Tue, 22-05-2012
Carita Dua Bagian

Lalaki Langit

Pintonkeun di FB

Ku: Cucu Rahmat S.

Hiji.

"Sugan teh kukupu hideung, horeng kajar-kajar kahuruan. Sugan teh tukuh di ludeung, horeng atah ajar pangguruan. Ngeplek jawer ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri. Kumeok memeh dipacok.
Gening lalaki teu matak mahi, lalanang teu matak hayang. Teu beda jeung kai randu, dipake pamikul bengkung, dipake tulak juru murungkut, dipake popongkol morongkol.

Lamun enya Anjeun teh lalaki langit, geura tenjrag wawanen jajaten-tulen." Seksakala awong-awongan, susumbar. Lajag-lejeg bari nulak cangkeng.

Sanajan ceuli panas lir direrab, hate mah teu bisa magar kumaha. Awak asa remuk kapupul bayu, basa katibanan teunggeulna anu sakitu rongkah. Padahal, kuring geus mapatkeun kias-tarekah andelan keur ngabendungna. Coba lamun henteu? Boa kumaha balukarna ieu awak.

Tetela! Hanas kuring jumawa. Ngarasa, sasat diri geus ngaku-ngaku manjing lalaki langit nu pilih-tanding. Kari-kari ayeuna, saukur ngayonan siluman pantar Seksakala, teu walakaya. Malahan teu bisa males-males acan. Gening bener cek aki, elmu mah euweuh patungtung, ajian mah euweuh pamungkas.

Jiga nu teu nolih kuring, Seksakala nyusul tepus. Sabab kaciri; dampal leungeun kenca-katuhuna geus dirapetkeun deui--jiga nu keur nyembah--dina dadana. Panonna dipeureumkeun, biwirna kunyam-kunyem deui kawas tadi.

Seor... seor... angin puyuh lilimbungan, patingsaleor. Teuing ti mana datangna, tangka sagede-gede beuteung munding. Tatangkalan di sabudeureunna tingdorokdok. Daunna rabeng ngawang-ngawang. Di jomantara, langit nu bieu cangra dadakan ceudeum. Keueung, kukurayeun. Katutup ku mega-mega nu lalumpatan tingsurungkuy jiga nu sieun, kasapu angin.

"S-E-R-A-T-J-I-W-A..!"
"Gusti..!" panon peureum, tipepereket.

Perwatekna; awak asa dicangreud, ditalikung ku tali-tali gaib anu hamo bisa katingali ku panon lahir, tali-tali gaib anu ngahubungkeun antara awak kuring jeung leungeun Seksakala. Teu bina ti boneka nu dihirupkeun, make benang.

Awak ngacleng sababara-puluh deupa ka tukang. Kateumbrag, basa dua dampal leungeun Seksakala dikahareupkeun--kawas nu--ngadorong. Satekahpolah suku oseh-osehan, totojer hayang leupas. Ngan angger teu bisa, teu walakaya. Awak karasa leuleus, lir kapuk kaibunan. Temahna kuring ngoleang, tiwas, ragrag ka jurang anu nangtawing...

"Tobaaat!" nyeuleuweung sataker-kebek.

Brug! Awak tibeubeut--ninggang--kana lante. Rurusuhan cengkat bari gigisik. Sirah karasa linu jeung lieur. Kesang tiis ngagarajag, maseuhan saawak-awak.
"Jadol teh, ngimpi!" garo-garo teu ateul. "Kila-kila naon nya?"

Laju cengkat lalaunan. Meresan simbut nu ngabulen awak. Ditilepan, disimpen kana kasur. Gasik ngalieuk kana jam nu ngadaplok. Jarumna nunjukkeun pukul tujuh. Beu! Gening geus beurang. Gura-giru ngarongkong anduk, satengah lumpat muru kamar mandi. Sanggeus samemehna mareuman heula komputer anu ngahiung. Tayohna hurung sapeupeuting, can dipareuman--kasarean--urut ngagambar; nganggeuskeun tugas desain.

***

 Ringtone Avenged Seven Fold tina hape kuring, sada...   
"Aya naon, Teh?"
"Ji.. enggal mulih, Bapa mingkin repot. Sasar wae, ngan nami Aji we nu disasambat teh!" ngajawab--tina jero hape--beh peuntaseun.
"Mangga, Aji nuju dina beus, tos dugi ka Nagreg."
"Sok atuh, diantos nya!"
"Muhun, Teh." nutupkeun hape.

Teuteupan ditojokeun deui ka luareun beus. Anteng deui kawas tadi, nitenan jalan aspal anu teu reureuh-reureuh maraju. Tatangkalan angot sarua, tingkolebat lalumpatan. Seserebetan jiga nu ngahaja mamawa kuring. Inditna rusuh bari nungtun, malah ngabebetot satengah maksa kana lelembutan. Nitah muka, atawa pangmukakeun ingetan kuring; ngebrehkeun gambaran mundur, ka alam basa kajadian dua bulan katukang. Basa kajadian kuring jeung bapa ngawangkong di patengahan, basa ngobrol bari daria...

Rumasa, asa boga dosa ka nu jadi bapa teh. Awahing ku pabedang-bedang pabentar paham, tangka pasea rongkah. Pedah salila ieu, kahayangna teu dicumponan. Sok sanajan dipapaksa, keukeuh kuring embung. Teu ngaenyakeun, angot ngaheueuhkeun mah.

Lamun dipikir-pikir mah saha bapa, sakapeung sok asa bagja hirup teh. Da lamun seug jangji--ngomong--isuk-isuk, sok kapake engke sorena. Tara lanca-linci luncat mulang, angot linyok-bohong mah. Tapi edas, aya kalana sok mangkeuheulkeun ku watek jeung pasipatanana. Aristokrat, kolot, jeung peodal. Bener-bener kasebutna lalaki gagah perkosa teh, nanaon kudu ditumut, kudu taat kana sagala parentahna. Tegas, jeung wibawaan.

"Hidep teh anak bungsu, lalaki hiji-hijina. Aji Tunggal Wijaksana. Aji, dicokot tina ungkara basa ajian. Tunggal; tegesna hiji. Sumurupna tina acining bumi, cai, seuneu, jeung angin, anu ngagulung ngajadi diri Hidep anu sahiji. Ari Wijaksana; yen salaku lalaki kudu ngabogaan sipat wijaksana, kudu landung kandungan laer aisan. Gubragna Hidep ka alam dunya dina poe saptu, watekna bumi; kuat manjing taneuh. Tegesna; tempat panyarandean, atawa tempat cicing jeung pondasina sarerea. Aya kalana sabagean elmu, ngan bisa diagem ku nu lahirna poe saptu wungkul jeung teu bisa ku nu lain poe." basa panjang-lebar muka wangkongan.
"Sumuhun." ajrih.
"Hayang boga Hidep, Bapa nepi ka tatapa. Kuru cileuh, kentel peujit," teuteupna semu kosong, kawas mulangkeun panineungan. "Ti leuleutik, dirorok dibeda-beda jeung lanceuk-lanceuk Hidep nu sejen. Sagala kahayang ku Bapa dipupujuhkeun, asa nanggeuy endog beubeureumna. Malah sok jadi pasirikan. Tapi najan kitu, teu nyurutkeun niat Bapa. Hidep neruskeun sakola, kuliah di kota. Hayang ituh, hayang inih..,"
"Sumuhun."
"Sabalikna, ayeuna gera cumponan atuh kahayang Bapa."
"Nu eta tea?"
"Enya!" pinuh pangharepan.
Kuring ngabetem. Ambekan--lalaunan jiga nu--diatur, awahing ku kebek.   
"Panginten..," asa-asa.
"Sok!"
"Eu... moal tiasa Bapa." satengah murungkut, aya kapaur.
"Silaing!" sorot panonna, semu hurung. Nyima, badis maung. Dampal leungeunna meber. Ngageter, perwatek aji

Braja Musti.
Kuring meureumkeun panon. Tipepereket banget ku soak...
Bener kitu, nu disebut lalaki langit teh kudu jiga cek Bapa? Enya, ngeusian awak teh lain ngan saukur ku kejo wungkul. Tapi kudu ditambah ku... ah... na euweuh deui cara nu lain?
"Ku naon, ti tatadi dititenan ku Abah, urang teh jiga nu keur anteng ngalamun?" sora panumpang gigireun, ngagareuwahkeun.
"Eh... henteu." ngalieuk semu reuwas, asa kagebah. "Bade ka manten Ki?"
"Ka kidul, Cep."
"Oh..." pondok.
"Wasta Abah mah, Janaip," nyolongkrong, miheulaan ngajak sasalaman. "Urang teh dek ka mana nyah?"
"Ka Cibatu," nampanan leungeunna, semu rampang-reumpeung. "Abdi mah, Aji."
"Aji nyah, ngaran teh!" Bah Janaip imut, kagugu ku polah kuring.
"Sumuhun Bah."
Katingali panonna lalaunan dipeureumkeun, bari unggut-unggutan.
"Bapa urang teh, keur gering nyah?"
"Naha, Abah uninga?"
"Ah.. henteu."
Jempe sakedapan. Boh kuring, boh manehna. Sarua, kawas nu keur nyipta-nyipta, ngareka-reka, naon deui bahan piobroleun. 
"Saha cenah, manehna teh?" ngulibek, jero dada.

Sareretan. Maling-maling, neges-neges. Enya kolot! Malah pantesna mah disebutna ge aki-aki. Tapi, rengkak paripolahna; masih keneh cangker, masih keneh kuat. Teu nembongkeun sari-sari ti jelema nu katingalina geus sarwa hengker.

Beungeutna; najan teu bodas, katingalina beresih cahayaan. Pantesna teh sok kawasuh ku cai, balas abdas wae. Leungeunna hideung kapoe. Sepiran, sok sanajan geus pareot--bukti gambaran lalakon hirupna anu jero ku pangalaman. Ngan! Ke... ke... bet jiga aya cedaan dina ceuli kencana, mani ngagedat kitu...

"Naon, Cep Aji?"
"Kulan!" ngarenjag, kagareuwahkeun.
"Enya, Abah mah geus kolot. Sengserang padung!"
Gusti! Naha apaleun lamun kuring keur merhatikeun manehna. Duh, boa-boa lain aki-aki...
"Meungpeung keur buta tulang buta daging, keur belekesenteng keneh!" sorot panonna seukeut, jiga nu nyawang kajauhna.
"Naon tea Bah?"
"Enya, nyiar luang tina daluang. Atawa bisa wae, nyiar luang tina burang."
"Maksadna?"
"Aya kalana pangaweruh teu diajarkeun ku guru di sakola, atawa di pasantren. Tapi meunangna eta pangaweruh teh tina pangalaman urang sorangan."
"Sumuhun."
"Ngaraning lalaki mah, mangka panjang nya dongkangan. Ulah heureut nya pangdeuleu, ulah pondok papahaman. Luang loba sajajalan; pulunganeun, rawataneun."
Kuring ngabigeu.
"Awal-ahir. Kersaning Azza Wa Zalla, dina mangsana lalangit hate nu belewuk kulawu, ngajanggelek jadi langit; ku cangra koneng kaemasan!" bari ngareret ka kuring.
"Maksadna!" papelong-pelong.
"Baris panggih! Enya, baris pinanggih; geusan ngajadi!"
"Ke..!"
"Jang... Jang Kenek, Abah mah turunkeun di dieu weh!"
"Naha, Bah?" mingkin panasaran.
 "Abah aya perlu heula." leugeunna nepakan tak-tak kuring, bari imut. Saterusna ngaleos, turun di lebah Jalan Cagak. Ninggalkeun kuring nu hareugeueun.

Poe nu aneh! Tadi peuting ngimpi gelut jeung ririwa. Ayeuna, panggih jeung aki-aki nu teu puguh alang-ujurna, kalah ngomong babasaan nu teu kaharti. Lah aing mah!

Bapa, hapunten abdi. Mana kieu ge meureun putra teh seueur kalepatan, seueur dosa. Tapi, da sanes bade baha atanapi bade teu mulang tarima. Ngan...

Di luar, Bah Janaip keur leumpang, ngungkug rurusuhan muru ka handap, ka lebah Limbangankeun.

***

Dua.

"Tah gening!" curinghak. Cengkat--tina dipan--rurusuhan, basa ngadenge sora kuring. "Sok diuk."
"Sabar Kang! Pan, Akang teh teu damang." indung ngahulag, bari nyepengan awakna nu oleng. Kuring gentak mantuan. Terus disarandekeun, sanggeus indung numpukeun bantal aya kana opat sikina dina tungtung dipan.
"Keun! Kami moal labuh," ngepeskeun. "Kumaha Ji, geus asak-asak mikirna?"
"Keun... sina reureuh heula atuh, Kang." indung mairan.
"Sawios," bari ngasongkeun leungeun, sasalaman.
"Sok atuh jawab! Ngarah Si Bapa teu angen-angen." mairan deui. 
Kuring memener diuk. Narik napas sakeudeung, miceun bangbaluh.
"Saleresna putra wegah lamun kedah ngawaler ayeuna keneh teh. Tapi, dalah dikumaha atuh, panginten awal-ahir ge angger kedah diwaler."
"Nya puguh atuh! Ngarah reugreug." bapa nempas, rurusuhan.
"Janten..." angger asa-asa. "Aji teh kedah kumaha atuh?" 
"Ituh... Si Sujang!"
"Bae!" bapa ngahulag. "Jadi kieu meureun. Sakumaha nu geus ditepikeun harita ka Hidep tea. Dasarna mah tina kahayang bapa, yen Hidep teh kudu jadi lalaki anu gagah luar, oge jerona. Luarna ku pendidikan sakola, jerona mungguh ku rupa-rupaning elmu kadigjaya, jeung elmu kaagamaan. Sangkan neruskeun tapaklacak karuhun-karuhun kolot urang."
"Sumuhun."
"Matak dina umur nu geus sakieu cueut kahareupna, jaba geringan deuih. Bapa rek miharep anu panungtungan ka Hidep." semu dareuda, jiga-jiga nu reuntas pangharepan.
Teu buru-buru dijawab. Aringgis. Wegah. Sieun kawas nu katukang-tukang kaalaman deui. Bisi salah, bisi anggapanna bengkok sinembah, baha ka nu jadi kolot. Ari digugu...
"Janten..," asa-asa. "Kedah di mana, sareng kumaha putra ngawitanana?"
"Heug! Sukur kaharti mah." pasemon bapa ngemu atoh anu pohara. Malah, lamun seug teu kahulag ku indung mah, kahayangna--sahudang-hudangeun--cengkat.
"Jadi Hidep geus siap lamun Bapa ngawaris elmu ayeuna keneh.
"Mangga."
"Engke dina waktuna aurod, penta kasaktianana, eusi kandungan kias-kalimahna anu..,"    
"Ke! Kumaha maksad teh."
"Enya, eusi kalimahna."
"Moal Istijrad kitu," motong, ngawani-wani baha. "Lamun kedah ngarep-ngarep wungkul kana kakuatanana wungkul mah."
"Maksudna?" nyeuneu. Asa kahulag.
"Sumuhun! Unggal-unggal mementa bari maksa, Istijrad namina."
"Istijrad kumaha?"
"Bakal patebih atuh antawis kahoyong urang sareng agama, sareng ridona Alloh."
"Nyanyahoanan!"
"Saha kitu anu ngagaduhan kakuatan, anu dipimaksad ku Bapa teh?"
"Nya! Eusi kandungan kalimahna, Hodamna."
"Bikudrotillah... Biirodatillah..."
"Ke! Ka mana eta teh leosna."
"Sadayaning kakuatan nu aya di alam marcapada ieu moal janten, lamun teu ku Kawasa sareng ku Kersana Gusti Alloh mah."
"Enya, terus!"
"Elmu teu tiasa patukang-tonggong sareng agama. Saur katerangan: Agama tanpa elmu; bebegig. Sawangsulna, elmu tanpa agama; jurig."(1)
"Ke!" kerung.
"Sumuhun! Singsaha-saha anu parantos uninga kana dirina, tinangtos terang ka Pangeranna.(2) Jadi lamun urang parantos uninga saha urang, saha diri urang anu sajati? Urang teh bebegig!--ibarat raga teu ngagaduhan nyawa--lamun teu terang ka Pangeranna."
"Heueuh!"
"Tapi sateuacanna hapunten, ampun-paralun sanes putra bade ngaluluhuran, ngaleuleuwihan Bapa."
"Teu! Teu nanaon."
"Sawalerna, sareng singsaha-saha anu parantos uninga ka Pangeranna, tinangtu ngarasa bodo dirina.(3) Maksadna; lamun urang teu ngarumaoskeun, yen diri urang teh bodo--teu aya nanaonan--payuneun Pangeran. Urang bakal popohoan, ngalajur napsu ngumbar amarah. Asa aing pangjagona, pangboga-elmuna henteu batur. Asa aing pangpinterna, panguyah-kidulna henteu batur. Atuh naon bentenna antawis urang sareng jurig. Sasat teu ngaku ka Gusti Alloh anu Maha ngagaduhan: uteuk tongo walangtaga, sareng sagala hal-hal anu aya di alam dunya ieu."
"Kaharti!"
"Elmu teh kedah sareundeuk-saigel sareng agama. Lamun elmu teu nganggo ajaran agama, bakal Ghorim(4) anu kaluarna tina diri urang teh."
"Gusti!" 
"Tapi.., hapunten putra sakali deui."
Bapa ngaheruk sajongjongan. Peureum lalaunan, antare pisan. Dina juru socana aya nu ngelemeng, herang. Kedalna: "Sukur, gening Hidep teh nyata-nyata geus manjing. Salila ieu, Bapa teu mikir tepi ka palebah dinya. Gening teu beda ti monyet nu ngagugulung kalapa Bapa teh."
Rohangan ngadadak simpe.
"Ieu cipanon Bapa, lain cipanon kasedih. Tapi kaluarna tina kabagjaan anu tanwates-wangen. Bral... geura miang, bagja geus ngadagoan, Anaking. Bapa rido, iklas lamun kudu dipundut ayeuna keneh ge."
"Kang... ulah kitu!" indung ngageuing.
"Bae, lahir-batin bapa bagja. Teu! Teu munasabah..."

Lambeyna imut. Tingtrim katingalna basa lalaunan socana peureum. Socana dipeureumkeun. Enya! Peureum. Peureum nu estuning peureum saenyana, anu hamo bisa dibeunta-beuntakeun deui salilana. Najan kitu lain harti peureumna saukur beunta anu ngahaja dipeureum-peureum, atawa peupeureuman. Tapi peureumna ti jelema anu geus dipeureumkeun tina beuntana ku Gusti Nu Maha ngagaduhan peureum, dipeureumkeun, dipeureum-peureum, jeung peupeureuman. Sabab geus cunduk waktu ninggang mangsa, kudu eureun tina beuntana, ngajadi peureum anu sajati. Mungguh; peureum langgeng.

Kuring ngeluk. Teu karasa aya nu ngalembereh, basa indung nyegruk dina dada bapa.
Geus titis turis, bapa kudu mulang ka alam kalanggengan. Alam padang poe panjang. Alam pangbalikan sarerea. Alam di mana geus diputusna manusa ngaliwatan alam maot, nyaeta eureun tina alam kahirupanana. Saterusna kudu tetep renggenek nyicingan alam kahirupan nu anyar. Nyaeta alam kahirupan anu teu keuna ku maot. Alam aherat mungguh sajati.

Lalaki langit lalanang jagat. Enya, Raden Wirakatma. Bapa pisan jalmina, terah menak turunan kadaleman Banten. Anu salalawasna pengkuh kana tetekon, sareng papagon.

Seug lamun dipangsi nu singsarwa hideung, jeung diiket barangbang semplak. Katingal matak kewes tembong watekna; nu teuneung jeung wawanen nu gede tur ludeung. Tapi kiwari, ragana teu bisa baha, teu wasa, jeung teu kawasa. Sok sanajan saukur ngala rasa.

Cek paribasa, hirup diatur paeh diukur. Jelema mah teu ngaboga-boga, teu ngahayang-hayang, angot ngaembung-embung. Najan kudu nyumput dina peti beusi, najan dihalang-halang ku dugal, pati hamo bisa dipondah. Cenah hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja.

***

Wanci tunggang gunung.
Kuring beberes, meresan samak urut tahlilan anu katujuh-poena.
"Aji, kadieu sakedap." indung ngagupay, ngahiap-hiap ka kamar--tempat mujasmedi--bapa.
"Aya naon Mbu!" ngoloyong nyampeurkeun, panasaran.
Saumur dumelah, karek ayeuna asup ka rohangan ieu. Saha atuh nu kumawani calutak, dalah indung sorangan ge teu ieuh di meunangkeun. Dipahing pisan. Cenah ieu mah kamar husus.
Basa asup. Angin tiis nyecep kana awak, hawana karasa beda; sanget, muringkakkeun bulu punduk. Matak husu, keur nu sumujud mumuntang ka Nu Agung. Matak tenang, keur nu tatapa mementa ka nu Kawasa. Katambah peretekna barang pusaka: keris, bedog, tumbak, baju kere nu ditulisan ku aksara Arab--make tinta emas. Jeung peti kai ukiran kira-kira 20 ka 30 senti. Anu mun seug diwawaas mah, eta ukiran teh dijieun ku nu ahlina. Sabab katingalina eta ukiran teh alus, luwes jeung ati-ati dina ngaropeana.

Dina tembok beh kuloneun--tonggongeun Ema, hareupeun--kuring, aya kaen hideung kira-kira sameter-kaduameter. Tulisan Arab, ngabentuk gambar maung. Isim kawasna mah?

"Kieu Ji!" sanggeus dariuk.
"Sumuhun."
"Tadi peuting, Ambu ngimpen."
Kuring teu ngajawab. Saukur melong, kerung.
"Ambu ngimpen kadatangan Si Jenat, enya Si Bapa. Diiket barangbang semplak, dipangsi hideung kewes pisan. Kawas baheula, basa mementa Ambu ka kolot Ambu rek dilamar dijieun pipamajikaneun cenah." lambena ngagelenyu, mulangkeun panineungan.
"Teras?" kuring keom, kagugu ku polah indung.
"Enya! Dina itungan teh, Si Jenat ngedalkeun angen-angenna: pangbejakeun ka Aji, Bapa geus tingtrim di dieu. Ngan, aya angen-angen nu can katepikeun!"
"Naon tea, cenah?"
"Ki Buyut Baraja, geus waktuna dianteurkeun ka asalna. Sabab, anak urang mah moal butuheun pangaping. Tah kitu?"
Ngahuleng sajongjongan, ngadenge indung nyarita anu jiga kitu teh. Naha? Naon maksudna, teu ngalarti. Jeung, saha cenah mangkelukna, Ki Buyut Baraja teh?
"Basa ditanyakeun saha-sahana, Si Jenat nuduhkeun kana peti nu ieu yeuh," indung nyusul-tepus, curukna bentik kana peti kai ukiran. "Cenah, di jerona teh pusaka. Mangrupa kujang. Ngarana; Ki Buyut Baraja."
"Oh..," kuring unggut-unggutan. "Kedah ka mana cenah nganteurkeunana?"
"Ka..," indung tanggah, nginget-nginget. "Oh enya! Ka Sancang. Panggihan jelema anu ciri-cirina; aya tapak ngoet kuku maung dina ceuli kencana. Jeung ngomat-ngomatan ka Ambu, kudu dianteurkeun poe ieu keneh!"    
"Kedah dianteurkeun sore ieu keneh?"
"Enya!"

Sanggeus beberes sapuratina, peti kai ukiran tea di bulen ku boeh, terus diasupkeun kana rangsel.
Di luar. Di pakarangan imah kuring nangtung. Terus tanggah lalaunan, ka jomantara.

Beh kulon, panon poe masih keneh manceran. Langit nu lenglang, jeung ngeplakna layung beureum nu mubyar; ngajanggelek lir amparan cangra koneng kaemasan. Padahal, cikeneh mega-mega masih keneh nyayeud, hideung. Kiwari, hahalangna geus kasingraykeun, geus kapeuraykeun ku turunna hujan. Maseuhan kana lalangit hate kasedih, nu ti kamari ieu rumeuk, belewuk, tur kulawu.

Kuring tungkul. Panon dipeureumkeun, lalaunan...

Ngadeg di tunggul rahayu, ngabangbang di lenglang-caang. Lanang-jagat anu ngejat, lalaki langit ngaleungit. Ngejat ka alam-ruhiat, leungit ka alam-demit.
Perwatek kias Aji Halimunan: leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Les... ngajugjug, pinanggih geusan ngajadi.

***

Des' 08

(1) Hadis Qudsi.
(2), (3) Hikam.
(4) Ghorim/Khorim: Jin dina diri manusa, bisa kaluar alatan jelema tarik teuing wiridan/ngelmu, bari euweuh nu ngaping (guru). Dina prakna wiridan; lain karna Allah, tapi nu diinget-ingetna tujuan. Loba teuing pikiran, jeung tarik lamunan. Temahna sok aya nu ngocoblak dina jero hate, ninitah nu teu kaharti ku akal; bisa wae nitah maehan, atawa ngalakukeun hal-hal nu teu munasabah.

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Kimunk ngomentaran:

Ki Buyut Baraja teh kedah di anteurkeun ka abah Janaip, sabab jalma nu tos terang kana diri mah teu meryogikeun pakarang

kang nungki ngomentaran:

Euuuh, munel carios teh, seueur pulunganeun. Namung ending rada ngagantung, teu tatag mungkas adegan. Diantos carios anu sanesna.