Tue, 22-05-2012
Munara Cahya

Tobat dina Raraga Sukur Ni'mat

Pintonkeun di FB

Ku H.Usep Romli HM

Kamerdekaan Republik Indonesia, 17 Agustus 1945, mangrupa anugrah ti Allah SWT. Perjuangan rayat Indonesia ngabebaskeun diri tina penjajahan kolonialis-imperialis Walanda jeung Jepang, diijabah. Sabab lamun ngukur kana kakuatan pisik-material mah, jauh tangeh ka hasil. Bambu runcing dina leungeun para pejuang, lawan karaben, mortir, pesawat udara, jeung pakarang samagreng tur moderen sejenna nu dipake ku penjajah, pamohalan bisa unggul. Tapi Allah SWT moal nanggeuy di bongkokna. Geus cunduk waktu ninggang mangsa mah, teu burung tinekanan. InnAllaha ala kulli syai'in qodir. Allah Maha Kawasa dina nangtukeun sagala rupa nu dipikalay-Na.

Para "founding fathers" (pupuhu nu ngadegkeun nagara), diwakilan ku salapan urang kekentong (Ir.Soekarno, Drs.Moch. Hatta, Mr.Moh.Yamin, Mr.Ahmad Soebardjo, KH Wahid Hasyim, KH Agus Salim, KH Kahar Muzakkir, Abikoesno Tjokrosoeroso, AA Maramis), meunang pancen nyusun teks proklamasi kamerdekaan, nu engkena baris jadi bubuka (muqaddimah) Undang-Undang Dasar. Sakumaha geus jadi kabiasaan matuh (konvensi) sakur teks proklamasi, pasti jadi bubuka UUD. Kitu deui UUD pasti dibubukaan ku teks proklamasi. Kawas Amerika Serikat, 52 kekentongna nyusun "Declaration of Independent" (Deklarasi Kamerdekaan), langsung jadi mukaddimah UUD AS nu disusun sabada kamerdekaan dideklarasikeun atawa diproklamasikeun.

Para pupuhu nu 9 teh, nyusun teks proklamasi babarengan. Mangbulan-bulan madungdengkeun wangun jeung pieusieunana. Kalawan imeut, tartib, cerdas jeung ilmiah. Titik panginditanana tina rohmat Allah SWT, nu baris jadi calecer mangsa pikahareupeun bangsa jeung nagara Indonesia merdeka.

Nya gubrag bae naskah nu dicadangkeun pikeun teks proklamasi jeung pibakaleun  mukaddimah UUD 1945 nu sabada merdeka engke baris disusun ku Komite Nasional Indonesia Pusat (KNIP).

Teks proklamasi kamerdekaan teh unina kieu : 

"Atas berkat rahmat Allah yang Maha Kuasa, dan didorong oleh keinginan luhur, supaya berkehidupan kebangsaan yang bebas, maka rakyat Indonesia dengan ini menyatakan kemerdekaannya" (alinea 3).

Tetela, kamerdekaan Indonesia teh jebulna tina rohmat Allah SWT. Diaku ku para "founding fathers" sacara sah, resmi jeung konstituonal, dina runtuyan kalimah-kalimah anu pinuh ku kasopanan, handap asor, nyastra jeung aspiratif. Ngawengku sakabeh paham, ideologi, pamikiran, karep katut lengkah bangsa Indonesia anu ragem, rupa-rupa (bhineka) tapi dina beungkeutan hiji nasion nu ruket pageuh padu manis kalawan harmonis (tunggal ika).

Pasrah Sumerah Kana Kakawasaan Allah SWT

Disawang tina jihat Islam, teks proklamasi di luhur, ngandung unsur "tafwidh". Pasrah sumerah kana kakawasaan Allah SWT. Henteu mawa karep sorangan. Jauh tina sikep ujub ria takabur. Manusa ukur semet ngararancang. Ihtiar. Katangtuan tetep aya dina cangkingan Allah SWT. Widi di Anjeunna.

Tapi hanjakal, teks anu sakitu endahna, teu tulus dibacakeun dina poean proklamasi. Sabab ujug-ujug aya teks anyar, hasil nyusun dua tilu urang pamuda "revolusioner" di Rengasdengklok. Bung Karno jeung Bung Hatta diculik ti Jakarta. Dibawa ka dunya.  Teu manggapulia. Dina ranggeuman jeung ancaman para pamuda "revolusioner" nu  ngagem aliran Sosialis jeung Marksis, dipaksa kudu maca teks proklamasi dadakan nu eusina teugeug jagreug, kasar, arogan. Sama sakali jauh tina rasa karumasaan yen kamerdekaan teh anugrah Allah SWT. Di dinya mah, asa beunang sorangan bae. Geura bandungan :

"Kami bangsa Indonesia, dengan ini menyatakan kemerdekaan Indonesia. Hal-hal yang berhubungan dengan pemindahan kekuasaan, dll. akan diselesaiklan dalam tempo sesingkat-singkatnya.          

Estuning "tadbir". Gede hulu. Kumaha aing nu ngatur jeung ngalaksanakeun. Jauh tina kasieun ku Allah SWT (khouf) jeung miharep rohmatNa (roja). Maklum percaya ge henteu kana ayana Dzat Allah SWT.

Akibatna, terus katalanjuran. Bangsa jeung nagara Indonesia, ti awal mula nepi ka danget ieu, anggang tina rohmat karunia Allah SWT. Sajarah perjalanan bangsa jeung nagara Indonesia dicirian ku rupa-rupa kajadian nu ngandung uru-ara jeung kekerasan. Jauh tina aman, tengtrem, jeung raharja. Kawas-kawas kawalat, bongan ngabaekeun kana rohmat Allah SWT nu geus diakomodasi dina teks proklamasi susunan 9 urang kekentong nu dipercaya kaihlasan jeung kajujuranana. Nu leuwih ngutamakeun "eusi" (pikiran jeung mental) ti batan "emosi" sakedapan.

Teu salah-salah teuing, lamun aya nu boga pamadegan, bangsa Indonesia kudu "malikan" deui maca teks proklamasi asli susunan 9 "founding fathers", nu teu gugur teu angin ujug-ujug kasilih ku teks proklamasi dadakan buatan jalma-jalma nu nyulik Bung Karno jeung Bung Hatta ka Rengasdengklok.

Keun soal eta. Bagean para ahli sajarah keur nyawalakeunana. Nu perlu diimpleng, kajadian-kajadian nu tumiba ka bangsa Indonesia, ti awal kamerdekaan 1945 nepi ka danget ieu. Urang papay nu baradagna bae.
 

  1. Ti taun 1945, henteu ujug-ujug merdeka bener. Masih keneh dikokohod ku imperialis-kolonialis nu hayang terus ngajajah. Walanda dibantuan ku Inggris, Amerika, jsb. terus-terusan ngaganggu. Bororaah ngaku kana kadaulatan Indonesia merdeka. Malah anggur ngagedurkeun perang anyar. Bangsa Indonesia nu teu rido dijajah deui, tandang makalangan nempuh pupuh "Perang Kamerdekaan" nepi ka taun 1949. Nyaeta sabada Walanda ngaku kana kamerdekaan Indonesia dina Konferensi Meja Bunder di Den Haag. Tapi lain ngaku Negara Kesatuan Republik Indonesia (NKRI). Ieu mah bet nyieun nagara federasi Republik Indonesia Serikat (RIS), nu papalingpang jeung konsitusi (UUD 1945). "Peralihan kekuasaan dll.akan dilaksanakan dalam tempo sesingkat-singkatnya" tetela teu ngabukti. Manjang ngayayay nepi ka opat-lima taun tetebengan. Bari jeung pinuh ku pacengkadan politik, gangguan kaamanan, jsb. Bisa jadi, eta mangrupa bukti "supata" Allah SWT nu rohmat karuniana dimomorekeun, lantaran umat ngadon anut kana paham atawa pangajak jalma nu mawa sasar. Padahal geus meunang pepeling, dibere bukti nyata kakawasaan Allah. Pangpana dina ngusir penjajah. Ku sabab ingkar ka Allah SWT, kapaksa kudu nandangan ngencar jauh tina pitulung Anjeunna (Q. S .al Baqoroh : 120).
  2. Ti taun 1949-1962, mahabu gangguan kaamanan. Di Tatar Sunda, ijigimbrang gorombolan karaman nu ngaku Darul Islam/Tentara Islam Indonesia (DI/TII). Unggal peuting ngajorag padesaan, ngahuru lembur. Ngubrak-ngabrik kahirupan rahayat anu geus masakat, beuki tambah masakat. Beuki sangsara malarat rosa. Tacan nu nemahan pati. Dipateni, dilekek dipeuncit, diruang kerepes, bari teu jelas dosana. Nu "pasea" teh Bung Karno (Ir. Soekrano, Presiden RI) lawan Mas Karto (Kartosuwiryo, pupuhu DI/TII. Ari nu jadi korban bet Mang Karna jeung Mang Karta, urang lembur singkur mandala singkah. Sajaba di Tatar Sunda, gangguan kaamanan patingpucunghul di wewengkon sejen di sakuliah Indonesia. Di Sumatra Kulon (PRRI), Sulawesi Kaler (Permesta), Aceh (DI/Daud Bereuh), Sulawesi Kidul (DI/Kahar Muzakkar), Maluku (RMS), jsb. Alhamdulillah, taun 1962 Tatar Sunda aman. DI/TII serah bongkokan berkah gawe bareng rayat jeung tentara (Siliwangi) ngayakeun "Gerakan Pager Bitis". Atuh di daerah-daerah sejen oge, hasil ditumpes.
  3. Kuduna mah "muhasabah". Ngoreksi diri. Mulang ka asal. Kana kaweningan rohmat Allah SWT sakumaha kaunggel dina mukaddimah UUD 1945. Ieu mah, pamarentah anggur semu-semu biluk ka Partey Komunis Indonesia (PKI). Nepi ka ngagelarkeun proyek "Nasakom" (Nasionalis, Agama, Komunis). Anu wani mungpang, dicerek. Dikerem. Rea kekentong agama Islam, di antarana Moh. Natsir, KH EZ Muttaqien, Moh.Rum, Syafruddin Prawiranegara, H.Imron Rosadi, Hamka, KH Isa Anshori, jsb.diasupkeun ka bui, lantaran nembongkeun sikep anti-komunis. Akibatna, ger kajadian "Gerakan 30 September" taun 1965, nu diguguluan ku PKI. Genep jendral TNI-AD tiwas ditelasan. Tuluy manjang ka dituna, nepi ka Bung Karno dirurud tina kakawasaan (1967). Rebuan kader PKI ditewakan. Dijejelkeun di panjara Salemba, Cipinang, Nusakambangan. Sawareh diselongkeun ka Pulo Buru.
  4. Jendral Soeharto kaselir jadi presiden. Kakawasan Allah SWT nu geus nyalametkeun bangsa jeung nagara tina bahaya komunis, masih keneh kateler-teler. Umat Islam nu jadi musuh gerot komunis malah disered dibeledig. Dituding rek nyieun Nagara Islam, rek ngaganti Pancasila jeung UUD 1945 ku syariat Islam. Atuh salila Soeharto kawasa (1967-1998), rea umat Islam jadi korban kakejeman rezim Orde Baru. Kasus Tanjung Priuk (1985), Lampung (1989), Nipah (1992), Haur Koneng (995) jsb., bisa dijieun bukti tindakan rezsim Orde Baru ka umat Islam. Sawatara kekentong Islam dicangkalak (AM Fatwa). Malah nu deukeut ka umat Islam oge milu dicangkalak (Jendral HR Dharsono). Para kekentong nu teu panuju kana sikep rezim Orde Baru, kaleungitan hak perdata (Petisi 50). Jrrd.
  5. Presden Soeharto "lengser kaprabon" 21 Mei 1998. Dirungkadkeun ku gerakan reformasi. Tapi geus sabelas taun, tacan muntruk-muntruk. Geus ganti 4 presiden (5 jeung nu karek kapilih 8 Juli kamari), kaayaan masih "atung eneh atung eneh ae". Bencana alam, uru-ara massal, teror bor, hahargaan ngajaul, tingkat kahirupan beuki susah, pangangguran ngaleuya, jsb. Acan rajapati, boh nu biasa, boh mutilasi, ampir unggal poe kajadian.

Kawas teu euih-euih. Kawas teu hayang eling ka wiwitan. Mulang kana rohmat Allah SWT nu jadi sumber enerji kamerdekaan. NU dipuntangan teh angger bae modal asing, investor deungeun-deungeun, bantuan IMF, Bank Dunya, jsb. nu ngandung riba jeung  renten. Pagawean di dilarang ku Allah katut Rosul-Na. Nu ngandung mudorot dunya aherat. Di dunya lara balangsak, di aherat meunang azab Allah SWT.

Meujeuhna dina mieling kamerdekaan taun ieu, sukur nikmat ku cara ngahudangkeun kasadaran (al yakdzoh) kana golontoran rohmat karunia Allah SWT ka bangsa jeung nagara urang. Terus tuturkeun ku nyaliksik diri (al muhasabah), yen salila ieu urang terus-terusan kufur ni'mat. Atuh bororaah undak nimat. Nu puguh mah diazab (Q.s.Ibrahim : 7).

Mun geus sadar jeung daek ngariksa diri, atuh sakuduna urang gagancangan tobat kana sagala dosa. Pangpangna dosa ngalalaworakeun nimat Allah SWT. Dosa mungpang kana aturan Anjeunna, dumeh hayang anut tunduk kana aturan manusa nu justru ngandung unsur mungpang kana parentah Allah SWT.

Ulah diengke-engke, bisi kaburu datang azab Allah SWT nu leuwih gede. Jalma nu ngagugulung dosa kamasiatan, kari nunggu-nunggu hukuman beurat kacida. Kajaba nu gagancangan tobat jeung migawe amal soleh, kajahatanana ku Allah baris diganti ku kahadean. Innallaha ghofurur rohim (Q.s.al Furqon : 69-70).***     
 

 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

jamilah ngomentaran:

minta pidato sunda dunk ..:)

Dede ngomentaran:

Nepangkaeun, simkuring nembean lebet kana ieu situs sae pisan mugia sing lana dina wedarna ( punten pami lepat dina basa sundana maklum nembe diajar, nyungkeun di lereskeun )