Katumbiri Edisi 2234
Simpay Wargi Hayang Boga Galeri
Kelompok pengrajin wide jeung anyaman Simpay Wargi nu alamatna di Dusun Kawungluwuk Desa Lingga Jaya Kecamatan Cisitu hayang boga galeri. Ieu galeri teh pikeun ngadagangkeun hasil-hasil karajinan jieunan kelompok Simpay Wargi, anu mangrupa wide (Kre) oge parabot rumah tangga saperti piring-piring nyere, gelas tina awi, tempat gelas, tempat tisu, kantong, boboko, lampu, jeung rea-rea deui. Tapi eta kahayang teh tangtuna can tinekanan, sabab kiwari kelompok Simpay Wargi masih keneh ngadagangkeun hasil karajinanana di bumnina Apong Nurhayati, minangka ketua Simpay Wargi. Sanajan basajan tapi tempatna misah ti bumina Apong Nurhayati. Saung leutik camperenik nu aya di luhureun balong jadi kareueus kelompok Simpay Wargi.
Ditepungan ku MANGLE Ketua Simpay Wargi, Apong Nurhayati, garwa Agus Wawan D, S.E., Kabid Linmas Badan Kesatuan Bangsa Kabupaten Sumedang nembrakeun cita-citana hayang ngaronjatkeun ekonomi para anggota Simpay Wargi anu nepi ka dangeut ayeuna kelompok Simpay Wargi masih keneh hese masarkeun hasil karajinana, sabab teu boga galeri anu strategis, anu kuduna aya di pusat kota Sumedang. Ieu mah ayana di sisi lembur anu rada nyingkur. Jadi loba anu teu apal dimana Simpay Wargi teh. Kitu deui nepi ka ayeuna masalah sejenna, nyaeta kakurangan keneh modal, sanajan geus kungsi meunang bantuan ti saung kadeudeuh (anu harita ku Redjaningrum) gedena 20 juta. Taun 2009 oge meunang bantuan modal 5 juta ti Bupati Sumedang, H. Don Murdono, S.H. M.Si., sarta meunang bantuan dana ti Taufik Gunawansyah, S.Ip nu gedena 2 juta basa kelompok Simpay Wargi miluan pameran Paris Van Java. Eta tangtuna bantuan dana teh teu dimomorekeun ku Apong Nurhayati. Buktina dana bieu geus digulirkeun ka anggota kelompok Simpay Wargi nu anggotana aya 540 urangna.
Kelompok pengrajin wide (awi dihade-hade) Simpay Wargi meunang perhatian ti pamarentah Kabupaten Sumedang. Hal eta dibuktikeun ku mindeng diayakeunana palatihan-palatihan ka para anggotana. Anyar-anyar ieu para anggota kelompok Simpay Wargi miluan palatihan IKM nu diayakeun ku Dinas Perindustrian & Perdagangan Kabupaten Sumedang anu tempatna di Hotel Hegarmanah. Kungsi oge Pemda Sumedang ngayakeun pembinaan IKM gawebareng jeung Deskranasda Kabupaten Sumedang. Kabeneran, harita kelompok Simpay Wargi mangrupa salah sahiji kelompok anu keur dibina. Komar, Kasubag Sarana Perekonomian, ngajentrekeun yen pihakna ngadukung pisan kana kamajuan IKM anu aya di Kabupaten Sumedang, kalawan Pemda mere fasilitas samaksimalna ku ngayakeun pembinaan jeung palatihan keur IKM-IKM.
Apong Nurhayati ngarasa nganuhunkeun ka Pemda Sumedang anu geus mere perhatian ka kelompok Simpay Wargi. Nganuhunkeun ka Kadis Perindustrian dan Perdagangan, H. Ahmad Kusnadi, S.H., M.M., anu ngarojong Simpay Wargi oge ka Atang Suparman, Kabid Perindustrian anu kacida perhatiana ka kelompok Simpay Wargi.
Apong Nurhayati minangka ketua Simpay Wargi hayang ngamajukeun masarakat di daerahna. Ku kituna, Apong ningal aya masarakat di widang karajianan anyaman di Kawungluwuk jeung widang kadaharan olahan di Desa Lingga Jaya, kayaning opak, wajit, ranginang, jeung sabangsana. Ieu istri Agus Wawan D. S.E., oge miharep ka pamarentah Kabupaten Sumedang sangkan leuwih merhatikeun pangusaha leutik di daerahna. (Nuning)
***
MOS Murid Anyar SMPN 2 Sumedang
Husus keur murid anyar, MOS (Masa Orientasi Siswa) mangrupa salah sahiji kagiatan dina ngamekarkeun Wawasan Wiyatamandala. MOS SMPN 2 Sumedang diayakeun tur ditungtun ku OSIS, kalawan tujuan sangkan para siswa anyar siap tur boga pamahaman anu cukup ngeunaan kumaha kagiatan diajar di SMPN 2 Sumedang.
SMPN 2 Sumedang kaasup sakola favorit di Kabupaten Sumedang. Hiji-hijna sakola anu aya kelas RSBI di Kabupaten Sumedang. Ti taun ka taun prestasina dina rupa-rupa widang terus nambahan. Diantarana bae sakola ieu kungsi jadi sakola sehat.
Ditepungan ku Mangle, Kapala SMPN 2 Sumedang, Bapa Jiji Atmaja, M.Pd ngejentrekeun, dina taun ajaran 2009/2010 SMPN 2 Sumedang narima murid anyar 68 urang husus RSBI, keur 3 kelas Rintisan Sekolah Bertaraf Internasional. Salian ti eta aya160 urang, dibagi jadi 4 kelas keur kelas SSN. Jadi kabehna, murid anyar SMPN 2 Sumedang teh aya 228 urang anu dibagi jadi kelas RSBI jeung kelas SSN (reguler). MOS di SMPN 2 Sumedang, nurutkeun Bapa Jiji Atmaja, M.Pd, tujuanana sangkan murid-murid anyar SMPN 2 Sumedang "teu reuwas" teuing jadi murid anyar di SMPN 2 Sumedang, sabab SMPN 2 Sumedang tangtuna beda jeung sakola-sakola sejen nu aya di Kabupaten Sumedang. Materi anu dibikeun dina acara MOS, salian ti Wawasan Wiyatamandala oge wawasan sejen soal cara diajar, kadisiplinan jeung rea-rea deui. MOS diayakeun salila tilu poe, Kemis nepi ka Saptu di sakola anu perenahna di Jl. Parigi Lama Sumedang. Husus keur siswa RSBI anu lobana 68 urang, aya materi out bond anu tempatna di Kampung Toga, Kecamatan Sumedang Selatan, Kabupaten Sumedang.
Kitu deui Jiji Atmaja, M.Pd, miharep ka nu geus lalulus, sangkan bener-bener dina nyuprih elmu nu leuwih luhur. Lian ti eta, dina kasempetan eta diayakeun oge acara ngabageakeun murid anyar SMPN 2 Sumedang, sangkan bener-bener jadi murid SMPN 2 Sumedang anu bisa jadi kareueus, sangkan bisa ngabuktikeun ka masarakat Sumedang yen SMPN 2 Sumedang leubeut ku prestasi-prestasi luar biasa. (Nuning)
***
Ketua Pengadilan Negeri Bandung Ngistrenan Anggota DPRD Kota Bandung Mangsa Bakti 2009-2014
Rebo 5 Agustus 2009, di Gedong Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Bandung jalan Wastukencana Bandung geus lumangsung acara Rapat Paripurna Istimewa DPRD Kota Bandung ngeunaan ngeureunkeun anggota Dewan mangsa bakti 2004-2009 sarta netepkeun anggota Dewan mangsa bakti 2009-2014. Sidang dipingpin Ketua DPRD Kota Bandung Husni Mutaqin.
Demi nu ngistrenan anggota DPRD Kota Bandung mangsa bakti 2009-214 nyaeta Ketua Pengadilan Negeri Bandung.
Jumlah anggota dewan nu diistrenan aya 50 urang, ti sababaraha partey diantarana ti Partey Demokrat 20 urang, Partey Gerinda 3 urang, PKS 9 urang, PAN saurang, Golkar 6 urang, PPP tilu urang, PDS saurang jeung PDIP 7 urang.
Sabada rengse acara poko, harita keneh acara diteruskeun kana netepkeun Ketua DPRD Kota Bandung sementara. Nu kapeto jadi Ketua sementara nyaeta Tomtom Dabbul Qomar, SH ti Partey Demokrat, dibarengan ku wakil ketua Tedy Rusmawan ti PKS.
Dina biantarana Ketua DPRD Kota Bandung sementara Tomtom Dabul Qomar, SH netelakeun, salila babaktina lima taun ka tukang, diaku rea keneh garapan nu can cumpon luyu sakumaha harepan masarakat kota Bandung. Tapi, sok sanajan kitu, teu dileuleungit kadarian para anggota legeslatip geus satekah polah ngetrukkeun tanaga katut pikiranana kalawan ngalakonan upaya jeung tarekah nu daria enggoning ngahontal udagan keur karaharjaan rahayat.
Tomtom nandeskeun deui, dina raraga nanjeurkeun pangwangunan luyu sakumaha harepan warga Bandung, memang enteng bangga. Teu gampang saperti malikeun dampal leungeun. Butuh waktu jeung proses nu misti dibarengan ku rasa kasadaran balarea. Pon kitu deui perelu sareundeuk saigel ngaheuyeuk dayeuh babarengan.
"Hasil gawe para anggota dewan samemehna masing jadi pamecut keur ngagedurkeun sumanget kahareup. Oge jadi pamecut dina raraga ningkatkeun ajen gawe para anggota legislatip nu ayeuna" pokna. Gede harepan, para anggota dewan nu ayeuna sing leuwih deukeut tur deuheus jeung rahayat. Naon pangna kitu? Sabab sagala pasualan nu tumali jeung bangbaluh nu ngarandapan masarakat Kota Bandung bisa langsung katalingakeun sarta bisa kaungkulan.
Sajeroning kitu Walikota Bandung H. Dada Rosada, SH., MSi macakeun biantara tinulis gupernur Jawa Barat, nu unina netelakeun anggota Legislatip Kota Bandung masing gawe soson-soson demi ngawujudna pangharepan balarea. Mere asupan (kontribusi) aspirasi-aspirasi warga ka pihak eksekutip nu intina keur ngawujudkeun pangwangunan demi kapentingan rahayat. Poma jauhkeun pasipatan hianat nu bakal ngaraheutkeun hate rahayat, alatan teu bisa ngamalirkeun aspirasi jeung pangharepanana.
Sagala hal nu baris dipilampah, kaasup milampah pangwangunan, kawasna moal leupas tina bangbaluh. Ku kituna, sabisa-bisa urang kudu bisa nyinglarkeun eta bangbaluh jeung rurubed nu matak bakal nyangsarakeun rahayat.
Utamana pisan para anggota legeslatip dipiharep dina mancen tugas sing jujur tur adil demi nanjeurkeun tur ngamalirkeun amanah rahayat. Lian ti eta ngabaktikeun diri misti miang tina titincakan nu saestuna keur karaharjaan rahayat. (cucu/nay)
***