Leungit Lemah Cai
Ku Asikin Hidayat
langit lemah cai
langit nu ngunikeun jangji sababaraha waktu
memeh kuring ngarti naon harti surti
pikeun sagala sora nu ngalagena
langit lemah cai
langit nu ngebrehkeun kalimah
pikeun sawatara seke seler nu kungsi dileler
pangajen pikeun pangakuan anu nyata
langit lemah cai
langit nu nyidem beja mangsa walurat
jadi kalangenan sapopoe bareng jeung patingkuniangna
mayit-mayit hirup maparinun ka unggal dampal panangan
langit lemah cai
langit nu poe ieu atra dina sajarah
kacatet miyuni papaes rarampe jampe
pikeun sakumaha hate ieu bangsa
langit lemah cai
langit nu kungsi lemah
sabada cai motah mapakan langit!
Parunggawul, 17 Agustus 2006
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaedwin ngomentaran:
milangkala lemah cai nu ka 65 tahun... hurip waras !