Kingkilaban Edisi 2234
Mbah Surip: 'Bangun Tidur, Tidur Lagi Selamanya'
Duka tos dugi ka mana Mbah Suripna mah. Insyaallah du'a urang sadaya anu micintana, mugi molongpong jalan ka pangkon rido Allah Swt. Harita apan basa urang jajap sasarengan ka tempat "Tidur lagi selamanya" pamakaman seniman Bengkel teater, kedal kalimah-kalimah ngaihlaskeun kana pangersa Pangeran. "Ya ayyuhannafsul mutmainnah irjii ila robbiki roodiyatan mardiyah".
Teu tiasa aya nu mapalangan, urang sadaya ngaraos diheulang. Sepuh anom anu micinta Mabah Surip (1949 2009), ngagarajag cisoca kasedihna, teu percaya bakal kaicalan ku seniman anu keur meujeuhna nanjung, keur nanjeur popularitasna. Sumuhun nanjeur nanjung soteh ceuk urang, anu sok mulas-moles hirup ku dangdanan. Mbah Suripna mah, boa teu ngaraos nanjung, teu ngaraos populer ah biasa bae anjeuna mah lempeng leumpang sakarep isun bari "tak gendong kemana-mana". Saur salira upami tiasa keneh kedal lisan mah " ... ha...ha...ha... populer mah ngan saheulaanan, takabur tateh asa pinter aing teu batur ha-ha-ha... nu lana mah karya nu mangpaat keur urang rea ha...ha...ha...".
Memang ieu seniman teh disarebat penomenal. Beda mun dibandingkeun jeung perjalanan proses kreatif seniman nu sanes. Mabah Surip mah jiga nu mahiwal ti batur. Mahiwal dina proses popularitasna. Mbah Surip mah jiga nu teu boga niat hayang populer da hirup cukup ku kopi lekoh jeung ngelepus udud, ha-ha-ha...nu penting dimana-mana loba baraya,loba nu ngaku, loba nu nanggap. Bisa hirup gampang menta jeung daek mere ha...ha...ha...Dangdanan oge mahiwal ti batur, cukup ku kupluk keur nutupan buuk gimbal, rompi...jiga teu ganti,sapatu dengdek balas kagugusur. Tapi saur salira " ha-ha-ha... dangdanan mah ngan sakadar pupulasan ha-ha-ha...nu penting hirup di dunya teh kudu loba kahadean jeung mangpaat keur balarea...ha-ha-ha-... " , kitu panginten anu kedah kasurti ku abdi-abdi teh.
Dinten salasa, 4 Agustus 2009, pk.10.30, Urip Ariyanto alias Mbah Surip, seniman anu sederhana ngarayap ngagalandang ti Mojokerto ka panggung-panggung selebriti di Jakarta. Tangtungan hirup sederhana, bisa syukur kana nikmat, jeung hirup mangpaat kagambar dina syair-syair lagu-laguna. "Tak gendong " teh meureun kudu daek ngasuh jeung tutulung ka batur, " Bangun tidur, tidur lagi " basajan we hirup mah ulah popohoan teuing, hirup keur syukur ni'mat. Mun keur benta berprestasi, Mun keur sare ulah ngarugikeun batur. Amin Mbah... wilujeng angkat ngadeuheus ka pangkon karidoan Mantena. ( Helinesje)
Willybrodus Surendra Rendra: Nyastra keur Bebela ka Rayat
Jiga nu ngaisarahan salira mah abong jago acting wedalan Amerika. Geuning dina videoklip 'Tak Gendong' Mbah Surip, salira teh digandong ku Mbah Surip, sami-sami bingah ngareundeuk sawirahma. Abong panon abdi anu lolong otot, padahal harita salira nuju wales di rumah sakit. Abdi-abdi seueur nu teu kawartosan salira teu damang. Barang dina wengi Jumaah pukul sapuluh langkung aya wartos' bet menggaskeun pisan harepan. Acan ge tamat du'a jajap kubur, acan ge kapapalerkeun ieu kasedih, bet tos kedah ngaiklaskeun deui kailangan seniman kareueus anu bisa ngangkat darajat kahormatan sakumna anak bangsa.
Teu ngarasa kaangkat kumaha, apan ku salira mah sajak teh bisa ngajanggelek jadi pedang anu matak kukurayeun para pejabat anu basilat. Puisi salira jadi bebegig keur patingggi anu telenges pupulitikan, loba nipu ka rakyat leutik. Salira mah nyastra teh sanes mung kalangenan tapi jadi alat perjuangan. Jadi alat ngahudangkeun wawanen keur merjuangkeun kateuadilan.
Salira wantun ngabuang maneh lantaran kudu dipanjara da dianggap ngalawan aparat jeung ngera-ngera pamarentah nu sarakah. "Sebatang Lisong... Seonggok Jagung...Bersatulah Wahai Para Pelacur Kota Jakarta " katampina lir ibarat bom anu bisa ngarugrugkeun benteng-benteng pamarentahan otoriter. " Qasidah Barjanzi, Panembahan Reso, Pemberontakan Suku Naga sareng saabrag pentas teater salira... didareugdeug jadi pangjugjugan tontonan jeung tuntunan. Puisi-puisi salira sareng kapenyairan saliran mawa wanda anyar ka balarea. Jadi panggeuing lilir tina teu daya upaya dikakaya ku bangsana jadi masarakat anu sadar kana hak bangsa merdeka jeung kawajiban ngeusi kamerdekaan.
Wahyu Sulaeman Rendra (1935-2009), pahlawan anu nyastra keur berjuang jeung salawasna mihak kana kapentingan rakyat, teu wasa nolak kana qodar. Anjeuna mulih ka pangkon Gusti diiring citangis kingkin, dijajap sungkawa manah. Aleutan ta'ziah ti gegeden nagri, para seniman sareng artis, pulitisi, tentara, polisi, kaum dagang jeung sodagar, rakyat masakat 'patani, nelayan, pamulung jeung pangamen, sadayana ranggah iklas ngadu'a buktos wawangi salira nyerep nyecep nyaliara dina mamaras manahna.Mugi Allah, nampi amal-ibadahna, nampi ku rido Mantena. Amiin. (Helinesje)