Tue, 22-05-2012
Carkrim

Harewos Nini Paraji (Bag. 3)

Pintonkeun di FB

(3)

Ma Ratna memang tukang ngurut, loba nu ngajaha datang ka dinya hayang dipencet. Ngan, upama ieu nini-nini nu umurna 79 taun bisa ngurut, memang teu aneh teu sing, da paraji. "Anjeunna teh paraji buhun nu pangsepuhna," ceuk Dokter Vonika, dokter Ahli Kandungan, ti Universitas Ciung Wanara (UNCIWA), Bandung, Jawa Barat.

Kapanasaran Yuni, teu ukur disidem. Manehna hayang nyaho kajadian nu sabenerna. Gilig, hayang nyaho ngeunaan kahirupan paraji nu sabenerna deuih. Matak, basa redaktur majalah wanoja mesen tulisan ngeunaan Nini Ratna, Nyi Mojang teh giak naker.

"Tapi, hadena mah ulah alesan lantaran dendam," ceuk Yuda.

"Ih, saha nu dendam?'

"Pedah we, we nini urang ge paraji," ceuk Yuda deui.

Memang, enya  ninina Yuni, Nini Nesih teh paraji deuih. Cenah, adi  sapaguruan Ma Ratna dina widang marajian. Ngan, Nini Nesih mah, geus mulang ka kalanggengan tujuh taun ka tukang.

 "Ah, lain lantaran kitu. Uni mah hayang nyaho nepi ka bubuk leutikna we ngeuaan paraji jaman baheula," pokna

"Tuh pan eces,  lantaran dendam pedah sok dipoyokan incu paraji," ceuk Yuda.

"Enya, lah. Uni rumasa sok era upama disebutkeun incu paraji. Tapi, sanggeus maca buku Dokter Vonika, jadi reueus.

Imah Ma Ratna, jauh ti imah-imah sejenna. Ayana di mumunggang pasir. Mun disorang ku leupang, moal kurang ti saparapat jam ti lembur nu pangdeukeutna teh. Tonggoheun imah Nini Ratna aya jalan gede. Ti jalan ka imah nini paraji, ukur aya jalan satapak, moal bisa ku motor da aya pengkolan nu mites jeung nurugtug. Matak, ti jalan mah kapaksa laleumpang upama rek ka imah Nini Ratna mah.

"Aya kitu Ma Ratnana?" ceuk Yuni ka Yuda basa mimiti pisan nganjang ka nini paraji.

"Aya lah?"

"Ngan, alusna mah di SMS heula atuh!" Yuda ngaheureuyan.

"Ah, ari taeun teh, masinakeun bogaeun HP."

"Nu dilahirkeun di rumah sakit, memang teu ngarasa kudu kahutangan budi ku bidan jeung dokter, da puguh sagalana meh geus dibayar. Tapi, upama bapa mah da ngarasa hutang budi ku paraji teh," ceuk Wa Asmita ka Yuni.

"Paraji, ceuk Dokter Vonika, asalna tina basa sangsekereta, nu hartina teh mantuan Pangeran atawa nulungan kahirupan. Tuh, apan kitu maksudna oge, milu ngagelarkeun nu kumelip di alam dunya," ceuk Wa Asmita deui.

"Upama ayeuna loba nu korupsi, ku lantaran teu ngagugu kana papatah paraji," pokna. Saterusna, Uwa netelakeun, Ema paraji mah sok mapatahan. "Upama orok gubrag ka alam dunya sok dipapatahahan, leungeun ulah sok sacokot-cokotna upama lain cokoteunana. Ceuli ulah sadenge-dengena, mun lain dengeeunana, panon ulah satempo-tempona, mun lain tempoeunana. Uras-urus nu ngajuru, tara mandang buruhan. Cukup  ukur dibere  hayam kumupu. Cenah, keur hurip!"

Ahirna, Yuni bisa nyieun feature ngeunaan paraji. Tulisanana dimuat dina majalah wanoja tea. Sanggeus kitu, ditambahan, rek dibukukeun. Memang ipis, ukur saratus tilu puluh dua kaca nu ukuran bukuna 14 ka 20 centi meter. Tangtu  we, ukur sabagian lalakon Ma Ratna nu bisa kakobet. Da, loba nu masih keneh dikemu!

"Paraji Ratna diduga mindeng ngagugur-gugurkeun kandungan. Pasenna, daratang ti saban tempat!" Kitu ceuk Kasat Serse Polres basa ditanya wartawan. Eta mah waktu Nini Ratna dituding kabaud kana ngagugurkeun kakadungan sawatara taun ka tukang. Tapi, ahirna, teu kungsi dijagragkeun ka pangadilan sabab bukti-buktina teu cukup. 

Nu ngalaporkeunana, tadina mah, rek digugat ku Yuda. Bongan, tutudinganan nu ahirna ngabarubahkeun. Tapi, Ma Ratna nyarek!

Salaki Ma Ratna teh, Sacadipura, anak  camat jaman Walanda. Ti garwa kadua, cenah. Warisanna, lain lulumayanan. Waktu ngarangkep ka Ma Ratna ge boga sawah lima hektar di sabudeureun Pasir Loa. Satutas Sacadipura mulang ka kalanggengan, sawahna teh teu kaurus. Ahirna diurus ku nu sejen, ku nu bareto jadi pakacarna. Teu rata, nyambutna teh aya nu satengah hektar aya nu sahektar. Ngan, cenah nu dua hektar mah geus dipibanda ku Wa Sukma, urut dahuan Ma Ratna, juru tulis manten tea. Sawareh deui, geus jadi milik Marjan, anak lurah tea!

Lahan garapan Wa Sukma, saterusna mah diurus ku minantuna, Sukarya, urut tentara nu dipecat, lantaran  kabaud ngarampog toko emas Babah Sensen.

Satutas dikaluarkeun tina dinesna, pamajikanana wawarungan. Beuki lila beuki nanjung, da lian ti dagang kapereluan sapopoe teh deuih sok nginjeum-nginjeumkeun duit. Bungana sapuluh persen sabulan. Duitna, lain nu manehna wungkul, tapi deuih nu Babah Soe Tek. Tara hese nginjeum duit ka dinya mah, asal aya borohna pangpangna akte atawa sartupikat tanah.

Lalampahan hirup Ma Ratna, teu sing janglar. Malah, kaasup ‘ririwit'. Lain ku panyakit, tapi mindeng jadi pangeusi hotel prodeo. Yuda mah leukeun ngitung. Perkara nu  kaalaman ku Nini Ratna teh. Kasus nu matak ngalantarankeun nini paraji ‘disaur' ku pulisi ge aya kana salapan kalina. "Mudah-mudahan, satutas kasus nu ayeuna mah ulah kajadian deui," ceuk Yuni ka Yuda. Nu panganyarna, dituding kabud miceun orok tea.

"Enya, ngan nu perelu disusud teh ulon-ulonna. Uing yakin, aya dalangna!" ceuk Yuda.

"Enya sigana mah."

"Lain siga, tapi indikasina jentre, eces pisan."

"Hartina kudu berer-bener dipaluruh."

"Enya, ke geus beres kasusna."

Upama Yuda ngarasa kahutangan budi ku Ma Ratna, horeng lain manehna wungkul. Jaka ge kitu. Ieu anak gorombolan teh, teu asa-asa ngakuna nini ka Ma Ratna teh. Taksiran apaleun ti indungna, nu basa ngajuru ditulungan ku Ma Ratna.

"Loba nu matak narik sabenerna mah mun ditetek sagala rupana mah," ceuk Yuni.

"Naon deui?"

Jaka ge boga catetan husus. Basa bapanna aya keneh di kieuna, kungsi mawa Jaka ka Nini Ratna. Harita, cenah, manehna teh kakara kaluar SMP, rek asup ka SMK. Balikna, dibere keretas sacewir. Tulisanana Arab Pegon (hurup Arab nu dipake dina basa Sunda). Horeng eta tes surat. Eusina, wasiat sangkan lahan nu ‘bacacaran' di batur, disambut-sambutkeun, sina digarap ku urang lembur. "Tuh, ti deui nepi ka tungtung lembur itu, sawah milik nini asalna mah," ceuk Nini Ratna ka Jaka.

Satutas tamat kuliah, Jaka jadi minijer restoran. Saterusna, muka  rumah makan sorangan, sisi jalan sisimpangan nu nyambungkeun dua kota. Eta rumah makan sohor pisan, lantaran boga ciri mandiri, nyayagikeun  kaolahan urang lembur kalayan disuguhkeun ala baheula!

Nini Ratna, kungsi leungit ti lembur aya kana samingguna. Teuing ka mana, taya nu apaleun. Ma Ratna ge teu betus iwal ti ka Yuda jeung Yuni. Horeng, cenah, harita teh dibawa ku gorombolan dibawa ka gunung, dipentaan tulung ngubaran jeung mantuan nu ngajuru. Ngan, ka Yuni mah teu ngadongeng papanjangan, sabab geus poho deui cenah.

"Lalakon dibawa ku gorombolan ge teu kaungkab kabeh."

"Naha atuh?"

"Da teu betus."

Yuda ukur mesem. Manehna mah apal pisan, da kungsi ngadenge dongeng ti indungna, iwal ti jinisna teh.

Sanggeus dipindahkeun ka kajaksaan, samemeh sidang, Yaomil mah can kungsi besuk. Yuda jeng Yuni kakara besuk dua kali. Nu sakali mah Yuda nyorangan. Ngahaja, sabab basa besuk samemehna, Nini Ratna ngaharewos, nanyakeun iraha-irahana rek datang deui ka dinya. "Mun bisa mah ulah jeung sasaha," pokna lalaunan pisan. Yuni ge teu ngadengeun lantaran geus anggang aya kana lima lengkahna ti lawang panto rohangan nu baresuk teh.(hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula