Galuring Gending (18)
Rasa panasaran anu jadi pangjurungna, pangna Sarah nincak deui gang heureut, anu brasna ka kamar kontrakan dipetak-petak. Asa tacan cacap maluruh saha-sahana, da karek apal ngaran jeung nu darareetna wungkul; mun dipapandekeun kana walungan mah karek semet ancrub kana babantar atawa erengna, sedeng leuwi nu liuhna tacan kakojayan, tacan kateuleuman.
Sajaba ti eta, asa aya nu leungit, asa aya nu copong; boa-boa geus aya anu kaiwat dina hatena. Cindekna mah, asa leungiteun, asa jadi simpe.
Kitu nu karandapan ku Sarah.
Ku tepungna jeung Panji, manehna bangun rek manggih pangeunteupan pikeun reureuh, bangun rek timu jeung pangbalikan sanggeus jauh pundung ngaberung.
Asa ku araraneh teuing, naha bet kaeunteupan ku rasa nu kawas kieu, ceuk Sarah dina hatena. Nincak poe ka opat, lima, nema kagenepna geus hese ditahan-tahan; mun dina bendungan mah geus teu saimbang antara rosana tanaga cai reujeung wewegna darmaga. Katujuhna mah nya brah bedah.
Anu matak, Sarah kacida hanjeluna, barang cunduk ka nu dijugjug, tetela jinisna suwung.
"Tos dua wengi ngendong di rumah sakit, nuguran ibuna nu nuju diopnameu," kitu ceuk katerangan tatangga sapangontrakanana.
Sarah ngan bati gegetun. Komo deui barang tambah katerangan, dina nyelangna mulang oge paling-paling kana isukan. Jauh-jauh panjang gagang, ari hasilna teu nyugemakeun pisan.
Susul wae kitu ka rumah sakit? Kolebat aya pikiran ka dinya. Tapi, ieu teh geus tabuh sabaraha? Tuh, geuning geus ampir magrib. Diganda gancangna oge, datang ka ditu teh kana wanci isa. Tacan deuih kudu nungguan heula kendaraan, da geus pasti wayah kieu mah angkot carang nu lowong. Kumaha mun ditelepon? Ah ketang, pamohalan! Kudu ka mana ngontakna? Piraku ari ngaliwatan heula resepsionis mah, da lain rek nelepon karyawan rumah sakit. Jadi, asa pamohalan mun bisa disambungkeun jeung jalma anu dipimaksud. Ceuk resepsionis teh meureun; "Teu pira ge rek nelepon ka anu keur tunggu, piraku kudu ngaliwatan fasilitas kantor!"
Pamustunganana mah kapaksa wae diisukkeun. Hanas sapeupeuting hese dibawa paler, Sarah kudu ngawayahnakeun maneh. Ari enggeus, rek kumaha deui, coba?
Besuk ka rumah sakit lain wayah, ah, teu jadi masalah. Sarah geus apal pisan, kudu ngaliwat ka lebah mana asupna, supaya teu dipariksa ku satpam. Dina ayana oge patugas anu nanya, cukup ku ngajawab: bade nepangan dokter anu, margi aya urusan kulawarga. Beres. Moal, moal terus papanjangan nanya; komo dibarung ku gidig nu yakin.
Sanggeus aya di jero kompleks rumah sakit, kakara manehna engeuh; kudu ngajugjug ka rohangan mana? Heuheuh, pan teu apal saha ngaranan anu keur di rawat teh, kitu deui naon kasakitna. Mun nanyakeun ka perawat oge, geus pasti kana pungak-pingukna. Rumah sakit teh kapan sakieu legana. Manasina ukur mapaykeun pasen di klinik.
Antukna mah ukur dilelebah, diteanganana ukur semet ku dikira-kira. Sugan wae diparengkeun panggih, ceuk dina hatena. Tapi, dina kabuktianana mah kalah kacape-cape. Karek neangan meunang dua rohangan ge geus meakkeun saparapat jam, da kudu dipapay ti ranjang ka ranjang.
"Mencari siapa, Neng?" di lebah gang aya nu nanya, sanggeus manehna ubek-ubekan. Kawasna nu nanya geus bisa maca kana pasemon jalma nu keur kuar-kier barangteangan.
Ku Sarah dilieuk. Breh, awewe tengah tuwuh make seragam, tapi sidik lain kostim suster; mun lain bagian dapur, pastina oge nu sok purah nyeuseuh atawa beberesih.
"Milarian ibuna ... rerencangan," tembalna ku Sunda; sabab nu nanya beda lentongna, najan ungkara kalimahna basa Indonesia ge. Lebah ngalisankeun kecap "rerencangan" make jeung ngalenyap sagala.
"Nuju di rawat di dieu?"
"Muhun."
"Namina saha?"
"Aduh, hilap deui, Bu ...."
"Dupi kasawatna naon? Manawi wae tiasa enggal kapapay tempat diopnameuna," omong si ibu, bangun anu hayang mantuan.
Sarah ngahuleng. Heueuh, ari kasakitna naon, nya? Darah tinggi, liver, tumor, atawa naon? Ngan nu pasti mah kana geus kolot indungna Panji teh. Dumadakan manehna manggih akal. Kudu kieu geura, ceuk pamikirna, bari terus ngodok duit lima rebuan, salambar. Song diasongkeun ka si ibu.
"Pami ku Ibu mah moal matak sesah mapaykeunana geura, da padamel di dieu ieuh. Pangmilariankeun ibuna Panji."
"Panji nya, Neng, nami putrana teh?" kalah malik nanya, tapi ari duit mah teu burung ditampanan. "Eneng mah antosan wae di dieu, nya! Keun ku abdi bade dipangmilariankeun," bari terus ngingkig.
Ari ku manukna mah teu kungsi sapuluh menit, sapuluh menit acan; langsung wae aya katerangan: di rohangan anu, kamar nomer sakitu. Mun diubek kusorangan mah, tacan puguh bakal kapanggih tabuh sapuluh.
Na da etah bungahna Sarah; asa manggih naon mah!
Teu nyalahan. Karek ge manehna nyurungkeun panto, Panji kajeueung keur diuk dina tunjangeun nu gering.
"Apa, nepangkeun ieu ... rerencangan; Sarah," minangkana mah ngawanohkeun.
Tuh nya, manehna ge ka aing teh nyebutna "rerencangan".
Sarah dibageakeun kalawan darehdeh. Ku manehna ditengetan; sajaba ti nu disebut "Apa", di dinya teh aya awewe jeung barudak duaan.
"Tah ieu istrina pun lanceuk; Ceu Hayati," ceuk Panji. "Ieu putra-putrana."
"Geuning Eneng uninga ka dieu?" bapana Panji nanya.
"Sumuhun."
Geus nincak kagenep poena, cenah, diopnameuna teh. Anu kapapancenan tungguna sok bagilir, belaan ngangkir anu ti lembur, da ari anu matuh di Bandung mah ngan ukur Panji wungkul.
"Tapi, nya kitu ieu teh, Eneng, keukeuh wae hoyongeun wangsul."
"Tuda geus teu betah, Apa," nu gering gancang nempas.
"Ih, ari Mimih! Nya saha nu rek betah atuh. Manasina nginep di hotel; kapan ieu mah rumah sakit."
"Tos diwidian ku dokter, tapina?"
"Nya ari maksa-maksa teuing bade wangsul mah," Ceu Hayati mangnembalankeun. "Asal upami tos di rorompok ulah dugi ka elat kontrol."
"Babari atuh rek kontrol mah, Nyai, kari ka puskesmas," deui-deui nu gering nempas.
"Muhun atuh, Mimih."
"Enji tebus heula kaituh ubarna!"
Waktu Panji rek ingkah ti kamar, bapana nanya heula, "Aya keneh keur nebusna?"
"Aya, Pa," tembalna. "Sarah, dikantun heula!"
Nu boga hadas ngajawabna ku unggeuk.
"Janten, bade iraha atuh mulihna?" Sarah nanya.
"Hoyong dinten ieu keneh," jawab nu gering, mani keukeuh.
"Ih, kapan mobilna ge tacan bener!" bapana Panji rada ngagebes, dumeh kekecapan Mimih bangun nu geus teu sabar pisan. "Wayahna urang dagoan heula tepi ka isuk. Mun isuk tacan bener keneh, keun urang ngaborong."
"Teu pupuguh mobil teh kalah ruksak. Eta tuda tadina hayoh wae dipeleter, dipake ider-ideran. Ari lagu rek digunakeun anu sakieu pentingna, jadi nombro."
"Ah, Mimih, eta mah tos dugi ka waktosna reksak we," omong minantuna.
"Atuh upami bade mulih ayeuna mah, wios abdi bade ngusahakeun kendaraanana," Sarah ujug-ujug nyelengkeung.
"Eneng nyandak kendaraan?" nu gering nanya mani giak.
"Henteu ari ayeuna ngabantun mah, mung aya," tembalna. Teu hese ieuh atuh mun butuh mobil mah, masing rek butuh dua ge, kari nelepon ka rental langganan, ceuk pamikir Sarah.
"Ah, entong, Eneng! Atuh engke nyesahkeun, mangkaning lalakon ka lembur Apa teh tebih. Wios bade enjing wae, da mobil gaduh Apa ge kana rengse ieuh di bengkelna."
"Kumaha mun onderdilna keur teu nyampak di toko?" omong nu gering deui. Mani katara pisan hayang geura balikna teh.
"Kapan bade ngaborong saur Apa ge, nembe," Ceu Hayati mangnembalankeun.
"Ngaborong soteh ari keur kabeneran aya nu kosong. Ari keur laloba muatan mah ka lembur urang baroraah aya mobil nganggur."
"Wios atuh abdi bade nelepon heula, supados mobilna dianteurkeun ka dieu," omong Sarah. Mun diantep sina terus pacental-cental mah moal pihadeeun. Karunya ka nu hayangeun balik, mani sakitu merenyengna. Mun teu digugu teh bisi aya matakna. Kasebut tatamba bari geus teu betah tea, lain matak mawa cageur.
Sabot Sarah ngaleos, Panji asup ka kamar bari ngagigiwing ubar dina kantong pelastik.
"Enji, geura beresan wae kuitansina kaituh!" omong bapana.
"Har, naha cios mulih ayeuna, kitu? Kapan bade enjing," ceuk manehna, rada kaget.
"Enya. Da ieu Mimihna mani teu beunang pisan dipondah," tembalna. "Si Eneng keur nyokot heula mobilna, tulusna mah."
Panji ngahuleng. Rek balik make mobil Sarah? Har, naha bet jadi kieu? Era atuh, da eta teh jelema karek ge wawuh. Dina hate leutikna Panji ngarasa kurang panuju. Tapi, rek kumaha deui? Kapan geus jadi putusan sarerea, iwal manehna, yen Mimih rek balik poe ieu keneh.
"Asa isin pisan abdi teh, pami dugi ka ditambutan mobil sagala," kitu pokna, waktu kijang geus ngajugrug di tempat parkir.
"Heup tong diteraskeun!" Sarah ngahuit, bari ngantelkeun curuk kana biwirna. "Tuh geuning, tos ka darieu! Enggal bebenah heula ku Panji!"
Sajeroning ngatur nu rek dariuk teh, pikiran Panji masih keneh teu pararuguh. Manehna keukeuh ngarasa era ku turun tanganna Sarah kana urusan kulawargana teh. Bisa jadi moal era-era teuing mun jeung nu geus loma mah. Ari ieu, heueuh, kapan panggih ge karek katilu kalina.
Waktu mobil geus kaluar ti palataran parkir oge, Panji leuwih remen ngahulengna. Manehna diuk di hareup, gigireun Sarah. Mimih di jok tengah, dihapit ku Apa jeung Ceu Hayati. Ari di jok tukang alo-alona.
"Antosan sakedap we, nya," omong Sarah, laju ngeureunkeun mobilna di palataran toserba, samemeh asup ka jalan tol.
Sarah ngungkug bangun rusuh, muru loket ATM. Tuh geuning, katempo asup kana antrian; untungna teh teu panjang.
"Di mana ari si Eneng teh digawena, Enji?" bapana nanya.
"Eu ... swasta, Pa ...," tembalna rada arap-ap, eureup-eup, dumeh teu nyangka bakal ditanya kitu.
"Di bank, atawa pemborong, Enji?" dahuanan milu nembrong. Enya, apalna kana pagawe swasta teh ukur semet bank jeung pemborong.
Panji api-api teu ngadenge, kalah terus capa-cipi kana pesakna, bangun aya nu diteangan. "Abdi mah seepeun roko, yeuh. Bade meser heula. Apa kagungan keneh?" pokna. Nyarita kitu soteh lain butuh-butuh teuing roko, ngan ieu mah hayang nyingkah heula we, bisi bapana terus tetelepek perkara Sarah.
"Aya keneh Apa mah. Jeung barina oge ududna asa teu ngeunah. Eta meureun balas kurang sare," tembal bapana.
"Mang Enji, abdi nitip es krim!" alona ngajorowok.
"Abdi deuih, Mang Enji!" ceuk nu saurang deui.
"Ah, silaing mah, mani asa dijalanan! Meunggeus tong jarajan wae!"
"Tuda haus, Pa Aki," tembalna.
"Enya, heug lah," tembal emangna bari terus ngaleos.
Kaluar ti toko, Panji nyampeurkeun tempat mesin ATM. Sarah karek rengse pisan nyokot duit. Basa ngalengkah ka luar oge, masih keneh dikeukeupeul, tacan disakuan. Kareret dua puluh rebuan wungkul; teuing sabaraha welas (boa puluh) lambar.
"Asa isin, keukeuh abdi mah, Sarah," pokna.
"Isin? Kawas nu dibubulucun wae. Isin ku saha?"
Panji teu nembal, kalah neuteup anteb pisan; bangun anu hayang ngedalkeun kereteg angen saloba-lobana, tapi kapengkek ku kabingbang dirina sorangan.
***
Era ku dua, ku tilu kuring teh tangtuna ge, Sarah! Era ku anjeun; eta mah geus pasti. Kapan urang wawuh teh tacan lila, bisa diitung ku bilangan poe, bari moal meakkeun ramo sapuluh. Tapi dina kabuktianana, kuring geus kahutangan budi. Era ku kolot jeung ku dulur sorangan deuih, sabab geus pasti bakal nganggap jeung nempatkeun anjeun henteu ngan sawates babaturan kuring wungkul, tapi leuwih jauh ti kitu. Eta geura ngabandungan Apa, mani sakitu akuan jeung darehdehna. Padahal ka mantuna mah tara kitu-kitu teuing, sakumaha balageur jeung bumelana oge. Asa tacan kungsi Apa ngakuna ka semah mani popohoan kawas ka anjeun. Geuning belaan kukucuprakan nyusug gurame, ngalana ge nu pangbadagna, bakat ku hayang nyukakeun anjeun. Teu mustahil, mun disawangna ku pikiran anu cupet mah, sikep Apa kitu teh matak jadi bahan pasirikan pamajikan Kang Parman atawa Kang Obing. Tah, eta engkena sok sieun ngepek ka kuring. Kuring tacan bisa nyindekkeun; naon pangna Apa ka anjeun sakitu ngugung-ngugungna. Naha pedah pamolah anjeun dianggap pikayungyuneun, atawa pedah boga rupa anu punjul ti batan minantu Apa lianna? Atawa mungkin wae pedah anjeun sakitu gumebyarna, hurung nangtung siang leumpang, matak serab nu nenjo; anu pikeun kulawarga kuring mah ukur semet jadi panyileukan? Anu pangreuwasna pisan mah, basa Mimih ngaharewos, "Ayeuna mah jeung Si Eneng eta Enji teh? Sukur atuh."
Aduh!
Lain teu hayang kuring nyarita satarabasna; yen kuring wawuh ka anjeun teh anyar keneh, yen kuring tacan apal saha anjeun anu sabenerna, yen antara kuring jeung anjeun aya jungkrang nu lungkawing kacida, tur tacan kasawang lebah mana aya picukangeunana. Tapi kuring yakin, katerangan kuring hamo dipercaya, atawa ukur dianggap bebenjon.
Najan taya niat nyalahkeun, kuring asa manghanjakalkeun dumeh anjeun geus ngalengkah kana jero buleudan kulawarga kuring, bari ka kuringna sorangan teu kungsi mere heula tangara. Akuanana Apa ka anjeun, darehdehna lanceuk-lenceuk kuring ka anjeun, saenyana pikeun kuring pribadi mah asa jadi bangbaluh.
Eta ge aya pikiran sejen, mending enggeus wae kitu kuring ulah hayang panggih deui jeung anjeun? Kahiji, sangkan harepan ti kulawarga kuring tong tulus mumbulna. Kadua, sangkan kuring lesot tina bangbaluh, sabab sanghareupaneun masih keneh ngemplad panjang.
Haben ditimbang-timbang, kumaha untung-rugina, kumaha pibalukareunana, mun kuring balik deui kana posisi samemeh tepung jeung anjeun. Dunya kuring ulah di deukeutan anjeun, sabab teu katembong aya pimaslahateunana; boh keur kuring, boh keur anjeun. Enya, kapan kuring teh keur mimiti museurkeun perhatian kana garapan anu kawilang lega, ulah ngan ukur saguliwek diri pribadi wungkul. Kahirupan kuring kudu aya hartina keur kamaslahatan balarea. Kuring hayang pipilueun mere sumbangan sasieureun-sabeuyeureun pikeun kamajuan ieu bangsa, mun ceuk legegna tea mah. Tangtu wae dina prakna mah bakal diluyukeun jeung pamadegan sorangan anu geus diukur jeung didadasaran ku hiji cita-cita; itu tuh nu hayang dituju teh!
***
Asa aneh puguh ge, ngabandungan paroman jeung sikep anjeun bangun anu ngungun. Naha pedah indung keur gering, kitu? Anjeun bangun nu hoream cacarita; lain wae jeung kuring, tapi deuih jeung dulur-dulur anjeun ge kitu. Anjeun kawas nu keur sasalingkeran, teu daek maurkeun maneh kana riungan kulawarga anjeun sorangan. Aya naon saenyana, Panji?
Najan karek tepung munggaran, kulawarga anjeun ngakuna ka kuring geus henteu asa teu jiga. Ti indung-bapa anjeun, ti dulur-dulur anjeun, kuring loba meunang katerangan ngeunaan anjeun. Bari teu kudu loba tetelepek oge, maranehna terus ngagorah. Nya harita kuring apal; yen anjeun teh anak bungsu, yen anjeun teh harepan Apa, yen anjeun teh jadi kareueus kulawarga. Lebah nyaritakeun yen anjeun calakan ti keur budakna keneh, kuring langsung ngaheueuhan; heueuh, kapan geus kabandungan kumaha pertengtangna anjeun nyarita dina forum, sok sanajan anu dipedar harita loba pisan anu teu ngartina pikeun kuring mah.
Pokona mah najan ukur jam-jaman, tapi sajeroning aya di lingkungan kulawarga anjeun teh, kuring manggih kabetah. Tah, eta kabetah geus lawas pisan leungit tina diri kuring. Ketang, aya eta ge anu rada ngaganggu mah; sajaba ti anjeun nu leuwih loba jempe, aya salah saurang lanceuk anjeun anu rada kerep keletna, padahal boh pamolah boh dangdanan kuring asa ilahar pisan; erok ga ngahaja make nu panjang, kitu deui ka luhurna lain kaos anu ngaleupeut sarapet awak, lipstikna henteu milih warna sensual. Kelet jeung rindat lalaki, memang keur kuring mah geus teu matak aneh deui. Ngan sabab harita kuringna keur aya di jero lingkungan kulawarga anjeun, karasana rada ngaganggu. Tapi gancang wae dibangbalerkeun; kitu soteh meureun pedah jeung nu karek tepung, ceuk hate.
Kolot jeung lanceuk-lanceuk anjeun keukeuh ninitah sangkan kuring meuting. Geuning basana oge, "Hoyong kaendongan ku Eneng sawengi wae mah." Tapi kuring teu bisa nedunan. Lain pedah teu betah atawa adigung, meureun mani kena-kena meuting di kampung, ngan kumaha tuda teu mawa salin-salin acan, bongan inditna mani ngadadak pisan.
Pasosorena kuring amitan. Anjeun "kabahankeun" deui ka Bandung, da meureun piraku mun kuring kudu balik sosoranganan mah, jaba harita teh geus ampir sareupna.
Sajeroning nyorang lalampahan keurna mulang oge, obrolan urang ukur subat-sabit kana anu arenteng-raringan; ukur obrolan sapopoe anu teu kudu dipikir teleb, tur dina ngedalkeunana tanpa dibeuweung-diutahkeun heula. Lain teu hayang neruskeun paadu lawung, nyungsi simpay nu bisa silisambungkeun rasa, ngan kuring ngaragangan, sabab dina mobil teh lain ngan ukur urang paduduaan. Dina jok tengah aya baraya anjeun nu milu, lantaran isukna rek aya uruskeuneun sual besluit anu kudu ditotog langsung ka Bandung.
Angkanan teh, henteu di jalan oge, atuh sugan engke sanggeus cunduk ka Bandung, urang boga waktu laluasa pikeun cacarita. Tah, da ngan ukur ahayang cacarita wungkul, kuring ka anjeun teh, Panji; sugan wae bangbaluh batin rada longsong.
Ngan hanjakal; karek oge cunduk ka imah kuring, anjeun kalah terus amitan deui. Atuh kuring ukur bisa ceuleumeut. *** (hanca)