H. Sudirman: Sumanget Juang Ulah Kakotoran Pulitik
Genep puluh opat taun Indonesia merdeka. Salila eta bangsa urang nangtukeun nasibna sorangan. Hirup bebas, teu katalikung batur. Ngan, kumaha kaayaan kahirupan masarakat urang kiwari? Kumaha ceuk veteran perang kamerdekaan? H. Sudirman, pajuang perang kemerdekaan netelakeun pamanggihna.
***
Heabna mieling poe kamerdekaan karasa di mana-mana. Umbul-umbul jeung bandera paragpag hareupeun imah jeung kantor-kantor. Tandaning rasa sukur, bebas tina kungkungan deungeun. Hirup bebas. Lugina, bisa nangtukeun nasib sorangan. Tapi, mamanis kamerdekaan nu kungsi jadi angen-angen mangsa baheula, can jadi cukang lantaran kahontalna karaharjaan masarakat. Nu miskin loba keneh pisan. Nyampak, prah di mana-mana.
Rupa-rupa tarekah ngungkulan kamiskinan tembong di mana-mana. Diupayakeun ku saban pihak. Tapi, tarekah ngurangan bangbaluh hirup kawas kitu, mindeng kateug di satengahing jalan. Balukarna, loba keneh masarakat nu ngarasa seuseut dina nyumponan pangabutuh sapopoena. "Matak sedih! Genep puluh opat taun urang merdeka, kaayaan kieu keneh," ceuk H. Sudirman, Ketua Legiun Veteran RI Kota Bandung ka MANGLE Sawatara waktu ka tukang. Ngobrol teh di kantorna di Jalan Aceh No. 4 Bandung.
Dina mangsa nyantek kana mieling poe kamerdekaan, Legiun Veteran RI ngayakeun rupa-rupa kagiatan, kaasup apel 17 Agustus diburuan kantor. Geder sumanget anggota veteran pajuang kamerdekaan teu kungsi sirna. Najan umur tunggang gunung, sumangetna mah ngagedur keneh.
Ngabandungan kamiskinan nu hese diungkulan, memang matak tugenah. Komo deui keur nu milu marajian medalna nagara, kawas H. Sudirman, asa teu mikeun upama rahayat loba keneh nu sangsara. "Ayeuna, loba nu mikir tapi teu eling, loba nu eling tapi teu mikir," pokna. Buktinna, ceuk ieu teureuh Yogyakarta teh, loba nu capetang cumarita, tapi teu puguh prakna. Catur tanpa bukur. Ngomong ka mana karep, kawas nu teu eling. Sabalikna, loba nu mikir tapi teu bisa ngalarapkeun hasil pikiranana!
Sumanget Juang
Karaharjaan, memang udagan balarea. Atuh sabalikna, kasangsaraan, memang lain kahayang. Sarerea butuh nyumponan pangan, sandang, jeung papan. Kabutuhan dasar saperti kitu, lain nu pamohalan gampang kacumponan. Kitu teh, asal tarekah nyumponan pangabutuh kitu ditataharkeun kalayan daria. "Tapi, nu leuwih penting, masing-masing pihak boga sumanget juang leuwih maju dibarung ku rasa nyaah ka sasama," pokna.
Lebah kanyaah, nu dina kacapangan silih asah silih asih silih asuh, ceuk Sudirman geus luntur pisan. Nu kasaksen, silih pepehek, silih salahkeun. "Pajuang ulah pipilueun nyalahkeun batur," pokna deui.
H. Sudirman engeuh kacida, veteran teh geus cueut ka hareup. Mun dina lumampah mah, geus aya di statsion, kari nganti kareta api nu rek mawa. "Tapi, sumanget juang ulah pareum!" pokna semu ngumbar panineungan.
Mingkin dieu jumlah veteran mingkin saeutik. Sabaraha urang deui veteran nu kacataet aya keneh di kieuna di kota Bandung? H. Sudirman teu bisa nyebutkeun kalayan pasti. Ukuran jumlah veteran mah lain bulan, komo deui taun, da nilik kana umurna ge geus sakitu sarepuhna, rata-rata geus dalapan puluh taun ka luhur. Jumlah sakota Bandung, ceuk ieu pangurus legiun veteran teh, kurang leuwih 200 urang deui. "Dipiharep dina sesa-sesa lalampahanana di pawenangan, veteran tetep mere sumanget jeung andil dina kahirupan kamasarakatan," pokna tandes naker. Najan suda ku tanaga, cenah, masih keneh aya nu bisa dipilampah. Tetep sumanget, tetep nepakeun katuladanan!
Geusan neruskeun lalampahan jeung sumanget juang, para veteran teh boga turunan, Pemuda Panca Marga (PPM), organsiasi putra-putri pajuang RI. Eta organisasi, ceuk H. Sudirman dipiharep boga tekad jeung kadaek dina neruskeun perjuangan kolot-kolotna.
Lian ti eta, aya deui Badan Pembudayaan Kejuangan (BPK) 45. Eta oge organisasi nu dipiharep bisa neruskeun ajen-inajen para pajuang. Di ieu organisasi, H. Sudirman kapapancenan jadi Ketua Harian, da nu jadi Ketua BPK mah H. Dada Rosada, Wali Kota Bandung.
Sumanget juang misti natrat nepi ka kiwari. Kudu lana manjangkeun lalakon. Ari nu neruskeunana, bisa saha wae, asal boga karep jeung tekad keur kapentingan balarea. Kitu ceuk H. Sudirman.
Lian ti eta, pajuang ge kudu tetep boga harega diri. Kudu tetep ngarasa boga ajen. "Mun dianggap runtah ge, lain runtah samanea, tapi runtah nuklir," pokna sumenget naker.
Jiwa juang, kudu tetep ngabebela. Kudu nyalira dina masing-masing pribadi pajuang. "Kudu tetep miara sumanget kalayan dibarengan ku hirup basajan," pokna mesem. Lebah nyebutkeun basajan atawa sederhana, ieu pajuang nu lahir taun 1928 teh semu-semu mesem. Kituna teh sabab apal, kangaranan veteran (iwal ti nu kungsi jadi pajabat --rump.) jauh kana bisa disebut raharja upama ukuranana kabutuhan sapopoe. Umumna, keur nyumponan sapopoe teh ukur tina ngandelkeun tunjangan pangsiun nu lolobana mah sahandapeun sajuta rupia sabulan!
Upama H. Sudirman boga karep mageuhan patekadan jiwa juang para veteran, lain hartina teu engeuh kana kahirupan kulawarga pajuang. Pa Haji ge apal pisan loba kulawarga pajuang nu hirupna teu jeung huripna. Kituna teh, lantaran keur ngorana, para veteran teu bisa nyuprih elmu di bangku sakola. Balukarna, kamampuhanana ge kawatesanan. "Balukarna, seueur kulawarga veteran nu hirupna walurat," pokna
Dina riungan H. Sudirman remen ngingetan, para anggota veteran kudu eling kana purwadaksina. Kudu tetep nagen dina pamianganana. Bajuang teh teu karana pamrih. Estu clik putih clak herang, nganteur panggilan jiwa, bajuang keur sasama. "Upama aya anggota veteran nu humandeuar lantaran ngarasa teu dipalire ku pihak sejen, bawirasa, bakal ngurangan ajen perjuangan nu kungsi dikorbankeun," pokna.
Geusan ngajaga sumanget para veteran, sangkan teu luntur ku usum teu laas ku jaman, pangurus veteran Kota Bandung, mah biasa ngayakeun silaturahmi. Biasana patepung lawung teh poe Jumaah, sakalian Jumaahan di aula kantor nu aya di lantey dua. H. Sudirman ge sok kapapancenan jadi hotib. Pedaranana, ngingetan laku hirup nu geus cueut ka harep bari tetep ngelingan sangkan sumanget pangorbanan teu kungsi sirna tina masing-masing pribadi pajuang. "Pajuang lir ibarat aki, pamarentah lir ibarat anak, rayat lir ibarat incu," pokna. Maksudna, saha nu teu nyaah ka incu? Mun bapa atawa indungna salah ngurus barudak, aki boga kawajiban mepelingan ka indung atawa ka bapa si eta budak.
Veteran teh aki. Kitu apan kekecapanana ge. Matak, cenah, kalungguhan veteran mah kudu bisa jadi nu ngajaga tur ngariksa kaayaan masarakat. "Sabalikna, mahing pisan dimangpaatkeun keur kapentingan politik," pokna.
Memang, ceuk H. Sudirman, dina mangsa pilihan kepala daerah, dina mangsa pilihan umum, loba pihak nu hayang ngamangpaatkeun veteran. Tapi, karep pihak-pihak nu hayang ngamangpaatkeun teh tara 'dilayanan'. "Mung ari sikep pribadi mah, mangga teh teuing," pokna nambahkeun.
Lain Ukur Ngomong
Upama H. Sudirman pasehat naker dina nyaritakeun sual perjuangan, memang di dinya icikibungna. Waktu umurna genep welas taun, geus mimilu bajuang. Harita teh di Bandung, lantaran sepuhna ge bajuang ngalawan Walanda. Getih kawani nu nyaliara dina dirina, terus natrat nepi ka kiwari. Ngan, upama harita boga kawani milu perang, naon 'jampena'? "Pun bapa teu weleh mere sumanget, kudu gede kawani jeung ngarasa bisa," pokna. Najan can bisa kumaha ngagunakeun bedil, Sudirman wani makena. Nu penting boga kawani jeung ngarasa bisa.
Satutas mare pancen ngusir pihak nu ngajajah, H. Sudirman jadi tentara. Ngan, teu lana, ukur nepi ka taun 1957. Inyana menta eureun. Kitu teh, deui-deui lantaran nurut kana papatah kolotna. "Bajuang ngusir penjajah geus rengse, mending eureun. Mun rek usaha mah mending dina widang sejen," pokna merhatikeun kekecapan sepuhna. Pangkat Sudirman, Sersan Mayor!. "Mung da teu gaduh pangsiun tina tentara mah. Gaduh soteh tina veteran pajuang kamerdekaan," pokna mesem.
Najan geus teu dines, ari kana kagiatan nu tumali jeung perjuangan mah teu tuna. Kituna teh natrat nepi ka kiwari. Dina umur nincak 81 taun, H. Sudirman icikibung dina rupa-rupa organisasi perjuangan, saperti Legiun Veteran Republik Indonesia (LVRI) Badan Pembudayaan Kejuangan (BPK) '45, jeung Forum Komunikasi Keluarga Besar Siliwangi.
Apal kana enas-enasna perjuangan, palias elmu ajug. Keur H. Sudirman, piraku ukur dina lalambe. Upama ngajak batur mageuhan patekadanana, keur diri jeung kulawargana mah piraku ukur bisa ngajak. "Nu penting pajuang mah ulah mentingkeun diri pribadi," pokna.
Tujuan bajuang, ngabebaskeun rahayat tina kungkungan nu ngajajah, hayang nganteurkeun rahayat kana karaharjaan. Upama kabuktian, jauh jeung kanyataan, pajuang ge ulah ngarasa tingtrim ku kaayaan kiwari. "Tapi, sanes hartosna kedah mentingkeun diri pribadi," pokna.
Caritaanana kitu, memang lain ukur papaes carita. Dibuktikeun dina kanyataan. Ngarah teu jadi pasirikan nu sejen, taya saurang oge ti putra-putrana nu limaan jadi tentara atawa jadi pagawe nagri. "Mending ge motekar sorangan, ngarah teu jadi pasirikan batur," pokna.
H. Sudirman mahing pisan kecap 'kena-kena'. Bisi majarkeun kena-kena anak veteran, bisa gampang digawe di pamarentah. Bisi kena-kena anak veteran, bisa jadi pangkat. "Tah, kekecapan kitu ti batur teh kedah dipahing," pokna.*** (Dedas/Ensa)