabah, ngariksa diri kana naon nu parantos dilampahkeun ku urang. Naha amal urang teh ditampi ku Gusti Alloh atanapi dibendu?

Kaunggel dina hiji hadits, Rosul parantos ngadawuh, nu sanadna ti Mu'az bin Jabal nu kieu hartosna : Alloh Swt. mapagkeun ka sakumna mahlukNa dina peutingan Nisfu Sya'ban, mangka dihampura dosa sakabeh mahluk iwal jalma-jalma nu nyarekatan Alloh sareng jalma-jalma nu silih musuhan.  (H.R Ibnu Majah, at-Thabaroni dan Ibnu Hibban).

Nisfu Sya'ban

Ku kaagunganana Nisfu Sya'ban, Rosululloh kantos nyarioskeun, yen bulan Sya'ban bulan ka-8 tina hitungan bulan Qomariyah (Hijriah) teh, tapi loba pisan umat nu sok mopohokeunana. Nu maksud Rosulullah SAW, hikmah sareng kamulyaanana. Naon sababna umat sok mopohokeun? Masih saur Rosul, margi bulan Sya'ban ayana diantara bulan nu kaistimewaanana tos pada apal, nyaeta antara Rojab sareng Puasa. Bulan Rajab  margi aya Isra Mi'roj nu salilana dipieling, sedengkeun bulan Ramadon bulan diantos-antos kasumpinganana margi kalebetna bulan nu mulya sareng istimewa ti antara bulan-bulan sejenna. Istimewa atanapi kamulyaan bulan Sya'ban teh saleresna aya dina patengahanana, sahingga sok disebat Nisfu Sya'ban. Nisfu teh hartosna satengahna atanapi saperdua sedengkeun Sya'ban sakumaha disebat diluhur tadi bulan ka dalapan dina taun Hijriah. Jadi Nisfu Sya'ban upama sacara harfiyah hartosna poe atanapi peuting tengahna bulan Sya'ban, tanggal 15 Sya'ban. Kecap Sya'ban oge kalebetna istilah bahasa Arab nu asalna kecapna tina 'syi'ab' nu hartosna jalan di luhur gunung. Malihan numutkeun sapalih kamus mah, bulan ka dapalan dingaranan Sya'ban kumargi dina bulan ieu seueur jalan atanapi pituduh dina bebeneran. Sahingga dina peutingan Nisfu Sya'ban sok dimulyakeun ku kaum muslimin margi dipercaya bakal turun dua malaikat nu nyatet amalan urang sapopoena; Raqib sareng Atib, masrahkeun catetanana ka Gusti Alloh SWT. Sareng dina peuting eta catetan amalan urang teh bakal digentos deui kana lambaran nu anyar deui. 

Kitu deui dina praktek nyeueurkeun ibadah, Rosululloh SAW oge kantos ngadawuh nu diriwayatkeun ku Imam Bukhari Muslim ti Aisyah : lam yakunin Nabiyi sha mim yashumu aksara min sya'baana finnahu kaana yashumuhu kulluhu kaana yashumuhu illa qalilan. Maksad Aisyah dina riwayat ieu, yen Kangjeng Nabi Muhammad SAW teh paling seueur puasana dina bulan Sya'ban.

Lawang Tobat

Tangtos kanggo urang, kamulyaan Sya'ban teu kenging dimomorekeun. Margi lawang tobat bakal dibuka nu salebar-lebarna. Malahan Imam Al-Gozali, ngaistilahkeun deui peutingan Nisfu Sya'ban teh peutingna Syafaat, sabab dina peutingan ka-13 bulan Sya'ban Alloh SWT nurunkeun tilu syafaat ka hambana. Terus dina peutingan ka-14 na sakabeh syafaat eta diturunkeun sagemlengna, iwal ka sababaraha golongan nu moal meunang syafaat, nyaeta jalmi nu nyarekatan/musrik ka Alloh jeung jalma-jalma nu  silih musuhan, hese leupasna tina kamudorotan.

Dina peutingan Nisfu Sya'ban oge dicarioskeun deui nyaeta peutingna dikobulna du'a-dua. Imam Syafi'i dina kitabna 'Al-Umm' oge nyarioskeun: "Geus datang ka kuring, yen saestuna du'a teh bakal dikobul dina lima peutingan eta, nyaeta peutingan malem Jumaah, peutingan Poe Idul Adha, peutingan 'Idul Fitri, peutingan mimiti bulan Rojab jeung peutingan Nisfu Sya'ban."

Kaum muslimin wal muslimat, urang moal lila deui bakal lebet kana sasih saum, bulan puasa. Bulan dimana dosa-dosa bakal dihampura pikeun jalmi nu leres-leres ibadah puasana, man sooma romadona imanan wah tisaban gufirollohu maa taqoddama min danbih. Anapon kitu mah, atuh saking sucina bulan puasa, orang oge kedah midamel persiapan-persiapan ti samemehna. Seueur dicarioskeun, yen tina sasih Rojab sareng Sya'ban teh ibadah teh kacida mulyana pikeun persiapan bulan Puasa. Sakumaha nu kauninga, yen Bulan Rojab teh bulanna ditetepkeun solat lima waktu ngaliwatan Mu'jizat Isro Mi'rojna Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Kitu deui dina bulan Sya'ban wabil husus dina maleman Nisfu Sya'ban, kalebet kajadian di mana umat Islam digarentos deui lambaran atanapi catetan amalan urang di dunya. Malaikat Rokib sareng Atid oge dina maleman Nisfu Sya'ban bakal ngagentos deui lambaran catetan amal urang. Munasabah upama hambana hoyong pangampura-Na sareng Rahmat-Na, kedah nyeueurkeun dzikir sareng ngadu'a ka Alloh SWT.

Sabalikna, pikeun jalma nu papuket dina lampah dosa jeung syirik, tangtu moal meunang pangampura. Sakumaha saur katerangan tadi, 'moal meunang syafaat, nyaeta jalmi nu nyarekatan/musrik ka Alloh jeung jalma-jalma nu silih musuhan, hese leupasna tina kamudorotan.'

Jalma anu maksiat, anu doraka, jaga bakal narima "iqod" atawa "adzab". Eta dua kecap maksudna sarua, nyaeta siksaan. "Iqod" jeung akibat hartina sarua, ngan ari akibat mah hasil tina amal hade, sedengkeun "iqod" mah hasil tina amal jahat urang sorangan. Atawa leuwih eces lamun disebutkeun urang sorangan anu nyiksa maneh, sabab eta "iqod" teh apanan buah amal sorangan.

"Adzab" hartina lapar. Tegesna ninggalkeun dahar leueut. "Iqod"-na jadi rasa anu teu ngeunah, nyaeta lapar tea. Padahal geus nyampak bahan-bahan sangkan ulah kalaparan. Nyakitu deui anu disebut siksa teh, nyaeta bongan urang sorangan, da rasa lapar teh geus nyampak dina awak, tur ubarna geus nyampak dina ikhtiar. Ku kituna, jalma anu maksiat mah sarua jeung ngalaparkeun jiwana.

Kitu deui, jalma nu salawasna mumusuhan, eta oge sarua bakal ditutup tina lawang pangampura jeung syafaat. Tangtu, kacindekan kieu teh, upami dipatalikeun sareng mangsa kiwari, tos sakedahna urang ngariksa diri. Seueur pisan para tokoh nu ningalikeun mumusuhan, boh sarengsena urusan politik atawa masalah sosial. Silih dedetkeun, silih ngaragragkeun, fitenah jeung sajabangsana. Naha ieu teh tandaning ditutupkan barokah?

Salagi urang masih hirup jeung ngabogaan qolbu, hayu urang gancang-gancang baralik kana hak Alloh, kana papagon Alloh Swt. Sasih Sya'ban ayeuna, mangsana bangsa Indonesia kedah muhassabah, mangsana tobat sateuacan ditutup buku dina pertengahan (nisfu) sasih Sya'ban.

Naon deui nu jadi hahalang syafaat sareng pangampura Alloh teh? Dina salah sahiji katerangan, Ibn Ishak ngariwayatkeun ti Anas bin Malik, Rosululloh kantos nyaurkeun ka bojona Aisyah. "Hey Humaira, naon nu dilakukeun dina peuting ieu? Peuting ieu teh hiji peuting di mana Alloh nu Maha Agung bakal ngabebaskeun tina seuneu naraka pikeun hambana, iwal ka genep golongan manusa."

Golongan nu dimaksud Rosululloh SAW, nyaeta, kahiji, golongan nu sok nginum arak jeung sabangsana. Kadua, jalma-jalma nu ngahardik, ngahina, nyela, jahat ka indung bapana, Waqadha Rabbuka an La ta'buduu Illah Iyyahu wa bilwalidaini ihsanan (al-Isra: 17:23). Katilu, jalma-jalma nu ngawangun tempat ma'siat atawa zinah. Golongan saperti kieu dina peutingan Nisfu Sya'ban moal meunang 'itqum minannar' sabalikna maranehna bakal ditutup pangampura Alloh SWT.  Kaopat, para padagang nu licik, teu adil, dolim. Padagang nu sangeunahna naekeun harga.

Kalima, para patugas retribusi atawa cukey nu teu jujur. Kaasup patugas pajeg, patugas-patugas karcis jeung sajabana nu hianat, nilep, henteu disetor ka nu samistina. Jeung kagenep, golongan jalma-jalma tukang fitenah. Golongan ieu pagaweanana ngomongkeun batur, ngadu-ngadu, letah ngajebir lantaran omonganana mantak ngarugikeun batur alatan nu diomongkeunana fitenah wungkul.

Ku margi kitu, urang salawasna kedah muhassabatun nafsi, sapertos dzikir sareng milampah hade. Diriwayatkeun, "Dina hiji peuting Rosululloh ngadegkeun solat, teras sujud Rosul teh lila pisan, sahingga kuring (Aisyah) nyangka yen Rosulullah teh parantos dipundut ku Gusti. Terus kuring ngagerakkeun ramo-ramona tapi tetep aya gerak. Saparantosna Rosulullah rengse solat, Rosul naros: "Hey A'isyah, naha anjeun teu kenging bagian?". Teras kuring ngawaler: "Henteu ya Rosululloh, kuring mah mung ngemutan anjeun bilih aya naon-naon (nyangka Rosululloh teh geus dipundut) sabab anjeun sujudna lami pisan". Teras Rosul naros deui : "Naha terang, peutingan naon ari ayeuna?". "Rosululloh langkung uninga", waler Aisyah. "Peuting ieu teh peutingan nisfu Sya'ban, Alloh ngariksa hambana dina peuting ieu, mangka Alloh bakal ngahampura hamba-hambana nu tarobat, diturunkeun Rohman sareng Rohim-Na sareng bakal dijauhkeun tina jalma-jalma nu darengki. (H.R. Baihaqi). Mudah-mudahan urang salawasna kalebet jalmi-jalmi nu kenging rido sareng magfiroh Alloh Swt.*** Amin
 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Titin Bt Wahyudin ngomentaran:

Mugi mugi urang sadayana sing aya dina pitulung ALLOOH, malahmandar dipasihan kasempatan nu seueurrrr kanggo ngeusian sisa umur urang! aaamin! Nuuuhun