Katumbiri Edisi 2233
Ketua Pengadilan Neger I Bandung Ngaistrenan 50 Anggota Legiaslatip
Rapat Paripurna Istimwa DPRD Kota Bandung ngenaan ngeureunkun anggota Dewan priode taun 2004 neupi ka taun 2009 jeung mancenkun anggota Dewan priode taun 2009 neupi ka taun 2014,dipngpi ku Ketua DPRD Kota Bandung Husni Mutaqin ,Rebo 5 Agustus 2009 nu gus kaliwat.
Lobana 50 urang anggota DPRD Kota Bandung ,biantarna ti Partey Gerinda 3 urang,PKS 9 urang ,PAN aurang,Golkar 6 urang ,PPP tilu urang, PDS saurang jeung PDIP 8 urang.Sarengsena diistrenan ,langsung dipilih Ketua DPRD Kota Bandung sementra ,nyaeta Tomtom Dabbul Qomar SH ti Partey Demokrat.jeung wakl Ketua Tedy Rusmawan ti Partey PKS.
Salila babakti dina lima taun katukang,dina milampah pangwangunan loba anu anu teu kateudunan saluyu jeung panghareupan balarea,tapi bakti anggota legislatip geus satekah polah ,ngaihtiaran keur ngahontal karaharjaan rahayat.teges Ket DPRD Kota Bandung sementara Tomtom Dabbul Qomar.
Dina ngalaksanakeun Pangwangunan anu bias ngahontal pangharupan rahayat Kota Bandung, teu sagampang malikeun dampal leungeun ,tapi merelukeun waktu anu panjang tur gawe teu petot petot sarta komitemen balarea.
Lajuning laku gawe anggota Dewan priode anu geus kaliwat ,bakal jadi motivasi keur kahareupna ,sarta mecut ngaronjatna gawe sarta ningkatkeun babaki anggota legislatip priode 2009 -2014,brasna enggoning numuwuhkeun kaayaan masarakat Kota bandung anu leuwih raharja.
Sawara ieu Walikota Banung H dada Rosada SH MSi macakeun sambutan Gupenur Jawa barat ,biantarana netelakeun anggota Legislatip Kota bandung kudu gawe soson soson dina ngawujudkeun panghareupan balarea,utamanamah dina mere kontribusi ka pihak eksekutip neueulkeun kana pangwangunan keur kapentingan rahayat,ulah ngahianat kana panghareupan rahayat,kujalaran teu bias ngamalirkeun aspirasi balarea
Dina milapah pangwangunan loba pisan bangbaluhna,kukituna kudu gancang ngungkulanana sngkan bangbaluh eta teu ngajadikeun nyangsarakeun rahayat.Dipihareup dina waktu nu bakal datang tong aya anggota Legislatip anu menyelewengkan jabatan,kulantarn kalakuan kitu ngarupakeun gawe anu ngahianat masarakat.tapi sabalik Dewan kudu teu petot petot babakti keur ngaraharjakeun rahayat.*** (CUCU)
Ibu-Ibu SIKIB di Sukabumi Ngaresmikeun "Rumah Pintar"
Poe Salasa 28 Juli 2009, ibu nagara Ani Yudhoyono ngersakeun sumping ka Kota Sukabumi disarengan ku rombongan ibu-ibu Menteri Kabinet Bersatu, diantarana geureuha Menteri Kelautan ibu Freddy Numbery, geureuha Mendiknas ibu Bambang Sudibyo, geureuha Menhan ibu Widodo AS, geureuha Mensesneg ibu Hatta Radjasa sareng nu sanesna anu ngagabung kana “Solidaritas Istri Kabinet Indonesia Bersatu” (SIKIB). Rombongan ngarereb heula di hotel Pangrango Selabintana, Tamansari jeung hotel Augusta.
Dina poe Rebo-na, 29 Juli 2009 ibu Ani ngaresmikeun Rumah Pintar “Kadeudeuh” di RW. 06 Kampung Cijangkar, Kalurahan Cisarua, Kacamatan Cikole Kota Sukabumi. Sajaba ti sarana atikan pikeun barudak leutik atawa nu biasa disebut “PAUD” ieu Rumah Pintar dilengkepan oge ku buku-buku bacaan, audio-visual, jeung komputer.
Ieu “Rumah Pintar” teh salah sahiji wujud kadeudeuh ti ibu-ibu SIKIB pikeun masarakat nu aya di sabudeureun wewengkon Kota Sukabumi, diwangun dina lahan anu legana 160 meter pasagi kalayan meakeun waragad Rp. 80 juta. Wangunana 80 meter pasagi, lahanna mangrupa hibah ti Ketua RW di dinya.
“Sim kuring saparakanca ibu-ibu SIKIB miharep, masarakat Cijangkar bisa ngamumule sarta mekarkeun ieu Rumah Pintar,” saur ibu Ani dina biantara satutasna neken prasasti. Saterusna ibu Ani miharep sangkan Rumah Pintar terus kaala mangpaatna dina raraga ningkatkeun ajen atikan keur ka hareupna. Teu rek kitu kumaha, Rumah Pintar teh geuning aya gunana pikeun pusat karajinan kaom ibu jeung rumaja putri, lantaran aya sarana anu nunjangna, mesin kaput sumbangan ti ibu-ibu SIKIB. Di tempat jeung waktu anu sarua, ibu Ani oge ngaresmikeun Kalurahan Sejahtera binaan SIKIB, saluyu jeung 5 udagan SIKIB nu rek dihontalna, nyaeta ngawujudkeun Indonesia anu Pinter, Sehat, Rancage, Hejo-Lembok jeung Indonesia Miduli. Ku sabab kitu, sajaba ti ngawangun Rumah Sehat, SIKIB oge ngawangun sarana sanitasi masarakat (sanimas), MCK Komunal, Seminar PAUD jeung melak 250 tatangkalan keur ngahejo-lembokeun lahan anu ngahgar.
Dina acara ngaresmikeun tea, ibu Ani disarengan ku Wakil Gupernur Jabar Yusuf Macan Effendi, Walikota Sukabumi Muslikh Abdussyukur, anggota SIKIB jeung inohong pamarentahan lianna.
Aya nu rada aheng dina eta kasempetan, Ibu Nagara masrahkeun “Motor Sehat” Puskesmas anu dilengkepan ku alat-alat penyuluhan kasehatan pikeun warga masarakat nu mangkuk di lembur-lembur singkur jauh ti kota. Saur ibu Ani, eta motor model munggaran pisan dijieun di Indonesia mah.
Sarengsena ngaresmikeun Rumah Pintar, ibu Ani katut rombongan ngajugjug Balai Besar Pengembangan Budi Daya Air Tawar (BBPBAT) pikeun mitembeyan manen bibit lele “Sangkuriang” minangka bibit lele mandiri Kota Sukabumi.
Wilujeng ka pangersa bapa Walikota Sukabumi miwah Ibu sohibul bait, anu kotana parantos kapilih ku Ibu Nagara dina raraga ngaresmikeun Rumah Sehat. Da tangtosna matak dipilih oge luyu pisan sareng visi Kota Sukabumi, anu unggelna “Pusat Pelayanan Berkualitas Bidang Pendidikan, Kesehatan dan Perdagangan di Jawa Barat, Berdasarkan Iman dan Taqwa.” *** (ensu)