Tue, 22-05-2012
Tamu

Yatie Rohayati, SH. M.Si: Narekahan Wisatawan Leuwih Betah di Garut

Pintonkeun di FB

Prung sora kendang nganteur nu rek padungdung. Teretet sora tarompet nuturkeun. Ditema ku ngeungkeungna goong. Ger nu pagegelek di sakurilingeun tegal kaleprok. Ngeprokan domba Garut papasangan, nu harita rek diadu. Sebrut dua domba adu nu gandang, makalangan ka tengah lapang di Desa Haruman, Kacamatan Leles, Kab Garut. Domba adu the dibobotohan  ku kokolot, bari ngengklak nuturkeun wirahma kendang penca, sakalian ngawasitan.

Nu lalajo  raeng tingcorowok. Euyah-euyahan bangun kebek ku kasuka. Rampak jadi bobotoh. Dina kaayaan nu harengheng, teu puguh denge, breh hiji wanoja  diuk saregep. Ngajejeran para wisatawan ti nagri Jepang. Teu kurang tina limapuluh urangna. Kabeh ngahaja ngadongdon ka pamidangan ngadu domba.

Di panghareupna, aye awewe.  Nitenan domba jeung para bobotohna. Naha bet aya wanita, nu mikaresep  ngadu domba? Bawirasa, ironis! Saha tea ibu-ibu the? Horeng  Yatie Rohayati SH. Msi, Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupaten Garut   "Ih .., sanes sual resep atanapi henteuna! Apan eta mah tos janten bagean tina tugas abdi!" walonna dibarung ku imut ngagelenyu.

Sidik, aya paradigma anyar nu jadi pangirut, dina pamidangan ngadu domba. Lain ngadu domba nu saujratna, nepi ka salasahiji guyang getih, atawa nepi ka hanteuna. "Benten pisan sareng kapungkur! Ayeuna mah waktos tandingna kalintang diwatesanan. Sanes ngaben domba liar, sapertos nu teu aya ras-rasan, dugi ka dianggap pagelaran sadis..! Apan kiwari mah nu langkung diutamikeun teh ajen kaendahan senina. Tos nganggo 'perikadombaan'... " omongna bari guguyon. Memang pidangan atraksi domba Garut teh, geus kacatur ti baheulana. Teu pamohalan, mun Yatie oge sarua jeung kaom wanita sejenna.

Enya, sok ngabirigidig, mun pareng aya nu ngajak lalajo ngadu domba teh. Pimanaeun teuing pirajeunan ngalalajoanan! "Namung sanes deui ayeuna mah. Kayungyun ninggali domba gandang ngiring ngaribing, dipirig ku kendang penca! Sanes ngadu fisik deui!" Yatie nandeskeun. Mokaha, ku dilarapkeunana aturan laga domba, tetela nambah kamonesan nu nguatan kana ngamumule kabudayaan katut mekarkeun kapariwisataan Garut.

Puguh, loyog jeung  visi pangwangunan Pemkab Garut, nu boga karep  ngahontal ngawujudna Garut mandiri dina ekonomi. Adil dina budaya. Demokratis dina pulitik tur didasaran ku rido Alloh Swt. Yatie Rohayati nembrakkeun,  widang kapariwisataan teh nempatan jejer kadua dina misi pangwangunan Pemkab Garut. Hartina, Disbudpar teu weleh diperedih pikeun mekarkeun ekonomi karayatan nu ngabasis dina agrobisnis, agro-industri katut pariwisata. Lian ti kitu, kudu terus narekahan mekarkeun budaya lokal.

Nyumangetan Warga

Nepungan Yatie Rohayati di kantorna teh poe Minggu kasorenakeun. Eta ge bane we geus pasini ti anggalna, alatan waktuna samporet. Keur ngahanca tugas di Sumedang, nepi ka bulan September. Ukur sapoe mulang ka Garut, ngumpul jeung  kulawargana. Tapi keur Drs Undang Ridwan mah nu jadi carogena, geus surti kana tugas bojona. Dina sejen waktu oge, tempo-tempo Yatie ngadadak  ngabelenyeng ka Jakarta.

Bubuhan Yatie mah hampang-himping. Satukangeun tangtungan sedeng tur basajan, ieu pejabat Disbudpar Garut teh kawilang luwes jeung rancingeus. Teu weleh darehdeh jeung someah deuih. Subrat-sibret dina cekel gawena. Naon rupa tugas, gasik pisan dihanca. Matak, teu aneh teu sing, upama  Pemkab Garut mancenkeun kalungguhan papayung widang kabudayaan, katut kapariwisataan ka jinisna. Samemehna, kungsi jadi Kabag TU Disparbud Garut, sanggeus tujuh welas taun idek-liher gawe di lingkungan Setda Kab Garut.

Naratas karir PNS di Kantor Kawadanaan Garut taun 1987, terus mekar dina sababarahakali pindah tugas. "Kenging sataun di kawadanaan teh, lajeng dialihkeun ka Bagian Hukum! Ti dinya ngalih deui ka widang organisasi, widang sosial, perekonomian, malih kantos tugas di Dinas Pasar,...." Yatie ngaguar pangalaman gawena. Sanggeus dipancenan Kabag TU Disparbud, Yatie naek pangkat jadi Kabag Hukum Pemkab Garut.

Cleng deui kapeto macen tugas Kepala Bidang Pemasaran di Disparbud. Heuleut sawatara waktu, ngaduakalian jadi Kabag Hukum deui. Antukna, putra kalima tina dalapan sadudulur ti kulawarga (alm) Pakih Tugiono jeung Hj Popon Sutiah teh, diserenan pancen Kadisbudpar Kab Garut. Moal boa, eta cirining Yatie mibanda kinerja hade, junun tur jujur. Sieup mangku jabatan Kadisbudpar oge, alatan geus ngelmuan widangna.

Wangunan kantor Disbudpar Garut teh, nenggang ti komplek pakantoran di lingkungan pamarentahan. Perenahna di puseur kota Garut pisan, nempatan wangunan kuno nu mibanda ajen klasik. Hiji gedong titinggal jaman Walanda, nu diadegkeun taun 1910. Sapuluh taun leuwih kuno, ti batan Gedung Sate. Rohanganana ublug-ablag, malah kungsi nelah Kantor Karesidenan Wilayah V Priangan. Gigireun patempatan nu kaceluk Gedong Jangkung di Jalan Ciledug.

Bubuhan ku pangawakan awewe, boh buruanana boh rohangan kantorna, dirawat dihade-hade. Pakarangan lalinduk ku tutuwuhan nu matak asri. Sieup jadi patempatan nu ngabaju jeung Kantor Disbudpar Garut teh. "Ieu oge tarekah sangkan kaendahan tur kabersihan pakantoran di Garut, nyumangetan warga kanggo ngadeudeul nanjeurna deui komara 'Kota Intan'! Tinangtos karesik tur kaendah teh, ageung hartosna kanggo ajen kapariwisataan Garut" cenah.

Yatie Rohayati  lahir di Bandung, 24 Februari 1963. Reueus  pisan kana kabeungharan kabudayaan, katut leubeutna aset kapariwisataan di Garut. Kawantu deuih, Garut boga  31 obyek wisata, nu sumebar di sababaraha patempatan. "Namung nembe 10 lokasi, nu tos ngalirkeun kontribusi ka kas daerah mah. Salangkungna oge tos kajojo ku para wisatawan, mung teu acan

nganggo retribusi resmi, "Yatie ngebrehkeun.

Kasapuluh obyek wisata eta, kayaning pamandian Cipanas di Tarogong, Situ Bagendit di Banyuresmi, candi katut Situ Cangkuang di Kacamatan Leles, makam Prabu Kiansantang di Godog, kawah Papandayan di Cisurupan, basisir pakidulan Sayang Heulang jeung  Santolo di Pameungpeuk, sarta Rancabuaya di Cisewu. Dikuatan deui ku Curug Orok, jeung kaendahan Gunung Geder. Tapi kakara tilu tempat nu jadi primadona Garut mah, nyaeta Cipanas, Cangkuang jeung Papandayan. Nu liana, kiwari keur ditarekahan sangkan bisa nyumponan pangabutuh sarana umum, katut  sarana nu ngajugjugna.

Panglengkepna

Meh taya raatna wisawatan domestik katut mancanagara, saban poe merul ngajugjug kaendahan alam kapariwisataan Garut. Teu munasabah, mun daerah Garut kaasup KWU (Kawasan Wisata Unggulan), nu nyoko kana master -plan pangwangunan kapariwisataan Propinsi Jawa Barat. Tetela, Garut pinilih kana beungkeutan paket wisata. Eta kareueus Pemkab Garut, alatan ngan ukur 7 tina 26 kabupaten/kota di Jawa Barat, nu nyumponan ugeran  KWU Jabar.

Genep KWU sejenna, Bandung, Cianjur, Bogor, Sukabumi, Tasikmalaya jeung Kuningan. Mokaha, mapag rengsena aksebilitas pakidulan Jabar taun 2010 katompernakeun, baris ngagosok komara kapariwisataan nu aya di basisir pakidulan Garut. Kaharti, mun Kadisbudpar Garut nandeskeun prospektifna  potensi kapariwisataan Garut teh. "Abdi saparakanca reueus sareng optimis, kapariwisataan Garut baris nanjeur, margi dirojong deui ku leubeutna produk unggulan nu janten pangirut wisatawan" ceuk Yatie daria naker.

Puguh loyog Garut jadi Kawasan Wisata Unggulan teh, alatan sagala aya. Sidik, kawilang panglengkepna di Jawa Barat! Yatie netelakeun, kabeungharan alam wisata Garut bisa dipilah-pilah jadi 75% wisata alami, 25% wisata budaya, wisata minat husus saperti makam pangjarahan, wisata balanja, wisata jieunan, katut kriya (kuliner). Apan lian ti kaceluk ku dodol Garut, aya deui industri batik Garutan, kaen sutra alam, jeket kulit, akar wangi jeung sajabana.  

Dina enggoning nyedot kaom wisatawan, kiwari dek dilengkepan ku Desa Wisata di Leles, jeung Malangbong nu kaceluk ku strowbery-na. Kabuktian, yen jumlah wisatawan ka Garut ngabereset dina ugeran signifika. "Nu janten skala prioritas garapan ayeuna teh, narekahan kanggo ngabebetah para wisatawan, supados tiasa langkung lami di Garut. Ditargetkeun mah dugi ka lima dintenan" omongna deui. Eta karojong ku ayana 80 perhotelan, nepi ka bawahan basisir Garut pakidulan.

Patali jeung program eta, Disbudpar Garut oge giat midangkeun potensi kabudayaan tradisional katut modern. Pagelaran naon rupa kasenian buhun di Bale Paminton "Inten Dewata" Garut, jeung rea deui patempatan sejenna, estuning mibanda harti ngamumule warisan budaya lokal. Tayohna, kaom rumaja kiwari oge bisa wanoh jeung kasenian buhun kayaning reog, debus, lais, surak ibra, seni karinding, jeung sajabana.

Kitu deui pamidangan atraksi penca, katut ketangkasan laga domba Garut mah, geus ngabaku diayakeun saban pagelaran acara hiburan. Teu cukup ku sakitu, Disbudpar Garut oge ngabutuhkeun pangrojongan  investor, nu boga karep ngamajukeun kapariwisataan. Malahan mah Yatie Rohayati umajak ka insan pers Garut, sangkan ngagedurkeun promosi kapariwisataan daerah. Kitu the, sabab  promosi wisata teu cukup ukur ku ngayakeun pameran atawa pagelaran kabudayaan.

"Kapariwisataan Garut oge, peryogi deuih rojongan ti masarakat nu aya di sabudeureun obyek wisata, supados ngawujudkeun sektor usaha inovatif" ceuk Yatie deui. Kawantu dina taun 2010, infrastruktur ka obyek wisata Talagabodas di Wanaraja dek dibebenah. Potensi kaendahan basisir pakidulan Garut, nu ngebat leuwih ti 85 kilometer, baris kasaba ku jalan lingkar Jawa Barat selatan, parat nepi ka Ciamis nu ngajalur ka bawahan Jawa Tengah.

Satukangeun eta, Garut geus dicalonkeun baris jadi pribumi Festival Film Bandung (FFB), nu munggaran saluareun Bandung. "Tinangtos eta festival film teh tiasa nyeungitan kana promosi kapariwisataan Garut. Numawi Disbudpar Garut reueus, margi festival baris euyeub ku kaom selebritis" Yatie kebek ku pangharepan. Meh taya nu nyangka, horeng alumni SMA Margahayu taun 1981, nu ngarengsekeun kuliah di Unpad, kungsi boga karep jadi wartawan. 

Omongna ge, kataji ku teu weleh sagala nyaho. Rea relasina, jeung gede pangajenna. "Mung jalaran teu katampi di publisistik, abdi janten milih widang hukum..." Yatie nyoreang deui katineungna. Kiwari Yatie Rohayati, SH Msi, lain ngaran anya nu ngembangan rengrengan pejabat di lingkungan Pemkab Garut. Taya nu bireuk deui. Kumaha pamadeganana dina mancen jabatan? "Abdi mah diajar enjoy we! Insya Alloh, moal pendak sareng karudet. Estuning tengtrem kana jiwa sareng kahirupan" omongna mungkas wangkongan. Yatie Rohayati imut leleb. Romanna marahmay .*** (Yoyo Dasriyo)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula