Tue, 22-05-2012
Carkrim

Harewos Nini Paraji (Bag. 2)

Pintonkeun di FB

Ayeuna, ceuk pikir Yuda,  Ma Ratna teh  keur nandangan tungara.  Naha Nini teh bet ngalaman nu saperti kitu? Sakapeung nyebut nini, sakapeung ema! Ceuk pikir Yuda asa teu pantes kolot kawas Nini Paraji ngalaman tunggara kawak kitu. Sakanyahona, ninina teh tara nganyerikeun batur. Mindeng mantuan nu keur susah. Imahna, remen kadatangan ku nu boga rupa-rupa kapereluan. Tempat  ngiuhan nu hujaneun, pamondokan nu kapeutingan.

Yuda teu mikeun upama ninina ngalaman nasib kawas kitu. Teu percaya upama ema  paraji cilaka ku pamolah sorangan. Ketang,  mun enya Ma Ratna ngalaman cilaka, meureun  asup kana salah sahiji sababna nu bisa jadi lain lantaran ngahaja atawa dihaja.  Enya, ceuk Ma Paraji basa mapatahan Yuda welasan taun ka tukang,  cilaka teh lantaran poho, bongoh, balangah, atawa salah.
Ma Ratna, ceuk Yuda, kolot masagi. Leuleus jeujeur liat tali. Tara ceplak pahang mun nyarita. Silib, sindir, jeung sampir teu weleh jadi bungbu caritaanana.  

Waktu, kelas dua SMA Yuda nanya ka Nini Ratna. "Ma ari tujuan hirup teh naon?"
Ma Ratna mesem. "Meuli uyah jig!" pokna.
"Apan uyah aya keneh?"
"Jig we da butuh."

Yuda remen tatanya nu daria. Ngan,  jawabana remen teu langsung harita. Malah, sakapeung mah sok teu pikahartieun. Yuda ge ingeteun keneh kana papatah-papatahna. Cenah, sare ulah keur tunduh, dahar ulah keur lapar.

"Har atuh keur teu lapar mah teu ngeunah, Ni."

Nini Ratna ukur mesem.

Cicingna nenggang ge keur Yuda mah teu pikahartieun deui wae.  Ma Ratna  tetep rengenek di eta tempat. Di tempat luhur, tonggoheun lembur  Ma Yati, kira-kira sakilo meter anggangna ti lembur mah. Enya, kaasup deukeut, tapi jalanna rumpil, ukur aya jalan satapak nu nanjak jeung pungkal-pengkol. Ti ngongora nepi ka harita matuh di dinya. Ngababakan nyorangan. Kungsi disambat ku urang lembur sina pindah ka lebak, tapi teu daekeun.

Basa Yuda nanyakeun ka Ma Yati pangna Nini Ratna teu daekeun pindah, indung Yuda mere alesan. "Cenah, aya nu keur ditungguan," pokna.

Ceuk pikir Yuda mah, teu pikahartieun. Mun nungguan, da teu boga tungguaneun. Mun ngadagoan, teu boga dagoaneun. Malah, kungsi aya nu nyambat urang kota,  sina ngajarkeun elmu kabidadanan, lantaran pangartina kana ngurus orok, dianggap 'ilmiah' ku Bidan Yolan. Nini Ratna nolak.

Indung Yuda kahutangan budi ku Ma Ratna. Keur kakandungan ku Yuda, kahirupanana teh walurat naker. Najan meunang pangsiun da puguh loba bereeun. Adi-adina bapa Yuda keur butuheun ku bantuan. Kapaksa ngurus kakandungna ge teu kawas batur. Nu sejen mah remen dipariksa ka bidan atawa  ka dokter ahli, Yati mah diurus ku ema paraji.  Alhamdulillah, lahirna lungsur-langsar.

"Matak uing mah tara reuwasan, da ditenjrag ku ema paraji," ceuk Yuda mesem. Kitu teh, mun babaturan ulina ngagebah, ngareureuwas.

Barang gubrag, terus diberesihan, dibedong, orok teh digolerkeun dina palupuh da imah Ma Yati teh panggung, harita mah. Jleg-jleg-jleg, Ma Ratna nenjrag tilu kali. Orok ngagoak, reuwaseun!

Mun sakalieun Yuda teu ngagugu, Ma Yati sok mapatahan. Cara teu dipapatahan wae. Dengekeun, apan ceuk paraji ge panon ulah satingal-tingalna, upama lain tingalieunana; sungut ulah saucap-ucapna mun lain ucapeunana; ceuli ulah sadenge-dengena mun lain dengekeuneunana.

Isukna, Yuda jeung Yaomil besuk ka Polsek. Sakalian nepungan Pa Permana, Pa Kapolsek. Harita ge, Yaomil ngocal-ngocal nyieun surat panangguhan panahanan. Ngan, waktu ditepikeun ka Nini Ratna, Ema Paraji teh nyarek. "Keun wae urang turut sakumaha mistina," pokna. Caritaan kitu teh, peresis saperti waktu kajadian lima taun ka tukang. Harita, Ma Ratna unggah bale watangan, dituding kabaud kana perkara 'aborsi'.  

Nu kalima kalina Yuda  besuk ka Nini Ratna di Polsek. Cenah, tilu poe deui berkasna rek 'dilimpahkeun' ka kajaksaan. Aya sababaraha urang nu kabaud kana eta perkara teh,  Meyla Artila (indung jabang bayi), Gandi (nu ngubur eta orok), jeung Amid (dulur Marjan).   

Basa besuk harita, Yuda teh leuir datangna, nepi ka kakara ge sababaraha menit patugas ngabejaan waktuna besuk beak.

Memang, teu matak hariwang. Ma Ratna, nu ceuk pikir Yuda mah keur tungara, jinisna mah teu kua-kieu. Biasa we, teu kaciri sedih. Kitu teh, saperti kabiasanana sapopoe nu tara nembongkeun kabungah atawa kasedih. Ngan, orokaya, Yuda keukeuh ngarasa teu mikeun upama Nini Ratna jadi pangeusi kamar tahanan polsek, najan ukur sababaraha poe, komo nepi ka dijagragkeun di pangadilan.

"Tah, kitu! Mun ema dianggap salah, nya teu nanaon. Tapi, ema teu rumasa salah!"  pokna ngaharewos.

Yuda unggeuk.

"Ema kedah bruk-brak. Ulah aya nu dikilungan!"

Ma Ratna unggeuk.

"Maap, jam besuk sudah habis!"

Yuda jeung Yaomil cengkat. Ngasongkeun leungeun, ngajak sasalaman ka Nini Ratna.

Balik ti Polsek,  galih nyimpang ka  Firman, SH., MH., pangacara nu sok jadi nara sumber upama Yuda nulis nu tumali jeung widang hukum.  Menta bongbolongan, hayang ngabelaan Ma Ratna. Manehna asa dosa upama ahirna Nini paraji teh unggah balewatangan, kalayan hasil rekayasa dengeun. Yuda banget teu percaya, upama Nini Ratna daek ngagugurkeun nu keur kandungan. Pa Firman nyanggupan! Lain wungkul mere bongbolongan, tapi deuih sayagi jadi pangacara Ma Ratna.

"Nu keur ngorana hirup senang, ahirna mah matak ngenes. Pakokolot hirup nyorangan,  malah kungsi jadi pangeusi  gedong saringsig beusi...."  Tah, kalimah eta nu ngirut hate Yuni.  Eta teh warta ngeunaan Nini Ratna, satutas dikaluarkeun ti tahanan kajaksaan basa kabaud kana perkara 'aborsi' tea.

Yuni, wartawati majalah wanoja mingguan, katajieun ku lalakon hirup Ma Ratna. Tulisan ngeunaan ieu paraji teh dimuat nyambung lima kalieun. Yuni, lain wungkul nulis sual nu tumali jeung kasusna, tapi deuih nu tumali jeung kaparajianana. "Nini Ratna teh bisa disebutkeun paraji pamungkas di Pasir Loa," ceuk Yuni dina tulisanana.

Nilik kana lalakon hirupna, ceuk Yuni mah, Ma Ratna teh 'colourfull', warna-warni. Loba nu matak ngenes ngabandunganana. Saperti memeh dituding kabaud kana aborsi teh,  Ma Ratna ge kungsi dituduh dukun santet. Kapaksa Ma Ratna ditahan di polsek, lain lantaran pihak kaamanan percaya kana tudingan masarakat, tapi lantaran 'ngamankeun' Ma Paraji bisi 'dihakiman' massa. Pasalna, ceu Dalis, istrina Kang Ibin, brek gering, beuteungna bareuh. Teuing ti saha mimitina, warga kampung tatangga Ma Yati ibur harita, panuding teh dituduhkeun ka Nini Ratna, sabab cenah, geringna sanggeus ngala waluh ti kebon Nini Ratna.
Saterusna, Yuni panasaran, hayang nyaho lalakon hirup Ma Ratna nu leuwih teleb. Sababaraha kali datang ka Nini Ratna. Malah, kungsi mondok sagala, lantaran rek balik sore teuing, euweuh ojeg nu daekeun nganteur ka jalan gede.

Lalampahan hirup Ma Ratna, ceuk Yuni mah, payus dipiwanoh balarea, loba pangalamanana nu matak resep. Ngan, nu pangkatajina, ceuk ieu wartawati mah sual katanggohan jiwana. Tara galideur kana pamadeganana! Saperti basa dituding ngilungan gorombolan, Ma Ratna tetep teu daek balaka, najan dikerem di kantor koramil Pasir Loa ge. Eta teh, kajadian puluhan taun ka tukang, waktu Ma Ratna jagjag belejag keneh.
"Buku nini geus meh rengse. Ngan, bisi aya keneh kakurangan, tamabahan we ku Yuda," ceuk Yuni ka Yuda.
"Enya lah. Ngan, ayeuna mah keur rieuh. Keun we atuh minggu hareup." Kitu ceuk Yuda harita.

Saterusna, Yuda ngajangjikeun ka Yuni, rek mangeditkeun. Sakalian nambahan bisi aya nu kaliwat. Yuni percayaeun ka sobatna, malum da Yuda mah tileuleutik deukeut jeung Ma Ratna.

Najan bebas tina rup-rupa tudingan, kahirupan Ma Ratna teu saperti warga umumna. Hirupna mencil lantaran di antara warga lembur ge aya nu teu panujueun upama Nini Ratna pindah ka lembur baur jeung warga sejenna. Cindekna, kawas  kawas sieun kabaribinan ku paripolah Nini Paraji.

Ka dieunakeun, Ma Ratna kawas nu hayang ngubur pangalamanana. Loba nu disumputkeun. Rajeun nyarita, ukur ngaharewos. "Ieu mah ka Nyai we, nyarita soteh," pokna bari luak-lieuk. Kitu, pangna Yuni, reporter "Q" TV hayang nulis lalakon hirup Ma Ratna. Tah, kitu mimitina Yuni wanoh ka nini paraji teh. Wanohna, tina tulisan Yuda nu ditulis dina koran tujuh  bulan ka tukang. Pangna beuki katajieun ku lalakon Nini Ratna, sabab   Yuni teu weleh ngabandungan sidang-sidang Ma Ratna, najan lain ngahaja ngaliput.

Yuni hayang nulis lalakon Ma Ratna, muateun dina majalah wanoja. Pedah, dina tulisan Yuda tea, disebut-sebut Ma Ratna paraji 'pamungkas', nu sarwa bisa. Nini paraji, memang rapekan, bisa mantuan nu ngajuru, bisa ngurus orok, bisa ngurut nu tas ngajur, bisa nyieun racikan keur ubar.  "Pangabisa ema ti guru ema," pokna ka Yuni.

Nyi reporter tetelepek, pananyana nyosok jero. Kaungkab weh, cenah, nu diprekatekeun ku Nini Ratna teh aya kitabna. "Husus sual ngalahirkeun sapuratina," ceuk Nini Paraji.

"Aya keneh bukuna?"

Ma Ratna mesem.

Lalampahan hirup Ma Ratna, lir nu leuleumpangan dina gawir jungkrang. Remen meh tikosewad. Mindeng kabawa ririweuhan.  Basa salah saurang Mahasiswi maot di imah Ma Ratna, upamana, ieu nini paraji teh nepi ka dipariksana di kantor pulisi dipenta kateranganana.Nyi mojang teh, cenah, hayang diurut. "Tapi, da teu kantos diurut ku Ema oge," ceuk Ma Ratna basa di-BAP ku Kanit Serse Polsek Pasirloa.

Ma Ratna meh-mehan unggah balewatangan, dituding jadi cukang lanatrana Yusi Pratiwi, kaluron nepi ka hanteuna. Tapi, Ma teu kungsi dijagragkeun ka pangadilan, sabab palaku utamana kacerek. Nu ngurut Yusi nepi ka karuron teh, Bi Jarniah, nu lemburna lebakeun imah Nini Ratna.

Satutas diurut nepi ka karuron tea, Yusi nanjak rek ka pangkalan ojeg. Ngan, kakara ge nepi ka jalan cagak, manehna lenglengan lieur jeung lungse balukar loba teuing kaluar getih. Yusi dipapah ku nu nganteurna, maksakeun maneh ngarayap. Ukur kuat nepi ka lebah imah nini Ratna. Ti dinya mah, ku nu nganteurna teh dipayang ka imah ema paraji.

Aya kajadian sejen nu nyohorkeun Nini Ratna salapan bulan ka tukang. Harita, Ma Ratna didakwa salah mere obat ka nu tas ngajuru. Nu tatamba, memang teu nepi ka maot, tapi matak uru-ara lantaran dulurna eta 'pasen' teh aya nu jadi pajabat pamarentah kota nu dines di kasehatan. Mun diitung, harita, ti waktu ditahan ku pulisi nepi ka kaluarna deui ti tahanan, jumlah-jamlehna meh opat bulan. Yaomil, SH., M.Si., pangacara sohor nu oge dosen Kriminologi ngabelaan Ma Ratna di pangadilan.

***

(hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Acep Sanusi ngomentaran:

edwin ngomentaran:

panasaran keneh ieu teh,diantos ah................