Amalan Nyambut Bulan Romadon
Patarosan
Para pangaping Tanya Jawab Munara Cahaya anu dipihormat. Sakedap deui urang bade mayunan sasih Ramadlan. Sim kuring hoyong tumaros, amalan naon wae anu keudah diamalkeun ku urang salaku umat Islam dina mayunan saish Ramdlan, luyu sareng amalan-amalan anu kantos ku Rasul diamalkeun? Sim kuring nyhunkeun pedarana anu saebreh-ebrehna. Hatur nuhun.
Sumpena, ti Cilacap
Waleran
Sami-sami hatur nuhun kana perhatosana. Perkawis amalan-amalan pikeun nyambut sasih Ramadlan, dumasar kana katerangan, henteu aya amalan anu husus, sapertos di bulan-bulan sanesna. Sapamendak sim kuring amalan-amalan eta di antawisna, sakumaha anu dilaksanakeun Rasululloh nyaeta, nga-doa, nyuhunkeun ka Gusti Alloh, supados maparinan deui ka urang kasempatan papendak deui sareng sasih Ramadlan dina kaayaan sehat walafiat. Margi ku kaayaan sehat, urang tiasa ngalaksanakeun saum, solat tarawe, jeung sajabina anu mangrupi amalan-amalan pikeun nyampurnakeun saum urang. Cara ieu, Rasul ngalakasnakeuna ti angalna keneh. Dina katerangan disebatkeun sakumaha pidawuhna, ti sahabat Anas bin Malik nyarios, saestuna Rasululloh Saw nalika bade mayunan bulan Rojab sok nga-du'a: Allahuma barik lana fii rajab wa sya’ban, wa balighna ramadan. Hartosna, Ya Alloh, mugi maparinan berkah ka abdi sadaya di bulan Rojab sareng Sya'ban, sareng ngadugikeun abdi sadaya kabulan Romadlon (HR. Imam Ahmad sareng Imam Thobroni). Ieu Hadits nguningakeun, wireh Rasul dina ngabageakeun kasumpingan sasih Ramadlan disiapkeun ti dua sasiheun deui sateuacana sasih Ramadlan, yakni ti sasih Rojab keneh.
Du'a ieu, rupina kange urang parantos kalangkung saupama bade nyonto ka Rasul, margi Rasul ngadu'a ieu dina waktos awal sasih Rojab. Tapi sok sanaos kitu, dina mayunan sasih Romadlon, urang tetep ngadu'a bari ngebersihkeun diri tina mangrupi-rupi kotoran atanapi dosa, supados dipaparinan kasehatan lahir sinareng batin, utamina pikeun ngalaksanakan amalan-amalan di bulan Romadlon.
Salajengna dina mayunan sasih Ramadlan, urang kedah ngaraos gumbira, malih Rasul satiap mayunan sasih Ramadlan, osok ngabewarakeun kabar-kabar gumbira ka para sahabatna, sakumaha diunggelkeun dina pidawuhna: "Parantos sumping ka maraneh kabeh bulan Ramadlan, bulan anu pinuh ku kaberkahan. Alloh parantos ngawajibkeun saum ka maraneh kabeh. Jeung dina ieu bulan, Alloh ngabuka panto-panto surga, nutup panto-panto naraka" (HR. Ahmad). Ku kituna, pikeun jalma-jalma anu ariman, henteu aya deui kabahagiaan jeung kabagjaan anu kacida ageungna salian ti mayunan sasih Ramadlan. Teras tingkatkeun rasa syukur ka Gusti Alloh kana anugrah-Na bulan anu pinuh ku rahmat jeung barokah ieu.
Sajabi ti eta, pikeun urang ayeuna sateuacan lebet kana sasih Ramadlan saena ngarancang heula program kagiatan pikeun nyiar pahala anu kacida lobana. Waktu sabulan kacida singkat jeung terehna, ku hal kitu satiap menit malih satiap detik saena dieusian ku amalan-amalan anu tiasa ngaberesihkeun diri pikeun ngadeukeutkeun ka Gusti Alloh. Tekadkeun dina hate urang, dina bulan Ramadlan ayeun jeung saterusna niat ningalkeun sagala rupa dosa jeung kasalahan, atawa ningalkeun kabiasaan-kabiasaan goreng anu henteu mawa manfaat. Sabalikna, tingkatkeun kabiasaan-kabiasaan anu alus, anu mere manfaat kalih masalahat ka diri urang jeung ka balarea.
Persiapan anu langkung utami dina mayunan sasih Ramadlan nyaeta ngaderes deui elmu-elmu anu patali sareng amalan Ramadlan, margi satiap amal henteu make elmu, mangka hasilna bakal hamo. Utamina elmu ngeunaan rukun jeung syarat sahna puasa, perkara anu ngabatalkeun puasa, amalan-amalan sunat dina sajeuroning puasa, jeung sajabana. Nyeueurkeun hadir ka majlis dzikir atawa majlis ta'lim. Aya Hadits anu nerangkeun, wireh Rasul nyeueurkeun saum dina ieu bulan, malih dina katerangan sanesna Rasul henteu kantos saum dina bulan-bulan sanes langkung seueur ti batan saum dina bulan Sya’ban (perkawis ieu langkung jeulasna dipedar dina patarosan ngeunaan kautamaan bula Sya’ban).
Supados langkung mantep dina mayunan sasih Ramadlan, urang sami-sami ngaos bari nala'ah khutbah Rasululloh Saw anu pihartoseuna kieu:
"Wahai jalma anu ariman, saestuna bakal datang ka maraneh kabeh bulan Alloh anu pinuh ku rahmat, barokah jeung maghfiroh. Bulan anu paling mulia mungguh Alloh. poe-poena mangrupakeun poe anu pang utamana. Peting-peutingna mangrupakeun peuting anu pang utamana. Jam demi jam mangrupakeun waktu anu pang utamana".
Dina eta bulan, renghap anjeun jadi tasbeh, sare anjeun jadi ibadah, sakabeh amalan ditarima, sakabeh doa diijabah. Prak menta ka Gusti Alloh ku niat anu tulus jeung ihlas, supaya Mantena nagbingbing anjeun pikeun ngalaksanakeun puasa bari maca Kitab-Na. Cilaka jalma anu henteu meunang ampunan Alloh di bulan anu Agung eta.
Lobakeun sedekah jeung mere maweh ka fakir miskin. Muliakeun indung bapa anjeun, kudu mikasih ka sahandapeun, sambungkeun tali duduluran, jaga letah (lisan) anjeun, tahan paningali anjeun tina hal-hal anu henteu halal pikeun anjeunn ningalina, oge panguping anjeun tina hal-hal anu henteu halal pikeun anjeun ngupingkeuna, jeung kudu geude mikanyaah ka budak-budak yatim.
Wahai jalma anu ariman, sing saha di antara maraneh mere kadaharan keur buka puasa, mangka mungguh Alloh sami sareng ngabebaskeun hiji budak beulian, terus dipupus sakabeh dosana anu katukang. Sing saha anu ngalakukeun solat sunat dina bulan Ramadlan, mangka Alloh bakal ngabebaskeun dirina tina siksa seuneu naraka. Sing saha jalma anu ngalakukeun solat fardlu dina eta bulan, mangka pahalana saperti ngalakukeun 70 kali solat fardlu di luar bulan liana. Sing saha jalma anu maca solawat ka kakaula di eta bulan, mangka Alloh bakal ngabeuratkeun timbangana di poe kiamat engke nalika timbangan kaalusana hampang. Jeung sing saha maca al-Qur^an sanajan saayat dina eta bula, mangka pahalana sarua jeung maca satamatan al-Qur^an di bulan-bulan liana. Masih seueur deui pidawuh/khutbah Rasul anu ngenaan nyambut jeung kautamaan bulan Ramadlan. Wallohu A'lam.