Tue, 22-05-2012
Carkrim

Harewos Nini Paraji (Bag. 1)

Pintonkeun di FB

"Layon Bayi Pipir Imah Paraji."  Kitu judul warta koran  kaca kahiji. Yuda mesem. Naha  make kecap bayi, naha henteu orok? Gerentesna. Sret,  kecap bayi digurat handapna, luhureunana ditulis kecap orok.Ceuk pikirna, leuwih merenah keneh make kecap orok da bayi mah karasana kamalayon! Pedah ngudag engang panungtung kecap saterusna sangkan murwakanti, kitu? Padahal, ceuk Yuda, make kecap orok ge moal burung ngalegena, luyu jeung sora panungtung kecap samemehna.

Geus aya kana samingguna, Yuda nitenan kekecapan judul koran. Butuh data keur bahan ceramah ngeunaan basa jurnalistik dina media massa. Manehna kapapancenan  jadi nara sumber dina palatihan nulis keur barudak SMA.

Tret Yuda nulis dina notes. Ngomentaran eta kekecapan. Nyabit-nyabit pupuh, guru lagu jeung guru wilangan sagala.  "Sakapeung, pupuh mah ngorbankeun wangun jeung jumlah engang kecap demi ngudag guru lagu jeung guru wilangan," Kitu ceuk catetanana.

Memeh ngilikan kaca sejen, Yuda ngaleret ka handapeun judul eta tulisan. Dina intro kabaca ngaran lembur jeung jalma-jalma nu keur dirina mah moal bireuk deui. Pasir Loa, Suku Gunung Manglayang, apan lemburna. Ratna, Somad, jeung  Atit, ngaran-ngaran nu nu akrab pisan jeung dedengeanana. Eta tempat, lemburna pisan. Enya, moal salah deui da sakanyahona, Pasir Loa nu ayana di tutugan suku Gunung Manglayang mah lemburna. Leuwih eces deui,  ngaran-ngaran nu kasabit teh, lain si itu si eta keur Yuda mah. Manehna biasa nyebut Nini Ratna, Kang Somad, jeung Ceu Atit. Nini Ratna, nini kukutna, paraji sohor di lemburna mah. Ari Kang Somad, tatanggana pisan, imahna pahareup-hareup jeung imah Ma Yati, kolot Yuda, lebakeun imah Nini Ratna. Ari  Ceu Atit, dahuan Kang Somad, sasat baraya manehna, najan geus laer ge.

Yuda ngimeutan deui eta warta. Dilelekan, kawas sieun aya nu kaliwat. Warta nu ngan ukur dua kolom kalayan panjangna 12 centi teh, ahirna nonjok kana mamaras rasana. Meg mentegeg! Percaya teu percaya. "Piraku Nini Ratna nepi ka kitu!" ceuk pikirna.

Yuda tuturubun ti apartemenna. Tina lantey opat ka handap teh sakolepat naker. Ngalengkahna ge heuleut sahambal-sahambal. Tangga salantey nu jumlahna dua belas tahapan ukur genep lengkaheun bakating ku hayang geura nepi  ka nu dituju. Muru  Yaomil, sobatna nu kamarna  handapeun kamar manehna.

Yuda langsung ngoreleng ka gigir ka lebah jandela, da kaciri jandela teh muka, bari ti lebah dinya kadenge haleuang lagu wirahma country nu sohor sapuluh taun ka tukang.

Yuda jeung Yaomil, loba nu sakaresep. Resep olah raga. Resep catur,  resep badbinton, jeung resep  lalaguan klasik. Matak, mun kaparengan keur nyalse, remen babarengan silih anteur kapereluan.

Trok-trok Yuda  ngetrokan kaca jandela. Nu keur nundutan curinghak.

"Tah, baca, Mil!" pokna.
"Aya naon?"
"Tah ilikan nu dicirian!"
"Ah, naon anehna. Biasa atuh nu miceun orok mah!" pokna teu weleh mesem.
"Lain kitu. Pek terus baca. Nini Ratna kabaud deui, " sora Yuda narikan semu nyentak.
"Wah, ma enya?"
"Matak ge baca sing bener!"

Yuda jeung Yaomil teh sa-SMA. Keur kuliah sauniversitas. Ngan, beda jurusan. Yaomil mah Fakultas Hukum, ari Yuda  Fikom, jurusan Jurnalistik. Yaomil mah da terus kuliah, geus taman S-2,  ngadosenan, ngajarkeun mata kuliah Krimonologi. Yuda mah jadi wartawan.

Yaomil apaleun pisan ka Nini Ratna. Mindeng ulin ka lembur eta paraji. Malah bareto, mun keur libur kalayan nyalse, sok ngahaja mondok di Ma Ratna lantaran diajakan Yuda.

Nini Ratna, keur Yuda lain si itu si eta, tapi geus asa ka nini sorangan. Ma Yati, indung Yuda.  dianggap anak ku Nini Ratna. Yuda ge asa ka nini teges ka Nini Ratna teh.

Ka dieunakeun Yuda arang ka lembur. Malum riweuh.  Najan can boga budak, geus rumah tanagga aya kana dua taunna. Yaaomil mah geus batian, lalaki umur sataun.

"Telepon atuh Silmi! Tanyakeun sing jinek."
"Nyeta mail box."
Silmi teh adi Yuda. Dua bulan ka tukang, kakara tamat SMA. Cenah, hayang nuluykeun sakola ka Kabidanan. Silmi ge mindeng mondok di Nini Ratna mun isukna pere sakola mah.
"Cing cobaan deui telepon ayeuna!" Yaomil semu maksa.
"Sok atuh pecakan ku di dinya!"

Yaomil  mencetan nomer telepon.

"Tah geuning nyambung."
"Sil tadi Kang Yuda nelepon?"
"Muhun. Mung nuju teu aktif, ari nembe dibuka enya aya nomer kang Yuda lebet."
"Naha atuh teu malik nelepon?"
"Kaleresen pulsana seep."
"Lain, naha bener Nini Ratana ditahan pulisi?"
"Leres, ti kamari enjing-enjing."
"Kumaha kajadianana?"
"Apan aya dina koran, malah disiarkeun dina warta berita sababaraha stasion televisi."
"Nyeta akang teu ngabandungan. Kakara bieu we nyaho soteh ti Yuda."
"Muhun, tadi ge  disiarkeun deui dina TV. Malih ngahaja abdi mah ngarekam, da dipiwarang ku Pa Olot Toharudin."
"Euh kitu. Alus atuh. Akang hayang nyaho leuwih jinek. Enya, kitu we nya."

Yuda ngahuleng. Ras ka lemburna. Inget ka Nini Ratna pangpangna mah. Kacipta, Nini-nini dtahan di Polsek.

"Sabaraha taun nya yuswa Nini Ratna teh?"
"Tujuh puluh salapan."
"Tos sepuh nya?"
"Enya, ngan jagjag keneh. Soca sareng pangreungeuna ge normal keneh. Maca ge teu kudu make kacamata.  Ngan, rambutna mah tos meh bodas kabeh."

Sajongjongan ngaharuleng. Pikiran Yuda mah anger ngulayaban ka Pasir Loa. Reup Yuda peureum, breh tahanan Polsek Pasirsari. Nu kacipta ku manehna, nini-nini ngaringkuk di jero kamar sarigsig beusi.

"Iraha ka lembur?"
"Ayeuna mah kagok, burit teuing. Isuk we. Mun teu bada lohor, pasosore."
"Ari isuk-isuk?"
"Nyeta kudu ceramah heula di SMA Tunas Harapan."
"Teu bisa diganti ku nu sejen."
"Moal aya nu daekeun ngadadak mah. Keun wae da moal lila ieuh. Ukur  sajam satengah. Isuk-isuk ka pagawean heula, mikeun naskah dina flasdisck, bada lohor ka sakola, tabuh tiluan urang ka lembur. Ari ente moal ka mamana?"
"Nya ari kagiatan mah aya we. Henteu soteh ngajar. Rek nganteur pamajikan ka dulurna, hajat tujuh bulan, tapi keun wae sina sorangan."
"Enya atuh. Urang bareng we."

Nepi ka ngong adan magrib, Yuda ngobrol di kamar Yaomil. Gura-giru balik, rek solat magrib. Saterusna, rek nganggeuskeun hanca makalah nu katunda.

Peuting eta Yuda hese sare. Rus-ras ka mangsa baheula. Keur budak, sok diparende ku Nini Ratna, dipangdongkeun. Yuda geus yatim ti umur lima taun. Saterusna, Ma Yati mindeng babantu di Nini Ratna. Najan hireup sabeulah teu susah  lantaran boga pangsiun. Bapa Yuda teh tentara. Maotna waktu dines di Timor Timur.

Lian ti boga Nini Ratna, nu kacida nyaaheunana,  Yuda ge boga toa, Wa Asmita nu mindeng dikumahaan. Wa Asmita teh lanceuk sabrayna Sersan Anwar, bapana Yuda tea.

Ungal inget ka Nini Ratna, ras kana tutungkusan. Leng Yuda ngahuleng. Kacipta deui waktu peuting-peuting caang bulan. Manehna diajak Nini Ratna ka deukeut tangkal muncang pipireunana. Ma Ratna rerencepan kaluar ti imah, Yuda nuturkeun diharudum  sarung pulas hideung. Pangalaman harita, eces deui. Kacipta, Nini Paraji teh make samping rereng Garutan, pulas coklat tutung, paselap jeung koneng koneas.

"Ema rek nitip?" pokna ngaharewos.
"Naon, Ma?"
"Daek?"
"Muhun, naon?"
"Eh, daek teu?"
"Mangga."
"Tapi, ulah celembeng." Angger sorana ngaharewos.

Yuda ngajingjing  bedog. Reg duanana ngarandeg. Kira-kira dua satengah deupa tina tihang kandang embe, brek Ma Ratna cingogo. Nyokeh-nyokeh taneuh, kira-kira dua jeungkal tina tangkal muncang. Beletrak sora tungtung bedog paadu jeung barang teuas. "Sok kali kade peupeus!" Ma Ratna ngaharewos.

Breh botol hejo sagede pigeulang. Dicocokan ku palastik buni pisan. Botol dibawa. Dina golodog dapur, eta botol dipeupeuskeun. Gorehel lawon bodas, mintel sagede dua ramo dihijikeun. "Tah, ampihan ku hidep. Kade jaga sing ati-ati!"

Yuda ngahuleng. Teu ngarti, tapi, harita teu tatanya. Manehna nampanan pintelan lawon budas nu panjangna  ukur sacuruk.

"Naon ieu teh?"
"Ah, teu kudu tatanya ayeuna. Engke ge geus waktuna bakal nyaho."
"Isim?"

Ma Ratna teu ngajawab. Teu unggeuk, teu gideug. Ukur mesem.

"Kenging dibuka?"
"Pek wae. Ngan, kade, najan geus nyaho eusina. Kudu tetep diampihan. Ulah dipiceun!"

Samemehna, Yuda jangji, rek daek dititipan eta barang. Geus kitu mah, teu bisa majar kumaha. Narima we, najan teu ngarti oge. Ras inget kana dongeng Nini Ratna. Kudu tigin kana jangji, saperti Bisma, cenah. Nini Ratna apaleun kana lalakon Mahabarata. Kungsi ngadongekeun Bisma Gugur.  "Bisma bisa milih wanci pati lantaran tigin kana jagji," ceuk Ma Ratna harita.

Tutungkusan nu kandelna moal leuwih ti satengah senti teh teu weleh dibabawa,  diampihan dina dompet. Apal soteh kana eusina, lain ngahaja. Harita, waktu Yaomil perlu KTP Yuda, basa rek ngeusikeun motor Honda Tiger, Yuda kagok, teu bisa ngodok dompet tina saku tukangna. Da, keur bobolokot ku oli, menerkeun rante motorna nu lesot.   Waktu nyabut KTP, keretas nu mintel teh  kabawa. Yaomi panasaran. Breh dibuka. Eusina, keretas siga daluang. Najan ipis, tapi  liat. Ukur sapotong masung. Eces, motongna dipasungkeun, diagonal ti tungtung kenca handap ka tungtung katuhu luhur.  Ku cara motongna kawas kitu, kawas aya bagian tulisan nu kapotong, nu kabaca teh  "... dung beurang."

Kadieunakeun manehna nyaho, nu disangka daluang teh kulit handalam, kulit anak mencek. Apal soteh, sanggeus ditembongkeun ka  Wa Asmita.

Sisi-sisina dihias, sapreti hiasan nu biasa kastempo dina sisi-sisi al Quran. Taksiran, mun gemleng mah, rubakna 'keretas' teh dalapan ka dua welas senti.

Saban tepung, Ma Ratna sok nanykeun eta tutungkusan. Malah, saterusna mah sok ngawawadian.  "Kade  leungit," pokna. 

"Naon maksadna  ieu teh, Ma?"

Yuda teu nngarti. Ukur 'keretas' saperti kitu, kudu dipupusti. Padahal, mun leungit ge moal nanaon. Eusina geus apal, geus kacangkem, geus dituliskeun dina tembok di kamarna.

"Ulah celembeng. Engke ge nyaho. Ayeuna mah can waktuna!"

Yuda unggeuk!  *** (Hanca)
 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

H. Addan Wardhani, S.Pd ngomentaran:

Carita khas kriminal...matak panasaran...saha atuh tokoh Nini Ratna teh...jeung naon eusina tungkusan teh........

herman ngomentaran:

gantung dangueun....

Lisnong ngomentaran:

diantos carios salajengna....

rika ngomentaran:

iraha nya sambungannya aya deui ?

Zephyrus ngomentaran:

Mudah2an sing enggal aya sambunganana... -pray-